Update: 21 Januari 2013 09:10:23

Rajapati

Ku Godi Suwarna

Aya hiji wayang golék guligah luhureun bupét. Gatotkaca katelahna. Saban wanci mencrong kana gambar leuweung nu dipajang dina dingding. “Aing teu hayang jadi wayang,”cénah bari ngalimba. “Darma wawayangan baé! Raga taya pangawasa! Wayahna, ‘Jang!” cék wayang kulit Bima nu dipaku kana témbok. Televisi keur nayangkeun rajapati, ngawartakeun aya hiji Dalang moyan dijagal duka ku saha. “Aing hayang jadi tangkal,” Wayang Golék ngagerendeng bari anteng nenget-nenget gambar leuweung. Wayang Kulit ngahuhuleng. Rus-ras. Ras ka tegalan upluk-aplak. Ras kana jukut-jukutna nu ngemploh. Ras ka dirina harita. Wayang Kulit rumahuh. “Aing hayang jadi leuweung!” Wayang Golék ngagerem, aya getih nu geus garing na sampingna. Kapireng sora nu kapapaténan keur nginghak di jero kamar. Patung Buda dina méja ukur imut bari peureum.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Nyai Endit: Kang Godi, pami Nyai mah waktos maos ieu nembe, bet aya nu ngagerentes kieu, " Enya, jalma mah taya cukupna, ngan kurang jeung kurang".
  2. Asep Ruhimat: boa-boa dalang teh dirogahala ku wayang...
  3. Dede Zm: ah, kang perbu... terlalu sae fikminna...
  4. Rak Buku Soni: mistis religius Ang Prebu Godi Suwarna
  5. Habis Gelap Terbitlah Terang: hoyong nu model kieu. tiasa ka ala
  6. Godi Suwarna: Nyai Endit:"Sumangga, nyanggakeun kana implengan Nyai bae. Teu langkung, bade dibeureum, dihideung. Hehe..."
  7. Godi Suwarna: Asep Ruhimat:"Boa-boa, Mang Asep... heuheu.."
  8. Rudi Riadi: Haduh....uleng mikiran...euh, manahoreng, DALANG nu sabenerna mah ngan HIJI. Dalang-dalang sejenna mah teu walakaya, aya nu dipaku, aya nu ukur imut bari peureum. (punten Kang, bilih lepat analisa sim uing).
  9. Cicara Cac: usik malikna wayang teh ku dalang..
  10. Sarabunis Mubarok: "Satujuuuu...!" ceuk gebog cau nu pinuh tatu balas ditincakan ku para wayang...
  11. Yadi Fathur Berkata: Mundel makna jero simbol. lir ibarat surat cinta, teu bosen sakali maca
  12. Godi Suwarna: Dede Zm:"Kitu, nyah..? Heuheuy...! Nuhun atuh, 'Jang De..! Tapi, yakin, sadayana ge tangtos bakal dugi kana karya nu dipimaksad, asal keyeng, bari teu gaduh niat nanaon deui iwal ti ngamajengkeun fikmin Sunda..!"
  13. Arom Hidayat: Waduh! Ajaib Kang Godi, saaleutan jempol kanggo "Rajapati"
  14. Ahmad Yani: Uing dugi ka tipepereket , sagala tos dipencet , kesang mah ngoprot ti sarupaning liang , keukeuh hayang bisa neuleuman ieu Fixmin , aeh-aeh ngan bisa kokoleaban di eunteung cai , can bisa teuleum kana dasarna , bari suku geus hantem tetenjrag , komo leungeun mah geus cing kulapes balas ku roroesan . ( Naon maksudna si " Wayang Golek ..asa ku sarakah ? asalna hayang jadi tangkal , bet langsung ganti kahayang jadi leuweung ?? , manehna teh di jieun tina kai , kai asalna tina tangkal , ari tangkal ? ayana di leuweung ?? , alus atawa minculak tah kahayang teh ? punten palebah dieu abdi keukeuh lebeng , jeung saha atuh nu nginghak teh ? wayang golek atawa wayang kulit , ( Atawa boa kuring , nu can mampu ,nepi kana dasar samudra harti ) Kakang Prabu ..... aslina , tulungan panggorehkeun sakedik Nun !!!
