Update: 21 Januari 2013 09:10:23

Titistulis

Ku Godi Suwarna

”Aing teu hayang diseungseurikeun!” omong Kabayan, ka sasaha, bari ngalimba. Batur salembuna tingcakakak. “Aing keur sediiih…!” Kabayan nyegruk. Batur salembur kalah ngagakgak. “Duh, Gustiii..” Kabayan ngagukguk, bari naék kana tangkal, dideugdeug ku balaréa. Gulayun. Kerejet. Kabayan ngagantung manéh. “Wah, ituh, létahna ngelél, euy! Siga létah sapi!” ceuk tatanggana. Nu ngagimbung akey-akeyan. “Panonna nonghol, siga lauk kokiii..!” Nu ngagimbung ager-ageran. “Beungeutna héjo, siga panto balédesaaa..!” Gumuruh sora nu seuri ngaweuhan ka madhabpapat…

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Rak Buku Soni: Hahahahahahahahaha, asyik Ang, dramatik melankolis
  2. Ambuna Kaka: deudeuh teuing kabayan.........(bari seuri ngehkey)
  3. Ambuna Kaka: @kang soni: si kabayan?
  4. Lalat Socrates: batur mah hayang diseungseurikeun téh ngabélaan jadi ustadz tipi.... na ari kabayan........
  5. Kangeri Kustiaman: Seueur para pangagung siga Kabayan ge kang, bakat ku hayang dipercaya ku balarea geus make jurus naon wae tetep we KABAYAN ...
  6. Rak Buku Soni: Ambu konfirmasi aku dong hahaha
  7. Ambuna Kaka: ngadd kitu? ke urang pilari...
  8. Lalat Socrates: ......... ulah di konfirmasi Rak Buku Soni mah Ambu,.... sok ngadon dagang suung bari maksa.... hahahaha
  9. Rak Buku Soni: Hahahahaha anu abdimah suung dari Arab
  10. Lalat Socrates: Rak Buku Soni: ssung ti Arab mah seueur cucukan.......
  11. Wangsa Urang Subang Pituin: wah boa dugi ka maotna oge...diseungseurikeun .. si kabayan mah... .. heu heu..
  12. Ahmad Fawzy Imron: Leres pisan kang, titistulis Abdi ge hoyong liren..angger we teu kaop aya hui boled, ujug ujug am we dihuapkeun.. Titistulis
  13. Aris Supena: wayahna kabayan....
  14. Muhammad Shohiba Nu'man: Ironis kacida Kang.. nu tadina sim kuring maca bari surungah serengeh janten ngarandeg, reuwas ku pungkasanakeun.. Hatur nuhun Kang Perbu...!
  15. Lalat Socrates: Wangsa Urang Subang Pituin: iihh ari ayi Wangsa, pan saur Ang Godi Suwarna ge... tepi ka letahna ngelel alatan gantung diri... piraku wae teu maot hihihi
  16. Yayan 'Bedog' Supriatna: ketir..getir pisan, deudeuh teuing Kabayan mugya ditampi iman islamna
  17. Wangsa Urang Subang Pituin: aeh muhun nya kang Lalat Socratesaeh...manawi teh ngelel teh .nuju ngalelewe..ka nu nyengseurikeun .. heu heu
  18. Endah Dinda Jenura: abi ge saleresna mah alim lutu dan geulis sakaligus, tapi kumaha atuh da tos titis tulis ti dituna... mangga ah --kabur samemeh disurakan balarea, hahhaha!
  19. Asep Ruhimat: eum... kabayan,i kaayaan sedih ge disangka ngabojeg wae, jigana teu bina ti tukang bodor bakal nandangan nasib jiga si kabayan.
  20. Nazarudin Azhar: carpon nu kawitna panjang teh, eusina ieu pisan... kade ah, bilih lali kana nyarpon, heuheu....
  21. Hadi Aks: Hahaha...ieu Fikmin mah! Geuwat, tangkalna kubeng Pa Kuwu!!!! cek Ulis br mamawa karcis!
  22. Godi Suwarna: Rak Buku Soni:" Kitu...? Aya kitu aliran dramatik-meklankolis dina bukuna, Yi Haji...? Heuheuy..."
  23. Godi Suwarna: Ambuna Kaka:"Nya kitu tea we, Ambu..! Ningal Sule ge sok watir uing mah...!"
  24. Rak Buku Soni: Hahahaha aya aliran mah, da bisa dikarang, apan teori ngacapruk tea hahaha da rumasa lain akademisi uing mah
  25. Godi Suwarna: Lalat Socrates:"Nya kitu, Amang...! Tapi, sing percanten, Jang haji Ahmad Fawzy Imron mah janten Ustad teh karana Allah, Amang..!"
