Ku Sanjaya Dhipa
19 taun katukang, mimiti kataji ku manéhna. Resep kana laguna, bogoh kana camperenikna. Basa manggung di Alun-alun Panjalu, nu lalajo pagelek-gelek hésé usik. Salaku budak, urang lembur, ukur bisa seseledek néangan tempat nu merenah keur lalajo kamonésan manéhna ngahaleuangkeun lagu-lagu pop Sunda. Lagu-lagu nu mindeng diputer di Radio Buana Jaya Ciawi. Enyaan, mani nyurup antara sora jeung rupa téh. Matak, isukna langsung nyuratan, hayang wawanohan.
19 taun lilila, surat henteu kungsi diwalonan. Tug nepi ka diparengkeun patepung minggu kamari. Wawanohan, tur henteu poho nanyakeun balesan surat. Duka… teu ngarti, bet ngajajap, nganjang ka imahna, disuguhan. Leuwih teu ngarti, isukna ngahajakeun nganjang deui. Pagétona ngajak adu nyali flying fox. Kigétona ngajak itu, ngajak ieu.
“Kumaha, Kang? Serius akang téh?” gebeg. Pananya éta anu dipikainggis téh. Mukenana masih can dibuka ti saréngséna ngamamum ka kuring. Teup, neuteup sapasang socana. Baheula kataji ku sorana jeung bogoh kana rupana. Ayeuna, kakara babarengan saminggu, bet ngarasa tingtrim mun neuteup socana, bet ngarasa betah nyanghareupan sikepna. Tina sorana, kana rupana, terus kana jiwana. Asmara nyaliara minuhan dada. Biduan nu ti baheula dipidangdam, ayeuna keur nganti putusan. Umurna leuwih kolot tilu taun. Tapi lain éta pasualanna. Paduli teuing najan umur béda 20 taun ogé ari bogoh mah. Duh… naha leuir pisan atuh patepung téh? Teuing kudu kumaha nyaritana, yén dua minggu deui kuring geus paheut rék kawin. Malah ondangan geus disalabarkeun.***
----------------------------------------------------------------keur RP di Pangumbaraan