Ku Sanjaya Dhipa
Ayeuna geus tara hayang udud deui, saprak nurut ka Néng Susi. Ceuk Néng Susi, lamun hayang eureun udud téh, kari selapkeun heula ududna kana kélék, tuluy ambeuan. Puguh baé nyegak pisan bauna. Matak, udud langsung dibalangkeun. Lamun hayang deui udud, kari selapkeun deui kana kélék, ambeuan wé, tuluy balangkeun.
“Kang, naha geuning ayeuna masih kénéh nyanyandak roko? Saurna tos lirén nyesep…” tanya Néng Susi.
“Sumuhun, tos lirén nyesep mah. Nanging ayeuna téh abdi kacanduan nyelapkeun roko kana kélék, sareng ngambung seungitna…”