Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Koméntar Kanca • Ki Hasan


Nu kasair ku FBS, Ki Hasan geus nyerat 3.948 koméntar. Runtuyanana aya di handap, dumasar kana waktu panganyarna. Dipidangkeun per kaca 50 koméntar.
18 Maret 2013 14:46:18
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "BalÉg TampÉlÉ" kénging Ki Sunda Sawawa

Hehehe. Mun Ambu Pikar on, Ki Sunda Sawawa off, atawa sabalikna, katinggalna mah kitu Kang Godi Suwarna. Duka ketang.

18 Maret 2013 13:51:25
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "BalÉg TampÉlÉ" kénging Ki Sunda Sawawa

Ari uingah sok ngabelenyeh, mun Ki Sunda Sawawa jeung Ambu Pikar geus silih komen teh. Resep ngabayangkeun kumaha nyeting dialogna. Hehehe

18 Maret 2013 13:45:35
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "BalÉg TampÉlÉ" kénging Ki Sunda Sawawa

Mun nitenan dina media, nu sok protes kana acara cawokah, boh TV, koran, Internet, jeung sajabana umumna para ustad. Ngan nu matak uing hemeng, nu resep nyarita cawokah ge maranehna keneh deuih. Lain dina fikmin nu ieu wae uing manggihan terminologi-terminologi nu ngajurus kana urusan nu kitu teh. Oge kapanggih dina fikmin-fikmin nu sejenna. Hehehe.

18 Maret 2013 10:40:43
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Galura Rasa 7" kénging Reni Nurhayati

Atuh karek ge tujuh episod geus tamat. Can aya sabukueun atuh.

18 Maret 2013 08:42:40
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Nu Ngintip Paguneman" kénging Iwan Hanjuang

Uhun Kang Iwan Hanjuang, waas nyangu make seeng teh. Aya oge nu kieu, ngagigihan kana kastrol heula, satengah asak. Dieurihkeun kana dulang. Tah karek diseupankeun kana aseupan dina seeng.

18 Maret 2013 08:36:25
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Nu Ngintip Paguneman" kénging Iwan Hanjuang

Asik ieu fikmin teh. Ngan dina bab nyangu, jigana rada kurang telik kumaha prakprakanana. Hehehe

18 Maret 2013 08:00:00
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Hanjakal" kénging Eni Setiani

Tambah mantap we si Mbi Eni Setiani, jurus mikminna. Kudu ngahaja sina panasaran cenah, Teh Neneng Yatikurniati, dina fikmin mah.

18 Maret 2013 01:03:40
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Reueus…" kénging Apoedy Sarah Ihsan

"Naon nu geus bisa dikawasa ku urang Amerika kiwari, eta teh upama dibandingkeun sareng kakawasaan Allah mah mungguhing teu sataikukuna-sataikukuna acan," kitu saur Mang Saca ge.

17 Maret 2013 14:06:55
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Gara-gara Ngebut 2" kénging Iwan Kurniawan

Ieu mah nyaan, Kang Iwan Kurniawan, Kang Nasrul Jatnika, Kang Irman N Dimyatie, kaalaman pisan ku uing, keur jaman SMP. Da ka sakola teh jauh, aya kana 6 km-an. Usum batur marake sapedah, uing kalah meunang warisan sapedah torpedo heubeul, nu ngeremna diboseh ka tukang. Atuh naekna ge ugal-ugil, dipancal we ti gigir, teu bisa diuk dina sadelna, da can nepi ngabosehna, sapedah aki-aki dipake ku budak SMP. Sanggeus bisa diuk dina sadel, hiji mangsa kapaksa kudu ngabonceng tatangga, sina ngajapapang dina palangna. Eta lebah tanjakan sapedah asa melenoy, ngaleketey. Horeng beurat teuing, nepi ka potong jadi dua. Kapaksa digugusur sapotong ewang.

17 Maret 2013 13:38:18
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Neleg Eunteung" kénging Nasrul Jatnika

Wilujeng Kang Rameli Agam, kutan teh nembe jatukrami. Sanes nu mindo jigana mah nya. Hehehe

17 Maret 2013 13:05:14
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Neleg Eunteung" kénging Nasrul Jatnika

Hehehe. Enya loba ning modus teh, Kang Irman N Dimyatie. Nu lantip mah modus ieu tah:
Nasrul Jatnika: Ang rwin Wahyudi: "Hehehe..saaya-aya Ang Er. Bati hese sare tadi wengi.Kumaha damang Ang Er? Ang Budi Mugia Raspati surna kacilakaan mangsa Touring di Cikalong."

