Update: 21 Januari 2013 09:10:23

Déwi

Ku Godi Suwarna

.

Di mana, nya? Pan geus jangji rék tepung di dieu. Luak-lieuk. Horéng dayeuh geus robah pisan. Wangunan pajangkung-jangkung. Patalimarga. Jelema pasedek-sedek. Baliho rupaning iklan tingbelegedeg. Iklan pakéan. Iklan kosmétik. Iklan cét buuk. Dayeuh lir nu dikepung iklan. Bréh. Déwi. Déwi ku matak pangling. Tapi moal kapalingan. Déwi keur meuntas. "Wiii...!" manéhna nyalukan Déwi. "Eloh siapa...?" ceuk Déwi sanggeus pahareup-hareup. "Déwi, Aa tos lami ngantosan..!" manéhna ngarangkul Déwi. Nu dirangkul ngajéréwét. Ngejat. "Héy, héy kurang ajar lu, yé..!" sora mojang nu nyarékan tinggantawang ti tukangeun. Manéhna ngagentak malik. Gebeg. Mojang-mojang bet sarimbag pisan jeung Déwi. Culang-cileung. Gustii! Déwi. Dewi sakuriling bungking…!

(Revisian)

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Iwan Hanjuang: kenapa berani ngarangkul gw,kan sudah dipapadonan gw dewi bukan yang baheula lagi..jangan nurustunjung yah sama gw..
  2. Dudi Herlianto: mang godi, kuring ge remen ngabayangkeun dunya teh eusina awewe mungkul, sararimbag. jeung sanggeus elmuning kloning sampurna mah rarasaan bayangan eta teh bisa jadi nyata. malah dina bayangan kuring mah, lalaki ge engke mah teu jauh beda jeung dildo nu dipajang dina etalase sex toy shop.... doangna, engke oge bakal aya nu haat nyieun film 'artificial sex' cara speilberg nyieun artificial intellegence. tokohna lalaki nu jadi alat bantu seks tea... haha
  3. Deden Abdul Aziz: Ceuk Berto: "Semua perempuan adalah Dewi!" Ceuk Wan Anwar: "Cenah kamari mah Lilis..."
  4. Godi Suwarna: Iwan Hanjuang:"Hey, lu pade orang betawi, ye...?"
  5. Godi Suwarna: Dudi Herlianto:"Beuki lami teh asa beuki seueur nu sarimbag. Tambih seueur mojang-mojang semester 3 nu imbit sareng pinareupna parantos semester 7. Eta tuda mani sacitakan pisan. dicitakan ti pabrikna. Ka nyarios-nyariosna nu sami teh. Di lembur sim uing ge ayeuna mah tos ngarangge bahasa ghaol, gheto loch. Sakapeung mah sareng unggal ABG teh sok asa tepang sareng pun anak we. Sok sono. Sok hoyong ngalahun, Heuheu..."
  6. Yadi Fathur Berkata: Asa ngimpi Ang...
  7. Godi Suwarna: Deden Abdul Aziz:"Hahaha...! Den Berto tea tukang ngimpen sajati. Tapi eta waktos anjeunna bogoh Ka Neng Desi Ratnasari, bentang sinetron harita, bakat ku keyeng ngimpen tea, tungtungna teu burung tiasa tepung di bumina, ngajak sarapan sagala. Asal keyeng tangtu pareng, cenah. Hebat Den Berto teh lebah dinya mah. Uing onaman nu hayang wawuh ka Dewi Persik, tepi ka ayeuna karek bisa nyieun Fikmin-na we.. "
  8. Godi Suwarna: Yadi Fathur Berkata:"Yaktos, Mang Yad..! Tina impenan mah sok seueur ide kangge fikmin. nu pikasieuneun, pikaresepeun. Kalan-kalan plotna teh jelas pisan. Upami lilir kedah enggal dicatet. Dienjingkeun mah sok hilap deui..."
