Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 30 Oktober 2014 05:50:17
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Salasa, 30 Séptémber 2014 00:41
Rubi'ah Adawiah: " assalamu'alaikum warahmatullah kularwargi sadaya, resep pisan ningal blog-na. eusina rupi-rupi anu janteun pangaweruh, mugia ngajanteukeun barokah tina elmu anu tiasa kamangpaatkeun. Aamiin..."
Kemis, 21 Agustus 2014 08:23
Intan Permata: " Asa lebet ka kebon kembang warna..."
Saptu, 16 Agustus 2014 12:32
Iwan Nurdiansyah: " betah, nambahan pangaweruh, utamina basa nu buhun, nu murwakanti, nu ngandung siloka,..."
Jumaah, 15 Agustus 2014 09:57
Dharma Lesmana: " Hoyong ngitun artikel, kamana..."
Kemis, 14 Agustus 2014 09:06
Alex Hasan Sapari: " Assalaamu'alaikum... Sampurasun...! Kalintang bingahna sim kuring tiasa gabung di grup FBS ieu. Aya sakedik pamundut; Rumaos bodo kana basa luluhur téh, utamina mah perkawis Undak Usuk Basa sareng cara ngalarapkeunana. Rupina upami di Tepas Fikmin ieu--di sagédéngeun Kamus Basa Sunda--di-postingkeun Undak Usuk Basa, tangtosna Tepas Fikmin téh janten langkung sampurna. Hatur..."
Rebo, 13 Agustus 2014 12:09
Aliayachoer: " ..."
Rebo, 25 Juni 2014 10:15
Mang Eboed: " Naha teu tiasa muka..."
Kemis, 12 Juni 2014 11:48
Ifunk Anker Karindink: " Assalamualaikum, wilujeng wayah kieu..."

Koméntar Kanca • Godi Suwarna


Nu kasair ku FBS, Godi Suwarna geus nyerat 10.441 koméntar. Runtuyanana aya di handap, dumasar kana waktu panganyarna. Dipidangkeun per kaca 50 koméntar.
18 Maret 2013 14:47:00
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "BalÉg TampÉlÉ" kénging Ki Sunda Sawawa

:"Hahahaha...!"

18 Maret 2013 14:44:32
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "BalÉg TampÉlÉ" kénging Ki Sunda Sawawa

Ki Hasan:"Ke, ke, Ki Sunda Sawawa sareng Ambu Pikar teh jalmina eta-eta keneh, Ki..? Asa sami pok-pokan sareng titik-komana, nya..? Haha...."

17 Maret 2013 13:02:21
Godi Suwarna ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

:"Jang rwin Wahyudi-na ka mana, nya...?"

16 Maret 2013 16:44:50
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Kakangen" kénging Liezbella Swanzen

:"....sareng diksina alias pilihan kecap-kecapna nu karaos mirasa pisan...."

16 Maret 2013 15:19:33
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Kakangen" kénging Liezbella Swanzen

:"Duuh, hapunten, lepat mencet, ma'lum ngetikna diajar keneh. Haruuuh, aingah, jadi kaburan
Pangacian. Hilap deui we tadi teh seja komen nanahaon...."

16 Maret 2013 15:15:30
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Kakangen" kénging Liezbella Swanzen

:" Ules sareng galindengna mah caket-caket kana sajak. Pelem dekh..! Karaos dina ngawirahmakeun sareng

16 Maret 2013 15:04:27
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Lalogor" kénging Yusuf S. Martawidénda

:"Haha..! Cobi atuh nu sajeungkal eta mah ulah dugi ka sina langsing, Ang.." :D

16 Maret 2013 15:00:55
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Surabi" kénging Tito Wicarda

:"Weis, asooy, Aaang...! Kacipta nu soca sorabieun. Mangkaning tangtos baradag, marinu'u dina malem minggu kieu mah...! Sakedik, Ang..! Pami teu lepat, 'kareungeu' mah sami sareng kadenge. Cobi geura tingali dina kamus...!"

16 Maret 2013 14:42:52
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Mahiwal" kénging Budi Dharsono

:"Whahaha...! Aya ku teu euleum-euleum and teu kireum-kireum fikmin teh, Ang..! Waas..! Asa mireng dongeng Aki Emri, jago rahul di lembur uing baheula. Tapi mun dipikir-pikir deui mah bisa wae eta onta teh sakadar siloka, nyilibkeun kajadian nu saenyana..! Muantaaaf, dekh..!"

16 Maret 2013 10:06:14
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Lalakon Lutung Kasarung (14)" kénging Irman N Dimyatie

:"Rencana mah sasih April. Ke cuang ramekeun deui, ang..."

