Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Tina Catetan 1973

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 11 April 2012 12:20:45

Réngsé ujian, Ratna keukeuh ngajak mulang bareng, ka Cikembulan. “Boa moal kaalaman deui, urang bisa sakaréta,” pokna.
Sajajalan teu katémbong bérag. Teu kawas Ratna anu salila tilu taun sasakola.
“Embung saenyana balik téh,” pokna, lebah Pamalayan.
“Naha?”
Teu némbal, kalah api-api menerkeun jarum érloji.
“Padahal matak naon mun karéta téh mundur deui, atawa tong nepi-nepi,” pokna, di Stasion Banjar.
Teu dipairan.
“Saheulananan mah, bantuan Ratna nyarita ka Apa, sangkan diidinan neruskeun sakola. Keun waé najan teu sapinter Tatang gé,” kedal, saméméh Jambatan Cikacepit.
“Heug. Sugan waé bisa terus babarengan.”
“Tapi, naha rék nganggap babaturan waé ka Ratna téh?”
Beurat rék némbalna, najan teu burung pok, “Bongan anggangna ngaleuwihan jungkrang,” bari nunjuk ka luar jandéla karéta. Pucuk kalapa gugupay di dasar gawir.
Aya nu ngagenclang di juru panonna. Enya, aya anu ngagenclang.

Komentar (141)

Herdy Pranadinata
Asa nyeblak maos fikmin ieu,janten emut ka Ratna,sobat nuju nyuprih elmu di IKIP kang.
Adah Sulaeman
Ang Tatang Sumarsono tangtos ngalangkungan Cicalengka sareng Cibatu nyah? Komo deui Haur Pugur?
Tatang Sumarsono
Pak AdSulaeman, henteu, margi miosna ti Tasik. Apan pun uing mah alumni SMA 2 Tasik.
Dewi Mentari
Kang Tatang, naha teu diwaler pasti? Kanggo istri mah naros kitu teh mangrupi perjuangan beurat. (abdi dina raraga diajar neuleuman fikmin nu Akang. Leres teu?)
Tatang Sumarsono
Diwaler anu pastina mah, Neng Dewi Mentari, malih pasti pisan, apan di luareun fikmin.
Tatang Sumarsono
Ieu mah fikmin sing sarwa basajan, Ang Herdy Mulyana. Teu dianéh-anéh. Diréka dina pilihan ungkara salancar. Ratna réréncangan kuliah téh?
Dewi Mentari
Kabita, hy ngadamel sapertos nu kitu.
Herdy Pranadinata
Sanaos disebat basajan,karaosna matri pisan Kang. Muhun abdi kantos gaduh rerencangan kuliah namina sami pisan
Yayan Bedog Supriatna
Percanten ka Wa Tatang mah aya kana pasti wanoja nu tiheula wakca,hihii...
Abah Usep
kantun waas panginten nya....
Wendiana Iskandar
duh janten waas, emut waktos kapungkur nuju kelulusan SMA. hoyong wakca balaka tapi teu tiasa kedal..pami murangkalih ayeuna mah CIDAHA panginteun ( Cinta Dalam Hati)..hehehehe
Tatang Sumarsono
Enya, Mang Yayan. Aya pangalaman, keur kelas 3 SMA, dina jero sataun SPP uing dipangmayarkeun ku istri, namina .... Dewi. (carita nyaan ieu mah). Ti sanggeusna lulus, tug tepi ka poe ieu, uing tacan diparengkeun panggih deui jeung Dewi (lengkepna Sri Dewi Anggraeni).
Ahmad Fawzy Imron
Tilu taun sasarengan. Jiga nu melak rasa sewang-sewangan...kemba pisan, Kang.
Iwan Hanjuang
fikmin ieu, ngageleser kari neuleuman eusi carita, euweuh kalimah anu matak kerung bari neneangan kamus sunda,tetela ceuk akang mah plot carita teh leuwih penting batan ungkara anu diaheng-aheng jadi ngangganggu ni'matna maca, basajan ku kalimah tapi matak nyeblak kana hate.Jujur pisan akang mah , Hede Yi,
Tatang Sumarsono
Ngukur ka kujur nimbang ka awak, pun uing téh, Jang Haji. Heueuh, ari Ratna téh saha, san♪0s putra jalmi samanéa.
Tatang Sumarsono
Kari waasna, leres, Ang Usep Acx. Ayeuna mah karéta ka Pangandaran téh tos teu aya.
Yayan Bedog Supriatna
Susud atuh Wa, asa piraku taya pisan laratanana
Entjep Sunardhi
Kacipta.Kemba, teu wani wakca. Aya lalangse. Oge kagambar kaayaan Stasion Banjar jeung kareta nu ka Pangandaran. Sabab kungsi taun 62 duka 63 kana kareta kaburitan di Banjar. Mondok di bumi padamel muru subuh kareta nu rek ka Pangandaran. Sasarap di lebah Kalipucang, lulun jeung sabangsaning goreng lauk walungan, ti nu ngasong basa kareta eureun. Nyoreang.
Ahmad Fawzy Imron
tangtos, Kang...taun 73 mah masih keneh karaos lungkawingna jungkrang pamisah sapertos kitu teh..rada benten sareng ayeuna..rada..
Iwan Hanjuang
Yayan 'Bedog' Supriatna, ari tukang nyusud mah kitu tah..
