Update: 11 Séptémber 2012 19:00:09

Di Astana Gede

Ku Neni Geo Albanjari

Mimiti nincak hambalan gapura Astana Gede, dibageakeun ku mangrewu paneuteup, tingcarelak, beueus, juuh. Teuteup kingkin, teuteup pinuh amarah, teuteup pangharepan, awor jeung seahna angin, gumeter na petengna peuting. Hate milu ngageter, milu juuh di Palagan Bubat. Cipanon getih, ngamalir, ngamuara dina sukma. Teuneung ludeungna nyerep kana lelembutan. Sarirungan. Ki Sunda moal palastra.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Godi Suwarna: :"Karaos geterna. Nyaan, fikmin 'dialaman' mah benten sareng fikmin nu mung sakadar diwawaas. Hebring, Nenenk...!"
  2. Neni Geo Albanjari: Kang Godi Suwarna, haturnuhun pisan, Nyiar Lumar na ngageuing ka diri pribadi sangkan teleb mitresna kana Sunda Na. Kagagas ti ngawitan lebet ka Astana Gede ge. Sesah ngabudalkeun dina ungkara....
  3. Neni Geo Albanjari: Hatur nuhun oge Ka Kang 'Eboed' Eman Budiman, Neng Endah Dinda Jenura, Kang Herdi Pamungkas, nuhun jempolna....
  4. Neni Geo Albanjari: Teu kakantun oge ka Nini Juliet, Wa' Ratno, Kang Wawan Setiawan Husin, Jaladara Nitis, hatur nuhun jempol pangdeudeulna....
  5. Neni Geo Albanjari: Neng Meyz-Moelz Meliawati, Kang Abu Ainun, Neng Cucu Unisah, Ang Ahmad Muzacky Assahary, Kang Joey Pengganti Wiro,> hatur nuhun jempol pangrojongna....
  6. Rudi Riadi: Mugia bae moal palastra, da geuning ku ningal nu Nyiar Lumar mah reugreug pisan, Teh.
  7. Irman Dimyatie: :"Asa benten geterna. Aya hawa mistis dina fikmin ieu."
  8. Teti Taryani: Geter asih ka Ki Sunda teh mingkin nyaliara, nya, Teh Neni Geo Albanjari...
  9. Neni Geo Albanjari: Kang Rudi Riadi, Aamiin.... Muhun Ang, ageung mangpaatna kanggo eteh mah nyiar lumar teh...
  10. Neni Geo Albanjari: Kang Irman N Dimyatie, eta mah geter hate abdi bae Kang...nyurungkuy kana fikmin hehehe...
  11. Neni Geo Albanjari: Teh Teti Taryani, leres Teh, enyaan nyerep pisan....mingkin deudeuh...
  12. Neni Geo Albanjari: Haturnuhun jempol pangrojongna ka neng Bening Selakshahati,Kang Taufik Hidayat,Kang Aris Kumetir, Kang Yuharno Uyuh, Ang Deden Abdul Aziz, Kang Diky Pamanahrasa, kang Rudi Alfajri
  13. Neni Geo Albanjari: Kang Budi Mugia Raspati, Kang Iwan Hanjuang, nuhunn pisan pangrojongna....
  14. Wawan Setiawan Husin: abdi ge resep... komo kecap "sarirungan" mah, "sari riubngan" sae... pol deh!
  15. Reni Nurhayati: Muhun atuh Ki Sunda moal palastra. Kawajiban sakur urang Sunda, ngangkat ngaran Sunda. Ngahurungkeun dangiang Sunda. Nanjeurkeun tapak jeung lacak Sunda. Runtuyan waktu jeung paneka jaman teu sakuduna jadi rorobed nu ngaruntuhkeun kasundaan. Prung ah padungdung silung. Sunda nanjeur nyanding komara. Manjang majang dina mangsa. Jejeg panceg di jaya buana. Hung ahung, pamugi tinekanan tur Hyang Widi ngaridoan. Aamiin (^_^)
