Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 22 Juli 2013 12:30:28
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."
Kemis, 27 Juni 2013 14:29
Asep Nurjamin: " Hapunten, dupi koméntar anu dicatet lajeng dijumlah janten peperenian hiji fikminer téh, koméntar anu kumaha? Maksad téh, kumaha carana supados hiji koméntar kacatet? Hatur..."
Rebo, 12 Juni 2013 05:38
Hendra Raira Purnama: " hatur nuhun tiasa diangken, nepangkeun sim kuring ti cianjur, mung neda sihapunten saupami arang ngalongok margi di leuweung mah sesah sinyal neng inetna,,,, salam pangwanoh ka sadayana,,,, hurip..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:47
J Jaenal Arif: " assalamualaikum wr wb,nepangkeun sim kuring ti karawang hyong silaturahim sareng baraya..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:46
Opik Tobas: " ..."
Jumaah, 07 Juni 2013 12:00
CieAmbu Hoyongjanten Kuwu: " assalamalaikum......aduh....hampunten..sim abdi bingung,,formulirna teu aya wae......"
Senén, 03 Juni 2013 00:59
Ade Iwox: " assalamualaikum.. sampurasun, daramang sadayana..."

Lampah

Kénging Deden Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 09 Agustus 2012 22:14:34

Saged. Tuan Rasita. Kundang payung. Mapay jadwal nu ngurebkeun poé harita. Lain baraya. Lain sasaha. Teuing saha. Ka Sirnalaya, gerentesna. Muru nu keur macakeun telekin. Milu ngawurkeun taneuh beureum. Milu ngadu'a. Rérés hiji. Jung deui. Tuan Rasita. Nuluykeun lumaku. Ka Sirnaraga, gerentesna deui. Milu ngawurkeun taneuh beureum deui. Milu ngadu'a deui. Kitu jeung kitu. Nepika burit. Nepika bedug magrib. Isukna. Nguriling deui. Unggal poé milu ngurebkeun. Unggal poé ngurilingan saban pajaratan. Cacap. Sabulan. Nepika malem lebaran. Giliran aing iraha?