Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 03 Juli 2016 05:45
Iwan Nurdiansyah: " Assalamu alaikum, mugia sadayana aya dina ginanjar kawilujengan,..."
Ahad, 26 Juni 2016 05:16
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun..... Seja tumaros, dupi carana ngeusi data formulir pangarang teh kumaha?.... Abdi teu tiasa ngeusian data. Fikmin Abdi seueur nu teu kasair. Hatur..."
Ahad, 05 Juni 2016 07:04
Abdul Haris: " Tos sonoooo, hoyong katawis kapajang deui dina web-na. Karya-karya. Ieu hal, janten panyumanget pisan. Sok sanaos kinarya jisim kirang pangrojong ku..."
Jumaah, 03 Juni 2016 01:15
Atep K Rahman: " Assallammualaikum, Punten, nembe tiasa ngalebetan Buku Tamu ^_^ teras bade tumaros, kanggo ngisian data di palih mana? hatur nuhun, salam baktos ka sadayana. ^_^..."
Kemis, 26 Méi 2016 10:58
Intan Iyang Nurfitriani: " Hatur..."
Salasa, 17 Méi 2016 09:53
Tia Rosita: " Assalamualaikum....? nepangkeun ah, wasta Tia Rosita, nganjrek di Margaasih Bdg. Simkuring teh tos hobi nulis ti kapungkur mung sok tara percaya diri kanggo ngabagikeun hasil tulisan pribadi ka forum umum nanging sok sieun ngisinkeun hungkul. lami kalamian diemut deui ah naha make sieun atanapi isin sagala namina ge diajar. Simkuring teh ibu rumah tangga nu seueur waktos salse daripada dianggo nu..."
Kemis, 28 April 2016 04:20
Muizza Indah: " Assalamualaikum wr. wb. Kahatur ka admin, simkuring bade tumaros perkawis kamus Sunda di blog ieu. Naha nya ayeuna mah teu tiasa dianggo deui? Padahal mah kaanggo pisan ku simkuring upami milarian kekecapan anu heubeul, janten tiasa milarian hartos kecap dimana wae sareng iraha wae teu kedah nyanyandak kamus. :) Mugia kamus Sunda dina blog ieu tiasa dianggo deui. kumargi mangpaat pisan kanggo..."
Salasa, 26 April 2016 19:13
Edi Kurnaedi: " Assalamualaikum wr.wb. Sampurasun ! Hapunten Ka Pupuhu sareng para ais pangampih anu kagungan rohangan . simkuring nembe tiasa ngalebetan deui buku tamu! hatur nuhun. Wassalamualaikum..."

Ngajugjug Harepan

Kénging Miskar Kariti
Dipidangkeun dina lapak 27 Januari 2012 01:19:23

Tabuh hiji leuwih limapuluh tujuh menit
Wanci janari leutik
Sora bangkong tinggal hiji-hijieun
Kuring ngalangeu dina golodog
Ngumbar lamunan ngajugjug harepan
Jadi ras ka baheula mangsa kuring digeuingkeun ku Ema,
"Yeuh geura hudang geus kongkorongok hayam sakali, geura tanggung daun...."
Kuring ukur ngulisik
Kadenge jeung karasa yen kuring diguguyah
Kuring cunengneng sajongjongan bari rucang-riceng
Barung jeung hate helok
Bulan kaisuknakeun no-ong tina jandela
"Baruk jandela luar teu ditutupkeun...?"
Gayabag lalay hiber wangun mencrong tur ngomong,
"Buru-buru geura jual daun teh jangeun meuli patlot jeung buku Letjes!"
...
Nun Gusti Nu Maha Suci. Jisim abdi ngarenghap panjang kacida..., tug ka ayeuna.
(kanggo pun biang di kaanggangan)

Komentar (4)

Rinto Variasirias
patlot sapotong kengeng nyeukeutan ti ditu ti dieu, sareng buku tulis galing sisina, meni waraas nya?
Zakia Zalfa Zirani
Meunang nganjuk deuihh.. Aha
Miskar Kariti
Rinto Variasirias> He...sumuhun, buku tulis galing, patlot seukeut ti ditu ti dieu, pamupusna karet geulang dibeulit2 kana patlotna mani tos lada.... Htr nuhun.
Miskar Kariti
Nu geulis Zalfa Zakia Zirani> Angger teu dina itu teu dina ieu, nganjuk...teras hahaha. Pan aya ladang daun tea ning, bari meser surabi sareng sate kumeli..., nungtut didahar bari mulang...heu. Neng bilih bade liwet tos asak!