  16. Neni Geo Albanjari: Kang Wawan Setiawan Husin, Haturnuhun Kang,kecapna saaya aya wae ieu mah, anu kahontal ku kosakata abdi hehehe...
  17. Neni Geo Albanjari: Neng Reni Nurhayati, Aamiin meni jero komenna, nuhun tos diapresiasi.... Hirup Ki Sunda!
  18. Neni Geo Albanjari: Ang Apoedy Sarah Ihsan, Kang Deni Riaddy, Cep Simi, Kang Tatang Sumarsono, Teh Nena Cunara,> Haturnuhun jempol panyumangetna...
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Neni Geo Albanjari
  1. Malindes
  2. Bulan Bentang
  3. Mamah Nu Dipihareup
  4. Tukang Ngusep Vs Tukang Sorabi
  5. Nu Miang Maleman Takbiran
  6. Wayahna Kedah Paturay
  7. Bulan Nu Ieu
  8. Di Astana Gede
  9. Di Astana Gede
  10. Pahebat Hebat Ngawayuh
  11. Harepan Kabagjaan
  12. Nu Maluruh
  13. Euis
  14. Tamaha
  15. Sms
  16. Kuring, Laut Jeung Basisir
  17. Dongeng Putri Azura Jeung Sang Surya
  18. Kuring Jeung Langit Bulao
  19. Diklat
  20. Tahura Ir. H. Juanda
  21. Dua Purnama
  22. Peuting Nu Simpe
  23. Sertifikasi
  24. Nu Sieun Dipaehan
  25. April Kulawu
  26. Asih Nu Wening
  27. Ki Gunung
  28. Fiksimini Basa Sunda
  29. Gadis
  30. Nu Ngalongok Keur Latihan
  31. Hujan Nu Maturan Na Peuting Ieu
  32. Thalhah Bin Abdullah
  33. Teu Ngalalakon
  34. Kasieun Asti
  35. Heuay
  36. Nu Neangan
  37. Jigana
  38. Nagri
  39. Bati Ngaronda
  40. Sasalaman
  41. Kalangkang Nu Datang Na Mangsa Hujan
  42. Pisah
  43. Sawala Di Mumunggang Senayan
  44. Juara Umum Hiking Rally
  45. Harewos
  46. Manggih Imut
  47. Ngabaso
  48. Sobar
  49. Bobotoh
  50. Kaeraan
  51. Salah Sangka (2)
  52. Salah Sangka
  53. Hebat
  54. Melag
  55. Hanjelu
  56. Boa-boa
  57. Kayakinan
  58. Kang Tatang Sumarsono
  59. Pucuk Seuneu
  60. Piit Ngeundeuk Ngeundeuk Kiara
  61. Ludeungan
  62. Dramatis Tapi Puitis
  63. Takdir
  64. Maghrib
  65. Beureum Bodas
  66. Bati Kahayang
  67. Kanyaah Pamarentah
  68. Sono
  69. Bobohongan
  70. Handeueul
  71. Riwan Taun Anyar
  72. Ngudag Dunya
  73. Kulawu
  74. Hari Ibu
  75. Hujan
  76. Minantu
  77. Nu Mawa Harepan
  78. Anak
  79. Ngajurung Laku
  80. Pindah Dunya
  81. Rasa
  82. Poho
  83. Meredih
  84. Sono
  85. Wanci Subuh
  86. Ngudag Pati
  87. Mapag Taun Anyar
  88. Kuring Jeung Henpon
  89. Peuheur
  90. Garis
  91. Peuting
  92. Putus
  93. Heureut
  94. Hilap
  95. Kuat
  96. Nganaha-naha
  97. Peuting
  98. Deudeupeun
  99. Hujan Kasono
  100. Balaka
  101. Kahayang Budak Ngora
  102. Kabita
  103. Kahayang Budak
  104. Goreng Sangka
  105. Balaka
  106. Ki Sunda Atawa Kakang Prabu
  107. Ki Sunda
  108. Katiga
  109. Fikmin
  110. Panas
  111. Teu Sampurna
  112. Lalanang Jagat
  113. Gemah Ripah
  114. Reumis Janari
  115. Galunggung Ngiridit