  15. Yayan 'Bedog' Supriatna: Nyai Endit, kudu digulanggapér fikmin ieu mah maosna, da uing mah bet kakalayangan kamamana maca ieu téh
  16. Godi Suwarna: Rudi Riadi:"Hahaha...! Hayoooh, mikiiir, 'Jaang...! Numawi, cek sakaol, sanaos fikmin teh mung ukur cai sakeclak, tapi cenah eusina mahtiasa salega balong, talaga, malah sagara. Cenaaaah..."
  17. Godi Suwarna: Cicara Cac:"Yaktos. Kitu ge tiasa. Eta pamendak nu tos maneuh pisan dina manah balarea..."
  18. Kez Sukezz: Kang Godi..mantap, enyaan we sesah ngimplengna ge kedah dibarung ngelmu milsafat..he
  19. Endang Kasupardi Ti Cisurupan: jigan pihak kahutanan bakal langsung ngadambel program reboisasi pami tos ngaos ieu fikmin. bakal eraeun pami ngartoseun mah....hehehe
  20. Godi Suwarna: Sarabunis Mubarok:"Nu saguru nu saelmu ulah ganggu..! Nyanggakeun ka nu weruh di semuna. Cengek sasiki mugia sing janten lada sawewengi... hehe..."
  21. Ahmad Fawzy Imron: Meni tragis.. Duh, mangkaning rumaos sok ngunghak kana Piwarangan..
  22. Godi Suwarna: Yadi Fathur Berkata:"Kalimah sareng ungkarana mah basajan pisan, Mang Yadi..! Ngahaja. supados gampil nuturkeunana. Sanaos tungtungna teras ngahuleng oge. Wayahna eta mah. Hehe.."
  23. Nanang Sahbana Afnani: Aheng..silokana kakonci dina euweuhna tapi karasa ayana..pantesan pun biang mikaresep pisan kana tulisan pangersa..
  24. Kang Warsa: Romantisme... heuheu
  25. Endah Dinda Jenura: jrek nong! duuuuuhh.... abi ge wayang wong hoyong janten cahaya, Kakaaaaangg...
  26. Godi Suwarna: Arom Hidayat:"Eta jempol mani ngaleut kitu. Katampi, 'Jang Arom. Ke cuang bagikeun ka nu sanes. Ayeuna mah bagean Amang medar karya sorangan. Ti subuh keneh ngintip, ngometaran nu sanes...!"
  27. Nana Sukmana: Seep ku wangunan nu ngalanglaur leuweung teh ayeuna mah, Kang Perbu. Kakayon seep ditaluaran, leuweung dibukbak, urak-arik, cai tigerat. Wireh dimimitian ku Bima kitu? Antareja ge kuat peperengkelan teu kaagehan cai di jero taneuh.
  28. Godi Suwarna: Ahmad Yani:" Hahaha...! Moal, Jang Ahmad..! Moal bade sungkab-singkab najan sakedik. Teu wasa bade sungkab-singkab teh, bilih sapertos penari telanjang, isin, leuheung upami seksi. Mangga we eta mah emutan ku Jang Ahmad..! Tapsiran Jang Ahmad kitu ge tiasa wae. Mangga. Sanaos can tangtos kitu. Hehe..."
  29. Sonny Bastoni: Lain nya ari dalangna fikmin nu kaluar mah panayagan jeung wayang mani rame komentarna, bubuhan nu ngageugeuhna.