Iwan Hanjuang
Entjep Sunardhi, aya panineungan pun iung mah nyium pelebah torowongan, ha ha ha ha ha ha
Budi Mugia Raspati
saur pamendak simkuring ieu mah Kang, carios kayas nu basajan, nanging kagungan plot anu kiat, sareng diksi-diksi anu merenah, asa ngapung ngalayang..
Ahmad Yani
karaos pisan, simpe ari di luar mah !, namung orokaya di lebet manahmah, ningan sakitu rongkahna . ' Pucuk daun kalapa nu gugupay di dasar gawir ! ". Ambuing ... Ungkara nu teu kinten matak nyeuitna. Asana ..asa moal kasorang deui gambaran aheng mangsa rumaja sapertos kitu, dijaman kiwari nu tos teu kinten " Belewuk" leungiteun rasa !.
Eman Rais
Upami ti sakomen ti kang Rifan harokatna 2 jempol, diecho 5x matak 10 jempolen tah. “Tapi, naha rék nganggap babaturan waé ka Ratna téh?” Duh Ning mah (kapan Ratna sok diaku Ning), matak humandeuar.
Rohaendi
Tah pun kulamah kataji ku alurna anu disiplin jasa, trus metafor anu alami tapi neumbag, laju jurang pamisah kagambar ku "kalapa na gawir" jeung "aya nu ngagenclang" halah teu kudu nyiar jauh-jauh ning ungkara teh, ari dikotektak mah. Sip ka, rada kebel deuk mere komen teh, inggis digeuhgeuykeun.
Remi Sadkar
Pucuk kalapa nu gugupay na dasar gawir. Anggang. Rupina gupayna ge gupay kelar. Bongannu gugupay na dasar gawir ari nu digupayan dina kareta...
Rudi Riadi
Duh, TTM gaya Sunda mah horeng langkung teleb. Eta ge upami diolahna sapertos ieu fikmin. Komo eta lebah ungkara repetisi tungtungna : - "Aya nu ngagelnclang di juru panonna. Enya aya nu ngagenclang..."- pangjentre rasa asih nu tan wates wangen. Tapi disidem, alatan 'jungkrang'. Jempol Kang.
Ade Rahmat
duhhh,,,,, jewang ah ,,,alias copy paste, malar picontoeun.
Tatang Sumarsono
Ang Rudi, anu sok nganggo gaya repetisi téh apan Jang Haji Imron. Pun uing nurutan. Keun waé dianggap mapatahan ngojay ka Mark Spitz gé nya. Lamun alur carita hayang karasa nyerep, kedah diupayakeun disusun dina ungkara anu filmis. Hal éta di antarana bakal kagambar dina milih babandingan. Teu kedah salawasna nu bombastis, da anu penting mah bisa representatif ngawakilan naon nu rék ditepikeun. Milih metafor téh jiga nguyahan angeun. Mun loba teuing, lain hartina bakal ngeunah. Kitu deui lamun kurang, bakal karasa cawérang. Kudu pas takeranana.
Tatang Sumarsono
Yah, Mang Ahmad Yani, éta mah pangalaman rumaja 40 taun ka pengker. Bisa jadi ayeuna mah tos belewuk, ku perbawa jaman. Tapi meureun nya éndah waé pikeun rumaja anu hirupna di jaman ayeuna mah.
Irman N Dimyatié
:"Rasa cinta nu teu wani pok. Halah....! Asa kaingetan zaman baheula."
Tatang Sumarsono
Plot anu ngawangun alur. Kitu meureun, Ka Rohendi Pandeglang. Eta jadi salah sahiji konci dina nulis fikmin. Bener ceuk Jang Budi, kuatna plot téh kudu dirojong ku pilihan diksi anu merenah. Ngan nya kitu, Ang Iwan, sakapeung urang sok kalalanjoan milarian diksi anu wah, anu bombastis, atawa dihésé-hésé. Sanés hartosna diksi bombastis awon, ngan kedah bener nyimpenna dina konteks carita. Waas lah, tumpak kareta api ka Pangandaran téh nya, Kang Entjep Sunardhi? Geus moal kajamanan deui. Ratna kuliah ka IKIP Bandung, Ang Rifan, angkatan 1974.
Tatang Sumarsono
Enya teu wani pok, Ang Irman Dimyatie. Paling ukur nulis dina majalah dinding, di sakola. Waktuna istirahat sok dibaca ku babaturan. Sok kadéngé aya murid awéwé digonjak ku batur-baturna. "Adeuh, Ratna, abong sok babarengan dina karéta."
Mahpudin
deuh asa kacandak ABG deui... heuheuheu...
Rifan Sahrony
Kang Apoedy, beh ditunamah urang TeH ngagaduhan carita sareng pangalaman sewang sewangan. Ngan asa ka gambar deui kitu nya,?
Rohaendi
Tah kitu Ka. Plot nu ngalur carita ngalagena. Dupi nu dimaksud disiplin teh, kupedah teu menclak menclok kamamana, doang carita kula nu pinuh ku lamunan absurd menclak mangsa, menclok lakonn, pundah jaman, pindah mangsa. Ari maksudna, rerea na mah hayang nguatkeun misi, jeung negeskeun hiji kaayaan anu ironi jeung kanyataan, pajamanan kakiwarian. Pamuga weh kahartieun kunu maca. Ja mun teu apal lalakon jeung galur nu dicutat mah, matak lieur, meureunan. Nuhun Ka.