  9. Dudi Herlianto: hehe... kuring mah ngalebarkeun teh eta palebah hilap ka si manehna we. da ari robahna semester mah jigana hese dihulag. sareng upama lahunan Godi Suwarna pinuh mah, enggalan wartosan kuring nya :p
  10. Atun 'turuntun' Marios: dewi berubah wujud hahah
  11. Godi Suwarna: Dudi Herlianto:"Beres, Mang Dud..! Ke dikintun Neng Fikmin, langsung ka pajuaran.. heuheu..."
  12. Godi Suwarna: Atun 'turuntun' Marios:"... cintamu berubah wujud... hubhaaa...!"
  13. Atun 'turuntun' Marios: pararam . . . . jdi bu dosen hahah
  14. Godi Suwarna: Atun 'turuntun' Marios:"... cemburu sama bu dosen... oo yee...!"
  15. Atun 'turuntun' Marios: paararaaaaammm jadi ibu staf rektor UPI
  16. Rak Buku Soni: Ieu teh dewi anu mana tea? Dewi anu sok maen gapleh atanapi penari? Ah, aya kuseueur Dewi dina fikmin Kang Prebu Godi Suwarna
  17. Godi Suwarna: Atun 'turuntun' Marios:"Cemburuuuuuu...! Aku cembuuuruuuu...!"
  18. Godi Suwarna: Rak Buku Soni : Dewi Persik, Yi Haji....! Peureum kadeuleu, beunta karasa... heuheuy..."
  19. Ahda Imran: Dewi Suwarni....
  20. Rak Buku Soni: Hahahaha abdi mah Ayu Ting Ting margi teu dicekal
  21. Godi Suwarna: Ahda Imran:" Eta mah ngaran uing bareto, mun keur mangkal di taman maluku..."
  22. Etti Rs: ka cai jadi sadewi ka darat jadi sadewa
  23. Ahda Imran: ka pasar jadi sagoni, ka ranjang jadi sagodi..
  24. Rak Buku Soni: keur Kang Prebu mah ka cai ka darat sarua cepena hahaha
  25. Ahda Imran: Kang, di taman maluku, angkatan tahun sabaraha? bisi sa angkatan..
  26. Godi Suwarna: Etti Rs:"Weiiis, babasan enggal tah... Asyik...!"
  27. Godi Suwarna: Ahda Imran : "Hade deui bae. Abong para author... heuheuy...
  28. Muhammad Shohiba Nu'man: dikiatkeun ku mangrupa iklan kosmetik.. janten langkung ngadewi.. Nuhun Kang Perbu..
  29. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Taaaah, eta, 'Jang MS...! Calakan. Heuheu...!"
  30. Muhammad Shohiba Nu'man: saha heula guruna atuh.. heu heu..
  31. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"ssst...! Ulah diuar-uar saha guruna, nya...? Bisi guruna disangka pinter..."
  32. Muhammad Shohiba Nu'man: heuheu.. moal atuh Kang.. Moal disebatkeun yén pun guru téh Kakang Perbu Godi Suwarna.. eh, bit! heu.. wios atuh da sanés sangkian. éstu kanyataan.
  33. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Ulah, peupeujeuh ulah diucah-aceh. Eta mah rusiah urang duaan...! Hehe...!"
  34. Muhammad Shohiba Nu'man: haha.. siap!
  35. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Mun diucah-aceh, elmuna bakal dimusnahkan. heuheu.."
  36. Muhammad Shohiba Nu'man: Ampun......! kajeun balem.. hehe..
  37. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Kangjeng Balem, lempa, lempi, lempong..."
  38. Muhammad Shohiba Nu'man: haha... ngadu pipi jeung nu ompong... (sawios balem maksad teh.. )
  39. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:" Sial Kangjeng Balem teh, Ngadu pipina kalah jeung nu ompong..."
