Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 17 Oktober 2013 19:50:16
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Ratna

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 24 Maret 2012 23:22:50

Salasa, wawanohan jeung Ratna, di Rumentang Siang, satutas acara bubuka FDBS. Rebo, ka Rumentang Siang deui, lalajo Ratna maén drama, bari motrétan (Ratna méré nomer HP). Kemis, nganteurkeun foto ka imah Ratna, terus diajak diskusi ngeunaan pagelaran kamari. Jumaah, nganjang deui ka Ratna, hanjakal keur teu nyampak. Saptu, ngajak Ratna ka Rumentang Siang, bisa ngobrol rada lila, balikna dianteurkeun. Ahad, balaka ka Ratna yén uing neundeun haté (Ratna teu langsung méré jawaban). Senén, aya SMS ti Ratna: “Mending urang sosobatan waé.” Salasa, uing ngalanto deui ka Rumentang Siang, sugan meunang gaganti Ratna.

Komentar (113)

Eboed Eman Budiman
Tuda ge nembe tepang 5 dinten Ang.... gurunggusuh teuing, cobi antosan heula 5 taun mah, pasti tos kunu sanes heuheu...
Irman Nurhapitudin Dimyatié
:"Beu....!"
Nanang Sahbana Afnani
da Ratna na satia ka bebenena kang ..hahahaha
Eman Rais
Rupina seueur setok kituh di Rumentangsiang?
Irman Nurhapitudin Dimyatié
:"Jadi, Ratna teu bohong nga-sms simkuring teh. Tadina mah teu percaya."
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Heuheuy...horéng sering ka Rumentang Siang téh kitu..
Rohendi Pandeglang
Hehe moro Ratna ratna nu lian... Nuhun Ka tiasa pendak jeung pun kula tadi. Mudah mudahan sa haren (atoh) pendak jeung Ratna. Asa can parat ngalalakon tadi teh, mugia hiji mangsa urang papada moro Ratna babarengan.
Tatang Sumarsono
Jih, ieu mah lain lalakon diri pun uing, sumpah, sing daék demi.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
ahay...ngelés
Nanang Sahbana Afnani
hahhahaha, Ratna na nembe nelepon...
Tatang Sumarsono
Kumaha cenah, neleponna téh, Ang Nanang Sahbana Afnani? Eta deuih, Ang Irman gé ngaku-ngku di-SMS ku Ratna. Mana nu bener ieu téh?
Nanang Sahbana Afnani
hahahaha..Ulah timburu ka kang Tatang Sumarsono,cenah..
Irman Nurhapitudin Dimyatié
:"Ieu Ratna mah keur dilahun ku pun uing hehehe...."
Rifan Sahrony
Kang Tatang, bajuang panceg saminggu ari acan nasibnamah nyamos geing Kang. hahaha..
Nanang Sahbana Afnani
kang Irman Dimyatie, hahahahaha...nembe ge dijajapkeun ku abdi ka bumina
Tatang Sumarsono
Heueuh, tuda Ka Rohendi Pandeglang, cacak mun uing ngora kénéh, betah di Remantang Siang salila aya FDBS téh. Loba mojang, jeung kayungyunna téh barisaan maén drama. Hanjakal pun uingna geus aki-aki. Ceuk Ang Godi Suwarna téa mah, nyebutn gé: Jaro Carambang. Duméh huis dina sirah geus dominan.
Tatang Sumarsono
Ang 'Eboed' Eman Budiman, apan anu jadi tokoh uing téh (kadé, lain uing Tatang Sumarsono) geus bisa dina gerak serangan kilat. Ngan nya kitu sok nyamos waé. Mun dina moro mencek mah, disangka lindeuk, hanas teu dibitur jeung dianjingan heula, ari pék giras kacida. Cacak mun mencek jalu, matak picilakaeun tatéh, sabab cékér warangan jeung sihungna seukeut. Ampun lah, mun manggihan udagan anu kitu mah, Kekemplongan anjing gé tangka bruh-brah.
Rifan Sahrony
Upami dina manuk mah lindeuk japati tea Kang Tatang Sumarsono, hihihiii
Tatang Sumarsono
Yah, lindeuk japati, Jang Rifan Sahrony: jiga lindeuk, padahal mun dideukeutan mah sok terus hiber, tapi ahirna mah teu burung ... ngendog!