Is Tuning
Nyaan, resep maca ieu fikmin téh. Kuat ka dibaca 4 balikan. Najan minus ungkara, karasa pisan ngabetot imajinasi. Teu aya lolongkrang pisan keur kerung.
Budi Mugia Raspati
Lebah pamalayan, stasion banjar, jambatan cikacepit, point of view tina runtuyan ieu carita, aya kuimeut, punten nyanyahoanan.
Tatang Sumarsono
Matak teu munclak-ménclok (puah-puih, apung-apungan, atawa gubag-gabig) téh tangtos dupatalikeun sareng eusi carita atanapi téma, KIitu Ka Rohendi Pandeglang. Muhun, nuhun, mun bisa ngabetot imajinasi, Jang Is Tuning. Dina élmu nulis, aya anu dikembangkeun ku wartawan Tempo: harus mencengkram mata pembaca. Maksudna, "tanpa sadar", barang anggeus maca kecap kahiji, panon nu maca langsung luncat ka kecap kadua, tepi ka anggeus sakalimah. Anggeus kalimah kahiji, luncat deui kana kalimah kadua, jeung saterusna. Pindah kana alinea. Ahirna tamat. Sakapeung nu maca téh sok ngucap (bisa jadi sacara teu sadar), "Anjir téh, tamat euy!" Sabalikna, lamun teu bisa metot mata nu maca, karék maca dua-tilu kalimah gé, éta tulisan téh langsung dibalangkeun. "Butut. Teu hayang dua kali aingah!"
Is Tuning
Leres Mang Tatang Sumarsono, katampi pedaranana. Kahartos pisan ngeunaan metot imajinasi téh. Kukituna, koncina mah tina kecap-kecap nu merenah, nu gampang kaharti. Tapi milihan diksi gé sanés baé padamelan énténg. Da, mun teu pas ngalarapkeunana mah, angger matak cawérang. Keur babandingan, sim uing, pogot pisan maca karangan Ahmad Bakri. Tos hatam 2 kali maca buku kumpulan carponna nu dijudulan Dukun Lepus. Sanajan, sok nyelap basa wewengkon ciamis, tapi tara sok manggihan kecap-kecap atawa ungkara nu matak eungap. Enténg pisan. Enya, énténg.. :)
EMAN BUDIMAN
Ngaos fikmin sareng komén2na nambihan pangaweruh kanggo pun uing. Tapi iraha teuing tiasa ngalarapkeuna, boa2 tos puasa teu ngemam bonténg 3 usuman gé angger fikmin pun uing mah bakal dialungkeun ku nu ngaosna :(
Rohaendi
Ka Is Tuning, palebah "sok nyelap basa wewengkon ciamis" sigana pun kula rada reuwas. Boa-boa basa wewengkon teh "matak eungap" nu maca. Tapi pan lian ti nepikeun misi carita, pun kula mah boga misi ngalestarikeun Sunda Banten anu cenah buhun, asli, unik jeung egaliter (oge basa wewengkon lianna). Ari keur kula mah di luar enteng atawa eungapna nu maca, salaku fikminer ti kulon nu diajar nulis, kula rek terus bae pikeun makean ieu basa. Hampura mun matak eungap nu maca. Matak kalan-kalan isok make catetan bantuan. Jeung pamuga basa wewengkon sejen geh aya nu fikminer nu konsis, pan ngarah ngeuyeuban pokabuler basa Sunda. Hampura atuh para fikminer nu eungap. Tah mun eungap sebut "rohe" 7 kali. Piraku teu beuki eungap mah heuheu.
Eros Rosnida
Padahal mah lireun heula di abdi di pamalayan..supdos rineh nyariosna sareng Ratna
Tatang Sumarsono
Lirén heula di Pamalayan? Jih, ieu téh lalakon taun 1973. naha tos lahir kitu, harita, Neng Eros Rosnida?
Eros Rosnida
Hehe..atos mung keneh
Ara Stafari
Masterpiece
Tatang Sumarsono
Mun hayang (rada) tapis dina milihan diksi nu merenah pikeun ngagambarkeun carita, carana taya lian : (1) mindeng maca jieunan batur; (2) mindeng latihan nulis. Basa wewengkon nu asup kana hiji karangan, teu matak jadi ngaganggu, satungtung merenah ngalarapkeunana. Malah ku cara kitu, basa Sunda bisa ngabeungharan. Ulah sieun jeung ulah ngarasa kagok ngasupkeun basa wewengkon, asal ulah dijieun-jieun, bisi artifisial.
Ki Hasan
Maca fikmin ieu teh, najan ceuk nu nulisna basajan, salancar cenah, keur uing mah rada ngahegak nuturkeunana. Sabab uing hayang nyusud timana eta tokoh Tatang jeung Ratna miangna, tur rek ngajugjug kamana. Ukur manggih rute: St X - Pamalayan - Banjar - Cikacepit - St Y. Ukur bisa ngaduga X Tasik, dumeh aya komentar. Ari Y mah tangtuna Cikembulan. Meureun wewengkon sanggeus Banjar, daerah Cimais. Nyoba nga-google, neangan arsip jalan kareta heubeul, lebeng teu manggih. Kieu tah riweuhna pengarsipan di urang teh.
