Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."
Jumaah, 21 Oktober 2016 20:03
Asep Saepudin: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Sampurasun, nepangkan sim kuring wasta Asep Saepudin, linggihna di Kertasari Kabupaten Bandung, seja ngiring aub kalayan diwuwuh ku tali silatuahim mugia aya dina jembar kawilujengan,..."

Gedong Saté

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 18 Novémber 2011 06:31:13

Saban poé, teu weléh loba nu datang, ngabrul ti mamana. Anu teu tangginas, moal kabagian tempat. Tong anéh mun pagegelek, ti mimiti nu ngan ukur ngéngélék map, tepikeun ka koper badag. Tukang parkir cuh-cih, bisi aya mobil awis nu kagaris. Anu datang kana angkot, wayahna ngéléhén heula. Duit nu golang di dinya, hamo kasusud ti mana waé sumberna. Tong nanya perkara éta, apan geus kitu usumna, wates halal reujeung haram, ipisna ngulumud salak.
Lalaki nu maké dasi, sumpingna kadua istri, gasik pesen kasenengna, “Mang Ahér, biasa, domba patpuluh tusuk, beuleumna satengah mateng.”

Komentar (22)

Godi Suwarna
:"Hahaha...! Upami di Ciamis mah Sate Etom tea. Emut kana babasan anyar : Titip domba ka tukang sate...."
Hadi Aks
Hahaha....sugan rek tly daria ka tungtungna! Ari heg dikitukeun. Jd asa dilejokeun! Babasan 'Ipisna ngulumud salak' top! Ti mana eta, Ang? Di Sarif Amin ge asa teu manggihan.
Nanang Sahbana Afnani
Heu heu..mung di Cipanas mah sate atah ..kang !
Godi Suwarna
Hadi Aks:"Nyaan. Hade pisan eta 'ipisna ngalumud salak'. Idiom anyar sigana ieu mah. Ngan klasik keneh. Coba mun : 'ipisna ngalumud sosis'.. atawa mun dipatalikeu jeung sate : 'ipisna ngalumud buntel'....heuheu.."
Yayan Bedog Supriatna
halaah...si Wa singhoréng humoris ogé, uing kabelejog, heu..heu..
Rohendi Pandeglang
Kami pernah ngadenge ipisna "kulit arian" idiom lain tah ka?
Tatang Sumarsono
Ka Ang Godi Suwarna: Nitipkeun hayam ka heulang (ceuk kamus), titip domba ka tukang saté (di Ciamis). Ari Cibiru mah: nitipkeun léktop ka Rudi. Ka Jang Hadi Aks: Taya lepatna mun urang ngadamelan babasan anyar. Apan urang gé bakal jadi karuhun jaga mah.
Hadi Aks
Kantenan panuju psn, Kang! Kayungyun teh pgh ku nembean gokna manggihan!
Rudi Riadi
Padahal mah teu kedah pesen ka Mang Aher, kantun nerekel ka puncak gedong...
Èka Anggiani Iman
Duh, Akang! Ka Sumedang geura aya Sate Iting.
Tatang Sumarsono
Ka Rohendi Pandeglang: Idiom éta gé, Ka. Ka Ang Godi Suwarna: kumaha pami sosis mah: heurasna pelegeng sosis? Supados tambih asosiatif. Ka Hadi Aks: Akang sok rajeun nyieunan babasan/paribasa anyar, atawa ngaropéa tina nu geus nyampak, sugan wé payu. Geura: 1) anggangna sadongkang sinyal; 2) gebos napas kuda adu; 3) bibilintik ti leuleutik, babanda ti bubudak, geus loba devaluasi; 4) mobok manggih gorowong, manahoréng liang oray; 5) nu enya kudu dienyakeun, nu béda wayahna jempé ... ah, nu séjénna mah paroho deui.
Godi Suwarna
:"Heurasna pelegeng sosis.... Hahahahahahah...!"
Mang Jamal
Di kusnet mah aya "mapatahan ngapung ka pilot " haha
Tatang Sumarsono
saté iting donca echa ... ha-hah ... ieu gé babasan anyar.
Godi Suwarna
:"Sate iting donca echa... hartosna..?"
Tatang Sumarsono
Saténa pelem di iting, ageungna tanaga aya di echa. Boh iting boh echa teu tujul ka hiji jalmi, tiasa saha waé, mung rupina personifikasi ti istri. Kitu rupina, sun, ieu mah babalagonjangan waé, ngarah ramé jagad fikmin.
Èka Anggiani Iman
hehehe... Teu langkung akang-akang. Nanging ieu mah aslina. Aya Sate Iting di sumedang. Hihihi... *KANG Tatang, dupi nu ngulumudna salak moal dibandingkeun sareng raray pangeusi Gedong Sate, nuhun ah!
Ida Nurulhuda
Antawis Gedong Saté sareng tukang saté kajojo,teu patos benten.Ipisna ngulumud salak..,asiik mumuluk ku fikmin rangu..,
Tatang Sumarsono
Ih, Bu Ida Nurulhuda, Gedong Saté nya Gedong Saté, tukang saté nya tukang saté. Aya nu uninga, naon bet dinamian Gedong Saté?
Jojo Johari
Ceuk pamanggih uing, eta mah asal tina kecap plesetan urang batawi, Kang. Kemana jadi kemane. Dimana jadi dimane. Tah, satu jadi sate, Kang! Kitu ceuk pamanggih uing mah.
Tatang Sumarsono
Aya deuih nu nyebutkeun, mun saté gedong mah bisi nguntungkeun teuing developer, Kang.
Jojo Johari
Gedong Satu jadi Gedong Sate. Apanan pantes. Tapi mun nu ngeusina si Suta jadi malik cua, Kang. Si Suta teh apanan tukang dugal, tukang merodan pamajikan batur, Kang!