17 Maret 2013 12:50:58
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Odong Jeung Nonoh" kénging Is Tuning

Uing aya minantu pun Ua, ngaranna teh Odong, pamajikanana Ening.

17 Maret 2013 07:46:45
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Lalakon Ti Aleppo" kénging Érwin Wahyudi

Ari uing mah, Kang Nazarudin Azhar, lantaran sok noong filem India, asa can tuntas mun carita digantungkeun teh. Kudu nepi ka 'happy ending' wae. Ceuk sutradara India, mun filem teu 'happy ending' eta teh can anggeus caritana cenah. Hehehe

17 Maret 2013 07:09:17
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Lalakon Ti Aleppo" kénging Érwin Wahyudi

Meuntas ka Siria yeuh, Kang rwin Wahyudi. Jigana ngarah militan mah enya kudu ngarekrut pasukan sakit hati. Hehehe

17 Maret 2013 06:12:16
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Odong Jeung Nonoh" kénging Is Tuning

Geus modus deui wae. Tas ti masigit heula, da di-da'wahan wae ku Ustad Nasrul Jatnika, nya uing teh diajar eling. Nikreuh we ka masigit teh, bari lengkah rada anca, tiap lengkah teu petot ku ngawirid kalimah toyibah. Mun pareng pasarandog jeung nu herang, tara poho istigfar, najan bari meungpeun carang ge. Hehehe

17 Maret 2013 06:08:42
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Tunggu Tutung" kénging Eni Setiani

Jublag teh mun di lembur uing disebutna telebug, tolombong gede nakeranan, asup tilu-opat urang sagede Kang Nasrul Jatnika wae mah.

17 Maret 2013 03:53:12
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Neleg Eunteung" kénging Nasrul Jatnika

Si Abah Aleeva mah, disintreukan ge, can wani wae mikmin. Hehehe. Heug geura mikmin. Mikmin teh jigana perlu agen jiga MLM: 'member get members'. Mun Abah Aleeva geus resep mikmin, bakal ngajak abah-abah jeung ema-ema nu sejenna. Mikmin teh tarekah keur ngalancarkeun komunikasi make basa Sunda. Uing mah asa can manggih jalan lain nu leuwih efektif pikeun latihan komunikasi make basa Sunda, lian ti mikmin. Di ieu lapak sasat antara kanca jeung kanca teh kapan silih bejaan kumaha nulis nu lumrah, sangkan kabaca bari kaharti ku nu maca.

17 Maret 2013 03:36:06
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Neleg Eunteung" kénging Nasrul Jatnika

Jiga fikmin di luhur, Kang Irman N Dimyatie, Kang Is Tuning, inti pasualanna mah da ngan ukur sakalimah. Ceuk uingah intina ukur ieu: Ceuk aing g, benerkeun heula eusi sirahna. Maca aing moal namper. Tah, deuleukeun.. Nu lainna mah ukur bungbuna we.

17 Maret 2013 03:33:29
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Neleg Eunteung" kénging Nasrul Jatnika

Tah eta, Kang Is Tuning, Kang Irman N Dimyatie, jigana dina karya fiksi mah, hese ngobrolkeun eusi teh, da mimindengna mah teuing aya teuing euweuh eta eusina teh, da puguh mancawura, kumaha ceuk pamahaman nu macana. Kapeung surahan nu maca teh akur jeung maksud nu nulis, kapeung di luar sangkaan nu nulis.

17 Maret 2013 03:23:47
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Neleg Eunteung" kénging Nasrul Jatnika

Numatak tong ambek, mun aya komen rada 'nyintreuk' teh, ti saha wae oge, sapanjang relevan mah. Sabab eta teh sacara teu langsung geus ngalihkeun puseur perhatian nu maca kana hiji postingan. Jadi perlu ditarimakeun, pangnumpengkeun sango koneng wae mah. Hehehe

17 Maret 2013 03:17:41
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Neleg Eunteung" kénging Nasrul Jatnika

Mun diimeutan mah, komen uing nu sok rada 'nyintreuk' ge saenyana geus ngadongkrak kana wilangan komentar. Sabab ayana kontroversi teh salah sahiji hal nu sok jadi puseur perhatian pamaca. Geura imeutan, ti mimiti uing ngomen: 10:49am nepi ka 11:15am, geus ngahasilkeun nambahan 19 komen. Hehehe

17 Maret 2013 03:07:51
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Neleg Eunteung" kénging Nasrul Jatnika

Aya modus lain jigana Kang Nasrul Jatnika, nu leuwih lantip pikeun ngajaring komen teh, ngan rada leuwih cape: Sing mindeng ngomentaran kana fikmin nu lian. Tah sacara teu langsung, ku mindeng ngomentaran kana fikmin nu sejen, network jadi ngalegaan. Modus lainna, jigana ieu mah nu panghesena, kucara ngagurirapkeun fikminna. Tah nu ieu mah meureun pikeun pangarang nu geus nahun pangalamanana nya.