Neneng Sitanggang
Kang Nanang, itu neng Ratna ngantosan ditikungan.. hehehe..
Nanang Sahbana Afnani
teh Neneng Sitanggang, ieu nuju nelepon..hahahaha
Ki Hasan
Uing kataji ku ieu: "apan anu jadi tokoh uing téh (kadé, lain uing Tatang Sumarsono) geus bisa dina gerak serangan kilat." Sok mindeng eta teh Kang Tatang Sumarsono, mun milih titik panoongan jalma kahiji, sok disarangka carita pangalaman nu ngarangna. Matak tiwas atuh ari sagala nu dicaritakeun mangrupa pangalaman pribadi mah. Meureun pangarang kudu hirup sarebu taun, ngarah sagala kaalaman.
Neneng Sitanggang
Euh.. pantesan anteng... hehehe..
Rudi Riadi
fikmin nu gereget pisan, Kang.
Nanang Sahbana Afnani
teh Neneng Sitanggang, hahahaha..tidituna mah ngupahan..
Akang Remi
Hahahaha..Asa mending bari sosobatan, Wa! Supados teu kantos kedal pasini, hahay!
Tatang Sumarsono
Tah, Ki Hasan, kieu sajarohna lahir ieu fikmin téh. Tadi pasosoré uing balik ti Rumintang. Aya pikiran hayang nulis fikmin ngeunaan cinta kilat anu konyol wé lah. Ras deui di Rumintang seueur jalmi, para seniman-seniwati, sakapeung seueur anu dangdananana matak hélok pun uing. Dicipta-cipta mun aya jajaka bogoh ka wanoja anu panggih di dinya. Tadina mah bada magrib téh rék langsung ditulis, tapi kaburu aya anu ngajak gapléh. Keur resep-resep gé maén kartu (uing teu éléh, da langka nu bisa ngéléhkeun--jih sombongna), buru-buru wé undur ti kalang, padahal karék tabuh sapuluh. Terus wé ngahurungkeun komputer. Jadi prosesna gé basajan pisan.
Tatang Sumarsono
Matak gereget, Ang Rudi Riadi?
Yusef Muldiyana Full
Ratna anu lintuh anu lenjang Kang Tatang Sumarsono?
Eman Rais
Ratna anu mana tea nya? Ratna Sarkawi sanes. Atuh lamun Ratna eta mah anu sok mangnineungkeun ngusapan janggot abah geuning. Ingkleung dengdek buah kopi raranggeuyan.
Ki Hasan
Ideu nu ngolebat sabot nongton, rupina Kang Tatang Sumarsono.
Heri Awie
Dasar cap dua anting, heuheu...
Tatang Sumarsono
Cenah mah nu lenjang, salirana dibungkus ku jékét blu-jean, Ang.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
naha cenah Kang Tatang?
Tatang Sumarsono
Teu nongton, Ki, pun uing mah tadi ngadon ngobrol ngalér-ngidul wé jeung kanca-kanca FBS.
Tatang Sumarsono
Ih, apan ieu mah nuju ngalalakonkeun batur, Nyimas. Kos teu apal waé ka pangarang. Tukang wadul, tatéh.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
muhun kitu...sok alim ngangken...ahaaha
Herdy Mulyana
Maju terus pantrang mulang lamun teuacan menangkeun gaganti Ratna kakang prabu
Tatang Sumarsono
Neguh pangarang mah jigana rada hésé, sabab tukang ngaréka carita. Disangka enya, padahal ukur jijieunan. Disangka bohong, sieun enya. Teu kawas oknum gegedén sareng para wakil urang, Nyimas, mun bohong téh langsung kateguh.
Tatang Sumarsono
Wah, tadi soré gé pun uing mah terus balik, Ang Herdy Mulyana.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Leres sesah pisan neguhna...seueur alesanna
Tatang Sumarsono
Maksad téh mun neguh dumasar kana karyana. Eta geura lalakon dina "Kolébat Kuwung-kuwungan Kinasih Katumbirian", da keukeuh nyarangkana téh bagian tina memoar pun uing (eh, wios nya nyontokeun jijieunan sorangan, mun ku karya batur mah bisi lepat).
