NGAN dampal leungeun kenca nu obah. Rasita. Sila. Nepak lemah. Dunya inggeung. Lain siga lindu. Tapi gumeter. Geterna mapay. Ngarambat. Sagala nu keuna ku geterna dumadak binasa. Daun-daun pérang. Jukut tutung. Batu jadi tipung. Tapi hawa karasa nyecep. "Tapak Sarasa," gerentes Sukésih. Sukésih deku teu jauh ti tempat Rasita. Sadeupa deui nu gumeter neubrag Sukésih. Sarénghap deui raga Sukésih bakal tutung siga jukut atawa jadi tipung siga batu. Sukésih teu galideur. Nyéh seuri. Laju awakna ngambang. Sajeungkal luhureun taneuh. Aji Tapak Sarasa bablas. Laun-laun sirna. Rasita neuteup ti kajauhan. Neuteup seukeut ka nu teu sakara-kara. Aya nu nyérését dina dadana. "Pamunah Rasa," gerendengna bari ngabalieus. Laju ngereles. Jadi kalangkang. Jadi haseup. Ilang. "Hiji-hiji, Kaka," walon Sukésih. Aya nu ngaborélak tina juru-juru panonna nuturkeun kalangkang nu moksa.