  26. Endang Kasupardi: apal abdi mah ieu anu lengkepna, tos 10kali macana oge bukuna teh hehehe....
  27. Godi Suwarna: Wangsa Urang Subang Pituin:"Sigana, tos kitu titistinulisna, Jang Wangsa...!"
  28. Godi Suwarna: Ahmad Fawzy Imron:"Hui boled mah santap we, Jang Haji..! Mung ulah nuang nu gumitut, bilih mustami lendeng.. heuheu..."
  29. Godi Suwarna: Aris Supena:" Fikmin ieu dihaturkeun ka para bodor kalebet jang Aris Supena..."
  30. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Sami-sami, 'Jang..! Hayu cuang sami-sami ngulik fikmin, supados leres-leres aya 'gegeleunana'. Supados fikmin Sunda langkung beuneur..."
  31. Muhammad Shohiba Nu'man: Hayuu.... (bari ngaheruk, hoyong tiasa beuneur cara fikmin di luhur)
  32. Beni F. Syarifudin: maca ieu uing ngehkey seuri bari ngadegung-degung indung budak haha
  33. Sarabunis Mubarok: Sule masih mending aya nu mayar, dalah kabayan mah mere seuri kalawan gratis....karunya...
  34. Godi Suwarna: Yayan 'Bedog' Supriatna:"Aaamiiin...! Jalaran si Kabayan tos pupus, urang ge jadi hese seuri...!"
  35. Godi Suwarna: Endah Dinda Jenura:"Hahahaha....! Si Luthu kabuuuur..."
  36. Sanjaya Dhipa: asa siga pejabat jaman ayeuna... sarengkak saparipolahna teh kalah pikaseurieun tur pikacuaeun, mani hayang maledog da...
  37. Godi Suwarna: Asep Ruhimat:"Janten emut ka Kang Ibing, dugi ka sepuh ge ku budak satepak teu weleh disebat Si Ibing.."
  38. Godi Suwarna: Nazarudin Azhar:"Keur ngabuktoskeun :'selebihnya imajinasi' tea. Nyaan we geuning. Carpon Gur-Ger nu tujuh halaman polio teh enas-enasna mah mung sakitu-kituna, nu aya dina ieu fikmin. Heuheu...! Asa mending mikmin batan jadi novelis mah geuning..."
  39. Godi Suwarna: Hadi Aks:"Digedeg, ladangna pake ngomean masjid..."
  40. Godi Suwarna: Rak Buku Soni:" Sip dekh, Yi Haj...! Dina euweuhna ge cuang nyieun aliran sorangan we urang mah..."
  41. Godi Suwarna: Endang Kasupardi:"Nuju diajar. Tina carpon nu tujuh halaman polio teh dipeureut janten sa-fikmi-eun ieu..."
  42. Irvan Mulyadie Bersabda: Maca carpon aslina, diekstrak jadi kieu.... teu leungit saeutik oge "mamaras" caritana. :-)
  43. Godi Suwarna: Irvan Mulyadie Bersabda:"Numawi, upama carpon juh lambar bisa diekstrak kieu, jangeun nanahaon uing ngarang carpon komo novel, nya..? Hehe..."
  44. Irvan Mulyadie Bersabda: Leres pisan, janten taya lepatna pami taun 2012 tos bungkeuleuk janten kumpulan fikmin. Manawi tiasa janten "pangajaran" kanggo generasi salajengna perkawis beungharna rupaning sastra. Langkung enggal deui ge sae. Bilih ramalan ti suku inca perkawis kiamat tea ngabuktos....heu.
  45. Godi Suwarna: Irvan Mulyadie Bersabda:"Parantos aya, cenah, nu bade ngamodalan tea mah. Kantun urangna we sing jejem ngotektak wandaning fikmin sajati. Juag Endah Dinda Jenura parantos mukakeun salasawios pantona, ku seratan perkawis FlashFiction jeung Mikro Fiction. Kantun kumaha urang u ngarambahna..."