  30. Rak Buku Soni: Kade ah hilap nyerat puisi oge nyerat cerpen nu panjang. Fikmin na sip. Mohon doa ya, besok saya pergi ke Surabaya. Salam kanggo welas, seur anu naroskeun alamat ka di dieu
  31. Godi Suwarna: Rak Buku Soni:"Ke, penting ieu mah dipayunkeun, yeuh..! Bade ka Surabaya tea, nya..? Sip atuh..! Wilujeng ber-MPU ria. Tapi da angger MPU di Bandung nu sukses mah. Ke, dupi nu naroskeun alamat teh bade miwarang ngengklak ka pun anak..? Luamayan berekatna we..! Hehe..! Nuhun, ah..
  32. Bunda Langit: Kang Prabu,, Sempalan Tina perang Bubat Sanes,, ?? euh Meni Eungap neuleumana,, < Kokosehan Dina sumur >
  33. Hadi Aks: Dahsyat Ang! Plot srg suasana asik! Langkung panuju pm teu dg ka labuh pati! (Ceuk nu maca)...hehehe...
  34. De Hudaya: Patung Buda teh amis budi geuning, kang Godi Suwarna. Naha wayang teu hoyong janten patung Buda?
  35. Godi Suwarna: Yayan 'Bedog' Supriatna:"Euleuh, etah dugi ka kakalayngan kitu..? Siiip dekh...! "Mabuuuk lagiiii, ah... Mabuuk lagi.." saur biduan dangdut. Tah, mabuk mah teu kedah ku arak bae. Jang Yayan tos tiasa kakalanyangan saparantos ngaos fiksi. Hebat...! Wilujeng kakalayangan, kade ulah mailngan nu amis-amis, ah..."
  36. Sarabunis Mubarok: Teu pisan2 maksad ngaganggu, Nun...
  37. Dadan Sutisna: Najan nepi ka disandra ku pamiarsa, nu ngarangna mah moal betus nepikeun maksud karanganana. Jadi, wayahna urang kudu malikir. Trik ti simuing, meleng ieu karangan mah teu kenging bari mencrong monitor. Hese katimuna. Kedah bari peureum teras disawang ku panon batin. *bari hulang-huleng keneh mikiran maksud anu pas*
  38. Godi Suwarna: Kez Sukezz:"Leres, Neng...! Kedah ngalengkepan diri ku rupi-rupi pakarang kangge ngagelutan fikmin teh. Upami teu kitu, bakal lapur, ngejat deui ngejat deui. Moal tiasa ditangkeup, dikeukeupan, disun di pajuaran dina raraga moro Yahudi... hehe..!"
  39. Lalat Socrates: upami teu lepat rasa, asa maos sajak-sajak ang Godi Suwarna; gayana "tuturna" mirip pisan... (punten kumawantun ngiritik...)
  40. Godi Suwarna: Endang Kasupardi Ti Cisurupan:"Cobi atuh laporkeun ku Mang Endang ka....ka saha, nya...? Leuweung tos rareksak kitu..."
  41. Godi Suwarna: Ahmad Fawzy Imron:"Darma wawaynagn bae, Yi Uzy...! Tapi da Matenna mah lautan hampura, sanes...? Tangtos ngama'lum ka urang salaku para fikminer..."
  42. Taufik Rahayu: fikmin oge geuning aya nu abot kieu... heh aya wayang golek gatotkaca, aya kahayang, aya wayang kulit bima, aya dalang nu paeh, aya kahaynag, aya getih, aya patung buda, aya rajapati.
  43. Godi Suwarna: Nanang Sahbana Afnani:"Tuang Ibu...? Euleuh...! Teureuh atuh pami kitu mah. Tuang Ibu resep maca, Mang Nanang resep ngarang. Teng mauk teng. Tagtos di bumi seueur buku-buku sastra. Bagja pisan, Mang..! Nya kitu, di rorompok ge pun bapa sareng pun biang teh raresep maca. Janten, ti bubudak tos biasa macaan buku sastra nu karandel. Rada sesah nerapeun kitu teh ka barudak jama ayeuna mah...!"
