Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Oktober 2013 02:40:26
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Koméntar Kanca • Tiktik Rusyani


Nu kasair ku FBS, Tiktik Rusyani geus nyerat 1.615 koméntar. Runtuyanana aya di handap, dumasar kana waktu panganyarna. Dipidangkeun per kaca 50 koméntar.
17 Maret 2013 10:06:42
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Tilu Sirah" kénging Cucu Unisah

Nyaan dugi ka nyeuleukeuteuk yeuh abdi.Mantap pisan eta tukang cikopi. Rupina bakal janten anu katilu..heuheu.

17 Maret 2013 09:57:00
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Sweet SÉventeen" kénging Indah Eka Lestari

Calon pinunjul fikmin pulsaan ieu mah.., si Sayang meni matak kataji, Fikmin jero tur teleb ngama'naan kanyaah indung. Neng Tari, Uwa reueus pisan, geulis. Petetan petingan nu kedah diipuk, digemuk ku sarerea supados mingkin ngagenclang karyana. Wilujeng, Neng!

17 Maret 2013 09:48:54
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Odong Jeung Nonoh" kénging Is Tuning

Hadeuh..bodor! Meni jujur pisan, "teu aya sasaha" teh nyaan suwung, Hiburan landong cape..

17 Maret 2013 09:43:56
Tiktik Rusyani ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

Weiss.., kenging ku urang tatar Sukapura yeuh! Wilujeng Kang erwin. Sing mingkin ngaburicak deui..

03 Fébruari 2013 16:55:01
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Béja Balik Ti Dugem" kénging Rudi Riadi

Nu sieun insyaf..heuheu

03 Fébruari 2013 16:20:19
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Ayun Asih" kénging Yuharno Uyuh

Ngiring bingah..sarebu hiji nu kitu teh.

03 Fébruari 2013 16:14:50
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Sami-sami A Iwan. Nyanggakeun.

03 Fébruari 2013 16:04:15
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Super Sonik" kénging Nasrul Jatnika

Kapungkur nuju diajar ngaos di madrosah, aya pamanna rerencangan nu gaduh ajian saefi angin. Saurna Cirebon Bandung mung memenitan. Kapungkur mah teu percanten. Asa rahul. Horeng ku fiokmin Kang Nas mah kawaler tah, leres geningan aya dikieuna elmu aheng sapertos kitu teh.

03 Fébruari 2013 15:49:36
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Ayun Asih" kénging Yuharno Uyuh

Istri sajati..

03 Fébruari 2013 15:47:21
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Sang SÉna" kénging Hadi Aks

Ngiring tunggara, karaos pisan nyeuitna. Incest teh tos aya ti kapungkur ning.

03 Fébruari 2013 15:21:20
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Parantos diinbokkeun, kantun dideres. Pondok da namung pepel eusina numawi ku Tik disave oge. Panasaran pisan ku Sancang teh.

03 Fébruari 2013 15:19:41
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Mangga Aa..hehe, dengan senang hati..

03 Fébruari 2013 15:12:46
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Kang Iwan, abdi tos ngainbokkeun seratan kang haji ka Kang Nas. Akang peryogi?

03 Fébruari 2013 15:05:56
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Kang Nasrul Jatnika, Kang Iwan Hanjuang sareng Kang Haji Usep Romli Abdul Hamid,. Alhamdulillah, kapendak geningan seratan teh. Ku abdi bade diinbokkeun we ka kang Nasrul.

03 Fébruari 2013 14:55:06
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Kang Iwan, Kang Nasrul Jatnika, abdi mah maos seratan Kang Haji Usep teh dina PR.

03 Fébruari 2013 14:53:32
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Kang Iwan, akun Kang Haji Usep teh tos 3 kali aya nu ngahack. ayeuna nu asli mah nya Usep Romli Abdul Hamid. Nu sanesna mah dianggo ku batur, Numawi sing atos-atos, da aya nu dianggo ku nu masarkeun gadget sagala.

03 Fébruari 2013 14:42:27
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Ahir Cimata" kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu

Nyimas, sidik meni hoyong ngariung deui siga kapungkur teh. Asa karaos dudulurana. Iraha urang tiasa tepang deui nya?

03 Fébruari 2013 09:35:44
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Ahir Cimata" kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu

Kang Iwan Hanjuang, janten we emut kana lagu " Girimis Kasorenakeun"

03 Fébruari 2013 01:37:20
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Gelik Suling Di Mumunggang" kénging Yuharno Uyuh

Duh, Neng Mamay sareng gelik sora suling, janten fikmin nu nurihan ati kieu. Ka Rumentang deui ah..

