Ku Akang Remi
Teu aya sora anjing babaung. Purnama gé haroshos, keur nanjak mulang. Na tungtung ranjang. Sora budak lalaki, kapireng. “Abdi téh salira, mang!” pokna, lancang. Ngagalantang, ngudar laku nu lawas ditalikung. Nataan lalakuan katukang-tukang. “Masing emut, mang!“ matak katalimbeng. “Piraku rék siga waé uing!” ngagantawang. Napakkeun pirang-pirang kakeueung, ngagaraleng. Pikir ngacacang, ngideran mangsa nu ngarayap gancang. Neumbagan dingding nu pulas peuting. Rénghapna, ngalagu kamelang. “Abdi téh salira, mang!” semu rungsing. Jempling sakeudeung. Tuluy ngalengis. “Badé anteng waé ulin, mang?” budak dijéwang. Ditinggang. Hantem ditinggang. “Gandéééng!” carékna, matak muriding. Kandeg. Basa katémbong aya aki-aki nyolongkrong. Kulitna karisut teuing ku garing. Soca gangas, ngaburileng. “Uing téh, silaing!” ngagorolang, nembrakeun mangsa-mangsa nu can kasorang. “Dosa silaing!” si aki, nuding. Tuluy aki-aki jeung budak téh silih pelong. Imutna, ngemu katineung. Mulang. Ngantun nu liwung, humarurung….