Di sisi jalan. Burber mobil jeung motor, paheula-heula moro téréh. Pabaliut nu laleumpang, silih berik muru waktu jeung kasempetan. Geus kaimpleng macét jeung riweuhna waktu harita. Dina parkiran, di jéro mobil sédan . "Nong?" Nu lalaki nanya, bari semu imut ngudak neuteup kana mata. "Naon, kang?"
"Kagungan artos dua rébu teu?" Pokna. "Dua rébu? Kanggo naon kitu, kang?" Éta nu rambut panjang ngarumbay, jangkung geulis malik héran. Kerung halisna nu ngajélér paéh, ngantos waleran. "Hmmm, kanggo parkir dina haté énong!" Ceuk si lalaki bari némbongkeun beungeut ngagoda manja.
Na jol pok téh tarik, "Naon! Ngan dua rébu! Sanajan bogoh gé moal dimumurah. Disaruakeun jeung ka tukang parkir! Kaluar ayeuna kénéh!" Belenyeng sédan indit, ninggalkeun nu keur gagaro bari olohok reuwas.