  44. Muhammad Shohiba Nu'man: Hmmh.. Eungap pisan ngaosna.. Hatur nuhun Kang Perbu Godi.. Janten nambihan yeuh pangajaran teh.. *) Aeh, muhun. Grafis TITISTULIS parantos rengse. Tiasa diuninga. Hapunten bilih teu kaanggo.. ma'lum nuju diajar.
  45. Godi Suwarna: Kang Warsa:Romantisme +Dadasime+Deridaan weh sakedik. Jantenna post-mo. Sugaaaan..."
  46. Godi Suwarna: Endah Dinda Jenura:"Ieu teh bakat ku alim kacandak ku 'ulin' Dalem Cikundul. Cilaka uing mun kacandak jurus anjeunna mah. Pasti tigurawil..! Nya kieu we, ah, kana jurus nu tos puluhan taun diasah..."
  47. Godi Suwarna: Nana Sukmana:"Nya kitu, Mang 'Na..! Di lembur urang ge tos seueur hulucai nu gararing. Kumaha atuh ieu teh..?"
  48. Godi Suwarna: Sonny Bastoni:"Duka atuh..! Padahal ku sim uing ge tos digebahan. Tapi angger we ngarempel deui komentar-komentar teh..."
  49. Godi Suwarna: Bunda Langit:"Ieu mah wayang, Bu Neng..! Wayang fikmin.. heuheu.."
  50. Deden Abdul Aziz: kaluar uy jurus si Kakang Godi nu ieu... sigana karek diasah deui peso pangot heubeul jadi seukeut ngagurilap dugika Yayi serab. Boboleh ah, rek dilawanan engke we, ayeuna mah Yayi rek guguru heula ka Paguron "Murang-Marin"g sareng Patapan "Serat Sarwasatwa"... heuheu
  51. Godi Suwarna: Hadi Aks:"Nya kitu. Ngahaja ngangge jurus kieu nu tos puluhan taun kacepeng. Plot, sareng tokoh-tokoh nu tos ngakar dina hate balarea. Eta da jurus cepengan urang nu meh teu aya dina ulin Aom Deden Abdul Aziz. Anjeunna mah teu patos merhatoskeun plot sareng penokohan, kajaba dina novel PANGANTEN-na nu rada kiat tokohna teh, ari plotna mah eta ge kitu we, luak-leok siga nu kacandak angin. Heuheu...! Ke, labuh pati..? Ari kitu saha nu labuh patina..? Haha.."
  52. Godi Suwarna: De Hudaya:"Amis budi anjeunna mah. Jang..! Jaba surti. Ningal aya revolusi di bumi Ki Dalang ge ukur imut sareng imut we anjeunna mah, bari peureum deuih. Nikmat pisan. Wayang ge sigana palayeun janten patung Buda. Tapi da kumaha atuh.,,,"
  53. Godi Suwarna: Sarabunis Mubarok:"Eta tuda ku Jang Bun-Bun mah sagilek ge langsung kabaca sadayana. Bujeng-bujeng gebog, uing ge nyeri, "Jang..!"
  54. Godi Suwarna: Dadan Sutisna:"Kajeun betus tina bujur batan kedah betus tina sungut mah, Jang Dan..! Heuheu..! Keun we, ah, sina rame ku tapsir...! Pamendak pamiarsa sah sadayana oge. Nu puguh mah ieu fikmin tos meh saminggu dipeuyeumna ku sim uing. Diasah teras bari ngabandungan karya-karya nu sanes, kalebet nu Jang Dadan. Ngaranjug oge ku perkara cai tea. Heded, cekeng..!"
  55. Sonny Bastoni: Nya kudu narima kana nasib atuh, ari geus jadi dalang moyanmah ti siklukna ti saklukna pasti daratang,hayang lalajo ,hayang nyaho dalang cumarita.