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
rupina buktos pangarang tiasa ngajantenkeun tokohna hirup, watesna kacida ipis antawis pangarang sareng tokoh cipataanna jantenna nu maos nyangki éta téh pangalaman nu ngarangna.
Nanang Sahbana Afnani
uhun karaos pisan jiga enyana teh,da ampir hog hag nembe teh...hahahahaha
Rohendi Pandeglang
lamun nepi ka nyangka kitu hartina sukses ngagambarkeun carita kawanan nya Ka? Jadi hade bae jing. Ngan urang papada pangarang , ulah kababawa: cukup idem.
Lenny Magdaleni
Cinta kilat cinta seminggu tea nya Kang...saur Bimbo tea mah.
Kokom Komariah
Sae ieu fikmin ngagambar kayaan pangalaman nu sok seueur buktosna kieu tèh, pameget lalanang jagat ditampik seuri ditampa sila, henteu putus harepan. Hapunten ngiring komèn,
Budi Mugia Raspati
Kayas nataku..Sigana kamari aya yeuh Ratna teh..
Ki Hasan
Asik ungkara Teh Kokom Komariah: "Lalaki lalanang jagat, ditampik seuri, ditampa sila."
Irman Nurhapitudin Dimyatié
Teh Kokom Komariah:"Lalaki mah... cinta ditolak Dukun Bertindak hahahaha....!"
Tanti Damayanti
deuh.. kang Tatang Sumarsono,
Dewi Budi
Kieu carana mah, fikminer pameget aya bahan lidig ka Rumentang Siang hehehe.............
Rohendi Pandeglang
bisa teu Kaka Dadi Danu Subrata, FDBS teh unggal bulan. Pang (ngarah) ngabadeg Ratna daratang ti saban mazhab, Laju para kanca FBS pasti jadi sering ngariung heuheu... .
Ahmad Yani
Mantep ! rupina kedah di rontsen heula tah ( kedah leres di parios, Naha enya masih gaduh "Perasaan !) he he he he he ... aya ku kiat-kiat teuing ! tur teu aya riuk-riuk ka sedih !
Tatang Sumarsono
Kayas nataku, Ang Budi Mugia Raspati, tapi sanés kayas eros. Kayas warna celep ieu mah. Kamari aya Ratna? Jih, lain béjaan atuh.
Tatang Sumarsono
Ngarah langkung haneuteun, FDBS pada ngadeugdeug ku kanca FBS mah, Neng Dewi Budi. Badé ngersakeun? Saéna namina gentos heula janten Ratna.
Rd Okke Chandra
hahahahahahahahahahahaha!!!!!
Tatang Sumarsono
Saban bulan, Ka Rohendi Pandeglang? Satuju, asal order potretan wé seueur. Ari kamari, di Rumintang, anu teu tebih ti Aka, Ratna namina?
Tatang Sumarsono
Sacara teu langsung, jigana Ang Irman Dimyatie nuju promosi dukun ... he-heh.
Tatang Sumarsono
Ang Rd Okke Chandra, geura ka Bandung atuh! Kamari ditaroskeun ku Ratna di Rumintang.
Rd Okke Chandra
hahahaha ke ke sakedap Kang, Ratna nu mana ieu teh? Aya mangrebu ratna nu kantos pendak teh :)
Rohendi Pandeglang
Ka, ka Inbox kula nyah potret kamari heuheu, aeh enya nu kamari gigireun Ratna Sunah ka; anak bandar sake
Tatang Sumarsono
Deuh, padahal mun Bu Tanti Damayanti angkat ka Rumintang mah, tiasa tepang sareng kanca-kanca FBS. Teu sawios Tanti digentos ku Ratna gé.
Tatang Sumarsono
Apan lalaki langit lalanang jagat tea, Ang Ahmad Yani. Si pemburu sejati, tara memelankolisan atawa plaplatonisan.
Ratna Utamie
kahhhhhhhhhhhh, abdi ratna nuuuun...hehe
Tatang Sumarsono
Jih, aya Ratna, euy! (Keur maraban hayam gé, buru-buru ganti baju, terus megat beus kota, rék ka Rumintang).
Tatang Sumarsono
Jih, enya, Rd Okke Chandra mah seueur gaduh koleksi Ratna, nya? Disuhunkeun atuh hiji.
Rd Okke Chandra
hahaha sanes ngoleksi kang, pedah kantos ngiringan janten panitia sensus ratna kapungkur wkwkwkwkw..
