Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

DongÉng Ajag Jeung Belo

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 07 Méi 2012 12:26:37

Ajag kolot geus nyorangan, taya nu ngabaturan. Ngadodoho belo tina rungkun, ngadago bongoh indungna. Kudu diolo, diajak rada anggang, ngarah jongjon ngarécahna. Kumétap, nyipta-nyipta daging uduh.
“Ujang, Kasép, ka dieu geura. Urang ulin jeung Mamang,” nyampeurkeun rerencepan, ka sisi tegalan.
“Karah Mamang ngajak ulin?” belo curinghak. Ras kana béja.
“Enya. Tempatna pikaresepeun,” atoh, bangun rék disanggut.
“Ké atuh, rék bébéja heula, bisi indung deudeupeun.”
“Sssttt …, teu kudu.”
“Ngan teu bisa leumpang gancang. Ieu suku tukang kacugak.”
“Cingan, urang pangnyabutkeun heula ku Mamang.”
Bélo ngangkat sukuna.
“Mana? Cucukna geuning teu kajeueung.”
“Ti kadeukeutan atuh, Mang.”
Ngeteyep lalaunan, bari culang cileung, laju neges-neges talapok nu geus ngangkang.
Habek! Ditéjéh satakerna. Ajag ngagorémpal, gagaikan, nahan nyeri nu pohara, ngalangsud ngajauhan tegalan. Belo lumpat ka indungna, bari séséréngéhan.
Ceuk juru dongéng: Cacak mun manusa, éta ajag bakal nyieun balitungan. Datang deui ka tegalan, bari mawa bedil. Belo haramjadah rék dikécéng, ti kajauhan. Tangtu waé ti tukang.

Komentar (22)

Irman N Dimyatié
:"Ayeuna usum ajag yeuh hehehe..."
Mahpudin
heuheuheuheu... "karunya eta meni dipasrahkeun pameunteu ajag ka si belo... heuheuheu....
Dadah Hidayat
Heuheuheu hadena sanes Gan Tatang, paninggaran kawak, belo aman dugi ka ageungna
Iwan Hanjuang
taktik jitu ti nu leutik kumaha carana. jadi akang mah teu idem ka Irman Dimyatie, komen daria.
Hadi Aks
Kayungyun naker eta ku belo, calakan! Beu kacipta keueungna, ajag nu hayang males kanyeri....
Dewi Ratna Damayanti
Hahahahahahaha... Tuh pan.. Ajag mah di mamana ge haram jadol!! Cerdas tah si belo da mun seug jelemamah bari lumpat téh bari jojorowokan '' wék dor.. Wék dor... !!''
Tatang Sumarsono
Jigana seueur dongéng sasatoan nu tiasa difikminkeun. Nya dicobi. Ngahaja dua disakalikeun. Punten mun matak riweuh ngoménna, da geuning aya sawatara nu lepat kamar, heu-heu ....
Yusef Muldiyana
tah geuning Jol deui ajag anu diperdaya ku belo téh
Irman N Dimyatié
:"Leres, Ang. Uing saparakanca jadi lieur ngomenna. Engke mah hiji-hiji atuh. Kudu ngarecah jiga ajag wae... mana Teh Dewi Ratna Damayanti?"
Adah Sulaeman
Walah ci AA Tatang Sumarsono, meni resep dua disakalikeun. Kiat keneh tapi. He
Tatang Sumarsono
Ajag anu Néng Dewi Ratna Damayanti tos ngota, da ngalalarna ka alun-alun (Cimahi), sanaos wantunna mung ka istri, sanés ka paninggaran. Kitu, Mang Irman Dimyatie.
Rohaendi
Asa Gayus Tambunan ka Kepala Dirjen Pajak RI eta mah ka. Silib na.
Dewi Ratna Damayanti
Teu kaci nya kang irman, meh ponyo ngarecahna.. Gkgkgk..
Mohammad Ridwan Trijana
hahaha...jempol ang! Untung sato...arang nu bales dengdem kawas manusa...!
Rifan Sahrony
Kamari, tepung aya ajag saba kota, bari komo ngarecah sirah di alun-alun kawasna mah ajag kasurupan,geus dileberan ku wawanen. Tah, ieu mah ajag meles urang leuweung, ngan belo, rada perceka, ajag! Teu bisa ngarecah sirah belo.pedo'! Kang Tatang.
Ahmad Yani
Aya ku manis !, eta paguneman antawis Jang Belo sareng Mang Ajag. kayungyun ku "metode tur Strategina" meni rapih tur tarapti. Teu nyangki pisan mah ku Jang Belo, manawi teh Bodo, si horeng ... Ajib pinter pisan Pulitikna!, moal lepat bakal kaangge pisan upami janten anggota " Gedong nu hateupna siga Kuya nangkubmah" ha ha ha !. Ngan Edas Mamang Ajag, sakitu tos kakoncara ahli ngalicik, tapi ningan tetep we , ari nuju nandangan " Kirang Parab" mah, janten bobor karahayuan oge ! hi hi hi ( Naha janten ngacaprak nya sim uing teh ? jol hayo we lebet kana ranah pupulituikkan ! ha ha !. Hatur sewu nuhun ang Tatang Sumarsono !, hapunten upami lepat dina nyurahanana. Tapi ketang numutkeun teori Heurmeunetika, mah da kaci sanes ! ? )
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Belo pinter..saha nu gaduhna?
Tatang Sumarsono
Ngalicikan tukang licik, cenah, Mang Ahmad Yani, bakal kénging pahala. Tilu saleresna mah, Pak AdSulaeman. Etang-etang nyéépkeun kuota. Duka belo saha, Nyimas. Ngan pastina ageung. G-4 kitu lah. Gayus, Ka Rohendi? Jih, duka atuh.
EMAN BUDIMAN
Heuheu..., nu pinter mah dalah kumaha gé moal tiasa ditipu nya Wa ?
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Boa belo tatéh nu nurunkeun kuda Derby ayeuna
Tatang Sumarsono
Ayeuna mah éta belo téh tos déwasa. Tuh geuning, difoto jeung pun uing dina profil, Nyimas.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
langkung pinter panginten ayeuna mah kuda téh