Ku Tatang Sumarsono
“Halimun, Euis. Halimun jalan ka Lémbang, apan paratna ka Jayagiri. Teuing ku simpé mumunggang, kakangen nyebitan ati. Kasawang anjeun keur nganti, ngahiap ku leleb imut, mapagkeun palebah lawang. Lajeng anjeun tumaros iraha sumping, mikasono wiréh tos lami teu tepang.
Humégak lebah tanjakan, ngarandeg luhureun pasir. Tapi haté keukeuh samar, Euis. Salempang kasampak suwung. Nya ka mana kudu nyusulna. Saleuheung lamun talatah, sanajan ukur ka angin, sugan lantis pamépés kasumoréang ....”
Kuring gura-gira ngabalesan: “Rupina SMS téh lepat ngintun. Abdi mah sanés Euis, tapi Nyimas Yuyu.”