Ku Tatang Sumarsono
“Halow! Halow! Béjakeun ka lanceuk manéh, ulah ngarasa jadi lalaki langit lalanang jagat, wani ganggu ka pamajikan batur, bisi bedog betekok narok babatok, kituh!”
“Punten, Kang, abdi mah teu gaduh lanceuk ….”
“Ka adi silaing atuh béjakeunana! Pokona ulah ngarasa jadi lalaki langit ….”
“Pun adi mah duanana gé awéwé, Kang. Nu hiji seméster opat, nu hiji deui di SMA kénéh.”
“Ah, pokona mah béjakeun ka saha wé atuh! Ulah ngarasa jadi lalaki langit lalanang jagat, wani ganggu ka pamajikan batur, bisi bedog betekok narok babatok, kituh!”
“Ké, ké, dupi Akang téh saha?”
“Déwék? Panasaran nya ka déwék? Yeuh, déwék téh Opang Sopanji, moal aya nu bireuk di Cipadung mah. Tah, nomer HP déwék: 081809343999 ….”
“Opang Sopanji urang Cipadung mah atuh abdi, Kang. Sareng éta gé deuih nomer HP abdi.”
“Har, ari déwék saha atuh, euy …?”