Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder timbangan


UMUR

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 07 Juni 2017 08:35:30

Karya : Ajang Yustiana

Manéhna terus leuleumpangan mapay-mapay lembur demi lembur sakapanggihna. Unggal panggih jeung saban jelema, manéhna nanawarkeun pangabisana. "Peryogi umur? Bilih peryogi, mangga tiasa diperpanjang ku abdi." Saban jelema nu ditawaran, bet tuluy tingbalieur teu maliré. Unggal imah diketrokan, unggal lembur dipapayan, hiji gé can aya nu daékeun dipanjangkeun umurna. Nepi ka hiji poé, manéhna manggihan hiji lembur dina lalampahanana. Dina palebah gapura mah ngaran lemburna téh Babakan Umur. Pangeusi lemburna saroméah pisan. Basa manéhna keketrok ka hiji imah, tuluy baé dibagéakeun ku nu bogana. Ngan asa manéhna nanawarkeun umur, harita kénéh nu boga imah téh mésem bangun nahan piseurieun, tuluy pok: "Éta mah katerampilan dasar murangkalih TK, atuh, Pa. Justru urang dieu mah tos barosen hirup."

------------------------------------------
Timbangan :

GULANGKEPNA IDEU JEUNG KAMOTEKARAN

Mahalna \'Ideu\' atawa \'Gagasan\'.

Kawasna dina umumna kahirupan kiwari diantara nu saeutik turta masih merenahkeun aspek kreatifitas salaku ajèn nu kawilang mulyana, meureun ngan dunya kasenian. Kuma teu badè kitu kapan gumelarna karya-karya seni nu nyongcolang mangrupa hal nu identik pisan reujeung tumuwuh suburna ideu atawa gagasan nu dipiboga para kreator seni. Cimekblekna dangiang kreatifitas bisa diindikasikeun
\'macetna\' ideu-ideu kreatifitas salaku huluwotan hiji \'kedinamisan nilai\' dunya kesenian disagigireun faktor-faktor minor sejenna.

Mun dititènan gemet balukar tina \'industrial arts\' hakèkat seni salaku \'ekspresi kreatif\' kiwari geus teu puguh hulu buntutna, kabeh kadar ngudag kauntungan material saharitaeun. Sifat ngahargaan kana hakekat \'orisinilitas\' lir geus ditalapung ngapung jauh ngalanglaung ka alak paul, nu balatak sotèh ku pidangan-pidangan sarwa epigon (tuturut munding) nu silih tèplak silih jiplak bari hasilna ngan sakocèplak. Utama hal ieu lumangsung dina pidangan-pidangan \'pop arts\' nu suka teu suka geus nyapirakeun inajen apresiasi seni sajati. Nu kasebut \'instan\' saèstuna pikeun ngagiwarkeun maneh tina hal-hal kumaha \'mahalna\' ideu atawa gagasan katut proses kreatifna nu sok dihubungkeun reujeung alesan sabab hèsè migawèna sarta beurat ngawaragadanana.

Kasebutna seni sastra nu memang tacan kagolong kana seni populis tapi hakekat pentingna ideu atawa gagasan ngabogaan fungsi nu taya bèdana, dina harti pinunjulna hiji ideu atawa gagasan jadi hiji hal nu fundamental kacida. Naon hartina ngawasa masalah elemen-elemen teknis serat sinerat lamun teu boga ideu atawa gagasan nu hadè tur orsinil. Matak teu anèh mun \'syndrom epigonis\' jadi hal nu hesè dileungitkeunana, samalah dina dunya serat sinerat sastra mah babari pisan katohyan sabab kantun ngabandingkeun data tulisanana. Didieu dina karya sastra, ideu atawa gagasan bakal ebrèh tina hal milih tema, metafor, ungkara, plot jeung wanda-wanda sejènna nu saeutik lobana bakal nangtukeun karakter kapangaranganana. Komo pikeun nu awam dalah nu geus rada lila ngamimitian icikibung oge pasti bakal ngarasakeun yen nu ngaran "ideu" teh estu teu babari malah bisa disebut \'mahal\' kacida!

