Lain hawar-hawar
Ngajeleger kana pangdenge
Ngabeledag kana mamaras
Mang Nini tos ngantunkeun!
Enya Lo, ...
Aya urut nu ngeyembeng dina juru soca Ema
Rurub ditutupkeun
Seor hujan teu kanyahoan kubeueusna cai mata
Seor hujan teu kanyahoan kungeyembengna cai panon
Seorna hujan maturan longkewang,
Seorna hujan maturan honcewang,
Seorna hujan maturan cangcaya,
Ema ...!
Ukur sakecap
Horeng enya Ema tos taya!