16 Maret 2013 10:04:07
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Sang Kalangkang" kénging Ibnu Hijar Apandi

:"Heded, heded, hedeeed....! Edun ieu mah fikmin teh. alah batan kaum eksistensialis nu cenah hirup nyorangan, tapi da angger jeung kalangkangna. Ieu mah taya kalangkang-kalangkang acan. Nunggelis teh nyaanan pisan, Ang..! Keueung aingaaaah....! Tuluuuung...! Tuluuung...!"

16 Maret 2013 09:45:52
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Gara-gara Ngebut" kénging Iwan Kurniawan

:"Weiiis, asooy, Aaaang...! Tah, sim uingah resep pisan kana fikmin model kieu teh. Mirasa pisan. karaos seresetna gelasan kana beuheung. Kacipta. Bujeng-bujeng kana beuheung, kana curuk ge apan sok peurih kacida. Atuh tungtungna aheng suraheng pisan. Teu beak-beak ngawawaasna....! Hebriiing, briiing, briiing...!"

16 Maret 2013 09:16:56
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Surak Nu Teu Tarik" kénging Dewi Mentari

:"Alaaah, wararaas...! Asa jaman cinta kunyuk. Yaktos, sok araraneh lalakon cinta jaman harita mah. Siiip dekh...! Kayungyun ku nu 'ragrag bogoh' dina ieu fikmin...!"

16 Maret 2013 09:12:46
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Geber-geber Hihid Aing" kénging Mang Opang

:"Weiiis, ujug-ujug dibabuk sataker kebek. Reuwas beak karep. Mangkaning mayunan malem minggu kieu mah meujeuh ngahenang-ngahening..."

04 Fébruari 2013 12:40:48
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging anjeunna.

Indah Eka Lestari:"Haha..! Nuhun jemp[ol katumbirina, Neneng...! Der deui mikmin, ah..! Tos lami uing teu maca fikmin Neng Indah..."

04 Fébruari 2013 12:39:33
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging anjeunna.

Dadan Sutisna:"Weiiis, hebring kitu komenna, Jang..! dugi ka emut carita naeun wae nu aya kecap 'nyuredik', malah lengkep dicutat jeung kalimahna. Ck,ck, ck..! Tepi ka bisa kitu ari Jang Dadan...! Heibaaat dekh..."

04 Fébruari 2013 12:35:18
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging anjeunna.

rwin Wahyudi;"Muhun, emut pissan kana gorowok Wa Kepoh: 'Heey, tatangga Sabeulaaah..!' cenah, dina hiji iklan radio. Sok sanaos dilepatkeun ku para ahli basa Sunda, nanging eta iklan janten kakoncara pisan, da janten dedengeun...! Hoyong seuri ku kalepatanana..."

04 Fébruari 2013 12:27:51
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging anjeunna.

Teti Taryani:"hehe..! Singhoreng, simanahoreng, ieu fikmin tiasa disurahan sapertos kitu oge, nya, 'Ceuk..? Wanita karier nu teu weleh sibuk pakepuk sapertos Aceuk..! Siiip dekh..! Nuhuuun, 'Ceueueuk...!"

04 Fébruari 2013 12:24:27
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging anjeunna.

Nasrul Jatnika:"Weiiis, surahan nu euyeub kacida ku 'boa-boa'..! Da yaktos pisan, pamaca mah mung ukur tiasa nyurahan ku 'boa-boa'. langkung seueur 'boa-boa'-na, fikmin bakal langkung jembar. Tah, tina surahan Yi Haji, uing gaduh ide pikeun ngedit pungkasan ieu fikmin. Ungkara; 'Pakepuk di nagri sabrang' diedit janten; 'Kasarung di nagri sabrang'. Asa bakal langkung jembar. Hatur nuhuun, Yi Haaaaj..."

04 Fébruari 2013 12:20:04
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging anjeunna.

Dedi Pakot:"Hatuuur nuhuuun, Aaang...! Mugia tiasa namper sasieureun, sabeunyeureun..."

04 Fébruari 2013 12:11:13
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging anjeunna.

Ki Hasan:"Taah, eta, Ki Haj..! Sim uing mah sok 'terkagum-kagum' ku nu baretah ngumbara lami di mancanagara. Da rumaos sakalieun nganjang sakedap ge uingah sok hayang buru-buru mulang. Paling lami betah teh ukur sabulan. Ka dituna mah sok kalah carangkeul hate.." :D

04 Fébruari 2013 12:04:50
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging anjeunna.

Ahmad Fawzy Imron:"Hatur nuhun surahanana nu sakitu mundelna, Yi Haj..! Sim uing salaku tukang ngarang teu weleh ngantos surahan nu matak nambihan kajembaran eusi fikmin...! Kitu deui surahan nu mangrupi koreksi, kangge ningkatkeun karancagean..."