\'Memanusiakan idea-idea\'

Nambut jargon mahaguru kuring Suyatna Anirun (dedengkot Teater), nu nètèlakeun kumaha mitembeyan \'daya khayal\' nu saterusna diwangun jadi \'ide-ide konstruktif\' tutas ayana selektifitas jeung timbangan-timbangan sejèn sangkan \'mengerucut\' nepi ka teu pati hesè dijangèlèkeun jadi hiji karya krèatif. Nu disebut \'memanusiakan\' nyaeta hiji jirim karya kreatif nu pinuh ku bobot sifat \'kamanusaan\' pikeun dipidangkeun ka manusa sejen (balarea) atawa ngahaja disosialisasikeun, kapan ari kakara jadi ideu mah ngan semet jadi padungdengan dina rasa jeung pikiran pribadi pangarang. Nya lebah proses ngolah ideu jadi hiji karya dperlukeun pisan pakarang-pakarang \'keterampilan\' atawa padika bagbagan kasenian (misal : padika ngarang) sangkan jijieunana nepi kana pamaksudan nu diajam ti samèmèhna kalawan lulus banglus.

Lian ti bakat (talenta), ditandeskeun ku Suyatna Anirun yèn \'manusia adalah mahluk penyerap yang luwes\'! Hiji pertelaan kumaha pentingna \'minat\' daria disagigireun bakat nu nyampak, ku sifat temen wekel, ngeureuyeuh sarta teu bosenan tinangtu ngajadi hiji hasil nu nyugemakeun. Pan kitu deui dina hal proses kreatif dunya kapangarangan perkara \' trial and error\' mutlak sifatna. Samalah nu satadina diangap hèsè atawa mahal kacida munasabah kadituna bakal jadi hal nu kawilang hampang utamana keur ngawangun sifat \'refleks\' nu hadè atawa ngabogaan \'naluri kreatif\' nu seukeut.

Ideu mencrang dina "Umur"

"Umur" karya sinerat Ajang Yustiana sidik pisan lain carita nu asup akal (logis), tapi naha bet langsung bisa kasurti ku para sidang pamaca? Ki adi Ajang lain kadar hayang ngadongèng nu sumender kana logika carita nu gampang diteureuy buleud, tapi kajudi aya nu hayang \'ditepikeun\' kalawan malibir. Silokaning kahirupan nyata jadi ideu carita fikmin nu ceuk tinimbangan kawilang mèncrang alias mahal! Teu bisa sambarang ideu samodèl kieu bisa nyampak kitu baè di sakabèh pangarang, sabab pukuat-pakait jeung \'kepekaan\' nèwak fenomena penting tina kahirupan.

Najan cenah hiji karya bisa ngabalukarkeun multi tafsir, kawasna lebah ngaapresiasi "Umur" ampir sadaya para sidang pamaca boga kacindekan apresiasi nu moal jauh bedana. Kecap \'Umur\' nu dipake judul lalakon meureunan dipapandèkeun pikeun perkara katugenah, kasangsaraan, kateuadilan jeung perkara-perkara kawaluratan hirup sèjènna nu geus lumangsung kapapanjangan nu duka teuing iraha anggeusanana sangkan tinemu jeung kabagjaan. Kapan eta meureunan \'moralitas\' nu hayang ditepikeun ku pangarang nu bisa disebut \'Point of view\' dina ieu leunjeuran lalakon.

Pikeun para pangarang manggihkeun \'Amazing idea\' samodel kieu bakal pohara bagjana lir manggih emas atawa inten, dalah meureun keur ki adi Ajang pribadi dina hiji mangsa bakal hareugeueun sorangan yen inyana makè kungsi boga ideu samohèr kieu! Atuh satuluyna lebah \'memanusiakan\' kapan diperlukeun proses kreatif nu dibarengan ku kamotèkaran sinareng pangawasaan pakarang-pakarang sinerat sastra. Istimèwana deuih najan logika carita nu kawilang absurd, pangarang teu ngahagal \'dijlimet-jlimet\' pidanganana sabab diungkarakeun kalawan ngaguluyur ècès tur gampang pikahartieunana. Hal saperti ieu kungsi kapanggih dina absurditas sastra dunia ti Eungene Ionesco dina karyana \'Rhinoceros\'. Realis absurd? Ongkoh realis ongkoh absurd, keun bae tong teuing dipikiran....hè hè.

