Bulan sarebu bulan. Aya nu kabeungkeut ku tali iblis. Bati hanaang jeung simfoni cacing pita. Ngahaleuang patandang jahanam. Ngulisik dina lalangit hate nu angkeb pinuh ku mehong. Panas geuning puasa teh, nya dimana cenah tali nu meungkeut pageuh para setan nu mupu nafsu jelema? Luak-lieuk panon moncorong, kosong molongpong. Ngemplong, jero jeung poek tanpa dasar. Neang obor. Rohangan beuki heureut, mepet jasad pinuh bilatung. Ti beulah katuhu, bulan sarebu bulan riab mawa obor. Ginding jeung matak serab. Ngagempur nu humarurung. Dilecut ku asma Allah. Tingkoceak sagala rereged. Megatkeun tali iblis nu nyamuni dina gumpalan getih.