Ki Hasan
Keur uing mah resep we nu aya, kana fikmin Ka Rohendi Pandeglang teh. Keur ngalegaan sawangan. Da basa Sunda priangan mah kosakecapna moal pati hese nebakna. Malah hadena mah ajakan balad Banten nu sejen sina narulis fikmin. Keun we nu maca capeuan mah, ngarah ngesang macana. Itung-itung olahraga we, eh olahpikir meureunnya, atawa olahrasa.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
pangarang jadi tokoh carita, plot nu ngawangun alur, imajinasi nu maca teu ngacacang, eusi carita matak jelas kahartos, kitu pamendak mah.
Tatang Sumarsono
Caritana mah ti Tasik, Ki Hasan. Ngalangkung ka Ciamis (bumina Ang Godi), aya setasion alit sabababaraha hiji saméméh Banjar, di antarana Pamalayan. Ti Banjar, ganti karéta, nu ka jurusan Pangandaran (malah kebat ka Cijulang). Tah, Cikembulan téh kuloneun Pangandaran, caket Parigi, saméméh karéta "parkir" di Cijulang. Antara Kalipucang sareng Pangandaran, aya jambatan anu kacida lungkawingna, disebatna Cikacepit. Saméméh ngaliwat kana jambatan, karéta asup heula kana torowongan (cenah, di dinya Ang Iwan ngesun kabogohna téh--duka nu mana). Kareta jurusan dinya mung dugi ka taun 1970-an ahir. Ayeuna mah tos teu kacatur. Seting dina ieu fikmin taun 1973.
Rochaeni Neni Albanjari
Tah Banjar ning kasebat, berarti ngalangkung ka rorompok Kang...
Iwan Hanjuang
Akang inget keneh, di banjarsari kalipucang, nu dagang asongan teh lauk jeung timbelna,laukna lauk ranca, gabus, jeung hurang, kari waasna, saumur akang hirup, inget bae tah nyium sabot asup ka torowongan, karetana apan poek. da ari nyium di tempat sesjn mah mindeng jeung tidak berkesan. hahahahahahaha.
Iwan Hanjuang
Neni Geo Albanjari, sakgede kumaha tauh 73 teh?
Ki Hasan
Tah kitu rupina Kang Tatang Sumarsono, dina arsip peta jalur kareta teh, mung stasion badagna hungkul nu kacatur: Tasik - Banjar - Kalipucang - Parigi - Cijulang. Stasion leutikna mah teu kacatur. Kana carita nu make seting lalampahan sapanjang jalur kareta teh, uing mah jadi inget kana salasahiji rekaman ceramah KH AF Gazhali, aya lalakon sapanjang jalur Bandung - Surabaya. Dicaritakeun rada gemet, rupa-rupa kadaharan khas di tiap stasion. Aya Ladu di satasion sanggeus Cibatu, rujak honje di Kroya jeung sajabana.
Tatang Sumarsono
Apan ieu mah fikmin basajan, Nyimas. Da ari nyeratkeun perkawis Ratna mah teu kedah dihésé-hésé, sina ngaguluyur waé, sakumaha ngguluyurna mun manéhna niron PR aljabar ti pun uing.
Iwan Hanjuang
Ki Hasan, akang kungsi ti tasik ka garut, turun di Cibatu ganti kareta, ari pek kareta lasteu mah tos kagarutkeun, kapaksa ngendong di cibatu.
Ki Hasan
Tah Kang Iwan Hanjuang, nu jalur Cibatu - Garut - Cikajang nya.
Rochaeni Neni Albanjari
Kang Iwan Hanjuang, nya lumayan tos aya, mung teu acan lebet TK2 acan....heheh
Jejen Jaelani Wargadipura
Janten emut mangsa sakola, Ciawi-Tasik abudemen kana kareta si Gujes, naek paduduaan jeung manehna, turun di Indihiang, anggoan maralongo kapetelan silalatu lokomotip si gujes....
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Sanaos basajan, guluyurna éta matak nu maos teu bingung ngémutan jejer carita, kantun nampi sugemana.
Rifan Sahrony
Kang Iwan Hanjuang, nuju jaman si Gombar panginten nya,..?
Dedi Rosala
Rek mairan sauetik. Sakumaha kasauran salira...Kang Tatang leres pisan eta teh kaalaman ku sim kuring. Kecap anu no (1) sami sareng nu diucapkeun ku kang Yoseph Iskandar (Alm.) ka sim kuring.Bisa nulis teh ku remen macaan Mangle, Giwangkara, Kujang,jsb., sok sanajan hnteu nepi ka hatam. Sigana nu no (2) mun dipapadakeun atawa dilarapkeun ti kang Yoseph "Mun hayang nyaho endahna laut, nya kudu teuleum ka jerona", saurna. Wallahualam..Kang. Sadirieun kuring mah bisa nulis teh alatan remen susuratan ku basa Sunda jeung kabogoh. Hehe..Pangapunten ah.
Tatang Sumarsono
Persis, Ang Dedi. Asa kungsi didongéngkeun. Aya pangarang mashur Inggris keur ngéndong di hotél. Gawéna ngan ngagutrut waé nulis (pastina gé ku kalam harita mah), tapi lain keur nyieun karangan ieu mah. Aya nu nanya, ku naon ngan nulis waé? "Uing keur latihan," jawabna. Etah, pantar pangarang mashur masih keneh perlu ku latihan. Komo Tatang Sumarsono atuh.
Dedi Rosala
Haha..sigana kajurung ku pangab...boa-boa. Wilujeng.
