“Ibu, tulungan Aga, Aga disaung bah Aum”
Hujan ngagebrét dibarung dordar gelap asa nyamberan haté. Motor ngabiur teu mikirkeun kaayaan, haté geus merenyeng hayang geura nepi ka saung bah Aum.
Beungeut budak ditetep teleb, kaciri aya kulit nu nyulikat dina pipina sarta sésa getih nu teu kasusut, dina leungeunna écés aya tapak biru. “Ibu, Aga teu lulus, nilai UAN Matematikana alit bu, Aga bodo ibu”. Awakna nu jibrug dirawu, kadenge sora beuteungna guguruwukan. Geus kabayang ieu budak tas nandangan siksaan ti kolotna. “Aga, sakur jalma boga pangabisa nu béda, budak kembar gé pasti béda pangabisana, ceuk saha Aga bodo? Kapan Aga juara hiji waktu lomba nyanyi? Naha nu kitu disebut bodo? “.
Selimut ditarik sangkan nuntupan awakna nu begang tur hideung, dina pipi nu raca tapak nyiwitan ngalembéréh cai mata generasi harepan bangsa nu geus dikakaya ku sistem pendidikan nagarana.
Naha ieu nu disebut PENDIDIKAN HUMANISME teh?