Ahmad Yani
Bilih peryogi abdi gaduh tatanggi , namaina Ratna ( Upami wengi ) namung upami Siang mah namina teh Ratno ! heu heu heu !
Iwan Hanjuang
Aya nu anyar pipirakan, namina Ratni. bade mileuheungkeun moal, pira bentem A sareng I sami da gagaduhanana mah kitu we baeud.
Tatang Sumarsono
Nami Ratni-Ratni kitu mah biasana ti wétan nya, Ang. Ulah mun tiasa mah, ceuk karuhun gé. Naha ku Aang teu kalandep, kitu, bet ditawiskeun ka pun uing?
Tatang Sumarsono
Nyaan, Ang Ahmad Yani, ku anu kararitu téh sieun pun uing mah, sakalieun ari dina lampu merah aya bari luway-liwey téh. Ngan untungna, pun uing mah tara mindebn disampeurkeun, sok diliwat waé. Duka mun ituna sarua sieun mah, pédah nempo beungeut pun uing anu gereng.
Dewi Ratna Damayanti
dupi abdi kalebetna ratna sanesnya....hehehehe
Tatang Sumarsono
Tulung-tulung .... Ieu Ratna jadi ngalobaan ....
Rd Okke Chandra
HAHAHAHA! ongkooooh hayang RATNA... ari disampeurkeun kalah murungkut??? kumaha ai ieu teh jagoan teh???
Tatang Sumarsono
Ka kabéhanana bogoh tuda, Rd Okke Chandra, bari jeung geus kasawang, hiji gé ka pun uing taya anu resepeun.
Iwan Hanjuang
Nu ngaran Ratna tes heula sina ngeueum di susukan, nu panglobana meunang rarong eta Ratna anu dipimaksad, tas ngeueum kikiprik we meunang sapaisan mah biasana ge..xixixixixi
Rd Okke Chandra
kedah senyum akang senyummmm, hahahahaha, akang mah atuda kalem jeung balem ge batur inggis... hahahaha *heureuy ah kang, akang tea mun senyum... Ratna Mustika Kurniarasa Haroeni wae olohok
Rd Okke Chandra
aeh geuningan aya kang Ratna Hanjuang :)
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Atos wé lah..supados Kang Tatang bingung deui mah ka Nyimas Kanjeng Ratna Yuyu
Maspri Dkc
Rumentang Siang dianggo 'ajang mencari mangsa' heueheu, mun terang rek ngiringan.....
Tatang Sumarsono
Diantos, Mang Nung. Tuh Maspri Dkc gé kabitaeun. Keun lah, sual ongkos beus mah, urang réréongan waé.
Rd Okke Chandra
RUMENTANG SIANG PINDAHKEUN YUUU??? geus meujeuhna urang Bandung ngabogaan RUMENTANG SIANG nu leuwih representatif!
Tatang Sumarsono
Nambih deui hiji, Ratna Yuyu.
Nazarudin Azhar
Aya waktos saminggu deui, kanggo milari Ratna nu sanésna.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
dijamin Ratna nu ieu mah tiasa nyambel...
Tatang Sumarsono
Ang Iwan Hanjuang, ayeuna mah di walungan téh geus langka pisan rarong. Paling ogé uurutan kantong kérésék.
Tatang Sumarsono
Enya, Mang Nazarudin Azhar, saminggu deui. Pasti keur Mang Nunu mah meninggalkan kesan yang dalam, da penulis naskah he-heh. Engké mah cobi ngadamel naskah, judulna: RATNA HAYANG KA TATANG ... ha-ha-hah.
Kokom Komariah
Da ieu pun anak, Wastana Indi Ratna Komala, nembe 5 tahun kamari ahir februari manawi, he...he...
Yayan Rusyana
rebona uing ka rumentang siang, suganwe aya nu nyangka ratna ! hahaha....
Mustika Kurniarasa Haroeni
@kang okke, aya naonn ieu nyebut2 nami abi,, heuheu @kang Tatang, meni somse pendak di rumentang, pedah di nuju diriung ku wanoja teh, huhuhu meni cuek bebek,, hiks,,
Rd Okke Chandra
tah eta tos nyambung nyalira ning Mustika ? hehehheh biasaa urusan kumis baplang kang tatang teaaa
Teti Taryani
Milari cinta di GK Rumentang Siang... kumaha ayeuna parantos hasil nu dipimaksad?