Ki Hasan
Nyeta Kang Tatang Sumarsono, eta urang bule kana barangtulis, ku sagala ditulis nya. Uing manggih sababaraha buku heubeul nu ngalalakonkeun lalampahan bule ngider di lembur urang. Da mani gemet, eta lalakon naek kareta ti Beos nepi ka Cikajang dicaritakeun. Ngan uing kungsi ngalaman hiji kajadian nu matak helok. Hiji mangsa uing ulin ka Surabaya. Maksudna mah ngarah apal jalur angkutan, ti mimiti clak kana angkot di Terminal Bungurasih, dicatet hiji-hiji ngaran jalan teh, nepi ka kawasan Keputih, wewengkon ITS. Ku teu nyangka eta supir ngambek. "Kunaon," cenah "sagala ditulis? Sieun ditipu nya?" Uing ukur olohok. Peledek teh sungutna bau alkohol.
Tatang Sumarsono
Jang 'Eboed' Eman Budiman, anu dicontokeun jurus nulis urang Tempo mah pikeun anu tos profesional. Ari dina ieu lapak mah ukuranana teu kitu. Fikmin jajar pasar, atawa nu sahandapeun jajar pasar gé, angger wé dibaca tepi ka tamat minimal ku pun uing). Apan ieu mah sarana diajar. Tapi lamun urang nyieun fikmin terus sina makalangan kalawan mawa predikat "profesional" (upamana medal winangun buku), tong nyeri haté mun karya urang taya nu nolih, atawa tepi ka dibalangkeunana pisan kana wadah runtah. Eta hak nu maca.
Wawan Setiawan Husin
Tang, hanjakal, kecap "suka" ngan aya hiji, lamun diklik jadi "tidak suka", mun aya sapuluh "suka", ku sim uing di klik sapuluhna. kabehna. "suka" 10 X maca komentar di dinya ! ! ! ! ! ! ! ! ! !
Tatang Sumarsono
Sanaos sakali, Kang Wawan, tapi tiasa disurahan sawelas kali, malah juhlas kali, heu-heuh. Boa-boa dina fikmin téh aya rumus: basajan téh éndah nya, Kang? Nuju dicobi dikotéktak. Minangka hasil eksperimenna nya fikmin ieu pisan (jih, naha goong nabeuh manéh).
Wawan Setiawan Husin
Kabayangkeun (karasakeun) eta tulisan ka EEB teh, tulus iklas lan ridho lillah pisan kaluar tina hate Dulkonang, dicurulungkeun kana ramo leungeun, neken tuts-tuts notbuk. Pikiran museur kanu dikecapkeun, digerenteskeun na biwir, energi ngalir, teratur tarapti ngawula kana niat hate anjeun. Teu karasa jadi adpis atawa nasehat, tapi asa jadi pamadegan nu diucapkeun pinuh ku tanggung jawab jeung visi. Asa ngobrol langsung dina diskusi di kelas, ruang kuliah atawa sekre senat baheula. Bari udud Jarum... Cring!
Hadi Aks
He....nu wangun guneman kieu ge ari ku ci Aang mah bet karaos matak ngalimba. Asa ngolebat novel "Manehna" Syarif Amin.
Tatang Sumarsono
Enya, Mang Hadi, aya seting nu sarua jeung dina "Manéhna" karya mahaguru pun uing. Teu wani nyebutkeun sarimbag, mana komo mapakan, ieu mah ukur ngikintil (rada anggang deuih, da bari ajrih). Uing laju ngadu'a: mugi Pa Kurdi dicaangkeun di alam kuburna.
Ki Hasan
Saheab-saheab, nengetan komentar tina hiji naskah teh mun ditarik garis jadi ngarambat lancah. Ting suranteng ngait kana mangpirang hal. Teu kaliwat bisa ngait nepi kana sajarah sagala. Mun seug karya sastra Sunda geus loba nu kadigitalkeun bari kawadahan di jagat maya, tada teuing pogotna. Bisa nyusud saha ari Syarif Amin, dimana eta naskah "Manehna" bisa diakses. Saha ari Pa Kurdi. Naon pakaitna jeung Syarif Amin. Sareng sajabana. Mudah-mudahan we eta naskah-naskah heubeul teh, saeutik-saeutik bisa ngarapung ka jagat maya. Kabita ku batur. Mun manggih hiji tokoh teh, sok bisa disusud nepi ka lalakon kahirupanana.
Tatang Sumarsono
Sugan ka payun mah aya lolongkrangna, Ki Hasan. Sjarif Amin téh Pa Moh. Kurdi. Dina karya jurnalistik, anjeunna nyerat Moh. Kurdi. Dina sastra nya Sjarif Amin. Pa Kurdi téh tokoh perintis pers nasional Indonesia. Pun uing mah kaalaman kénéh nimba kaweruh sacara langsung ti anjeunna. Novel "Manéhna" téh salah sahiji masterpiece Sjarif Amin.
Wawan Setiawan Husin
Nuhun ang Ki Hasan, margi "ngaram(b?)atlancah" teh langkung payus ka "webbing", da rada kirang pas upami diEnonesiakuen "menyarang laba-laba" mah. Sim uing sapagodos sareng pamadegan
Wawan Setiawan Husin
"...komentar-komentar teh penting...", margi fikmin mah tiasa janten titik lumbet (entry) kanggo obrolan sanes, anu dipkuat-kaitkeun sareng fikmin langsung atanapi teu lansung, ... "ngaramatlancah" pisan obrolan teh! lemes, sareng lega jangkuanana.. sun!
Wawan Setiawan Husin
lumebet... asa langkung asup batan titik lebet... punten!
