Aya ku hemeng nenjo si Ujo ayeuna. Teu sirikna unggal peuting manehna ngaca, buuk di tanco meni kulimis, teu poho make minyak nyongnyong nu seungitna ngelehkeun minyak nu matak ngagebrugkeun widadari ti langit.
"Kamana, Jo?," ceuk kuring barang nempo manehna ngaleor ka panto hareup, peuting ieu. Kuring nu keur udud jeung ngopi di ruang tamu, ukur bisa olohok pas si Ujo nyarita, "..tong nanya ayeuna, can puguh da," bari ngaleos indit. Naha asa teu nyambung rarasaan teh eta jawaban? Kuduna ge, ka anu,ka ditu,ka dieu, naha bet kitu jawabanna?. Tapi, kuring teu loba tatanya deui, jep, jempe.
Peuting beuki kolot. Kolotrak, aya nu muka panto hareup. Korejat, kuring ngorejat reuwas, dipegatkeun tina pangimpian dina korsi tamu. Sihoreng si Ujo karek balik. Katempo paromanna semu nu nguluwut, langsung muru ka kamarna. Tuluy kuring pindah ka kamar, teu nanya si Ujo da hayang buru-buru neangan ngimpi deui. Barang ret ka panto kamar si Ujo nu melenge, ka intip si Ujo keur ngagerendeng ngadoa sanggeus solat. Hawar-hawar kadenge doana teh kieu, "Duh Gusti, lamun seug manehna teh pijodoeun kuring, mugi dideukeutkeun jeung kuring, tapi lamun manehna lain pijodoeun jeung kuring, mugi dijauhkeun..jeung jodona, tuluy deukeutkeun jeung jodokeun ka kuring..,"
Naha atuh, panon ngadadak cenghar, teu kuat tuluy ngabarakatak, akey-akeyan. Eta gening jawaban robahna si Ujo salila ieu. Alus kituna mah, panceg kana kahayangna.