17 Maret 2013 02:58:45
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Neleg Eunteung" kénging Nasrul Jatnika

Kungsi aya, Kang Nasrul Jatnika, nu ngompilasi fikmin jeung komenna teh: Kang Dadan Sutisna kungsi ngompilasi "Alewohna Godi Suwarna", lumayan kandel kacida. Memang menarik maca fikmin jeung komenna teh, utamana fikmin leupasan, nu topikna teu pati pakait ti fikmin ka fikmin teh. Mun fikmin serial mah bisa dituturkeun lalakonna.

17 Maret 2013 02:52:57
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Neleg Eunteung" kénging Nasrul Jatnika

Enya ti sisi sejen jigana kitu, Kang Nasrul Jatnika, ngahargaan kana karya sorangan tea. Ngan ti sisi lain, jigana bisa jadi modus apung tea.

17 Maret 2013 02:49:00
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Neleg Eunteung" kénging Nasrul Jatnika

Hehehe. Uing ge heureuy we, Kang Nasrul Jatnika. Tong sarieus teuing. Resep nengetan lalar-liwat-na dialog dina media jiga facabook. Bari ngabanding-bangding, sugan uing boga modus anyar.

17 Maret 2013 02:45:35
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Neleg Eunteung" kénging Nasrul Jatnika

Hehehe. Enya rupa-rupa jurus masarkeun produk teh, Kang Irman N Dimyatie. Aya nu dijempolan ku sorangan, nepi ka komen sorangan ge dijempolan.

17 Maret 2013 02:43:08
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Neleg Eunteung" kénging Nasrul Jatnika

Tah geus aya tilu ning, nu sok ngabetotan, ngukuprak kudu ngomen ka nu sejen teh. Hehehe

04 Fébruari 2013 13:41:29
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Bencong" kénging Muhammad Moulya Yamada

Tah geuning rame, Kang Muhammad Moulya Yamada. Pake we basa sapopoe, teu kudu nu hese-hese.

04 Fébruari 2013 13:00:35
Ki Hasan ngoméntaran postingan kénging Abah Aleeva

Abah Aleeva, ceuk uing mah mending paksakeun we nulis, ku modal basa nu urang boga ayeuna. Bari remen mikmin ge, bakal nambahan sorangan kaweruh kana kosakecap mah.

04 Fébruari 2013 11:53:39
Ki Hasan ngoméntaran postingan kénging Abah Aleeva

Enya puguh uing ge ari teu apal mah, Kang Irman N Dimyatie, sok nanya dina komentar. Utamana kana fikmin Bantenan Kang Rohendi Pandeglang, fikmin Dermayuan Kang Helmi Pakudjati, jeung sajabana. Jadi dina komunitas jiga kieu mah, urang kudu daek ngecagkeun kalungguhan, tong dibeungbeuratan ku umur, kalungguhan, jeung sajabana. Teu kudu era mun teu apal tatanya. Nya ngaliwatan komentar, jadi media tukeur pikiran.

04 Fébruari 2013 11:32:10
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Sang SÉna" kénging Hadi Aks

Ki Sunda Sawawa, nya bacaan we kitab konengna, jiga buku sajarah, naskah heubeul, jsb. Contona:
Ekajati, Edi S. (2005). Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran. Yayasan Cipta Loka Caraka.
Naskah Carita Parahyangan (1580), fragmen Kropak 406. Naskah beraksara Sunda Kuno, bahasa Sunda Kuno. Koleksi: Perpustakaan Nasional RI.

04 Fébruari 2013 11:20:53
Ki Hasan ngoméntaran postingan kénging Abah Aleeva

Mikirna kieu geura, kumaha nu nulis bisa ngira-ngirana, milih kecap numana nu kudu make katerangan. Saenyana mun urang daek mikir, apan aya fasilitas KOMENTAR. Tah mun teu ngarti kana hiji pasualan tinggal nanya dina komentar. Ceuk Gus Dur tea mah, "Gitu ajah, kok repot!" Jadi kudu daek ulubiung ngobrol dina komentar. Beres!

