Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Naning

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 27 April 2012 06:41:23

Lawas taya béjana, da geus lain-lainna deui. Baréto, Naning diiwat. Teu bisa kukumaha. “Abdi nohonan kapalay sepuh,” pokna. Kaharti, mun manéhna teu bisa baha, tuda pangawak awéwé, bari ukur anak hiji-hijina.
Kungsi ngadéngé saliwat, rumah tanggana teu nincak welasan taun. Naning mulang deui ka kolotna, katilu budak.
Teu diajam ti méméhna, ngan pedah kabeneran sorangan lunta ka kotana. Bet hayang nepungan.
Matuhna angger di tungtung gang, tur teu loba nu robah, iwal pagerna. Imah buhun, suhunan potongan nyungcung.
“Badé ka saha?” nu mukakeun panto nanya. Lalaki geus maju ka tengah tuwuh.
“Nepangan Naning. Réréncangan kapungkur nuju jaman sakola,” témbal téh, bari neuteup pribumi. Salakina nu ayeuna? Geuning meunangkeun kolot, ceuk haté.
“Pun biang mah tos opatlas taun ngantunkeun,” pokna, banget ku héran.
“Ngantunkeun? Ké, ké ..., dupi ayeuna taun sabaraha?"

Komentar (39)

Dadah Hidayat
Hedun suhedun nya. Beu, boa nu naroskeun naning mah megar? Hehehe
Rohaendi
Halah jadi misteri Ka. Diajam (karek apal Ka).
Tatang Sumarsono
Diajam = dirarancang, Ka.
EMAN BUDIMAN
Nu nineung ka Naning :)
Godi Suwarna
:"Siiip dekh, Ang...! Nyolong bade. Siga carita biasa, endingna luar biasa. Ngagebeg pisan uingah. Asa dina salah sahiji carpon Kang Abdullah Mustappa. Eduuun dekh..."
Iman Nurdin M-Top
hahaha rupina mah nu nganjang ka tungtung gang teh teu kagungan eunteung di bumina sigana mah, Kang. Teu uningaeun meureun kulitna tos karijut...hehehe
Tatang Sumarsono
Leres, Ang Godi, duka kapikumaha ka karya Kang Abdullah téh, ngan nu sidik boa caket. Nyanggakeun.
Yayan Bedog Supriatna
Eduuun...,tos cacap tatapa di gua kahfi teh nyah Wa ?. Jempooll...
Godi Suwarna
:"Siiip, Ang! Ide mah tiasa sami, nu utami mah benten olahan..."
Tatang Sumarsono
Duka hasil tina tatapa, duka mung ukur riwan, Ang Yayan 'Bedog' Supriatna. Rupina sok ngahindar tina eunteung, Ang Iman.
Tatang Sumarsono
Boa obsesi pun uing tamah, Ang Dadah. Enya, mun téa mah kulit bisa megar, meureun ka pun moal aya anu nyebut jiga ... Charles Bronson, ha-ha-hah (étah kahayang mani lahuta kitu).
Jajang Arohmana
Kataji ku gambaran: "Matuhna angger di tungtung gang, tur teu loba nu robah, iwal pagerna. Imah buhun, suhunan potongan nyungcung." Nu moyan mah bisa ngulinkeuna. Handap keneh geuning uingah.
Tatang Sumarsono
Ari pun uing mah, Ang Jajang Arohmana, ngulinkeun kecap téh ukur mampuh nu ararénteng. Teu metu ka nu bombastis mah. Bisi hanas ku uing ditulis, tapi uingna sorangan teu ngarti.
Opick Sunandar
Euleuh,,, nikmat kang,, nuhun pisan.
Rinto Variasirias
tos nyaba ti terowongan waktu panginten? Hehe,,,
Dadah Hidayat
Teu ngaruh megar atawa henteuna mah Gan, nu ngaruh bari can katepi mah eta tah, bubukana ngaguluyur, sarua jeung nu alanyar, eh, ditutup ku taun kamaheran sepuh. Heuheuheu
Asep Komara
Siiiip....Pa....mungguh "Ringkang" manusa...sesah katebak ku manusa deui, anging Gusti nu Maha Uninga....
Budi Mugia Raspati
Leres saur Ang Perbu Godi, teu kedah ku metafor-metafor ge geuning ari ngulinkeun kecapna tos dugi ka tingkat Resi mah, teu weleh heded hasilna. Deskripsi basajan, tapi pulunganeun!
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
