Update: 27 April 2012 06:20:07

HÉrlina

Ku Tatang Sumarsono

Hérlina tambah pikamelangeun, mana komo sanggeus kakandunganana nincak tujuh bulan mah. Ma Haji beuki remen ngemitan di kamarna, bari ngetrukkeun rupaning ayat.
Najan kitu, manéhna masih sempet mikiran kuring. Malah dina hiji poé mah, bari nyangsaya kana ranjang, pok pisan, “Enyaan, Lina suka pami Akang ngadahup ka Ningsih mah.”
“Naha maké nyarios kitu?”
“Ningsih téh bageur sareng rapékan deuih, Kang, sanaos tos dua kali dipirak gé. Sarengna deui, ka Lina mah sok bruk-brak, tara aya anu disumput-salindungkeun. Ka Ningsih waé nya, Kang? Lina hoyong nyaksian, bilih umur moal lami deui, mung dugi ka ngalahirkeun.”
“Lina …!” satengah disentak.
Tapi, manéhna keukeuh, ngajujurung kuring ngawin Ningsih. Nya dicumponan, bélaan kawin gurung gusuh, ukur disaksén ku babarayaan landes wungkul. Batur sapagawéan mah, hiji gé taya nu dibéjaan.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Nanang Sahbana Afnani: manttaaaaabbbzzz....hahahaha
  2. Ambuna Kaka: ha ha ha deui ah! meni haripeut dipiwarang nikah deui mah.............
  3. Maman Gantra: Hahaha... Ieu mah sora lalaki, Kang! Lalaki pisan... (Tuh, tingali komentar Ambuna Kaka?)
  4. Dewi Ratna Damayanti: Ck ck ck.. Mangga 4 jempol sadaya kanggo neng lina... Mung si adil we nya kang ulah kangeunahan..
  5. Ambuna Kaka: Maman Gantra: ih, bilih tos ngebet mah mangga diaminkeun ku abdi ogenan
  6. Rifan Sahrony: Kang Tatang Sumarsono, aya ku soleh nya eta Lina.sawarga bagianana Kang.
  7. Tatang Sumarsono: Ha-ha-ha ... rupina Ambuna Kaka, Ang Maman Gantra, Neng Dewi Ratna Damayanti sareng nu sanésna kabelejog, nya? Herlina téh pun adi, sumpahna gé. Ungkara mana anu nuduhkeun yén Herlina téh pamajikan Akang.
  8. Ambuna Kaka: wadoooooooooooooooow..............nyaan!
  9. Apoedy Sarah Ihsan: heuheuheu... ari eta herlina teh kasawat naon atuh dugi ka wasiatna kitu.. heuheuheu...
  10. Maman Gantra: Ah, Kang Tatang nyingcet kitu teh pedah Ambuna Kaka rada nyungkun bae... Saleresna mah nya lelembutan lalaki tea... Hoyong midua.. (Da, teu sawios atuh, Kang. Teh Lina-na ge tos ngawidian. Malah ngajurungkeun...Hahaha...)
  11. Ambuna Kaka: heu heu, muhun, bet nambut panangan herlina nya, padahal mah pok wae unjukan.
  12. Tatang Sumarsono: Ieu mah, Ang Maman Gantra, étang-étang latihan maca waé, dugi ka mana gemetna ngagayem ungkara. Ceuk Akang gé, sok tuduhkeun, ungkara mana anu nyebatkeun yén Herlina téh pamajikan Akang.
  13. Dewi Ratna Damayanti: Ah da masing sanes bojo akang oge teu sawios ateuh.. Nu pentingmah kengeng widi kantun der ari kengeng widimah bade 3 bade 4 oge sanes?
  14. Maman Gantra: Muhun upami nuturkeun ungkara mah teu aya sakecap oge nu ngembrakkeun Herlina garwa tuang tokoh. Nanging, nu ngalangkang dina sawangan nu maos mah nya kitu: Eta teh taya lian ti isterina si tokoh. Hahaha... Sok sanaos, niat salira saleresna seja ngaheureuyan frame nu nyampak dina emutan nu maos.
