Update: 29 Maret 2012 11:50:20

Pajaratan Cinta

Ku Sanjaya Dhipa

Barang srog, kasampak manéhna geus leuwih tiheula anjog. Nangtung hareupeun pajaratan bari mangpengkeun paneuteup ka mana boa. Pajaratan cinta, tempat ngurebkeun rupaning rasa nu teu weléh amuk-amukan jeroning dada.
“Asa percumah mindeng nyekar téh,” pokna. Sahaté pisan geuning. Enyaan, asa taya hartina ngurebkeun cinta, tur mindeng nyekar ka pajaratanna. Da geuning rasa cinta angger marakayangan beurang peuting. Asmara teu weléh ngaririwaan jeung ngajungjurigan saban mangsa.
“Sigana kudu disampurnakeun, ngarah teu ngariwanan baé…” pokna deui.
“Enya, tapi kumaha carana? Kumaha carana nyampurnakeun cinta nu tos dikurebkeun?” nanya téh ka manéhna, tapi sakaligus ka diri sorangan. Asih pasini lugay dina kembang samoja, taneuh beureum papaés nu hamo sirna.***

Koméntar kana ieu Fikmin:
Teu aya komentar.
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Sanjaya Dhipa
  1. Basa Lalajo Bajidoran Namin
  2. Palakiah Eureun Ngaroko
  3. Pajaratan Cinta Xi
  4. Pajaratan Cinta
  5. Dua Minggu Saméméhna
  6. Gombal
  7. Péso
  8. Pajaratan Cinta