Update: 29 Maret 2012 11:50:20

Pajaratan Cinta Xi

Ku Sanjaya Dhipa

Cinta nu geus dikurebkeun, teu weleh marakayangan, ngaririwaan, ngajungjurigan, ngariwanan. Arwah cinta panasaran.
"Hampura, Sus... hampura... sigana kudu digugu naon rupa kapanasaranna..."
"Nyanggakeun raga jiwa... cacapkeun rupaning rasa kapanasaran, sangkan tiasa sampurna," tembalna.
Rengse. Cacap. Paturay. Paanggang. Sakitu lilana. Pajaratan Cinta mulek haseup asmara, ngalimpudan gunung, ngalimpudan langit, ngalimpudan sagara, ngalimpudan rasa. Layon cinta nguniang. Marakayangan deui, ngariwanan deui, ngaririwaan deui....

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Yayan 'Bedog' Supriatna: Carpona sim uing maos da, hedod Ang
  2. Bening Selaksahati: ihhhhh muringkak bulu punduk
  3. Heni Sumarni: cintana marakayangan, ngajungjurigan, ngaririwaan, arwahna nguniang deui.....nguliat deui...ce-el-be-ka weh kitu lah
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Sanjaya Dhipa
  1. Basa Lalajo Bajidoran Namin
  2. Palakiah Eureun Ngaroko
  3. Pajaratan Cinta Xi
  4. Pajaratan Cinta
  5. Dua Minggu Saméméhna
  6. Gombal
  7. Péso
  8. Pajaratan Cinta