  15. Meila Handayani: Ah ngeunaah pisan tah kawin deui..☺Ήii☺Ήii☺Ήii•••☺ mantabs
  16. Jojo Johari: Hooor? Apanan ayeuna teh nuju ngawartosan, sanes? Kumaha ari, Akang? ..heuheuheu ..hareueueuh?!
  17. Fatih Nurul Anwar: satengah disentak, satengahna deui bungah
  18. Tiktik Rusyani: Abdi sapagodos sareng Kang Maman Gantra, nu nikah deui teh caroge Herlina. ungkara nu nembrak mah teu aya namung tina paguneman nu sakitu dariana, sapertos ngajelaskeun hal eta. Da bakal benten pami si tokoh teh mung rakana Herlina upamina. Komo saparantos si tokoh nyentak ka Herlina mah. Cobi atuh pedaranana Kang Tatang Sumarsono , sok resep abdi mah maosna. Kanggo nambihan elmu perfikminan.
  19. Eboed Eman Budiman: haduuuhhh... halaaaahhhhh.... Herlina bojo akang, meni aya ku sholeh kitu :)
  20. Tatang Sumarsono: Najan ukur ngabéjaan bulu tuur, tapi susuganan waé Akang dianggap keur ngajak mikir. Kieu, ceuk pamanggih sorangan, tapsir kana karya sastra anu munggaran mah angger waé tékstual. Ti dinya nembé kana kontékstual. Tapsir tékstual napakna kana ungkara (pilihan diksi, adegan kalimah, wangun paragraf, jsb.). Katingalna, lebah dieu, urang teu tiasa ngayakeun-ngayakeun anu di luar téks, atanapi pamapantes ceuk urang sorangan. Pamina, puguh-puguh teu eksplisit aya kecap “pamajikan kuring”, der dianggap aya. Akang nyobi ngadamel fikmin anu peryogi dibaca kalawan gemet sacara tékstual. Geus kajudi, bakal aya (atanapi seueur, boa) anu maca gaduh “frame” sorangan, anu saleresna teu luyu sareng téks. Kagambar dina sawatara komén anu diserat ku para kanca. Pasti “main stream”-na kana nyandung. Hanas di antawis Sadérék aya anu teu sapamendak, nya teu sawios, cirining urang gaduh pola pikir séwang-séwangan. Kitu tah, Ang Maman Gantra, Bu Tiktik Rusyani, Neng Meila Handayani, sareng kanca sanésna. Pami fikmin di luhur diserat kieu: ... Najan kitu, manéhna masih sempet mikiran kuring, lanceukna ..... ceuk Akang mah asa teu anéh.
  21. Meila Handayani: Beu..katipu deui wae ku kang Tatang..ampuuunnnnn HªhªhªHªhªhªHªhªhª
  22. Riyono Afdfvm: janteng Kang didieu teh sanes Kang Caroge panginten nya, tapi kang lanceuk hehehehe
  23. Ahmad Fawzy Imron: nu kapendak ku abdi mah... Koncina dina kecap 'kamarna'.... da tangtos, upami caroge mah moal nyebat kitu upami ka kamar garwana mah...panginten ieu ge..
  24. Riyono Afdfvm: leres ang Ahmad Fawzy Imron, pami ditengetan....pami maca na asal, pasti kabelejog, simkuring ge sami kabelejog hehehe
  25. Apoedy Sarah Ihsan: abdi mah masih bingung teh, kunaon kakandungana bet pikameulangeun??? aya naon?? da nu namina kakandungan mah hal anu biasa.. janten naon anu nyamuni dina pikamelang eta.. heuheuheu.. jiga nu enya kieu komentar abdi.. heuheuheu...
