Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 18 Juni 2013 00:50:19
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Rebo, 12 Juni 2013 05:38
Hendra Raira Purnama: " hatur nuhun tiasa diangken, nepangkeun sim kuring ti cianjur, mung neda sihapunten saupami arang ngalongok margi di leuweung mah sesah sinyal neng inetna,,,, salam pangwanoh ka sadayana,,,, hurip..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:47
J Jaenal Arif: " assalamualaikum wr wb,nepangkeun sim kuring ti karawang hyong silaturahim sareng baraya..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:46
Opik Tobas: " ..."
Jumaah, 07 Juni 2013 12:00
CieAmbu Hoyongjanten Kuwu: " assalamalaikum......aduh....hampunten..sim abdi bingung,,formulirna teu aya wae......"
Senén, 03 Juni 2013 00:59
Ade Iwox: " assalamualaikum.. sampurasun, daramang sadayana..."
Saptu, 01 Juni 2013 21:22
Dharmawan Toh: " Sampurasun, neupangkeun simkuring ti Bandung palay langkung uninga perkawis budaya sunda dina ieu..."
Jumaah, 31 Méi 2013 19:40
Ai Halimah: " Alhamdulilah di lapak fbs pribados tiasa di ajar nyerat nu leres, sareng silaturahmi sareng kanca nnu..."
Jumaah, 31 Méi 2013 10:04
Gunawan Sejati: " Sampurasun...Punten bade unjuk tumaros perkawis kintunan karya simkuring nu kantos di kintun ka grup Fikmin aya kana dua tiluna , naha aya dokumentasina di rohangan ieu kitu..."

Hiji Isuk Di Saung Ranggon

Kénging Manik Sundayana
Dipidangkeun dina lapak 08 Agustus 2012 19:37:59

"Taun 1945 Indonesia merdeka, ari Jepang kalahka ancur dibom. Taun 2012 Jepang ka semi final maén bal olimpiade, ari Indonesia ukur lalajo bari ngacay." Gerentes haté Kang Karja. Guher inyana saré.

Ki angin ngagelebug, lumaku ngurilingan dunya. Aya nu langsam lalaunan nyampeurkeun saung ranggon tempat Kang Karja saré.

"Hahaha, rék teu kitu kumaha atuh, da rahayatna siga silaing. Dibéré waktu 67 taun kalahka dipaké monyah-monyah, loba saré, jeung loba ngimpi." Ceuk ki angin bari ngusapan awak Kang Karja. Atuh Kang Karja beuki tibra.

Rentang-rentang ti kaanggangan Jang Imron leumpang. Nyampeurkeun ka éta saung. Perelek-perelek inyana heuay. Atuh ki angin ngagelenyu.

"Teu anéh." Gerentesna.