  56. Godi Suwarna: Lalat Socrates:"Yaktos, Amang! Kumaha atuh da tos ngabaju. Mung, kangge fikmin mah ungkarana ngahaja dibasajankeun, teu dililiket sapertos dina sajak. Diwuwuhan ku plot sareng tokoh nu arang kagarap dina sajak..."
  57. Kopral Cepot: ieu mah kedah di print heula ... saur Kang Dadan teu tiasa di aos payuneun monitor ... bakal olok udud ... Ang Godi .. ijin copas nya, bade di print.
  58. Sarabunis Mubarok: Teu pisan-pisan kumawantun ngalalangkungan, Nun. Sim uing mah mung sakadar ngebrehkeun totonden ti pulu punduk satutas maca fikmin Kang Prebu.
  59. Sarabunis Mubarok: Kang Kopral Cepot : Teu kenging bari udud maos fikmin ieu mah...
  60. Godi Suwarna: Taufik Rahayu:"Hahaha...! Tos kacepeng koncina, euy..! Pinteeeer...! Tapi ulah geruh, nya...?"
  61. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:" Sip, 'Jang..! Keyeng kana diajar, yeuh..! Kantenan ayeuna mah tos ngawitan seueur jawara kahot nu tarurun gunung. Tos puluhan taun aranjeunna ngarang. Proses nu lami bari tarahal. Jang MS mah kantun nengetan jurus-jurusna. Der, ah..!"
  62. Rangga Kararangge: ayeuna mah tuda patung buda teh tos dugi ka suklak-siklukna ... ngarogahala sagala nu nyampak.. hehehe..
  63. Nazarudin Azhar: Kacow gara-gara ngagambaran waé fikmin, maca ieu nu dipikiran pangheulana téh, kumaha gambarna, haha... Édun fikminna!
  64. Kopral Cepot: Sabadana nutup monitor ngimpleng2 ieu fikmin.. nu kaemut kahiji masih seputar fikmin. Aya teori nu ka aos di fikmin enonesia rehna fikmin teh kedah ngandung "daya ledakan" nu teu kaduga kunu maca. Abdi nyebat sederhanana "orgasme"... tah ngaos ieu fikmin sareng seratan nu Ang Godi di jempolan tujuh diantawisna karya Ang Ahda Imran "Sangkuriang..."aya sensasi "multi orgasme" nu bitu na berkali-kali ti awal dugi ka akhir... tangtosna ngadamel fikmin nu "multi orgasme" padamelan nu luar biasa, margi dina carita anu pondok .. nyugakna bleess... blesss... blesss ..ngaca kana fikmin diajarna pribados paling tiasa sakali bitu atanapi sakali "orgasme" malihmah masih keneh "ereksi dini" padahal fikmin sunda seu'eur peluang kanggo "multi" tibatan fikmin enonesia, sabab basa sunda beunghar kata beunghar siloka beunghar carita *sementawis perkawis eusina masih ngimplengan keneh* ... punten akh.. wurukan deui
  65. Bunda Langit: Ah,,Rame nonton Fikminteh,, komo pmi Nonton wayang kulit perang Sareng wayang Golekmh,, urang Jowo VS Urang Sunda,,hhihi punten ah tos kumawantun nonton,,
  66. Godi Suwarna: Deden Abdul Aziz:"Nya kitu tea, 'Aom..! Bakat ku sieun kabawakeun ku 'ulin' Aom nan penuh daya pikat galindeng tembang Cianjur tapi mematikan ituh. Da ulin kieu mah tos kacekel ku uing ti taun juh puluhan keneh, ti jaman carpon UWAK-AWIK tea. Dina fikmin ieu, ngahaja ungkarana dibasajankeun pisan, supaya katuturkeun ku nu maca. Tapi eusina rada dipuntirkeun, dilapis-lapis, teu saheulay teuing. Tetela seueur nu kapitapak; kakonci bari semu nu baringung. Heuheu.. Keun we, etang-etang ngaremutan 'koan', sabangsaning tarucing zen anu mun kateguh matak mencerahkan tea...."