  26. Tatang Sumarsono: Sanés katipu, Neng Meila Handayani, tapi salira macana kirang gemet.
  27. Tatang Sumarsono: Tah, Jang Haji Ahmad Fawzy Imron aya ku calakan.
  28. Is Tuning: Mun teu dibejaan yén Herlina téh "adi kuring", sawatara nu nyaksian ieu dongéng sadayana bakal ngagaléong kana pamanggih yén Hérlina téh "istri kuring" sanajan teu aya ungkara atawa aya kecap nu jelas-jelas nyebutkeun kitu. Naha imajinasi nu maca sadaya téh jiga kitu ? nu jelas mah, hiji bukti yén nu maca kurang gemet. Kaasup sim uing. Jadi pembelajaran deui baé dina ngamaknaan hiji karya. Nuhun Mang Tatang !
  29. Ahmad Fawzy Imron: Kang Riyono... Saleresna abdi ge kabelejog...namung kabujeng aya komen ti Kang Tatang nu ngaguar kana maksad tina ieu fikmin...janten we abdi teh api-api teu kabelejog...hehe
  30. Tiktik Rusyani: Tah geningan, ngagebray caang. Ti ayeuna kapayun mah rupina kedah langkung gemet maos fikmin teh, komo upami nu mostingna para jawara mah. Pami dipedar sapertos kieu mah, saur saha ngadamel fikmin teh gampil sareng sapertos tamba kawaranan. Tos sidik peryogi kaweruh anu luhung boh kanggo nu nyeratna boh kanggo nu nyurahanana.Hatur nuhun pisan,Maharesi Kang Tatang Sumarsono , diantos pedaran nu' mencerahkan' sapertos kieu deui
  31. Tatang Sumarsono: Ang Apoedy Sarah Ihsan, cobi aos deui: Hérlina tambah pikamelangeun, mana komo sanggeus kakandunganana nincak tujuh bulan mah.
  32. Akoer Lah: Tah...rata-rata nu komen teh sok hayang langsung komen bari tara dibacaan komen2 samemehna, jadina aya nu teu nyambung, contona 'Eboed' Eman Budiman atawa ayang Meila Handayani, langsung komen yen Herlina teh pamajikan si tokoh. Bener2 fikmin kelas ma'rifat (sapertos nu diobrolkeun di lobby aula Unpad tea nya Kang Tatang Sumarsono?) moal langsung kataekan ku maca saliwat, hehehe...
  33. Riyono Afdfvm: sip....kang Tatang Sumarsono, pan biasana 7 sasih atanapi 9 sasih biasana ngalahirkeun normal mah
  34. Fatih Nurul Anwar: Beu!
  35. Akoer Lah: Tuda Kang Tatang Sumarsono mah kalah enggal diwartosan yen Herlina teh sanes pamajikan si tokoh, keun wae antep nu komen sina ngacaprak, tah engke pami tambih ngacaprak nembe diwartosan, hehehe...
  36. Meila Handayani: Emhhh ayank Akoer teras weh kekeak abdi ☺Ήii☺Ήii☺Ήii•••☺ ..*rumaos
  37. Rifan Sahrony: Panginten ieu ngarupikeun sabahagian tina ka ahengan mikmin anu tiasa nyamuni dinu caang,halahh katalimeng deui wae.
  38. Apoedy Sarah Ihsan: masih teu acan kataekan keneh.. heuheuheu... maksad teh dina enya-na lahir pas kakandungan 7 sasih, paling ge prematur.. efekna kanu janten indungna nyaeta herlina asa moal sampe kedah tilar dunya.. masih teu acan kataekan... hiks...
  39. Tatang Sumarsono: “Pengarang itu telah mati”. Kitu ceuk sawatara jumhur, laju dihareueuhan, kaasup ku Akang jigana. Maksadna, pangarang tos teu gaduh hak nerangkeun karyana. Eta mah sagemblengna dipasrahkeun ka anu macana. Tapi naha atuh ayeuna Akang bet nerangkeun, bari teu mustahil dianggap debat kusir. Ih, ieu mah satadina itung-itung proses pembelajaran waé. Kaleresan dina ieu lapak tiasa dianggo dialog. Jadi punten pisan ka kanca-kanca mun Akang dianggap mapatahan anu maca, anu pastina ogé gaduh kasang tukang sareng kaweruh sanésna, anu boa dina sawatawis hal mah tos pinunjul. Sasarina, salaku tukang nyieun carita, mun Akang geus ngencarkeun jijieunan, anu dicitak jadi buku pamina, sok tara diinget-inget, tara hoyong ngoméntaran deuih. Akang mah nyieun carita téh diibaratkeun (punten) kana ngising. Geus ngaléngléong di walungan mah, nya diantep wé.