04 Fébruari 2013 10:45:04
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging anjeunna.

Dadi Arya:"Kade, Ang Dad..! Boa awak urang ge tos kantun sabeulah. Mung, teu karaos we ku urangna..! Haha..."

04 Fébruari 2013 10:43:09
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging anjeunna.

Apoedy Sarah Ihsan:"Haha...! Tangtos kana kitu. Kantenan nu tos uninga bentenna 'sabeulah' sareng 'sebelah' mah..!" :D

04 Fébruari 2013 10:41:51
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging anjeunna.

Jonny Taurus:"Yaktos, kitu pisan, Ang...! Etang-etang ngabentenkeun kecap 'sabeulah' dina basa Sunda sareng 'sebelah'-na basa Enonesa..."

04 Fébruari 2013 10:05:14
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging anjeunna.

Ki Sunda Sawawa:" Hehe..! Surahanana mah sumangga nyanggakeun bae, Ang..! Mung, ieu fikmin kaidean oge ku novelna Italo Calvino, pangarang kalahiran Kuba nu gede di Itali. Dina novelna nu aheng, judulna hilap deui, anjeunna nyaritakeun veteran perang nu mulang ka lemburna. Nya kitu, awakna kari sabeulah, leres-leres sabeulah, da nu sabeulah deui ancur di medan perang..."

04 Fébruari 2013 09:55:12
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging anjeunna.

:"Ieu fikmin kaidean ku fikminna Jang Haji Shohiba Nu'man nu judulna sami nanging benten eusi. Nyanggakeun, Sujaaaank...!" :D

04 Fébruari 2013 09:47:56
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Tatangga Sabeulah" kénging anjeunna.

Noorfatah Muhammad Dimyati:"Hehe..! Nyanggakeun, Ang..."

04 Fébruari 2013 09:12:47
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Béja Balik Ti Dugem" kénging Rudi Riadi

:"Whahaha..! Aya kituna ari Cik Gu..! Fikmin gulak-gilekna tos hebring pisan lah..! Tina fikmin budar-bodor biasa kawas Ha-Ha-Ha dina Mangle, ayeuna tos lebet kana kolom seni fikmin...! Heibat dekh..!"

04 Fébruari 2013 02:00:44
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Nyelengit Dalapan Éngang…" kénging Apoedy Sarah Ihsan

:"Hahaha...! Ieu mah fikmin parodi. Nyindiran ka nu sok mikmin dalapan engang...! Pokona mah, edol kenoh dekh...! " :D

04 Fébruari 2013 00:25:59
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Dasar Kudu Kanyahoan" kénging Budi Dharsono

:"Wios beukah pangambung mah. Asal ulah beukah anyut we..! Burut namina..! Haha..."

04 Fébruari 2013 00:09:57
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Fikmin" kénging Abah Sarjang

:"Tegeeep, Baaaah...! Ieu mah drawing-an karya Abah, sanes? Sanes kenging ngunjal tina gambar-gambar internetan, nya? Asa apal gurat-guritna..."

04 Fébruari 2013 00:07:57
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "'Bioskop Keliling'" kénging Ki Sunda Sawawa

:"Siiip dekh, Aaaang...! Tambih genah tur merenah ungkarana. Tambih euyeub lenyepaneunana..! Muantaaaf...!"

04 Fébruari 2013 00:05:27
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Dasar Kudu Kanyahoan" kénging Budi Dharsono

:"Hedeeeed, Aaaang...! Wirahma dalapan engang kangge ngasah rasa basa, memang peryogi dicobi...! Kantenan, da ieu fikmin teu kajongjonan dina ngadalapan engang. Tapi aya renjaganana oge dina pungkasanana...! Pedooo eloooom...!"

03 Fébruari 2013 23:58:49
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Wirog Rewog" kénging Helmi Pakudjati

:"Hahaha...! Asoooy, Aaaang...! Tina fakta dipentangkeun jadi fikmin nan rahul kabina-bina..! Siiip dekh..!"

03 Fébruari 2013 23:55:26
Godi Suwarna ngoméntaran postingan kénging Ganjar Kurnia

:"Ang Dadan Sutisna, Ang Hadi Aks, sareng nu sanesna deui, diantos pisan di Pos Ronda..."

03 Fébruari 2013 23:54:10
Godi Suwarna ngoméntaran postingan kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi

:"Sae ieu kamandang teh. Mung, yaktos, sanes fikmin. Langkung sae ieu mah dijantenkeun dokumen bae kangge ngeuyeuban pangaweruh di ieu lapak fikmin..."

