Update: 27 April 2012 06:20:07

Tina Pangalaman Ani

Ku Tatang Sumarsono

“Wantuning hirup waluya
jembar haté padang pikir
tumampi teu ngarasula
katangtosan ti ajali
tandaning mahluk laip
tur tawekal ka Nu Agung
pasrah iklas sumerah
putusan Nu Maha Adil
Gusti Alloh hamo nanggeuy di bongkokna”

Duka geus sabaraha kali, Ani nembangkeunana. Tapi operator studio rékaman keukeuh bangun tacan sugema. Ka peutingnakeun karék dianggap final.
Pleng lila teu panggih jeung Ani. Waktu tepung deui, beungeutna asa kanyos. “Nuju seueur cocobi. Ah, nya pasrah wé. Badé kumaha deui tuda. Sok dibangbalérkeun bari nembangkeun guguritan kénging Akang: wantuning hirup waluya, jembar haté padang pikir, tumampi teu ngarasula, katangtosan ti ajali, tandaning mahluk laip, tur tawekal ka Nu Agung ...,” sora Ani rada peuyeuh.
Kuring ngahuleng. Dina batin nu pangjerona kedal halon, “Gusti, mugi abdi ditebihkeun, tina ketak panyajak, anu ngucah-ngacéh ungkara kalimah, tapi tara dipilampah ....”

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Akoer Lah: Pupuh Sinom, matak kagémbang nu anom.
  2. Ganjar Kurnia: Kabu romaktan tea Ang.
  3. Tatang Sumarsono: True story, Ang Ganjar Kurnia sareng Ang Akoer Lah. Anggap waé ieu mah pangalaman para mitra.
  4. Akoer Lah: Sok asa emut kana lagu "Ani" Bang Hj Oma Irama, hehehe...
  5. Tatang Sumarsono: Lengkepna, Ang Akoer Lah: Ani Sukmawati, panembang entragan ayeuna.
  6. Iwan Hanjuang: murwakanti,tong adigung dumeh unggul, heman ka kadang ka wargi, prakna mah angger we balaga, boro-boro.. gkgkgkgkgkgk
  7. Akoer Lah: Oooohhhh...kutaaaaannn..tateh.....ambeu...ambeu...atuh eta mah salah sawios juru mamaos Cianjuran kaporit, eh ..paporit, abdi sering ngunggah tembang2 na, ieu diantawisna tos diunggahkeun kana Yutub : http://www.youtube.com/watch?v=LYTIFOeRP4o
  8. Hadi Aks: Hoyong mulung muntah nanging teu wantun tea rupina nu kieu teh nya Ang! Wangunna Ang! Kayungyun. Campursari guguritan srg lancaran.
  9. Tatang Sumarsono: Moal dikomén balik, bilih lepat, hég kaaos ku Ani. Nyanggakeun waé ka sadayana.
  10. Entjep Sunardhi: Jadi emut kana tulisan yi H. Usep Romli dina Mangle no 2359, 2-8 Pebruari 2012 - Apresiasi Sastra Ketak Panyajak. Jempol akang kapihatur.
  11. Rudi Riadi: Fikmin gaya India ieu mah, aya nyanyina. atanapi Film Rhoma Irama tea kitu....Aniiii....Aniiiii...... Kamari nyobian mikmin anggo guguritan, nanging teu metu. Ngeplos, Kang. Kedah diajar yeuh ka Saehu urang Cibiru.
  12. Nanang Sahbana Afnani: meni puringkak puriding.....
  13. Irman Dimyatie: :"Resep kana kalimah panungtung, Ang."
  14. Kantika Sofian: teu acan kahontal kuabdi mah,naon "eusina"...rumaos ...kedah seueur diajar
  15. Maman Gantra: The death of author deui atuh, Kang? Saur saha mah...
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Tatang Sumarsono
  1. Surat Keur Euis
  2. Alur Informasi
  3. Tina Catetan 1973
  4. PotrÉt Euis
  5. Asmaradahana Hiji
  6. Malim Buhaya
  7. Sindang
  8. Dalingding Asih; Keur NÉnÉng
  9. Lonely Lady
  10. Hayam Lisung (minangkana Carita Pantun)
  11. Catetan Paninggaran
  12. Ratna
  13. Madraji
  14. Horse Cruising
  15. Dulkonang
  16. Juru Catet
  17. Pasar
  18. Albeum Pilkada
  19. Kawin PÉrak
  20. Tina Pangalaman Ani
  21. Paguneman SimpÉ Dua
  22. Mafioso
  23. PasÉa High-tech
  24. Tradisi Tragis
  25. Kresna Dutaningrum
  26. Élegi Kingkin
  27. Carita Pantun Mahiwal
  28. Kadongdora
  29. CÉlÉng Wayungyang
  30. NÉnÉng BadÉ Nikah
  31. Pilkada Tilu Paragraf
  32. Anggota DÉwan Manten
  33. Rapat Tim SuksÉs
  34. HÉrlina
  35. Telepon
  36. Liwung
  37. Rumpaka Tembang
  38. Tilu Sms
  39. Nyimas Sanés Euis
  40. Carita Biasa 3
  41. Carita Biasa 2
  42. Carita Biasa
  43. Meuntas
  44. Catetan Pangandaran, 1974
  45. Hijrah
  46. Fikmin
  47. Fikmin
  48. Karna
  49. Fatimah
  50. Kabéh Gé
  51. Harisbaya
  52. Paguneman Simpé
  53. Gedong Saté
  54. Munjung
  55. Tilu Paragraf
  56. Serat Ka Citraresmi
  57. Dialog
  58. Gentong
  59. Tsunami Pangandaran
  60. Keusik
  61. Bagawan Sirna Di Rasa
  62. Lutung
  63. Fikmin
  64. Dasi