"Umur" bisa ngajanggelek kawilang nyongcolang teu sakadar jadi hiji hal nu \'kabeneran\' ti hiji fikminer nu kiwari mukim di Borneo. Ieu fikminer geus cukup waktu ngalalakon nu dibuktikeun ku inyana ngaliwatan dèdikasi dan kasatiaan dibarengan ku produktivitas nu teu kendat dina ulu-biung di lapak fbs nu dipikacintana. Inyana nu teu welèh motèkar ngasah diri nu antukna kiwari ngajirim jadi salah sahiji fkminer nu asup kana golongan fikminer petingan. Malah kabandungan asakna ngolah tematik jadi hiji kakuatan nu nenggang, anapon ekspresi tulisan dina pilihan wanda realistis nu teu ngarèka-rèka ungkara malah jadi \'style\' mandiri pikeun dirina. Ngangkat tematik nu orsinil (langka kapikiran ku batur) kawasna jadi pilihan utama nu dirasakeun loyog pikeun ngèbrèhkeun karakter kreatifitasna.

"Umur" ceuk Content jeung Form

Geus cukup dièbrèhkeun saperkara kumaha mèncrangna ideu tematik lalakon, sacara content (eusi) nu dilalakonkeun kawilang atra mèrè informasi-informasi nu bisa dilenyepan sanajan gembleng dina wangunan silokaning lalakon. Kalimah konci nu kudu jadi puseur tematik lalakon kasurti kalawan teleb nu nyamuni dina paguneman : "Èta mah keterampilan dasar murangkalih TK, atuh Pa. Justru urang dieu mah tos barosen hirup." Kalimah nu jero hartina pikeun lenyepaneun! Murangkalih TK....? Oh meureun, kawaluratan hirup tèh bakal panjang kènèh pisan lalakonna, da sanajan teu dipikahayang geuning geus kawariskeun ka anak incuna....duh deudeuh teuing.....di nagri nanahaon atuh ieu tèh? Pungkasan lalakon nu munel kacida pikeun lenyepaneun jadi hiji kakuatan nu \'nenggel\' pikeun nu maca.Telak!

Saliwat di luhur tos kajèntrèkeun perkara form (wanda) pidangan, nyaeta ki adi Ajang Yustiana èstu sahinasna dina ungkara lancaran nu teu dipapaès ku roncè-roncè nu anèh-anèh nu samalah jadi hiji kakuatan nu efektif sangkan gampang dipikasurtina. Mungguh kitu sanyatana balikanan diahèng-ahèng moal boa bakal hèsè diapresiasi ajèn inajènna. Atuh perkara guluyur carita katingal asa pondok (kurang 150 kecap ?), ceuk tinimbangan asa teu kudu dipanjang-panjang mun ku ukuran sakitu durasina kasebut ringkes tapi patri tur nepi kana tujuan nu saestuna.

Tri Logi Seni (Kasauran RAF)

Satemenna dina wanda naon baè nu kasebut dunya kasenian teu leupas nu disebut \'Tri Logi Seni\'! Kahiji, nyipta jeung migawè hasil ciptaan (Kreasi), Kadua, nyodorkeun èta hasil ciptaan kaluareun dirina atawa ka balarèa (Audiensi), Katilu, nungtun balarèa sangkan boga daya tarima kana èta hasil karya (Apresiasi). Tri Logi Seni saur RAF kènèh mangrupa Tilu Dharma Seniman nu kudu karawu kapangku kalawan gulangkep. Singketna asakna ngolah \'kreasi\' sarta merenahna cara \'audiensi\' bakal nangtukeun pisan kumaha hiji karya bisa \'diapresiasi\' kalawan nyugemakeun pikeun balarèa, atuh teu mustahil jadi \'taraje\' cukang lantaran pikeun ngajaulkeun ngaran kreatorna. Mugia.

Urang sadayana boga lapak FBS nu dipikacinta pikeun dijadikeun lahan \'audiensi\' nu lawangna salawasna muka pikeun sing saha baè nu boga niat hayang makalangan dina hal sinerat sastra khususon fiksimini Basa Sunda. Urang boga rèbuan kanca-kanca pikeun sayaga nampa karya-karya dipidangkeun sarta samakta pikeun \'ngaapresiasi\' gumelarna karya-karya sinerat nu midang. Naon deui atuh? Sumangga urang tingkatkeun produktivitas ngolah \'kreasi\' nu bakal nyandak hibar kana komara Seni Budaya Sunda. FBS Hurip Waras! Sing Binekas! PRUNG!

Wilujeng! Hapunten!