  46. Godi Suwarna: Muhammad Shohiba Nu'man:"Beuneur mah engke ga pasti kasampeur, Mang MS..! Sabaaaaar weeee...! Uing ge can panceg pisan ngarang fikmin teh. Asa kurang keneh, jauh keneh..."l
  47. Godi Suwarna: Beni F. Syarifudin:"Leuh, deudeuh teuing eta istri dugi ka dikitu-kitu.. heuheuy...!"
  48. Beni F. Syarifudin: Godi Suwarna: pan istrina ge fikmin hahahha Ang...
  49. Godi Suwarna: Sarabunis Mubarok:"Mun kitu mah urang ge karunya pisan. Der mikmin tibubuncelik. Jaba dipasean ku akademisi. Jaba teu diburuhan. Jaba..."
  50. Godi Suwarna: Sanjaya Dhipa:"Nya kitu tea, Mang Dipha. Dibaledog ku sajak mah teu ngalartieun. mending dibaledog ku bom...!"
  51. Godi Suwarna: Beni F. Syarifudin:"Oooh, manawi teh ngadegung-degungkeun mastaka kabogoh..."
  52. Ahmad Fawzy Imron: Abdi hoyong maos sajak 'surat surat kaliwat' didamel fikmin ku akang..kabayang ngagalindengna..
  53. Godi Suwarna: Ahmad Fawzy Imron:"Dupi Yi Haji tos kagungan buku naon bae karangan sim uing...?"
  54. Sarabunis Mubarok: Leres pisan Kang Prebu. Tos ti kapungkur mun kedah karunya mah. Ngan da taya nu mikarunya, jeung deuih pan embung dipikarunya. Saur Almukarom Acep Zamzam Noor mah mung Gusti Alloh nu muruhanana....Amin..heuheu...
  55. Ahmad Fawzy Imron: Nu kapungkur we kang.. Jagat alit, surat surat kaliwat..
  56. Godi Suwarna: Sarabunis Mubarok:"Soleh aingah boga adi teh, euy...! Yaktos, ti baheula ge urang mah tos kiat gurat sangsara. Nasib. Tapi da teu burung dikeureuyeuh sanajan rea nu nyisikudi. Tos kiat kuda-kuda najan didupakan oge. Batan dipikarunya, mending dipikaceuceub. Uing mah sok beuki segut kana ngarang ari aya nu miceuceub teh. Kitu ti baheula mula, 'Jang Bun..!"
  57. Godi Suwarna: Ahmad Fawzy Imron:"Waaah, tos kakantun atuh. Ke, dikintun ku sim uing. Kaleresan aya tilu buku nu bade citak ulang..."
  58. Ahmad Fawzy Imron: Sumuhun..hatur nuhun sateuacana ge, kang..
  59. Godi Suwarna: Ahmad Fawzy Imron:"Siiip, Yi Haj...! Kana dua sasihan deui. Antosan we..."
  60. Ahmad Fawzy Imron: Sumuhun
  61. Sarabunis Mubarok: Satuju kang Prebu. Ceuk Wiji Tukul, hanya ada satu kata, Lawan! Lawan ku proses nu ngeureuyeuh tea. Sabab loba nu nyalah hartikeun kana “Teu nanaon ku nanaon”na si Kabayan teh dianggap kudu taya hojah, kawas bueuk meunang mabuk. Sajatina “teu nanaon” teh hasil proses panjang naker, ngaliwatan jihadilakbar jeroeun batin. Mun disarungsumkeun jeung mantra biksu Tong mah, nepi ka “nanaon” teh jadi kosong bawaning ku ngeusi. Pon kitu deui “nanaon” teh jadi ngeusi bawaning ku kosong.
  62. Godi Suwarna: Sarabunis Mubarok:"Tah, tah ku nu kitu mah uing teh can kataekan. Abot eta mah. Tapi da keur dikeureuyeuh we. Namung, lamu geus katodel mamaras nu pangjerona, utamana mun aya jalmi songong bedegong pepedengkreng di hareupeun, angger we uing mah sok barangasan. Ajengan Icep Darusalam kungsi nyarita ka uing, upami aya jalmi sombong, urang kudu langkung sombong, eta teh ibadah, saurna. Aya dina hadistna cenah eta teh, Jang Bun...! Leres kitu...?"
