Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Lalajo Horor

Kénging
Dipidangkeun dina lapak 26 Januari 2016 22:22:22

Regot kana kopi, cetrék kana tipi. Glek, sebrot! Kabesékan. Si Geulis Najwa keur dicokcrok polo ku narasumber. Getih ulawéran. Rey, sebel. Gancang mindahkeun saluran, infotainment. Calangap, nempo Julia Péréz pinareupna keur ditambul Ketua Partéy, neureuy ciduh. Pindah cénel kana tipi warta hiji deui. Soak, neuleu anggota déwan keur silih-hakan. Getih ngawahangan. Pindah kana kartun, Si Masha keur ngégélan Misha. Getih deui waé. Ya Alloh, ngimpi kitu ieu téh? Ngalempréh. Rét ka pamajikan. Jenghok. Matana hurung, beungeut pias, buuk ngarewig. Biwirna garetihan. Awak ngadadak ngagibrig, leuleus satulang sandi. Kakara kajeueung budak ngagolér dina karpét. Dada gorowong ilang jantung. Beledug! Tipi bitu. Tina haseup ngajleng Angelina Jolie, samagréng. Bedil kaliber 45 ngabekas. Sirah pamajikan bejad.“Hayu!” pokna Jolie.“Ka mana?”“Cuang nyalametkeun umat,” ngadilak. Sérését.“Pakarang?”Jolié ngalungkeun bungkusan. “Tah!”Buru-buru dibuka, goréhél téh, mesin tik jeung…, kondom?***