  40. Abdul Hamid M. Sastra: apa pun makanannya, minumnya tetap nyandung. teks anu ngajentrekeun eta teh. Si tokoh melang ka herlina, hartosna deudeuh. Teu kabaca aya niat tokoh bade nyandung. Teks nabejakeun yen si tokoh kapaksa nyandung demi deudeuhna, melangna ka herlina. Perkara eta tos ngalahirkeun herlina teh sehat walafiat, urang sawalakeun deui we sareng ningsih katut kulawargana. ... Ngasongkeun surat perjanjian tokoh sareng ningsih ka Kang @Tatang Sumarsono. heuheuheu
  41. Akoer Lah: Ihh.....justru "kawajiban" ("Sense of Jorojoy") Akang pikeun nungtun para kanca nu masih lelengkah halu keneh sapertos abdi, supados gaduh tatapakan. Komo deui ku sawatara kanca kalebet admin, Akang teh dianggap "Maharesi" salian ti Kang Godi, nu tos legok tapak genteng kadek" dina bagbagan serat-sinerat ngarang cerpen atanapi buku. Kitu manawi.
  42. Apoedy Sarah Ihsan: heuheuheu.... enya ieu mah nu macana sok neuteuli kang... heuheuheu.... punten ah... heuheuheu...
  43. Abdul Hamid M. Sastra: Tandaning tokoh teu satuju, si tokoh nyentak Lina rada panjang ku titik-titik sareng tanda seru
  44. Tiktik Rusyani: Hoyong gemet maca teh kanggo abdi mah hese kacida, dina emutan pasuliwer, seuseuheun, kumbaheun, aya nu kedah dihuapan, aya istrikaeun, hadeueuh.. hoyong mosting ge teu acan wae, da piraku pami tos midang di cul laurkeun mah. Sok lebar kunu ngajempolan sareng ngomentaran. Rupina dina fikmin teh aya zat adiktif hehe,dugi ka bruh breh dina sagala bakat ku kapengpeongan, asa dosa pami teu muka postingan nu sanes teh.
  45. Fatih Nurul Anwar: tetela beuki loba diajar teh lain tambah pinter, tapi beuki katara kakurangan jeung kalemahan diri.
  46. Nyai Endit: Janten kieu ... Herlina teh rayina tokoh utama dina carita. Tah, si tokoh ieu teh bujangan keneh. Bujang kolot. Ari Herlina, kumargi diamanatan ku Ibu Ramana, janten kedah tanggel waler kana amanah eta. Caroge Herlina, dinten eta mah nuju angkat dines, janten teu kacarioskeun dina fikmin ieu.
  47. Ganjar Kurnia: Eta mah kereteg, pura2 difikminkeun. Breng we ari wantiun mah. Ngan dina walimaahan, saha anu motretan.
  48. Nyai Endit: Hahahahaha .. eup!
  49. Tatang Sumarsono: Pun uing téh saleresna (bari diharéwoskeun) ... ssttt ... ngawakilan kereteg anu tos sumarambah dina manah Ang Ganjar Kurnia.
  50. Nyai Endit: Ha ha ha ha ... silih aluuuung ...!
  51. Akoer Lah: Deuh...kamana Kang Godi nya? masih riweuh keneh kitu atanapi "nambru" balas dipotretan? hoyong terang komentarna kana fikmin ieu, naha sapertos Kang Ganjar kitu? heuheu...da abdi mah teu wantun...