  63. Sarabunis Mubarok: "attakaburu alal mutakabbirri shodaqotun" muhun leres dikengingkeun, kang prebu. Hutang pati bayar pati, ulah dugi ka kecap ihlas hartina jadi haratis. "Sing ihlas dihiras ku akang, nya Jang?", duh mani ngeunah haratis disaruakeun jeung ihlas....heuheu..
  64. Godi Suwarna: Sarabunis Mubarok:" Tah, eta.Padahal diapalkeun ku uing ge. Poho deui. Heuheu...! Tapi da ayeuna mah aranglangka riributan teh. Cape. Keur ngora mah enya we. Bareto, mun keur getreng, uing mah sok segut kana ngarang. Lantaran harita karangan uing teu parok jeung batur, apan ku parasesepuh uing teh dianggap ngaruksak sastra Sunda. Dikiritik bebeakan. Tapi da kalah nambahan sumanget. Mun harita uing elehan, meureun moal bisa miksimini. Jadi, uing panuju, memeh anjog kana ; 'teu nanaon ku nanaon' teh urang kudu ngaliwatan proses nu panjang. Mun ti ngongora geus 'teu nanaon ku nanaon' bisa jadi matak kuuleun, teu rancage..."
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Godi Suwarna
  1. Tukang Parahu Xxi
  2. Si Éyank & Si Ayank
  3. Tukang Parahu Xx
  4. Serat Kasmaran
  5. “tom & Jerry”
  6. Tukang Parahu Xix
  7. Ucing Garong
  8. Eureup-eureup
  9. Kalangkang Peuting
  10. The Battle For Freedom
  11. Adam & BÉker
  12. DongÉng Rayagung
  13. Luwang-liwung
  14. Malem Minggu
  15. Tukang Parahu Xviii
  16. “tokééé..! Tokééé..! Tokééé..!”
  17. DÉsa Wisata
  18. Ringkang Sang Dangiang 2
  19. Tukang Parahu Xvii
  20. Tukang Parahu Xvi
  21. Halo-halo Bandung
  22. “open House”
  23. Tukang Parahu Xv
  24. Sanghiang Bedug
  25. Kembang Buruan
  26. Nu Tajil PoÉ Katujuh
  27. Kembang Api
  28. Tukang Parahu Xii
  29. Malem Minggu
  30. Tukang Parahu Xi
  31. Tukang Parahu X
  32. Tukang Parahu Ix
  33. Tukang Parahu Viii
  34. Tukang Parahu Vii
  35. Tukang Parahu Vi
  36. Tukang Parahu V
  37. Tukang Parahu Iv
  38. Tukang Parahu Iii
  39. Tukang Parahu Ii
  40. Tukang Parahu I
  41. Urang Sunda Nu Pamungkas
  42. “fatal Attraction”
  43. Lain Lalakon Petingan
  44. Nu Barusuh Manah
  45. Shohiba AnÉmer Fikmin
  46. Rampak Lodong
  47. Tembang Pamungkas
  48. Ringkang Sang Dangiang
  49. “The Skeletons Bar”
  50. Durma Mahayuda
  51. Lutung Gandrung
  52. Lalakon Awon
  53. Ashabul Kahfi
  54. I Miss You..!
  55. Jang AsÉp & Gatotkaca
  56. Gunjang-ganjing
  57. Parahu Nabi Enuh
  58. Pandawa Dadu
  59. Rotasi Sakeclak Cai
  60. Gambar Parahu Dina Kikisik
  61. Sabda Sang Utusan
  62. Ronggéng Gunung
  63. Dongéng Ti Nagri Kedok
  64. Lalakon Kadalon-dalon
  65. Murang-maring
  66. Jalan-jalan
  67. Kunyuk Gandrung
  68. Monalisa
  69. Rajah Pangemat
  70. Révolusi
  71. Berlin, Dina Hiji Peuting
  72. Serat Kasmaran
  73. Nagri Balai
  74. Die Berlinerin
  75. Sabot Ngalenyap
  76. Fikmin, Oh, Fikmin
  77. Kurusétra
  78. Pangarang
  79. Rajapati
  80. Ringkang
  81. Kamar Pangantén
  82. Roméo, Oh, Roméo…!
  83. Kembang Buruan
  84. Déwi
  85. Hulu Peda
  86. Jihad
  87. Titistulis
  88. DÉWI
  89. DI STASION
  90. PIWURUK
  91. TENGAH PEUTING
  92. PRESIDEN
  93. KABOGOH
  94. DAYEUH
  95. DEWI