03 Fébruari 2013 00:13:37
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Dunya Geus Tibalik" kénging Eros Rosnida

Nuju usum " Menggunting dalam lipatan" teh ayeuna mah. Sobat ge dibadug kanggo ngutamakeun ambisi pribadi.

03 Fébruari 2013 00:09:51
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Èdna" kénging Dewi Ratna Damayanti

Edna nu ngahiang dina ombak laut.Neng May, dina fikmin-fikmin salira teh teu weleh aya nu sarimbag..amarah sareng cai.

03 Fébruari 2013 00:09:17
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Ahir Cimata" kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu

Ahir tina sagalana, Nyimas. Diurugan taneuh beureum..kantun mayunan hirup nu saenyana di alam abadi.

03 Fébruari 2013 00:09:05
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Jumaahan" kénging Rameli Agam

Fikmin nan up to date. Dicoceng ku nu bodas ngeplak deuih..duh, nyaan dunya mah matak poekkeun.

03 Fébruari 2013 00:08:53
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Kasarung" kénging Teti Taryani

Hadeuh...mingkin aheng. Imajinasina tambih liar. Jabi jelas pisan ieu mah bogalalakonna indung budak..Biasana fikmin aheng mah kagungan bapa-bapa nu gaduh lalakonna ge bapa -bapa..Hebat Aceuk..!

02 Fébruari 2013 23:46:47
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Teh Lies Tjandra Kantjana, muhun Teteh mah tangtos moal tingtrim, sadaya jirim gaib bakal narembongan. Sami sareng pun anak, bet ameng ka perkemahan Cikole Lembang wae ge ngadat alim lungsur tina mobil.

02 Fébruari 2013 23:45:17
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Teh Eros Rosnida, muhun tangtos bakal janten pangalaman nu aheng. Lebet ka leuweung tempat ngahiangna Prabu Siliwangi. Mistis, eksotis..

02 Fébruari 2013 23:41:47
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Kang Iwan, kutan kitu? Duka ketang tingtrim teh pedah aya nu nyandak tingtrim we kana manah..asa reugreug.

02 Fébruari 2013 23:23:58
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Tangtos we, Kang .Da di Astanagede mah tik oge teu asa aya di makan, asa tingtrim teh..komo nuju maos fikmin mah. Asa kacandak hurung ku nami Dyah Pitaloka. Di Sancang mah seueur nguping wartos ti wargi nu Garut, sanget pisan saurna. Ulah sompral.

02 Fébruari 2013 23:16:55
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Teh Eros Rosnida, hayu kemon. Cuang usulkeun ka admin..saba sastra ka pakidulan sakantenan urang amengan ka sancang..Kacipta pisan. Maca fikmin di sancang, boa nu nongtonna teh nu eta nya?

02 Fébruari 2013 23:13:39
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Talatah" kénging Dadan Sutisna

Hadeuh...carinakdak Kang Dan. Eta pungkasanana, nya ngarenjag pisan nya meni " So Sweet" kitu. Top deui wae fikmin teh. Dicopas ah, kanggo peperenian. Fikmin realis nu ngageterkeun mamaras rasa.Nu ngintun kembang hadiah ulang taun, tabuh 12 wengi...surprise!

02 Fébruari 2013 23:06:28
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Kang Iwan, eta pantrangan teh aya nu lucuna, dugi ka nyebat munding oge teu kenging.

02 Fébruari 2013 23:04:14
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Kang Iwan, hayu..urang rombongan sareng FBS. Pasti asik geura.

02 Fébruari 2013 23:03:09
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Kang Haji Usep Romli Abdul Hamid, bentukna kliping koran, Kang.Biasana abdi nyimpen seratan Akang teh tina note. Nu ieu mah ngagunting tina koranna.

02 Fébruari 2013 22:55:01
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Kang Iwan, Kang Nasrul Jatnika, Abdi ge kantos maos seratan Kang Haji Usep Romli Abdul Hamid eta. Dimuat dina PR, Malih dikliping, kataji pisan. Dugi ka hiji waktos mah hoyong ameng ka Sancang.

02 Fébruari 2013 22:46:08
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Lalampahan Tangkal Kaboa" kénging Iwan Hanjuang

Kang Iwan Hanjuang, muhun kacipta tingpuringkakna we, tepang sareng nu kararitu.