  40. Muhammad Shohiba Nu'man: haha.. da saleresna mah pami Kangjeng Balem calangap oge tangtos katingal ompongna..
  41. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:" Kangjeng Balem mah moal taiasa calangap. Isineun. Margi tos lemong pisan..."
  42. Muhammad Shohiba Nu'man: Kutan teh kitu geuning sasakala Kangjeng Balem teh.. heuheu..
  43. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Kitu saleresna mah lalakon Balem Boncel teh...
  44. Muhammad Shohiba Nu'man: Oh muhun.. janten emut kana kawih kaulinan Ayang ayang gung.. eta teh Balem Boncel nu diantos ku Ki Wastanu nu jadi wadana tea..
  45. Ahmad Fawzy Imron: Pun bojo balem wae.. Pajarkeun sanes malem jumaah mah kirang barokah..
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Godi Suwarna
  1. Tukang Parahu Xxi
  2. Si Éyank & Si Ayank
  3. Tukang Parahu Xx
  4. Serat Kasmaran
  5. “tom & Jerry”
  6. Tukang Parahu Xix
  7. Ucing Garong
  8. Eureup-eureup
  9. Kalangkang Peuting
  10. The Battle For Freedom
  11. Adam & BÉker
  12. DongÉng Rayagung
  13. Luwang-liwung
  14. Malem Minggu
  15. Tukang Parahu Xviii
  16. “tokééé..! Tokééé..! Tokééé..!”
  17. DÉsa Wisata
  18. Ringkang Sang Dangiang 2
  19. Tukang Parahu Xvii
  20. Tukang Parahu Xvi
  21. Halo-halo Bandung
  22. “open House”
  23. Tukang Parahu Xv
  24. Sanghiang Bedug
  25. Kembang Buruan
  26. Nu Tajil PoÉ Katujuh
  27. Kembang Api
  28. Tukang Parahu Xii
  29. Malem Minggu
  30. Tukang Parahu Xi
  31. Tukang Parahu X
  32. Tukang Parahu Ix
  33. Tukang Parahu Viii
  34. Tukang Parahu Vii
  35. Tukang Parahu Vi
  36. Tukang Parahu V
  37. Tukang Parahu Iv
  38. Tukang Parahu Iii
  39. Tukang Parahu Ii
  40. Tukang Parahu I
  41. Urang Sunda Nu Pamungkas
  42. “fatal Attraction”
  43. Lain Lalakon Petingan
  44. Nu Barusuh Manah
  45. Shohiba AnÉmer Fikmin
  46. Rampak Lodong
  47. Tembang Pamungkas
  48. Ringkang Sang Dangiang
  49. “The Skeletons Bar”
  50. Durma Mahayuda
  51. Lutung Gandrung
  52. Lalakon Awon
  53. Ashabul Kahfi
  54. I Miss You..!
  55. Jang AsÉp & Gatotkaca
  56. Gunjang-ganjing
  57. Parahu Nabi Enuh
  58. Pandawa Dadu
  59. Rotasi Sakeclak Cai
  60. Gambar Parahu Dina Kikisik
  61. Sabda Sang Utusan
  62. Ronggéng Gunung
  63. Dongéng Ti Nagri Kedok
  64. Lalakon Kadalon-dalon
  65. Murang-maring
  66. Jalan-jalan
  67. Kunyuk Gandrung
  68. Monalisa
  69. Rajah Pangemat
  70. Révolusi
  71. Berlin, Dina Hiji Peuting
  72. Serat Kasmaran
  73. Nagri Balai
  74. Die Berlinerin
  75. Sabot Ngalenyap
  76. Fikmin, Oh, Fikmin
  77. Kurusétra
  78. Pangarang
  79. Rajapati
  80. Ringkang
  81. Kamar Pangantén
  82. Roméo, Oh, Roméo…!
  83. Kembang Buruan
  84. Déwi
  85. Hulu Peda
  86. Jihad
  87. Titistulis
  88. DÉWI
  89. DI STASION
  90. PIWURUK
  91. TENGAH PEUTING
  92. PRESIDEN
  93. KABOGOH
  94. DAYEUH
  95. DEWI