03 Fébruari 2013 23:37:44
Godi Suwarna ngoméntaran postingan kénging Kuncen Fbs

:"Hiduuup Ang Ganjar...! Majuuu peruuuut...! Pantaaaat munduuuur....!" :D

03 Fébruari 2013 21:20:30
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Sang SÉna" kénging Hadi Aks

:"Weiiis, geuning karuhun uing bisa jadi fikmin nu tegep kieu, yeuh! Teu kapikir ku uing mah..! Tapi kirang rame, ah, da sugan teh Sempakwaja (Luluhur langsung sim uing nu kiwari ompong) rek sina hog-hag, tuluy gelut jeung Mandiminyak, marebutkeun harga diri..." :D

03 Fébruari 2013 14:20:38
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Jubah Goni" kénging Rudi

:"Jiiih, nya kedah naeun deui nu didugikeun ku sim uing? Da fikminna tos heded pisan. Mangrupi kiritik sosial nu pohara tarikna, tapi teu karaos vulgar da dibungkus dina lalakon wanda dongeng aheng nu matak pogot macana..! Kantenan waktos dugi kana pungkasanana nu sakitu 'ngajelegurna.' Tegep, Ang..! Nyaan..!"

03 Fébruari 2013 14:01:30
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Pangeusi Kamar Nomer Dualas" kénging Mbi Chymepm

:"Kantos aya iklan dina radio: Heeey, Tatangga sabeulaaah...!' cenah. Kacipta eta tatangga nu ngan sabeulah. Pasti pikasieuneun pisan..."

03 Fébruari 2013 13:57:56
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Pangeusi Kamar Nomer Dualas" kénging Mbi Chymepm

:"Mbi, rupina 'sabeulah' di dieu mah tina kecap basa Enonesa: Sebelah. Sabeulah dina basa Sunda benten tebih ti sebelah basa Enonesa..."

03 Fébruari 2013 13:55:19
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Super Sonik" kénging Nasrul Jatnika

:"Asoooy, Yi Haaaaj...! Asa lalakon-lalakon Pun Uyut baheula..! Upami anjeunna tos nyarioskeun nu karieu teh uingah sok madep-madep weee.."

03 Fébruari 2013 13:45:25
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Jubah Goni" kénging Rudi

:"Eduuun, Aaaang...! Muantaaaf fikminna...! Siiip dekh...!"

03 Fébruari 2013 13:42:14
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Ayun Asih" kénging Yuharno Uyuh

:"Jempol, Ang..! Cita-cita saban Abah we sugan mah. Kantenan upami bari leah diwayuh mah. Teladan pisan..! Heuheu.."

03 Fébruari 2013 13:38:55
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Ngajul Bulan" kénging Sang Guriang

:"Can patos tiasa neleban eusi, da ieu nembe jebul ti dayeuh. Kabur pangacian keneh. Mung, nu karaos ku sim uing, asa seueur teuing koma. Ngaosna janten dalukdek. Kitu manawi kangge sementawis mah...'

02 Fébruari 2013 23:27:37
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Ajengan Nyabok Santri" kénging Sarabunis Mubarok

:"Haha...! Jempooool, Mama Sarabunis..! Tos lami sim uing teu dicabok. Diantos ameng ka rorompok, ah..! Cuang silih gampleng sapertos kapungkur...!"

02 Fébruari 2013 23:23:25
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Talatah" kénging Dadan Sutisna

:"Haha...! Asoy, Jaaang...! Ka uing ge kungsi aya nu ngirim keusik sa-treuk tengah peuting jemplang-jempling..! Implik-implikna; 'A, wilujeng ngawangun sanggar. Ti abdi nu teu weleh sono. Dewi Persik. cenah. Cing atuh, puluh-puluh bogoh ge ulah barang kirim tengah peuting, barabe nurunkeunana..."

02 Fébruari 2013 02:20:47
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Dongèng Isin" kénging Nazarudin Azhar

:"Diksina edun lah. Ngaran jalma, ngaran tempat, kecap-kecap nu tos 'klasik' ngantebkeun rasa dongengna. Sigana, ieu fikmin teh kaidean ku paribasa: Nini-nini leungit sapeuting, kari-kari isukna tai maung huisan..! Haha..."

02 Fébruari 2013 02:04:16
Godi Suwarna ngoméntaran Fikmin "Saba'da Isya" kénging Dodi Rohyadi

:"Siiip, Aaaang...! Matak pogot ngaosna..! Diantos fikmin salajengna, ah..."