Naha tebih-tebih teuing, Nénéng, sakola téh, mani ka Amerika? Abdi leungiteun pisan, tutur sasarina dikuah-kieuh, ari ayeuna suwung piwarang. Abdi tara mungpang. Resep tuda pami salira miwarang téh—duka ku naon atuh. Kétang, kantos abdi ngahulag, waktos salira keukeuh palay tunggang Lonely Lady, sina lumpat ngurilingan lapang, ngiring babalapan sareng joki nu nuju latihan.
Eum, tada teuing Juragan benduna, pami salira dugi ka ragrag tina kuda.
Ayeuna, abdi sering hual-hiul. Padahal waktos salira nuju aya, abdi teu kinten jigrahna. Méméh tabuh tilu sonten, kuda tos diberesihan-didangdanan. Sakalieun salira teu sumping margi aya pamengan, abdi sok teu puguh rasa bari kuciwa.
“Bibitkeun waé Lonely lady téh, Tatang, da ayeuna taya anu makéna,” saur Juragan ka abdi.
Nénéng, tos badé dua taun, urang teu tepang. Kuda kameumeut salira tos ageung reuneuhna. Abdi nguping hawar-hawar, pajar salira parantos mulih—tapi naha rerencepan?
Kamari mendak deui wartos, salira parantos ngababarkeun—tapi naha bet disingkurkeun?