01 Fébruari 2013 00:37:11
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Nu Mayunan Sumping" kénging Yayan 'Bedog' Supriatna

Siip..sapuk pisan. Saktina tos kabuktosan. Eta Neng Mey Lan lebet nu diajen ku Hadiah Sastra Rancage, wilujeng. Reueus pisan, Kang Yan.

01 Fébruari 2013 00:35:13
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Rambut Kusut" kénging Teti Taryani

Sakitu ge tos katawis kelir nalaktakna. Keren..Teraskeun Aceuk.

31 Januari 2013 22:47:21
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Rambut Kusut" kénging Teti Taryani

Nuju resep mikmin ules nalaktak rupina. Siiip..Aceuk.Bingah aya nu ngawakilan, Eteh mah teu acan tiasa.

31 Januari 2013 22:04:44
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Campala" kénging Iwan Hanjuang

Tos ngadamel carpon tea, Kang. Kantun diapungkeun kana email. Fikmin nu ieu mah liket pisan. Namung intina mah kahartos. Pokona sae pisan, Nyanggakeun jempolna kanggo nambih sumanget.

31 Januari 2013 21:57:42
Tiktik Rusyani ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

Wilujeng, Bah. Sakalina teuleum deui dina lapak urang, salira langsung total. Siip..

31 Januari 2013 16:21:16
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Nu Mayunan Sumping" kénging Yayan 'Bedog' Supriatna

Janten emut kana dongeng radio taun 70-an katompernakeun, nu kasumpingan " Si Tegep " teh ngalahirkeun putra, namina Sirod. Sakti pisan, sok nyebat Sirod 3x pami nuju padungdung teh.

31 Januari 2013 16:10:21
Tiktik Rusyani ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

Wilujeng Kang Ganjar Kurnia, ngiring reueus..

31 Januari 2013 08:14:48
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Nu Nulis" kénging Éndah Dinda Jénura

Ngabelesat pisan..!Fikmin Neng Endah mah sami wae, bade seuseut bade cikruh, always extraordinary..Survey membuktikan! Sip pisaaann..! Taluk..

30 Januari 2013 10:35:37
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Nu Ditaranjangan" kénging Entjep Sunardhi

Abdi kantos maos komikna nuju SD. Kapungkur mah seueur pisan komik anu sarae teh. Karya-karya H.C Andersen sareng Jacob Grimm. Ayeuna mah pun anak kalahka ngoleksi komik jepang, nu araneh, teu aya picontoeunana.

30 Januari 2013 10:16:21
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Arransemen Panungtung" kénging Iwan Hanjuang

Fikmin panggeuing nu ngajak ngaji diri. Ageung karumasa hirup ngan ngungudag dunya, Padahal sagala ge aya ahirna, kapan saur Akang ge aya turnbeat pami dina lagu mah. Hatur nuhun, Kang.Nyanggakeun jempol nu aramis ti Sayati.

29 Januari 2013 17:32:46
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Nungguan Nu Ngarahuh" kénging Neneng Yatikurniati

Alewoh pisan da juragan pesbuk teh. Teu liren tataros, meni "care" pisan.

29 Januari 2013 17:21:08
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Dina Hiji Mangsa" kénging Dewi Ratna Damayanti

jalan cagak nu netek nanjak..mending disorang ku duaan, wios rundag-randeg oge, asal tong leupas silicepengan. Diajar melow pedah nuju galow, sae..tos aya geterna.Asah teras , ke ge tiasa ngudag Kang Budi Mugia Raspati geura.

29 Januari 2013 17:03:00
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Laki Rabi" kénging Asep Komara

Fikmin nu sampurna, asa maos fikminna Kang Dadan Sutisna kamari. Aya lenyepaneun dina unggal ungkarana. Nu tamat ngajina horeng teu janten ukuran bener hirupna. Tato ros beureum tangara tina hirup nu kadalon-dalon kapaksa ku kaayaan boa. Tapi tiasa mulih deui kana hirup nu cageur deui, komo nu janten pasangan hirupna ngajak kana jalan nu lempeng bener.

29 Januari 2013 16:50:24
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Hariring Peuting" kénging 'Eboed' Eman Budiman

Kedah enggal "Move On". hirup moal ngantosan nu tunggara. Satungtung aya keneh cahaya matapoe, harepan mo weleh ngagupayan.

29 Januari 2013 16:16:25
Tiktik Rusyani ngoméntaran Fikmin "Sagagang Kembang Ros Beureum" kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu

Kabita ku kembang ros na, ke pami tos seueur, kintun ka Sayati, Nyimas.