Ku Godi Suwarna
Leumpangna ngeteyep. Palahak-polohok. Dayeuh geus robah pisan. Padahal karék bulan kamari ka dieu téh. Wangunan alagréng. Kantor. Toko. Warna-warni. Jalmana pagancang-gancang. Tingsuruntul. Jeduk. Aya nu nubruk. Jedak. Aya nu nabrak. Priiiit! “Leumpang laun teuing! Ngagokan batur! Tilang!” cék Pulisi gendut. Manéhna ditalék. KTP dirampas. Réngsé urusan, manéhna teu éléh géléng. Nyebrut. Susuruduk leuwih gancang ti nu séjén. Priiit! “Ngebut siah! Kurangajar!” cék Pulisi galak. Manéhna dicangkalak. Tuluy dibérok di rohang barau hapeuk. Rarat-rérét. Anéh. Horéng aya di lemburna. Indungna, bapana, adina, keur ngariung di saung. Tingjarentul. Disidik-sidik. Geuning bet jaradi patung taneuh! Culang-cileung di rohang nu beuki caang. Bruh-bréh. Saung, sawah, gunung, langit, panonpoé, kasawang sarwa saules jadi pulas taneuh porang. “Gustiii, ari ayeuna jaman iraha?” cék manéhna nu leyur jadi cimata.