Ku Dadi Arya
TEUING kasabaraha rébu kalina. Teu wawuh jeung malem minggu. Kawas burit ieu. Ngadon tunggon kebon nu kolot. Nyorén bedog. Nyoréndang bedil. Cinutrung. Ngawaskeun sawit nu anyar ceb.
Korosak! “Bagong, kitu?” Curinghak. Bedil dikokang. Dikécéng. Korosak. Jedér! Bedil dibekaskeun. Gaik! Gorobas. Gorobas. Gajleng! Kuring mesat bedog. Sebrut. Ngudag. Nyusud getih, nu crut-crét 'na titincakan. Panon ngulincer. Ngimeutan tapak.
Gok, ka hiji saung. Beuki deukeut. Bréh, budak rambisak. Ngalahun anjing hideung. Baloboran, teu empés-empés. Manéhna mencrong. “Ema! tuh nu maéhan si Bapa mah!” Si budak tutunjuk ka kuring. “Manéh kudu tanggungjawab!” Pokna bari nangtung. Anjingna dikélék. Kurunyung, awéwé sampulur. Nyekel pangarih. “Ayeuna kénéh, manéh kudu ngawin si Ema!” ceuk si budak, nyekel leungeun éta awéwé.
Pluk, bedog lésot tina cekelan. Kuring, ngan bisa calangap.