Shohiba Nu'man
Naha janten ras kana filem Gita Cinta Dari SMA.. Sanaos benten cariosna, Mung "efekna" mah sami karaosna.
Hadi Aks
Ki Hasan: Janten ngahuleng, Kang! Situs, Web, Blog urang Sunda ayeuna beuki rapang bae. Tapi nu daria mikiran 'digitalisasi naskah' karya sastra Sunda mah boa-boa can aya. Sakaterang, pdh sok mindeng ngawangkong, nembe Dadan Sutisna nu gede karep ka lebah dinya teh. Mung katingalna 'kurang leungeun' anjeunna teh, pakepuk knh sorangan. Cacak pami aya hiji tim husus, ku sataun ge sigana lumayan bkl seueur nu kasalametkeun naskah Sunda dina wangun digital. Cek beja KITLV ayeuna nu daria ngagarap digitalisasii teh. Hartina, engke anak incu urang, kdh minagsaraya ka deungeun2 deui bae nalika nyusud pabukon urang teh!
Dadan Sutisna
Ki Hasan, nembé simuing ngalungkeun "Manéhna" Sjarif Amin kana Inbox.
Eman Rais
Mineng gogodeg pami neleban gurat carios boh komen para inohong fikmin. Aranom yuswa tapi jero pangarti sastra boh teknik nyeratna. Tangtos alaeun pisan keur simuing anu ngan saukur panjang janggot kulawu weh, tapi rumaos bodo ngan pakokolot munding wungkul. Kukituna kudiakuna wae diieu lapak tos pirang2, sok ilu tulas tulis eta oge, namung basajan pisan teu aya pangarahan nanaon. Rumasa keur ka anu diajar keneh, sugan weh jaga mah. Tapi teuing ketah.
Tatang Sumarsono
Sakedahna kitu, komén téh dibaca. Ngan duka tatéh, naha osok atawa tara. Da lamun komén saméméhna dibaca heula mah, dina urang rék nyerat komén téh bakal bakal aya pakan (benang merah) anu nganteng. Namung kabuktosan, sok rajeun aya komén anu nya picung nya hulu maung. Lamun dina dangsa mah, batur keur cha-cha-cha, ari ieu gugulipekan sorangan maké dogdog.
Ki Hasan
Kutan kitu Kang Tatang Sumarsono. Ieu mah kanggo babandingan we nya. Perkara pentingna ngapungkeun karya sastrawan Sunda ka jagat maya, sangkan dipikawanoh ku balarea. Uing nyoba nga-google Sjarif Amin ukur manggih katerangan, kungsi kenging pangleler Rancage. Nyusud carpon "Manehna" mah weleh teu kasungsi. Beda misalna tadi kenging info tina komentar Kang Hadi Aks, aya novel Dataran Tortilla karya John Steinbeck. Ku uing disusud nepi ka beunang novel digitalna dina basa asalna. Numatak kedah dilaleukeunan tah ngapung-ngapungkeun khazanah lawasa teh.
Rochaeni Neni Albanjari
abdi nu kalebet resep maosan komen, surahna fikmin, komo pami anu nyangkut sareng teknik nyerat mah.
Ki Hasan
Tapi kulantaran aya patih goahna sastra Sunda, uing cikeneh, haneut keneh pisan, tos kenging tah "manehna" Sjarif Amin teh. Dialungan ku Kang Dadan Sutisna. Nuhun Kang Dadan.
Dedi Rosala
Tah asa kataji ku cariosan Ki Hasan..Mun enya tea mah bisa nyusud lalakon kahirupanana.., taya bahana mun dijieun biografi.Kasebutna loba cenah pangarang kahot teh, tapi mana atuh..? Atuh bisa keur guar-guareun anak incu urang ka hareupna. Contona wae saha ari PPH..Mustopa..(punten bilih salah nulisna) biheung teuing keur barudak kiwari mah arapal...Pon kitu ka anu sejenna. Sok prung ah nyieun kumpulan biografi para tokoh sunda..Wilujeng.
Eman Rais
His atuh kanwenan kang Tatang komen diaos. Kapan kakapeung mah tina komen sok kaheabkeun inspirasi nyerat sinerat.
Dadan Sutisna
Aka Hadi, leres pisan, situs Sunda rapang, mung teu acan daria. Pasualanana, cék simuing, kumargi teu acan ngahiji. Data kasundaan éstu euyeub pisan, waktos dicobi dihijikeun (nu tos didigitalkeun ku simuing, kalebet foto, film, jste), dina hardisk 2 Térabyte téh méh mudal. Kanggo nyimpen éta data di Internét, peryogi ruang nu ageung, nu tangtos sesah kahontalna ku waragad pribadi mah. Padahal ieu téh minangka tapak lacak kanggo generasi ka payunna. Mudah-mudahan wé hiji waktos mah cita-cita urang kahontal.
Dadan Sutisna
Tambi kawaranan, bilih aya nu panasaran hoyong maca "Manéhna", tiasa ditingal di dieu: http://www.facebook.com/groups/225182880893351/doc/291258457619126/ Hapunten mung tiasa midangkeun adegan nu dina karéta api wungkul, margi ieu buku masih kénéh diical di toko buku.
Ki Hasan
Kang Dadan Sutisna, leres eta teh abot ari ngandelkeun waragad pribadi mah. Upama noongan di lembur batur mah, eta khazanah teh hostingna sok dikokolakeun ku perpustakaan paguron luhur. Kedahna mah nu janten host-na teh model UPI, ITB, UNPAD, UIN, sareng nu sanesna. Sabab ari paguron luhur mah akses Internet teh kapan tos jadi bagean fasilitas sapopoe.