(Bambang Arayana Sambas)

KALELEBAN

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 14 Maret 2017 13:19:30

Karya : Abah Sarjang

Raga peuting nu lungkawing, nyumputkeun sariak candra. Béntang-béntang leuseuh ngiceup, kasaput hunyudan teduh. Langit alum katenung peteng, héor angin nyilét bayah. Kerik jangkrik kapireng nyalukan suwung, sésélékét ngasrék haté nu kaleungitan bébéndé. "Ringkang Kakang miyuni bangbung, huang-hiung kumalayang sakedapan. Ukur pangwawaas tepas samet disada turaés, sanggeus wareg nyeuseup kembang, hiber nyecebkeun kakangen. Ninggalkeun diri nu liwung kaseureud seuseukeut tineung." Anjeun cengkat moro pangkéng pangsaréan, rumahuh nyéréd bangbaluh nu pageuh nalikung manah.

Luhur ranjang ngabebengkang, melong kosong gurat lalangit, nyipta-nyipta rigig jirim sang panutan. Wanci kieu sok nyumpingan, nangkeup geugeut laju rintih malipir gilisir pipi, nébakeun haneut rénghap tina taktak kana punduk, ocon léndot ngajak balayar, nyorang umpalan sagara. Raga taranjang melenting, kabandang lambak jaladri, mudalkeun budah asmara, golak tinimu burahay ruhak, ngabebela ngarérab eusining rasa.

Hégak ngaweuhan ngayuman simpé. Cakcak uleng nyérangkeun. Anjeun papuket dihuru birahi, gumulung ngaléntoran guguling.

Timbangan :

Tipikal Pangarang

Cek sakaol dina dunya Padalangan tina sababaraha padika atawa papagon padalangan kasebut aya : kakawen, anta wacana, garap, sabet, amardawa lagu, awi carita, amardi basa jeung sajabana nu pamustunganana ngalahirkeun kamampuh \'spesifik\' diantara para dalang nu jadi kakuatan nu n nyèngcèlak diantara papapagon nu dikawasana, nyaèta nu disebut \'engès\'! Tah \'engès\' ieu nu mèrè karakter pikeun para dalang nangtungkeun \'eksistensina\' dina dunya padalangan. Samisal, Ki dalang Asep Sunandar kawentar salaku Dalang Garap, Dalang Kakawèn katut Amardawa Lagu kaceluk dumuk di ki dalang Dede Amung Sutarya atuh Ki dalang Tjètjèp Supriadi ti Karawang sohor pisan dina perkara Antawacana atawa Nyandra.

Satemena dina dunya Fiksimini Basa Sunda masing-masing fikminer cek sawangan (bisa jadi salah) geus loba nu \'tepung\' reujeung karakter dirina salaku pangarang (engès), nu bisa jadi sabab memang ngahaja diipuk atawa lumangsung sacara sadar atawa teu sadar nu dirasakeun ku pangarangna. Matak teu anèh pikeun fikminer nu geus karahot geus ngabogaan \'engès\' atawa \'gaya\' nu khas sarta dipikawanoh pisan ku para sidang pamaca.

Nu dipimaksud oge kawasna teu jauh tina hal éta, ngan nu kiwari jadi bahan pedaran leuwih nyoko kana aspek \'diction\' (gaya basa dina nulis) nu geus \'ngabaju\' tur ngajanggelek jadi ciri nu maneuh (jati diri) nu susah diturutan batur. Nya hal ieu pisan nu nyampak di hiji jirim fikminer nu boga \'engès\' mandiri sinebat asma Abah Sarjang!

Ungkara! Nya ieu pisan nu nenggang teh! Metafora? Lah asa klise mun ngaguar metafor teh. Ayeuna mah hayang rada bebas nyawang dumasar kana kumaha jerona Basa Sunda salaku \'basa rasa\' nu tos daria mateakeunana tur rapekan dioprekna dina seueur carita nu tos diangit ku fikminer nu jabrig rada sangar lir jawara ti Pantura. Abah Sarjang ngarana.

Kawasna loba nu sapuk mun ieu fikminer mibanda hiji kamonesan nu mandiri pareng ngapungkeun karya sineratna. Sadaya para sidang pamaca ngiring kataji ku ungkara nu sakitu \'nyecebna\', najan cek \'ploting\' siga nu hese \'ingkah\' tapi ku ungkara nu ngahaja sina beuki seukeut inajen pihartieunana, atuh karasana beuki endah pikeun ngaapresiasina carita fikmin nu dipidangkeunana.

Kosa Kata jeung Daya Imajinasi

Katara sarta kabaca nyata dina fikmin "Kaleleban" nu nyaritakeun kumaha hiji jirim nu kaleleban tur masih kapèngpèongan ku hiji manusa nu pohara dipikaasihna. Hiji tematik nu saestuna kawilang basajan sarta ilahar tapi dina leungeun kreatif ieu pangarang nu basajan ngajanggèlèk jadi pidangan kawilang mencrang! Taya lian sabab pangarang teu make pakarang saperti tema nu aheng, plot anu variatif atawa \'surprise\' nu matak ngadangheuak salaku pakarang utama dina nulis carita, tapi leuwih ngoprek jeung ngagulanggaper kabeungharan basa Sunda dina perkara ungkara!