04 Fébruari 2013 11:14:51
Ki Hasan ngoméntaran postingan kénging Abah Aleeva

Lain perkara meakeun pulsa. Ngarah nu maca tereh pinter, ari boga kadaek sorangan mah, nyiar jawaban ku sorangan. Diajar naon wae oge, mun nepi ka bisa mateakeun sagala pancadria, bakal leuwih tereh ngartina.

04 Fébruari 2013 11:03:42
Ki Hasan ngoméntaran postingan kénging Abah Aleeva

Jigana dina naon wae oge, koncina: mun boga kahayang, kudu boga kadaek. Mun sagala kari am, biasana sok kalah lintuh teu puguh. Taya salahna, meuli kamus. Bari ngahirupan penerbitan buku-buku Sunda.

04 Fébruari 2013 10:16:06
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging Godi Suwarna

Boa /nyuredik/ teh sinonimna tina /jebi/ kitu Kang Dadan Sutisna: biwirna rada dipenyonkeun, bari semu monyong, biwir handap ditarik careham handap satarikna. Bari ngaheos "wheh!". Hehehe

04 Fébruari 2013 09:52:30
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging Godi Suwarna

Hehehe. Sabeulah deui mah jigana katalian kontrak, can rengse, kapaksa minggu hareup ge kudu miang deui ngalongok deui nu sabeulahna. Aya transisi tina kultur tukang tani nu biasana bengkung ngariung bongkok ngaronyok, kana kultur urban, warga dunya.

04 Fébruari 2013 09:22:02
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Muhun Kang Usep Romli Abdul Hamid mimiti ruksakna teh awal reformasi, dan keur euforia tea, sagala larangan dirempak. Katambah-tambah harita teh, urang lembur mimiti wanoh kana ragaji listrik, "senso" tea nu bisa dioperasikeun ku barudak rumaja. Teu sruk-srek, suk-srek deui, nu di luhur ungked-ungkedan nu dihandap peupeureudeuyan, nu dipigawe ku aki-aki. Oge mimiti mahabuna ojeg. Ojeg jeung Senso nu geus jadi pamunah sagala jampe pamake, sagala kasakten ge ngajengjehe. Hehehe. Kabeneran nu sok diogan purah nyengso ka sakuliah Garut teh, salah sahijina barudak ti lembur uing, ngabrul kana ojeg nyoren senso.

04 Fébruari 2013 06:11:32
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Teukatahan" kénging Agus Bagja

Ari Ki Sunda Sawawa make parabot naon? Unggak komen atawa guntreng diskusi ngabrul wae komenna teh. Ari disebut teu dihaja, da unggal usik. Ari disebut dihaja, piraku deuih. Jiga ngomen bari nyempung di solokan, teu direretan deui ka lapakna.

04 Fébruari 2013 03:52:05
Ki Hasan ngoméntaran postingan kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi

Babagi tugas atuh. Nu resep nulis fikmin, teruskeun mikmin. Nu resep ngajar taya salahna milu mikmin. Nu katempo ku uing mah, malah fikmin bisa dijadikeun alat nu strategis pikeun ngajar basa Sunda di kelas. Utamana katerampilan nulis. Lain ari pangajaran basa teh eusina diajar: Ngomong, Ngadengekeun, jeung Nulis. Tah fiksimini bisa dijadikeun alat pikeun latihan nulis. Ngaliwatan nulis fikmin bisa ngadongkang rupa-rupa tujuan, ngalatih migunakeun tandabaca jeung tatabasa, ngalatih nulis ejahan nu merenah, ngalatih nulis kalimah, ngalatih nyusun carita, nganalisis eusi tulisan, jeung sajabana. Jadi kuduna mah salaku guru basa Sunda, kudu bisa noong kana eta peluang. Mun uing Mendiknas, rek diwajibkeun sakur guru nu ngajar basa, boh basa daerah oge basa Indonesia, sina mikawanoh fiksimini.

04 Fébruari 2013 01:59:46
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Mangga ieu Kang Iwan Kurniawan, bewarana:
1. Hutan Sancang di Garut Rusak
Jum'at, 09 November 2012 | 21:30 WIB
http://www.metrotvnews.com/metronews/read/2012/11/09/6/113254/Hutan-Sancang-di-Garut-Rusak
2. Hutan Sancang Garut Rusak Parah
Garut, 9 Januari 2003 09:46
http://arsip.gatra.com/2003-01-09/artikel.php?id=23976
3. Hutan Sancang Nyaris Tinggal Belukar
Bandung, 4 Maret 2003 10:14
http://arsip.gatra.com//2003-03-04/artikel.php?id=25955

03 Fébruari 2013 21:44:31
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Ku senso mah, Kang Iwan Kurniawan, nu sanget nu sakti teh, wayahna teu bisa majar kumaha. Hehehe.