  67. Rudi Riadi: Cobian Kang gaya KEMBANG PURINGKAK, hehehe pasti aya nu ngajerete...
  68. Godi Suwarna: Sonny Bastoni:"Saleresna mah teu pisan-pisan sim uing janten dalang. Mung rumaos we ari sok cerewed ngomentaran fikmin nu sim uing resep, atanapi fikmin ti nu anom nu berbakat. Sok sagala diketrukkeun. Manawi aya pulunganeunana. Kitu manawi..."
  69. Godi Suwarna: Sarabunis Mubarok:"Haha..! Bulu punduk memang jurus ampuh kangge ngalenyepan karya. Karaos heabna wakos hasilna dikedalkeun dina; gebog nu nyareri da ditamceban wae ku wayang. Tapi, tetela teu gampil hoyong nyangking jurus Bulu Punduk teh' Lami bari kedah sagala dibaca sapertos Jang Bun..."
  70. Godi Suwarna: Rangga Kararangge:"Kitu...? Mugia we ulah kateterasn da saleresna mah bageur pisan anjeunna teh..."
  71. Godi Suwarna: Nazarudin Azhar:"Hahaha...! Tos kabayang bakal kitu sananos teu tepang oge. Pasti nuju sumanget pisan kana ngagrafis. Sae etah. Hartosna, fikmin Sunda teh tos sarae numawi ngarangsang tukang grafis oge...!"
  72. Godi Suwarna: Kopral Cepot:"Tah, tah, tah, geuning aya mangfaatna fikmin sim uing teh. Ngajak Mang Kopral teras meuseuh diri, ngasah manah upami kitu mah. Fikmin-na mah janten teu penting. Nu pangpentingna mah naon anu ayeuna ngagalura dina manah Mang Kopral saparantos maca fikmin nu sim uing..! Wilujeng..."
  73. Godi Suwarna: :"REVISI: Aya getih ngagenclang dina sampingna, digentos ku : 'Aya getih ngan saulas nu geus garing na sampingna'.
  74. Rudi Riadi: Teu tiasa digentos langsung dina fikminna Kang? margi tos disair ku Daluang mah angger bae...
  75. Godi Suwarna: Rudi Riadi:"Sigana teu tiasa dina fikmin nu tos diposting siga kieu mah. Tapi duka ketang. Teu apal carana. Uing tea gaptek, Jang Guru...! Paling ke we upami bade aya nu ngarang grafisna...."
  76. Yusran Arifin: Karunya Gatotkaca Kang Perb Godi Suwarna. Sakitu katelah gagah perkasa, mani jadi pesimis kitu. Nyanghareupan hirup. Komo Sim Uing anu leutik. sami, sok kadang aral asa hoyong uih deui ka jero beuteng. ( jadi tankal) Asalna Golek.
  77. Rudi Riadi: Rupina mah leres moal tiasa Kang, hanjakal teu "Tip-Ex" dina FB teh
  78. Godi Suwarna: Yusran Arifin:"Nyobian wangsul deui kana jurus cecepengan; ngulinkeun wayang. Tos lami teu kasampeur. Ayeuna aya kasempetan dina fikmin. Asa bakal seueur pi-fikmin-eun dina carios wayang mah, Yi Haj...! Atanapi tina dongeng rayat, legenda, mitos, supados akarna weweg..."
  79. Godi Suwarna: Rudi Riadi:"Uhun, teu tiasa direvisi. Padahal sok seueur nu kedah direvisi teh dina status oge. Kantenan dina fikmin nu mangrupi karya sastra. Pan sok aya we nu kedah diasah deui teh..."
  80. Yusran Arifin: Mulih deui ka Panawangan. Ka mang Dedi, Kang Perb Godi Suwarna teh..
  81. Godi Suwarna: Yusran Arifin:"Uhun, Yi Haj...! Pan cek sim uing ge mikmin teh asa ngarang jaman baheula nuju cacarakan keneh. Asa benteng deui pisan nu kawit tos bade ngulapes teh. Mulangkeun panineungan, kalebet jurus-jurusna oge, dicobi diasah deui..."
