Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 24 Oktober 2014 15:30:22
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Salasa, 30 Séptémber 2014 00:41
Rubi'ah Adawiah: " assalamu'alaikum warahmatullah kularwargi sadaya, resep pisan ningal blog-na. eusina rupi-rupi anu janteun pangaweruh, mugia ngajanteukeun barokah tina elmu anu tiasa kamangpaatkeun. Aamiin..."
Kemis, 21 Agustus 2014 08:23
Intan Permata: " Asa lebet ka kebon kembang warna..."
Saptu, 16 Agustus 2014 12:32
Iwan Nurdiansyah: " betah, nambahan pangaweruh, utamina basa nu buhun, nu murwakanti, nu ngandung siloka,..."
Jumaah, 15 Agustus 2014 09:57
Dharma Lesmana: " Hoyong ngitun artikel, kamana..."
Kemis, 14 Agustus 2014 09:06
Alex Hasan Sapari: " Assalaamu'alaikum... Sampurasun...! Kalintang bingahna sim kuring tiasa gabung di grup FBS ieu. Aya sakedik pamundut; Rumaos bodo kana basa luluhur téh, utamina mah perkawis Undak Usuk Basa sareng cara ngalarapkeunana. Rupina upami di Tepas Fikmin ieu--di sagédéngeun Kamus Basa Sunda--di-postingkeun Undak Usuk Basa, tangtosna Tepas Fikmin téh janten langkung sampurna. Hatur..."
Rebo, 13 Agustus 2014 12:09
Aliayachoer: " ..."
Rebo, 25 Juni 2014 10:15
Mang Eboed: " Naha teu tiasa muka..."
Kemis, 12 Juni 2014 11:48
Ifunk Anker Karindink: " Assalamualaikum, wilujeng wayah kieu..."

Meuntas Jaman

Kénging Liezbella Swanzen New
Dipidangkeun dina lapak 12 Juli 2012 00:10:43

Nya, hariring nu ngageuik, nu meuntas jaman ku wirahma purba, geuning jadi kokojo peuting harita. Damar-damar nu hurung muntang ka na poek, bet ngajirim jadi prajurit nu siaga pikeun ngajaga sajarah nu nyumput dina silungna tembang prasasti. Regepkeun haleuangna. Matak murag-murageun mangsa. Ngaitkeun panineungan ka abad-abad pinilih. Sang Prabu makalangan, Citraresmi pangantebna. Lumar geuning nyumput dina caang, lir seuneu nu marakbak di tengah lapang. Nu pucukna jadi silalatu, pakait-kait mangrupa kembang patamanan. Seungitna nyambuang jadi sumanget di tiap lengkah nu hieum. Jadi panuntun poekna kalbu, nu dumuk ngudag waktu.

Komentar (15)

Yuharno Uyuh ONod
Duhh, tegep Neng Liez.Sumangga nyanggakeun jempolna ti pun Engkang. hemheh
Hadi Aks
Asik...ungkara puitis beuki tembong nyaliara kana fikmin. Cacak harita teu ngiring ngengklak, ukur nyerangkeun ti saung, haleuang Bi Raspi mah matih naker apan. Ngong tret dech... Top, Lis!
Lies Tjandra Kancana Sudarma
Fikmin geulis, sageulis nu nyeratna, Jempol !
Wawan Setiawan Husin
cool bgt abiiesszz Liesz...!
Tiktik Rusyani
puitis, fikmin lumar nu puitis nuju nerekab. Sae, geulis.
Godi Suwarna
:"Asooy, Nenenk...! Pelem diaosna. Gumalindeng ungkarana. Optimis lalakonna. Pencerahan, Nenenk..! Pencerahan...!"
Abu Ainun
Ngagalindeng nyumedang pisan. Asa dikalayangkeun ka tetelar panineungan. Jadi langkung kapincut, leuwih kataji. Katilu eh katiruk kalbu Abu, Neng...
Liezbella Swanzen New
Kang Yuharno Uyuh haturnuhun jempolna meni sae.... :) Kang Hadi Aks wios pan mikmin nu puitis, Teh Lies Tjandra Kancana Sudarma ups...maenya kaseeep teh heheh..., Kang Wawan Setiawan Husin asa tariris....
Liezbella Swanzen New
Teh Tiktik Rusyani, hayu urang muitis, Kang Godi Suwarna haturnuhuuuun...... :), Kang Abu Ainun hadeuuuh.....heheh.. :D asli Sumedangna ge hnteu aspal....
Irman Nurhapitudin Dimyatié
:"Halah...! Ieu mah LUMAR pisan, Neng. Heded sureded. Enya. Yakin geus meunang Hidayat Al-fikminiyah wal-sundawiyah. Wilujeng...!"
Nandang R. Pamungkas
sedap, alis...
Yuharno Uyuh ONod
Sami-sami Neng.
Budi Mugia Raspati
nyajak pisan, ngolenyay kieu..
Liezbella Swanzen New
Kang Irman N Dimyatie, haturnuhun pisan..., Kang Nandang R. Pamungkas asa janten emih...:) , Kang Budi Mugia Raspati haturnuhun... :)
Endah Dinda Jenura
raoseun pisan, duh...