  52. Abdul Hamid M. Sastra: teks sacara nyiliwuri (implisit) teu nembongkeun yen herlina teh rayina tokoh. upami eta kereteg Kang Tatang Sumarsono, urang kedah ningali karya sanesna. upami aya sababaraha kali nyaritakeun soal candung menyandung menjadi satu, tah nembe kedah aya juru potret. urang anteur ka bale nyungcung. heuheuheu
  53. Asép Bénito Aripin: iraha ngadahupna kang Tatang Sumarsono? ;) :D
  54. Fatih Nurul Anwar: candung menyandung, sae tah Kang Abdul Hamid M. Sastra, malah dinten Saptu kamari mah pan aya nu balaka, yen gaduh cita-citana teh hayang nyandung,
  55. Maman Gantra: Kang Tatang, katampi pisan "penjelasanana". Sareng sanes debat kusir keur abdi mah, oge teu cidra kana papagon "pengarang telah mati". Sim kuring, oge nu maos sanesna, sigana, ku ungkara nu aya, jolna teh pasti ka palih dinya: Sarupaning midua alias ngawayuh. Ongkoh teu aya sahurup oge nu ngaharewoskeun yen Herlina teh raina si tokoh. Matak sim kuring mah keukeuh: Ieu lamunan lalaki... Hahaha...
  56. Tatang Sumarsono: Sip ah, Ang Maman Gantra.
  57. Tiktik Rusyani: Har gening kadinya oge ahirna mah? Lamunan lalaki, ah moal ngiringan, bade nolak,hehe
  58. Tatang Sumarsono: Bu Tiktik Rusyani: anu ahirna ka dinya téh sanés pun uing, nun.
  59. Tiktik Rusyani: Percanten, Kang. Ulah saturut-turutna, hehe.
  60. Is Tuning: Satemenna, hal anu pangeburat-beuratna téh nyaéta mipindingan kahayang pikeun nyandung.
  61. Abdul Hamid M. Sastra: Sasih kamari, aya dina kanyataan, simkuring nyaksian pisan. si istri nyuhunkeun ka salakina sangkan ngawayuh ka sobat istrina. malahan dina walimahan si istri teh nyakseni.cag heula ah. hayu urang ka fikmin anu sanes.
  62. Dadan Sutisna: Ieu fikmin surahaneun pisan. Kedah gemet maca, gemet mikir. Sakur ungkara, kitu deuih pilihan kecap, siga sabangsaning tarucing, atawa boa pituduh, pikeun maluruh saenyana aya kajadian naon dina ieu fikmin téh. Kang Tatang , aprésiasi simuing nembé dugi ka dieu, can kongang upami nyungsi eusi mah, badé dibaca deui juh balikan mah.
  63. Moeflich Hasbullah: Eemh nu ngalamun meni ngaguluyur kitu hehe ... sok lah didu'akeun mugia Lina teh aya dikieuna.
  64. Akoer Lah: Eta Kang Moef Hasbullah, pasti nyangki eta Lina teh istrina si tokoh nya?
  65. Moeflich Hasbullah: Kang Akoer Lah, muhun kitu. Lepatnya? Eta fikmin boa-boa nuju nyaritakeun Kang Akoer kitu ...??
  66. Nazarudin Azhar: Kacipta marojengjana... Tiasa janten novel ieu mah, Kang.. hehe.. DKJ aya saembara novel deui Kang...
  67. Tatang Sumarsono: Nuhun diwartosan, Mang Nazarudin Azhar. Kanggo saembara mah, urang milarian deui ilham anyar wé atuh.
  68. Nazarudin Azhar: Ieu linkna Kang, http://www.dkj.or.id/news/sastra/sayembara-menulis-novel-dewan-kesenian-jakarta-2012
  69. Dadan Sutisna: Ang Nazarudin, simuing geus meunang 20 kaca yeuh. Cik ah pangneruskeun. Atawa urang nyobian nyieun novél kolaborasi.
  70. Abdul Hamid M. Sastra: Dadan Sutisna prung ah, simakang siap ngaropea alias ngedit
  71. Nazarudin Azhar: Dadan - siap 20 kaca sewang, piligenti.
  72. Irman Dimyatie: :"Hiji lanceuk nu dirunghal ku adina (Lina). Eta lanceuk kacida pisan deukeut jeung nyaah ka Lina. Lina panasaran hayang ningali lanceukna kawin sabab dirina geus teu yakin bakal panjang umur. Duh, carita hubungan kulawarga nu matak picontoeun. Silih tamplokkeun kanyaah antara adi jeung lanceuk. Ieu mah sanes tema nyandung. Dijamin."