03 Fébruari 2013 15:55:34
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Sang SÉna" kénging Hadi Aks

Putra Wretikandayun teh asana tilu: Rahiyang Sempakwaja, Rahiyang Kidul, nu bungsu Rahiyang Mandiminyak. Nay Pwahaci Rababu istrina Rahiyang Sempakwaja. Kitu asana mah.

03 Fébruari 2013 15:43:53
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Sang SÉna" kénging Hadi Aks

Ari Nay Pwahaci Rababu teh adi beuteung atawa lanceuk beuteung Prabu Mandiminyak?

03 Fébruari 2013 15:34:45
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Tamiang Meulit Ka Bitis" kénging Hady Prastya

Atuh sarua jeung uing, ari kitu mah. Da uing ge teu apal sabenerna mah. Ukur ceuk beja we, nu dicaritakeun teh.

03 Fébruari 2013 14:46:25
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Tamiang Meulit Ka Bitis" kénging Hady Prastya

Sok aya dina karangan, boh carpon atawa novel, nu ngarang ngasupkeun bait lagu, potongan sajak, petikan hikmah di awal carita. Ngan tangtuna ukur keur panambah masieup karangan. Bagean utamana mah tangtuna lalakon caritana. Kitu deui dina buku saintifik, mindeng manggihan nu nulis nyelipkeun petikan hikmah.

03 Fébruari 2013 14:33:02
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Tamiang Meulit Ka Bitis" kénging Hady Prastya

Paling ge kieu meureun, wawangsalan diasupkeun salaku panambah pikeun masieup fikmin. Aya sababaraha conto, ngasupkeun unsur tambahan sisindiran kana fikmin, jiga dina fikmin Kang Godi Suwarna nu pangakhirna. Ari sagemblengna disusun ku wawangsalan mah asa moal mungkin jadi hiji lalakon carita. Dina wangun aslina ge asa can manggih aya hiji lalakon nu disusun ku wawangsalan. Sastra buhun nu ilahar dipake keur nyusun carita, umumna mangrupa pupuh, jiga nu dipake dina wawacan.

03 Fébruari 2013 14:13:35
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Tamiang Meulit Ka Bitis" kénging Hady Prastya

Terus naon lalakonna? Fikmin teh cenah prosa tapi petot, perlu aya lalakon jeung nu boga lakonna.

03 Fébruari 2013 14:10:42
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Pangeusi Kamar Nomer Dualas" kénging Mbi Chymepm

Asana ieu kasus nu katilu kalina, pakait jeung migunakeun kecap "sabeulah" teh. Kecap "sebelah" dina basa Indonesia, beda hartina sareng "sabeulah" dina basa Sunda. Kecap "sebelah" dina basa Indonesia nuduhkeun posisi: gigireun. Ari "sabeulah" dina basa Sunda mah nuduhkeun beulahan tina hiji barang: jiga sabeulah nangka.

03 Fébruari 2013 12:29:30
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Ngajul Bulan" kénging Sang Guriang

Impian klasik urang-urang. Ngan dipikir-pikir ku uing, sacara implisit ieu teh asa ngagambarkeun pengakuan kana superioritas bangsa deungeun, oge sakaligus gambaran inferioritas bangsa sorangan. Dina carita nu kungsi kadenge di urang mun rarabi ka urang deungeun teh, boh lalaki atawa awewe, sok digambarkeun keur ngaronjatkeun nasib sangkan leuwih hade. Boa hiji waktu mah ngarah urang leuwih gagah, taya salahna mun urang jadi rajana, dina perluna rarabi ka deungeun teh keur nambahan harem, misalna. Hehehe

03 Fébruari 2013 12:23:03
Ki Hasan ngoméntaran Fikmin "Nalika Mulang Ti Mahmud" kénging Kang IsMaya

Mimiti manggih kecap Mahmud teh, tina koran: Kampung Mahmud. Asa arang ngaran kampung jiga kitu, make ngaran jiga ngaran nu biasa digunakeun ngaran jalma. Horeng ngaran salah sahiji Kampung Adat nya. Bejana nyokot tina ngaran tokoh di eta kampung. Di lembur sejen ge arang ngaranan kampung ku ngaran jalma teh. Kabehdieunakeun manggih-manggih di peuntas, Kawasan Iskandar, ngaran kota modern nu dipakaitkeun jeung ngaran hiji tokoh.