Sinanteneun, salira nganggo jubah tuang éyang, Sayid. Harita salira pada muntangan. Tong cios angkat nyébakeun pati, kitu sanggem balaréa. Teu kantos lami, Karbala juuh cisoca. Éta mastaka, ieung, éta mastaka, diacung-acung ‘na congo tumbak. Sageuy mun teu arapaleun, apan éta mastaka kapungkurna sok léléndéan ‘na pangkonan Kangjeng Rosul.