Memang satemena dina basa Sunda hal kreativitas samodèl kieu bakal jadi hiji lahan nu kawas moal beak-beak bahan da nu tadi tea kumaha unggulna basa Sunda salaku basa rasa. Kabuktian, kumaha \'Kaleleban\' lir hiji pidangan nu ngawakilan rasa sing saha bae nu kungsi ngalaman kajadian kawas kitu. Seuhseuhanana samangsa rasa ngalaman \'katideresa\' sajan lahirina alum ngahurun balun padahal saestuna dijero mamaras manah sering \'alewoh\' ku katugenah, malah loba hal nu eusina pinuh kalimah- kalimah nu pinuh \'imajiner\' nu langka kabalakakeun atawa teu wasa diomongkeun. Tah ku nu wasta Abah Sarjang mah nu sok nyamuni lebeting ati kitu teh kawas hayang ditémbrèskeun kalawan endah jadi hiji wangunan ungkara nu matak ngalegaan ambahan kasurti nu macana.
"Ninggalkeun diri nu liwung kaseureud seuseukeut tineung"

Memang teu gampang nyubadananana. Pangaweruh sareng ngawasa kosa kata basa Sunda nu sakitu ngaleuyana jadi sarat nu utama. Saterusna apresiasi dina perkara ngawasa pangaweruh sarta boga interes dina hal \'sastra Sunda konvensional/klasik\' kalintang penting nu akhirna bisa karawu kapangku perkara murwakanti, mamanis basa, siloka, babasan jeung sajabana, nu sajatina kungsi jadi jati diri pareng gumelarna sastra Sunda mangsa bihari.

Hal nu sejen nu perlu dipiboga nyaeta seukeutna daya imajinasi! Perkara atawa kajadian nu kawilang kawas biasa bakal leuwih karasa jero ajena mun terus dijeroan imajinasina. "Ringkang kakang miyuni bangbung huang hieng sakedapan. Ukur pangawawas tepas samet disada turaes, sanggeus wareg nyeuseup kembang, hiber nyecebkeun kakangen". Kajudi jelas naker panginten kamana loyog pamaksudanana ngan pareng ngaungkara geuning teu wudu matak èndahna. Eta teh kumargi \'dijeroan\' ungkarana!

\'Jebakan\' Ungkara

Sakabèh wanda pilihan dina makarya saèstuna balatak sareng resikona. Saperti \'milih ungkara\' salaku \'branding\' nu rek ditararatas, tinangtu merlukeun kasamaktaan pangarang dina rupa-rupa perkara. Lian aspek kreativitas nu manjing ogè teu bisa leupas tina asakna ngolah bahan nu mangrupa hiji kagulangkepan antara rasa jeung nalar, nu umumna dina dunya kasenian sok disebut tahap \' selektifitas\' nu miboga sifat utama nyaeta \'ngayak\' nu dianggap penting jeung nu teu penting. Nu ngandung harti kagemetan dina ngolah carita jeung nangtukeun wanda karangan jadi hal nu utama pisan pikeun ngawangun \'komposisi\' nu harmonis tug bakal genah dibacana. Ungkara! Olahan manjing sing asak sangkan ulah nepi ka matak jadi \'giung teuing\' pikeun nu ngaapresiasina.

Neo Klasik

Keun baè, asa moal matak pamali sugan, kuring rèk nyieun \'jargon\' keur fbs nu dipikacinta, perkara salah benerna teu matak jadi perkara da rumaos sanès pujangga, anggang ti kasebat pakar tebih anu nami ahli. Pun Sapun, mugi kasakseni, karya sinerat samodel kieu asa teu salah-salah teuing pikeun dunya sastra Sunda rek disebut.....Neo Klasik!

Bobo sapanon carang sapakan
Tebih tangèh tina kecap saè, anggang kasebat sampurna.
Wilujeng! Hapunten!
( B. Arayana Sambas)

NGANJANG

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 20 Fébruari 2017 02:06:03

Karya : Ade Satia

Rumeuk. Wiati nèmbongkeun kaguligahna. Humaregung ngeundeurkeun jagat. Hiji-hiji citangis ragrag maseuhan lemah, patarèma ngajadi cileuncang, ngamalir tan muhara, sèah jeroning dada. Ambruk.
"Kang...!" haroshos, hèab rènghap neumbag ceuli.
"Gugah Kang...!" inghak pegat-pegat.
"Ya Allooh...!" kapireng les-lesan. Mingkin jauh, lalaunan. Ngiles. Simpè.