  82. Yusran Arifin: Muhun.. Sigana kawitna anu ararheng ( Prosa) Kang Peb Godi Suwarna mah tina wayang. Waktos wayang barararontak ka Dalang. Buhan ti alit daleut. Di asuh ku wayang..
  83. Gus Maman: Ahéng. Multi tapsir. Tiasa oge hiji siloka wanci ayeuna: Seueur jeléma anu maehan Gustina. Hmmmmm... ceuk Bima bari ngagerem.
  84. Godi Suwarna: Yusran Arifin:"Kitu sigana, Yi Haj..! Rumaos ti bubudak sim uing mah sok teu parok jeung batur. Mahiwal. Dugi ka sering disapu nyere ku pun bapa nu sakitu galakna ma'lum didikan Jepang. Heuheu..."
  85. Godi Suwarna: Gus Manz:"Hehe..! Kitu..? Sip dekh..! Nuhun, ah..."
  86. Aditia Gunawan: Dibaca dibulak balik, teu weleh gantung tempoeun. Ningal revisi 'Aya getih ngan saulas nu geus garing na sampingna' matak ngaboa-boa, tapi jadina teh kalah boa deui boa deui, Kakang Prebu...
  87. Godi Suwarna: Aditia Gunawan:"Sssssst...! Ulah geruh, 'Jang...! Husus kangge nu saguru nu saelmu bae... heuheu...!"
  88. Godi Suwarna: Aditia Gunawan:"Kalan-kalan ngaos fikmin teh kedah sapertos Sherlock Holmes.. hehe..."
  89. Aditia Gunawan: Godi Suwarna: Nganggo kaca pembesar, sareng nu penting, bari nyurutu..hehe.
  90. Godi Suwarna: Aditia Gunawan:"Taaah, eta...! Mikmin teu bari nyurutu mah kirang legeg.. hehe.."
  91. Aditia Gunawan: Fikmin Kang Prebu nu ieu favorit, legitna sapertos kueh lapis, lapisna sapertos langit.
  92. Lalat Socrates: kuring mah lebeng, pokek. kabeh pangaweruh geus diketrukkeun.... taya nu nyukupan. taluk..... kudu guguru heula ka sherlock holmes!!
  93. Godi Suwarna: Lalat Socrates:"Hahaha...! Padahal tiasa didamel bahan diskusi di jurusan pilsapat UIN, Amang.. hehe..."
  94. Lalat Socrates: Godi Suwarna : hahaha muhun ang.... ku teologi cecekelan kuring mah teu nyukupan, kedah tataros ka mBah anom Bambang Q Anees ahli hermeneutika & Filsafat Bahasa sigana mah..... Da langsung naros ka ang Godi mah teu maci nya? hahahaha
  95. Godi Suwarna: Lalat Socrates:"Taaah, rupina ku Kyai Bambang Q-anees mah sagoreheuleun, Amang..."
  96. Lalat Socrates: Godi Suwarna : hehehe da mun kuring dosen sastra sunda mah, rek ngajurung mahasiswa sim kuring pikeun naliti bahan skripsi ngeunaan kamekaran, karakter tur kacenderungan FIKMIN Sunda ieu ang.... minimal keur tugas makalah kuliah bahan diskusi....
  97. Godi Suwarna: Lalat Socrates:"Uhun, Mang..! Nembe sasasih langkung teh karaos tos nerengteng pisan. Kanten ayeuna aya fikmin grafis sagala. Resep lah...! Urang ge apan janten teu tibra sare da teras kagareuwahan ku Neneng Fikmin..."
