PEUTING éta, urang ngan wasa kemba. Jol ka kamar kontrakan ngan manggihan tapak-tapakna. Tapak manéh. Rangsel biru. Sapatu bodas. Apel hejo tilu, geus rada péot. Tilu? Naha lain dua? Tapi, manéh mah duka ka mana. Bet teu puguh rarasaan. "Don't leave me alone," cék manéh basa urang rék indit. Embung ditinggalkeun, cék manéh deui. “Urang teu bisa hirup sorangan. Urang mah borangan. Leumpeuh yuni." Isukna, manéh datang mawa tilu gagang bunga rawa. Tilu? Lain dua? Hiji keur urang. Hiji keur manéh. Nu hiji deui, bisa keur saha waé. “Lain keur sérep?” Urang nanya. "Lain, tapi keur ngaganti buah kholdi nu diala ku Adam ti sawarga," omong manéh. Keur ngagantian waktu nu moal kasampeur deui. Harita manéh balaka. Nyebutkeun geus waktuna nyieun anggang. Pada-pada melak tangkal hanjuang. Paranti neundeun jeung ngecagkeun. Sampeureun jaga. Nya, daun nona daun saga. Reup peureum, masrahkeun jiwa jeung raga ka ruh Nu Mahaweruh.