Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 27 Désémber 2014 19:00:12
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Saptu, 27 Désémber 2014 16:44
Bundana Duo Mojang: " Assalamuallaikum wr'wb,,,,,hatur-nuhun pisan ka Bpk Kuncen fbs anu tos nampi sim kuring jnteun wargi fbs,,," sim kuring leuga manah tiasa di ajar seueur ngaos bahasa sunda sanaos sim kuring nuju buburuh di Negri deungeun mugia nambih seueur saderek,,,nambih elmu,,, nambih ginclong'na uteuk balas di asah ku fbs hehe wassalam'uallaikum wr..."
Saptu, 27 Désémber 2014 16:09
Bundana Duo Mojang: " Assalamuallaikum wr'wb,,,,,hatur-nuhun pisan ka Bpk Kuncen fbs anu tos nampi sim kuring jnteun wargi fbs,,," sim kuring leuga manah tiasa di ajar seueur ngaos bahasa sunda sanaos sim kuring nuju buburuh di Negri deungeun mugia nambih seueur saderek,,,nambih elmu,,, nambih ginclong'na uteuk balas di asah ku fbs hehe wassalam'uallaikum wr..."
Senén, 15 Désémber 2014 17:21
Abdul Haris: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Pangapunten ka réngréngan sadayana. Jalaran kawatesanan ku sarana. Sim kuring nembé tiasa mairan ieu rohangan. Mitembeyan seja ngahaturkeun nuhun kana salaring pangangken. Kersa nampi aubna sim kuring, kalayan léngoh kaweruh. Ageung pangharepan pikeun sim kuring pribadi. Anu seja mundut panuyunna, ti para kanca sadaya. Pikeun sami-sami nanjeurkeun budaya indung. Ieu..."
Senén, 01 Désémber 2014 12:03
Rachmat Adhe: " Assalamu'alaikum warahmatullah,, Punteun bilih aya nu uninga ngagaleuh novel prabu siliwangi di mañana ? Di gramed tos teu..."
Jumaah, 28 Novémber 2014 00:00
Tike Agus Chayaang: " Hatur nuhun panampina..."
Ahad, 02 Novémber 2014 08:22
Husnul Yakin Ali: " Database kamusna teu acan leres..."
Salasa, 30 Séptémber 2014 00:41
Rubi'ah Adawiah: " assalamu'alaikum warahmatullah kularwargi sadaya, resep pisan ningal blog-na. eusina rupi-rupi anu janteun pangaweruh, mugia ngajanteukeun barokah tina elmu anu tiasa kamangpaatkeun. Aamiin..."
Kemis, 21 Agustus 2014 08:23
Intan Permata: " Asa lebet ka kebon kembang warna..."

Mahugi

Kénging Liezbella Swanzen New
Dipidangkeun dina lapak 04 Juli 2012 03:22:43

Aya nu mahugi ka Gusti, ninggang jaman ku batu haru. Seuit kapeurih diturih jagat. Ngusrukeun diri kaluar tina ajenna. Matung, ngaraga meneng. Cumarita ka simpe, yen cicingna bakal jadi prasasti nu bakal ngarawu waktu ku mangrewu lukut. Nyaliara jeroning kalbu. Ngalapatkeun harupat, mawurkeun kesumat, ka jagat nu khianat.

Komentar (4)

Hadi Aks
Wah, ca ge laksana ka Kawali, tos kentel kieu, lir prasasti na batu-batu....hehehe.
Liezbella Swanzen New
.... Haturnuhun, :) Kenging semedi sawewengi..."̮☺hϱUhϱUhϱU☺"̮.... Upami nu sapertos kieu tiasa disebat fikmin henteu kang Hadi?
Hadi Aks
Sanes, ieu mah sajak da...hehe. Batu haru teh naon? Kesumat teu ilahar dina bs Sunda mah, paling mlr nu meh saharti srg eta; amarah, kaceuceub, ssjb.
Liezbella Swanzen New
:D haduuuuh.....sesah basa sunda teh....owh, muhun lepat maksadna 'batu ruru'...kedah ngadamel deui atuh fikmin nu nyaan... :) haturnuhun wejanganna...