  98. Onnok Rahma: patung budha mah da purah imut bae, repeh...rerencepan
  99. Gus Maman: Neng Fikmin mah matak muridink muringkak ka bulu anjut.
  100. Reni Asmara Budi: abong pakar wayang Akang mah...meni parigel ngigelkeunana..sae ah...:-)
  101. Godi Suwarna: Onnok Rahma:"Muhun, anjeunna mah teu weleh surti, Neneng..!"
  102. Godi Suwarna: Gus Manz:"Sanes bulu anyut wungkul. Sadaya bulu we, 'Jeng Gus..!"
  103. Godi Suwarna: Reni Asmara Budi:"Diibingkeun ku ungkara we, neng..! Piwarang ngibingkeun enyaan mah tangtos dibuburak ku nu nongton..!"
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Godi Suwarna
  1. Tukang Parahu Xxi
  2. Si Éyank & Si Ayank
  3. Tukang Parahu Xx
  4. Serat Kasmaran
  5. “tom & Jerry”
  6. Tukang Parahu Xix
  7. Ucing Garong
  8. Eureup-eureup
  9. Kalangkang Peuting
  10. The Battle For Freedom
  11. Adam & BÉker
  12. DongÉng Rayagung
  13. Luwang-liwung
  14. Malem Minggu
  15. Tukang Parahu Xviii
  16. “tokééé..! Tokééé..! Tokééé..!”
  17. DÉsa Wisata
  18. Ringkang Sang Dangiang 2
  19. Tukang Parahu Xvii
  20. Tukang Parahu Xvi
  21. Halo-halo Bandung
  22. “open House”
  23. Tukang Parahu Xv
  24. Sanghiang Bedug
  25. Kembang Buruan
  26. Nu Tajil PoÉ Katujuh
  27. Kembang Api
  28. Tukang Parahu Xii
  29. Malem Minggu
  30. Tukang Parahu Xi
  31. Tukang Parahu X
  32. Tukang Parahu Ix
  33. Tukang Parahu Viii
  34. Tukang Parahu Vii
  35. Tukang Parahu Vi
  36. Tukang Parahu V
  37. Tukang Parahu Iv
  38. Tukang Parahu Iii
  39. Tukang Parahu Ii
  40. Tukang Parahu I
  41. Urang Sunda Nu Pamungkas
  42. “fatal Attraction”
  43. Lain Lalakon Petingan
  44. Nu Barusuh Manah
  45. Shohiba AnÉmer Fikmin
  46. Rampak Lodong
  47. Tembang Pamungkas
  48. Ringkang Sang Dangiang
  49. “The Skeletons Bar”
  50. Durma Mahayuda
  51. Lutung Gandrung
  52. Lalakon Awon
  53. Ashabul Kahfi
  54. I Miss You..!
  55. Jang AsÉp & Gatotkaca
  56. Gunjang-ganjing
  57. Parahu Nabi Enuh
  58. Pandawa Dadu
  59. Rotasi Sakeclak Cai
  60. Gambar Parahu Dina Kikisik
  61. Sabda Sang Utusan
  62. Ronggéng Gunung
  63. Dongéng Ti Nagri Kedok
  64. Lalakon Kadalon-dalon
  65. Murang-maring
  66. Jalan-jalan
  67. Kunyuk Gandrung
  68. Monalisa
  69. Rajah Pangemat
  70. Révolusi
  71. Berlin, Dina Hiji Peuting
  72. Serat Kasmaran
  73. Nagri Balai
  74. Die Berlinerin
  75. Sabot Ngalenyap
  76. Fikmin, Oh, Fikmin
  77. Kurusétra
  78. Pangarang
  79. Rajapati
  80. Ringkang
  81. Kamar Pangantén
  82. Roméo, Oh, Roméo…!
  83. Kembang Buruan
  84. Déwi
  85. Hulu Peda
  86. Jihad
  87. Titistulis
  88. DÉWI
  89. DI STASION
  90. PIWURUK
  91. TENGAH PEUTING
  92. PRESIDEN
  93. KABOGOH
  94. DAYEUH
  95. DEWI