Malam minggu mungpung nyalse, rek ngieun fikmin sunda ah, diajar. Najan miskin diksi ge bae da hayang bisa ieuh. Ngan edas ku hese neangan hurup e-curek.Dina laptop, na hape android, na lomari, na kolong korsi, weleh teu kapanggih. Tuluy neang ka Warung, ka Mall, ka Gramedia, ka pasar, ka hotel, keukeuh hurup e-curek teu kapanggih.Dua jam neangan burup e-curek lebeng teu kapanggih. Keuheul, prustasi jeung lapar, antukna kuring indit ka alun alun bandung, rek niiskeun pikir.Bray dunya jadi caang, betah. Geuning di alun-alun teh loba awéwé.