Tatang Sumarsono
Di pun uing gé aya sababaraha judul buku (karya sorangan) dina bentuk file. Tapi teu ludeung ngapungkeunana, sieun penerbit mangloh. Aya ogé anu geus resmi di dunya maya, diapungkeunana ku penerbit (Bentang Pustaka, Yogya). Sugan ari diinbokskeun mah teu nanaon. Tadina rék dikirimkeun ka Ki Hasan, ngan teu apal carana.
Dadan Sutisna
Nembé kabaca deui, aya sudut pandang nu ahéng dina "Manéhna" téh. Jadi inget kana fikmin Remi Sadkar. Ieu cutatanana: "Bréh katénjo kuring keur ngajanteng di setatsion. Eukeur deudeupeun, ngadagoan manéhna teu acan datang. Padahal geus asak pasini rék ka nu pangisukna."
Ki Hasan
Kang Tatang Sumarsono, kintunkeun we kana email atuh, alamatna: [email protected]
Tatang Sumarsono
Mangga, urang akalan heula.
Ki Hasan
Atanapi dina FB juru kenca aya pilihan "message" tiasa nangkodkeun file. Nuhun pisan.
Dedi Rosala
Resep ngabandunganana. Mingkin peuting wangkongan teh leuwih daria. Sanajan teu bisa ngomong, panon mah tetep mencrong lalajo. Meunang elmu mah ti mana we geuning. Mangga lajengkeun!
Dadan Sutisna
Duka tah, Mang Tatang, dupi "Taman Pamekar" tos tiasa diapung-apung kitu? Simuing mah mani hoyong pisan nyebarkeun éta buku sina kaaos ku barudak ayeuna. Cenah jaman ayeuna nuju usum-usumna "Pendidikan Karakter", éta buku (sanaos tos béda jaman), tiasa waé kanggo bahan babandingan mah. Asa "tugenah" nembé maca berita, aya buku keur kelas 2 SD (basa Indonésia), di jerona aya carita ngeunaan nu pepegatan (konflik rumah tangga), nu perebut harta, nepi ka aya kecap "istri simpanan" sagala. Kanggo kelas 2 SD éta téh.
Dedi Rosala
sajabi Taman Pamekar teh aya hiji deui Taman Sekar buku teh.
Ki Hasan
Ieu mah kanggo motivasi, da seueur akademisi di ieu lapak teh. Ieu salah sahiji perpustakaan digital, nu ngoleksi buku-buku pakait jeung Tatar Sunda, utamana jaman Walanda. Mangga pilari geura. Seueur buku nu ngalalakonkeun urang kulon ngalalana ka lembur urang. Diantarana naek kareta api ti Beos ka Cikajang. Ieu alamatna: http://dlxs.library.cornell.edu/s/sea/browse.php
Dadan Sutisna
Kang Dedi, leres. Nu béh dituna aya Roesdi djeung Misnem, Panggelar Budi, Gandasari, Sumber Arum ...
Tatang Sumarsono
Apungkeun wé, da tos leuwih ti 50 taun éta buku téh, tos séép hak ciptana.
Dadan Sutisna
Nya éta, Ki, sawatara kapengker siuming maca yén dina susumbarna Google bakal ngadigitalkeun sakabéh buku sadunya. Tos aya sawatara buku Sunda deuih nu didigitalisasi ku Google. Nu kaémut téh, piraku urang rék kapiheulaan (baé)? Nu mawi, urang ngeureuyeuh wé sakadugana.
Ki Hasan
Leres Kang Dadan, program Google bade ngadigitalkeun buku nu tos lebet domain publik. Nya jiga projek Guttenberg deui jigana. Naskah Sunda ge kedah tos dikeureuyeuh. Sugan we atuh bakal aya sponsor, Perpustakaan Sunda Digital Ahmad Heryawan. Hahaha
Ibnu Hijar Apandi
pileuleuyan media cetak....hiks hiks hiks...
Dadan Sutisna
La tansa, Mang Ibnu. Digitalisasi can tangtos sagemblengna maéhan média citak. Angger urang téh da peryogi ari ku nu "ngabungkeuleuk" mah.
Ki Hasan
Kang Ibnu Hijar Apandi, jigana media cetak ge tetep we masih aya pasarna. Media digital jigana jadi suplemen. Aya hal nu teu tiasa diudag ku media digital. Media citak mah bebas energi listrik. Tiasa dikepit digulang gaper, moal nambihan ongkos listrik. Hehehe
Ki Hasan
Malah upama nitenan kartu ondangan kiwari, geuning kalah tambah ceuyah, bari jeung desainna sarae. Asa can aya tah nu nekad ondangan hajatan ukur nganggo SMS, komo ukur email mah.
Ibnu Hijar Apandi
Aang Dadan Sutisna, Ki Hasan, sapuk pisan, emut ka nu sasauran, yen sanaos kiwari aya media anyar sapertos internet, nanging media nu heubeul mah moal tergantikan saurna. nu anom moal ngelehkeun nu sepuh.. numawi mending janten nu sepuh ti batan nu anom mah...hehe..
Ki Hasan
Nu sepuh nyepeng sajaroh, nu anom nambah gairah. Kitu jigana Kang Ibnu Hijar Apandi. Saling melengkapi. Hahaha
Ibnu Hijar Apandi
hahaha... janten galau ka ditu na teh...