  73. Akoer Lah: Sapertos nu dicarioskeun ku Yayi A.F. Imron, koncina mah dina kalimah ieu : Ma Haji beuki remen ngemitan di kamarna. Mun eta Lina bojona si tokoh, moal nyebut "di kamarna", tapi "di kamar".
  74. Tatang Sumarsono: Jih, tambah deui yeuh nu calakan téh, Ang Irman Dimyati. Rupina tuang naon kamari mani dugi ka méncrang kitu?
  75. Rifan Sahrony: Kang Irman Dimyatie, katangen sampeana ngagantung di tukang colenak, janten mencrang, Kang Tatang Sumarsono, xixixiii
  76. Ki Hasan: Jigana ieu, ungkara nu nuduhkeun yen eta dua tokoh lain ewe-salaki, "Najan kitu, manéhna masih sempet mikiran kuring."
  77. Tatang Sumarsono: Sip, Ki Hasan. Eta pun uing, barang Ang Irman Dimyatie nyebutkeun dijamin sanés téma nyandung, jih jigana pun bojo bakal langkung nyaaheun ka pun uing (mugi sing kabaca ku manéhna, tapi da tara ngomputer pun bojo mah, paling-paling ukur meresihan wungkul, komo mun kyebord tos pinuh ku sekar roko mah).
  78. Ki Hasan: Memang lumrahna kalolobaan nu maca teh, make jurus 'skimming', rada sesah ngaberikna. Kadang-kadang aya numaca awalna, atawa tungtungna hungkul. Lapur.
  79. Ki Hasan: Kang Tatang Sumarsono, kedahna judulna sanes 'Herlina', tapi 'Bujang Lapuk' geura. Dijamin moal multitapsir. Hahaha
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Tatang Sumarsono
  1. Surat Keur Euis
  2. Alur Informasi
  3. Tina Catetan 1973
  4. PotrÉt Euis
  5. Asmaradahana Hiji
  6. Malim Buhaya
  7. Sindang
  8. Dalingding Asih; Keur NÉnÉng
  9. Lonely Lady
  10. Hayam Lisung (minangkana Carita Pantun)
  11. Catetan Paninggaran
  12. Ratna
  13. Madraji
  14. Horse Cruising
  15. Dulkonang
  16. Juru Catet
  17. Pasar
  18. Albeum Pilkada
  19. Kawin PÉrak
  20. Tina Pangalaman Ani
  21. Paguneman SimpÉ Dua
  22. Mafioso
  23. PasÉa High-tech
  24. Tradisi Tragis
  25. Kresna Dutaningrum
  26. Élegi Kingkin
  27. Carita Pantun Mahiwal
  28. Kadongdora
  29. CÉlÉng Wayungyang
  30. NÉnÉng BadÉ Nikah
  31. Pilkada Tilu Paragraf
  32. Anggota DÉwan Manten
  33. Rapat Tim SuksÉs
  34. HÉrlina
  35. Telepon
  36. Liwung
  37. Rumpaka Tembang
  38. Tilu Sms
  39. Nyimas Sanés Euis
  40. Carita Biasa 3
  41. Carita Biasa 2
  42. Carita Biasa
  43. Meuntas
  44. Catetan Pangandaran, 1974
  45. Hijrah
  46. Fikmin
  47. Fikmin
  48. Karna
  49. Fatimah
  50. Kabéh Gé
  51. Harisbaya
  52. Paguneman Simpé
  53. Gedong Saté
  54. Munjung
  55. Tilu Paragraf
  56. Serat Ka Citraresmi
  57. Dialog
  58. Gentong
  59. Tsunami Pangandaran
  60. Keusik
  61. Bagawan Sirna Di Rasa
  62. Lutung
  63. Fikmin
  64. Dasi