Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Gambar Cangcaya

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 11 Juli 2012 21:08:28

Gambar tina tumpukan betrak-betruk, waktu ki sobat keur akut-akut, pindah imah. Asa wawuh, najan tiba ngelemeng dina ingetan. Asa anu sok kapireng tina dongéng, putri nu teu kungsi deui mulang, ditéma kalara manjang. Piungkaraeun geus ‘na tungtung létah, tapi keukeuh teu daékeun kedal. “Hayang? Jig wé bawa, ngan tong mindeng ditémbong-témbong. Baréto kapanggihna ku aki, ti para, waktu ngarakrak imah titinggal uyut, cenah.” Teu ngadua-kalian nyebut enya, éta gambar putri geus pindah dunungan. Gambar basajan pisan, ngan asa aya jiwaan, tur sok nganteur implengan ka alam mana mah boa. Sakapeung séah reureundahan. Séjén waktu bangun ngajak titereb kana kangungun. Ngan lila-lila ngalantarankeun datangna rasa cangcaya, kana sumpah ngahijikeun Nusantara.

Komentar (12)

Hena Sumarni
lukisan putri diah pitaloka.................leres, akang?
Dadah Hidayat
gambar saha nya Gan, kirang wawasan, najan jentre gambar nu kungsi jadi lalakon sajarah nusantara.
Tatang Sumarsono
Gambar saha persisna? Jih, nya duka, Ang Dadah Hidayat. Nyanggakeun waé kana "kawantun" nu maca dina nyurahanana. Kitu, Neng Hena Sumarni Thea. Apan urang téh (pun uing utamana) kedah diajar nyurahan karya duimasar kana imajinasi sareng referensi anu nyampak di séwang-séwangan, sakumah anu aya dina ugeran fikmin, hasil ngémutan para admin, Urang ngawitan diajar nyurahan sacara substantif, susuganan wawasan urang rada ised ngalegaan.
Zulaikha Sobana
Kapungkur pun aki asana mah nu gaduheun lukisan istri nu saurna nyaeta Dyah Pithaloka, nggangge kabaya warna bodas, geulis nyari, lungguh timpuh, endah sok sanaos basajan katingalna, asa katingal keneh, mung hanjakal gambarna duka kamana...
Tatang Sumarsono
Mun téa mah rék nyaritakeun Dyah Pitaloka, ceuk sakaol cenah, Neng Zulaikha Sobana, pangna Hayam Wuruk kasengsrem téh sabab ningali gambarna. Ceuk sakaol deui, juru gambarna utusan ti Majapait. Ceuk sakaol deui waé, juru gambarna urang Galuh, asana Ki Anapakén namina. Wallohu alam. Ngan lamun nengetan Siksakandang Karesian, geus aya nu disebut tukang gambar téh. jeung istilahna téh "lukis" deuih.
Zulaikha Sobana
Asana mah disebat oge juru tekin kitu, Kang Tatang Sumarsono?
Tatang Sumarsono
Sa(r)wa lwir(a) ning tulis ma: pupunjengan, hihinggulan, kekembangan, alas-alasan, urang-urangan, memetahan, sisirangan, taruk hata, kembang taraté; sing sawatek tulis ma, lukis tanya. Kitu tah ungkarana dina Siksakandang téh, Neng Zulaikha Sobana.
Zulaikha Sobana
Leres pisan Kang Tatang Sumarsono, sareng eta motif-motif lukisan anu disebatan tangtosna ngagaduhan spesifikasi maknana masing-masing panginten, nya?
Tatang Sumarsono
Jigana. Boa "urang-urangan" téh lukisan jelema sacara fisik, nya?
Zulaikha Sobana
'Urang-urangan' teh sami sareng 'orang-orangan', Kang Tatang Sumarsono? Mungkin kalebet kana kategori lukisan anatomi? Tapi rupina antawis seni sareng kahirupan sacara nyata moal tiasa leupas pakuat-pakaitna. Abdi mah kataji pisan ngeunaan hiji ungkara yen saurna pami urang tiasa neuleuman diri urang tangtos bakal tiasa neuleuman hakekat kahirupan nu museur kana ka-Ilahian...
Dédén Abdul Aziz
Ngapungkeun teh asa sahate, Kang, soal lukisan Nyi Putri. Padahal teu badami heula da...
Tatang Sumarsono
Jih, da jeung enyana, Ang Deden. Cikawali 1 keur dibaca, geus sababaraha balikan. Deuh, hésé néangan lolongkrang ngoménna, da teu wani ngoconan atawa néwo-néwo. Anu matak ngajempolan wé. Uing dina nyieun komén téh apan sok tumpa-tumpa. Teu béda ti keur ngadu kuda, surak uing pikeun derby tangtos moal sarua jeung pikeun kuda sandel.