plotna dipungkas matak ahéng...
Yus Thamrin
Muhun Kang Tatang, ku resep mah waktos teh teu karaos. Mung Akang (dina fikmin) mah aya punjulna: aya kasempetan, aya kawantun, ngagikek teras ngajanggilek janten fikmin. Wilujeng Jum'ah Kang.
Mahpudin
edun suredun, tiasa model sohibul khafi, tiasa tos pikun, tiasa naon wae implengan nu maosna... heuheuheu... heded...
Yayan Bedog Supriatna
khafi nyah? lain kahfi, lah. aingah salah baé euy,hihii...
Mahpudin
hahahaha... kahfi.. ngebut ngetikna janten tikosewad... heuheuheu...
Ganjar Kurnia
menit ah
EMAN BUDIMAN
Saha nu menit Ang ? Cobian geura ku palumex, heuheu
Nazarudin Azhar
Endingnaaa..eduun...
Teti Taryani
Teu nyangki kitu tungtungna... Horenga The man from before? hehe
Ummi Annadzriel
Singhoreng nu bade nepanganna oge tos reyod padahal mh da, gkgkgk !!!
Ahmad Yani
Nyaan matak ngajenghok. Hanjakal putra ceu Naning, (nu mukakeun panto )teu kantos masihan reaksi, ka eta tamu nu datang. ( Naha siga kumaha rurupaanana ?). Tapi ketang ?, apan ieu pisan nu ngajadikeun ahengna fikmin teh ?, sok sanaos ieu kulit tarang ngadak-ngadak janten ngariut, nyungsi harti nu nyamuni, nu teu timu-timu. Hatur sewu nuhun Ang Tatang Sumarsono !
Bunda Unie
Wow!! Edun sekali
Wawing Kasep
Disebut pikun da puguh sakitu cangkemna ka urut popotongan. Kana rarandaanna jeung anak-anakna. Ka lebah-lebahna imah popotongan sakitu gemetna, apal mana nu robah jeung nu henteu. Disebut teu pikun bet piraku deuih, nepi ka teu apal di taun sabarah boa. Heded, kang. Pokona idem dah jeung komen batur.
Remi Sadkar
Hahahahaha....lelaki dari masa lalu na nejeh pisan, Wa!
Nana Sukmana
Walah-walah, ari cinta, nya? Mangtaun-taun teu pegat. Time track atanapi sering nguyup cikahuripan kitu? Aya ku lana ngora. Ketang Ashabul Kahfi ge kitu. Namung, Kang, sabrehan mah asa sarimbag pisanb sareng carpon "Ringkang" Kenging Kang Abdullah Mustappa, yeuh. anu kantos dimuat dina Mangle taun dalapanpuluhan.
Irawan
Badé komén gé hésé,ah ngawartosan wé ayeuna tos taun 2012 M, heuheu,pami taun sunda mah justru éta nu badé ditaroskeun téh
Dédén Abdul Aziz
Resep ngaguluyur, pungkasanana nu jadi jontrot, Kang. Padahal bari maca teh geus siap kuda-kuda bisi dibawa kana fikmin tarucing gaya Akang. Horeng leuwih teleb ti kitu. Palebah aya gagasan nu sami mah, sanes perkara da ari karya mah pasti moal bisa leupas tina babandingan. Jeung sanes anyar-anyar ending siga kitu, ngan kumaha ngolahna. Kedah diilo sangemblengna ti awal dugika rengse, sanes mung pungkasanana. Da uing mah lain kana 'Ringkang' tapi asa lalajo film Korea anu judulna "Il Mare"...
Tatang Sumarsono
Enya, Mang Nana Sukmana, pan tos disebatkeun dina ngawaler komén Ang Godi. Taun Saka jeung Maséhi téh, cenah, Ang Irawan Babéh Lova, gesehna 80 taun, kolot kénéh Maséhi. Boa enya pun uing téh lelaki dari masa lalu, Ang Remi Sadkar, anu ayeuna masih kénéh hayng kataksir ku parawan jekékan.
Tatang Sumarsono
Ah, mending nu ngguluyur waé, Ang Deden Abdul Aziz, ngarah énténg nyeratna, jeung manawi waé énténg ka nu macana. Nyerat fikmin téh pun uing mah masih kénéh dirarampa.
Mohammad Ridwan Trijana
Nembe maca abdi yeuh...Hehehe...hebring kang Tatang..."Aki-aki tujuh mulud"...!
Iberani Man
hehehehehehe...kang Tatang Sumarsono, Lucan tea atuh gagah!