Dadan Sutisna
Nya mending duanana atuh, Mang Hijar. Nu sepuh dikeureuyeuh, nu anom (da boa langkung lenjang) dipaju. Wenang lah ari nyandung ka média mah, héhéhé...
Dadan Sutisna
Mang Hijar, nya nuju kamana kitu indung barudak? Malem Jumaah dugi ka galow kitu...
Wawan Setiawan Husin
tah...tah.... aya nu galau...
Ibnu Hijar Apandi
Aang Dadan Sutisna, leres pisan, titis tulisna nembe tiasa ngawayuh dina padamelan... hihihi... malem jumaahna diseepkeun wengi kamari... tos ngaringkeb wyah kieu mah...mudah-mudahan aya milikna ka subuhnakeun... hehehe... punten hehehna teu nganggo e curek....
Ki Hasan
Leuh ieu teh geuning tos nyerelek ka tabuh hiji. Permios heula ah Kang Wawan Setiawan Husin, Kang Dadan Sutisna, Kang Ibnu Hijar Apandi, Kang Tatang Sumarsono, Kang Dedi Rosala, oge nu sanesna. Hatur nuhun, tos tiasa ngawangkong, bari kekengingan bacaeun ieu teh.
Ibnu Hijar Apandi
Ki Hasan, wilujeng... sami-sami, bingah tiasa ngawngkong.. nembe bade tengah wengi dipalih dieu mah...
Wawan Setiawan Husin
ngiringan ki Hasan ah... bade kokoreh heula.. heuheuheu...! ngampih upami hayam mah... wilujeng wengi sadaya!!
Dedi Rosala
wilujeng leleson.
Tanti Damayanti
Maos Fikmina , maos komena , karaos pisan kang Tatang Sumarsono na heheh .....
Tatang Sumarsono
Lalakon heubeul pisan, Neng Tanti, kaungkab dina mangsa anu tos kacida patarenggangna. Aya nu ngalangkang, tur hésé disieuhkeunana. Antukna mah diantep wé, dipasihan lolongkrang sina nyangkaruk. Rék haben digebahan téh, teu wasa neuteup sorot panonna anu bangun hoyongeun maturan.
Maria Halimatussadiah
janten emut ka lembur pun lanceuk,kacipta mayapak sawahna ..hhmmmm
Tanti Damayanti
Sumuhun Kang , leuh kacipta pami ditakdirkeun tepang deui ? hihihi Lah moal dibayang bayang ah ... bisi kabita heheh. Kumaha tadi siang ngarempel sadaya ? leuh resepnya .... mudah mudahan kapayun mah tiasa ditepangkeun sareng akang oge fikminer nu sanesna .
Tatang Sumarsono
Insya Allah, riungan fikminers (kopi darat) baris maneuh saban Saptu, tabuh dua siang, di YPK, Jalan Naripan No. 9. Sing saha waé diantos sumping. Teu kedah aya jejer obrolan resmi. Urang ngadu bako waé. Tadi gé aya 27 jalmi. Sabagian tina obrolan tiasa ditingal dina dokumen.
Eman Rais
Insyallah, sasakali tiasa ngiring ngariung.
Maria Halimatussadiah
abdi tiasa ngiringan sanaos teu diulem ge ????
Tatang Sumarsono
Saha waé gé tiasa sumping, lalawuhna nyandak nyalira.
Maria Halimatussadiah
mun aya idin ti pun lanceuk abdi bade dongkap kang..,hoyong kenal ka fikminer nu janten sobat sobatna pun lanceuk
Maria Halimatussadiah
YAPEKA teh nami gedung nu ayana caket RS.HASAN SADIKIN sanes kang..????
Tatang Sumarsono
Di caket parapatan Jalan Braga, kaléreun Gedong Merdeka, teu tebih ti alun-alun Bandung.
Tatang Sumarsono
YPK = Yayasan Pusat Kabudayaan.
EMAN BUDIMAN
Wa Tatang Sumarsono, sakali-kali mah hoyong ngiringan.Aya jadwal rutin henteu ngariung di YPK teh ? Nuhun
EMAN BUDIMAN
Hehehe... punten Wa Tatang Sumarsono, tos aya walerannana ning di luhur
Iwan Hanjuang
datang jam 11 yi, karehol yeuh..
Eros Rosnida
Uih timana heula kitu kang Iwan Hanjuang teh, jam 11 nembe sumping?
Iwan Hanjuang
nu datang ti Jakarta, Bogor,Tasikmalaya, Garut, Subang, Lembang, Sukabumi ari urang Bandung...?????
Iwan Hanjuang
Eros Rosnida, ti YPK neng,mana teu kaditu, magar sono teh, wew ah.
Budi Mugia Raspati
Alhamdulillah Kang Iwan tos dugi geuning..
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Manawi teu dongkap téh aya acara nu langkung penting, sanés teu ngautamikeun pangulem Kang Iwan Hanjuang
Eros Rosnida
Hapunten kang Iwan Hanjuang sonona mah nataku mung tadi teh aya tugas kedah silaturahmi ka sakola2, mudah2an ka pyun tiasa tepang
Iwan Hanjuang
Budi Mugia Raspati, Alhamdulilah, pidu'a tisadayana lancar.
Nanang Sahbana Afnani
neng Maria Halimatussadiah,tangtos ku akang diwidian,ulah melang Nun