Tatang Sumarsono
Jih, punten atuh, Neng Mustika Kurniarasa Haroeni. Rupina Akang nuju nonggongan, salir ngalangkung. Ngan jigana salira lepat ningal, da harita teu nuju diriung-riung wanoja, mung ukur saurang: Endah Dinda Jenura wungku. Anu sanesna mah Kang Budi, Kang Deden, Kang Nu'man, Kang Rohendi, Kang Nandng, Kang Dhipa, sareng Kang Godi. Akang mh teu tuman diriung-riung wanoja téh, sok geumpeur.
Mustika Kurniarasa Haroeni
@kang.Okke manawi teh aya naon, horeng nuju nyarioskeun kumis huis,, hehe @kang.Tatang apan harita ku abi teh disapa, malihan mah sasalaman, tapi akang mah hare2 wae, ai srg kang godi mah muhun da unggal dinten oge pendak di rumentang. tapi wios dihapunten pisan mung tong sakali kali deui nyah, aqu nyah jd sedih, hiks,,
Endah Dinda Jenura
kang Tatang Sumarsono: waaaah... teu kenging nyingsalkeun nu sanes ah... aheeeeeeemmm... :D
Tatang Sumarsono
Nyingsalkeun saha ari Eneng? Pan ngan aya Neng Endah Dinda Jenura wungkul harita téh. Apan Neng Meila mah nuju ka payun heula, mésér dukuh.
Mustika Kurniarasa Haroeni
teh endah, kunaon nya sareng abi mah teu pendak! hehehe,,
Irman Nurhapitudin Dimyatié
:"Tadi siang uing ka GKRS, ngan aya Ang Godi Suwarna jeung Kyai Matdon wungkul. Sugan teh ari Minggu mah araya.... meni sedih uing! Ngadagoan Teh Maya Dewi, teu kol keneh wae...."
Tatang Sumarsono
Jih, atuh nu waktos urang pendak teras sasalaman mah dinten Salasa, Neng Mustika Kurniarasa Haroeni. Ari manawi téh dinten Saptu.
Tatang Sumarsono
Ang Irman Dimyatie, rupina kedah jangjian heula pami hoyong rad rempeg kumpul mah. Iraha?
Elis Sri Yovita
tos menfaj gegentos Ratna teh..????
Endah Dinda Jenura
Teh Mustika: abdi mah Saptu kamari ka Rumentangna, Teh :)
Tatang Sumarsono
Naon Neng Elis Sri Yovita ari "menfaj" téh?
Elis Sri Yovita
punten rusuh, maksad teh mendak
Irman Nurhapitudin Dimyatié
Ang Tatang Sumarsono:"Kumaha upami Saptu payun?"
Tatang Sumarsono
Mendak: Ratna Sri Yovita, he-heh ....
Tatang Sumarsono
Saptu énjing meureun, pas penutupan FDBS, Ang Irman Dimyatie. Hayu. Pasisiang waé. Ngariung di selasar geuning.
Elis Sri Yovita
tebih ka Rumentang Siangna ge..
Mustika Kurniarasa Haroeni
@kang tatang @ teh endah,, abi mah sabtu mah di STSI,, kin malam sabtu puncak bade arangkat henteu?
Is Tuning
.. Malem minggu ka Rumentang, geus rada peuting harita téh, puguh wé geus sepi. Nganteur Ratna, nyokot selopna nu tinggaleun gigireun pot kembang hareupeun panggung. Balikna tuluy ulin ka Dago, diboncéng na motor. "Méh tiasa nangkeup," pokna. Bari jajan roti bakar, kusiwel Ratna némbongkeun album potrét basa keur pentas kamari. "Saha nu motrét ?", cékéng bari ningalian hiji-hiji. Ratna ngabetem. Barang diteuteup deui, karék némbal, "Duka, hilap namina.."
Eman Rais
Ieuh kuring oge Ratna, ngan lamun beurang digerona Ratman. Kapan sok narik beca tea, hehe. Di Eman Eman soteh ambeh kasep weh.
Ida Rukmana Ida
Duuh Ratna geuning anjeun sok diimpleng keneh..salam bae ti simkuring, nu kantos idek liher di Rumentang siang.