Ku Jajang Arohmana
Sreeeet! Nu keur tibra ukur usik. Diriung pada ngaropéa. Angger teu kagareuwahkeun. Kerék nyegrék. Breeet! Sora nu ngadudut disakalikeun. Getih ngabayabah. Najan seuseut seuat teu burung beunang. Laju digarotong. Leueur sému gajihan. Getih ngalembéréh. "Gancang urutna kaputan! Bisi asup angin," ceuk nu saurang bari ngomékeun jangjang. Tulang dijagragkeun. Nu andegléng ukur imut. Laju sasauran: "Geus waktuna anjeun gaul. Meupeuskeun kasimpé. Boga batur pakumaha. Silih simbeuh. Silih awur. Sabab hirup nunggelis ukur lamun. Ngan kahadé, nu maturan matak ngabangbaluhan. Kahayangna hésé disinglar." Nu imut nyariosna alum. "Batur anjeun da ti anjeun. Ngan manehna lain siga anjeun. Anjeun nu nunggelis kudu leuleus jeujeur liat tali." Laju ditiup. "Phuaaah...Jadi!." Sakedét nétra, janggélék awéwé geulis sampulur di payuneuna. Nu tibra ngarénjag. Ngadadak ngembang kadu medal katresna. Asa ngimpi. Nu jangjangan sarurak. Ti kajauhan. Titadi aya sorot mata nu nalingakeun. Tuluy ngaléor. "Aya jalan komo meuntas," gerendengna.