Kaangseu seungit, teuing ti mana, teleb. Alam cangra. Mèga ngahiang. Wiati leungiteun kingkin. Katumbiri ngedat ngahiap, somèah.
Nguniang lalaunan, leungeun ditungtun, lèngkah kebat muru tungtung katumbiri, mawa diri kumalayang, nyungsi alam nu tacan kungsi kasorang. Ahèng.
Beungeut maranèhna nu lawas teu tepung, giak nyarambat, mapag pinuh kasuka. Silih tanya ku rindat, ngawangkong ku sorot panon. Lila, karasa mangsa teu ingkah, renggenek teu tolih waktu.

Hawar-hawar adan ngalanglaeung, awor jeung nu patinggerendeng, nompok kana ceuli, piligenti, kènca katuhu.
"Kang, gugah atuh!" sisimekeun.
Katumbiri pias, maranèhna amit, gugupay. Seungit mingkin teleb.
Alhamdulillah, nuhun Gusti...!" rampak.
Angin jeung adan meuraykeun lalangsè halimun.

--------------------------------------------------------

Timbangan :

Mise en scène Paragrarph

The realization on story of a dramatic! Kitu singetna cèk padika ngeunaan hiji lalakon nu netelakeun yen \'mise en scène\' hiji pakarang ngangit lalakon nu aya pakaitna jeung \'parobahan dramatik\' nu jadi komponen penting pisan pikeun nangtukeun inajen hiji lalakon. Lebah dieu lain sakadar mèrè aweuhan ramè jeung henteuna hiji lalakon, tapi parobahan situasi nu diapungkeun sacara langsung teu langsung geus ngamalirkeun \'momot emosi\' nu kadituna bakal jadi hiji guluyuran carita nu kaitung wedel ajèn inajèn dramatikna.

Disebut \'mise en scène paragraph\' sabab najan saliwat mah
lalakon "Nganjang" kawas aya dina jejer ploting \'flat\', padahal enas-enasna teu kitu. Lalakon nu diwangun ku 3 (tilu) paragraph mun dititènan kalawan gemet horèngan masing-masing paragraph miboga \'parubahan dramatik\' nu kuat pisan karakterna.

Paragraph hiji :
Hiji \'eksposisi\'(pemaparan awal) nu mere gambaran situasi saperkara hiji kaayaan nu matak pikasurtieun nu maca, nyaeta hiji diri manusa nu nuju sumerah pasrah alatan kaayaan dirina tos teu daya upaya, diiring ku nu sami-sami kingkin prihatin (bojo jeung para sanak) nu miharep sangkan nu tos \'teu daya\' tiasa manjing deui waluya. Ngan kumaha geuning kaayaanana tos liwat ti parna, harepan sinareng du\'a sanes teu matih da mungguh tos aya Nu Ngaturna. "Ya Allooh.....!" Kapireng les-lesan. Kasurti panginten kumaha situasina nu matak nyereset.

Paragraph dua :
Cèk pikiran, kawasna konsekwensi tina judul lalakon "Nganjang" kagorah atra nyata dina paragraph dua ieu! Bagean ieu sidik pisan netelakeun yen tokoh sentral ieu lalakon teh hyaeta \'inyana\' nu nuju nandangan teu daya teu upaya, urang sebut bae ieu teh lalakon \'kuring\'. Inyana "Nganjang" hiji \'dimensi religius\' nu mindeng kapireng dina carita-carita. Perjalanan spiritual ti hiji \'ruh\' nu moal bisa kadongkang ku manusa nu masih gembleng dina pasifatan jasmani atawa lahirina.

Hal nu ilahar disebut \'ghoib\' kabiruyungan kapilampah ku inyana sabot jasad lahirina keur digugulung ku sanak baraya. Tinangtos inyana nu pareng \'nganjang\' ka alam \'beh ditu\' dongeng lalampahanana moal karungu ku batur da ieu mah lalampahan individual nu aya patalina reujeung ageman sajati binarung sareng Khalikna. Pirang-pirang totondèn kanggo manusa nu bakal mulang ka Allah nu nyiptakeunana kasungsi pisan \'gambarna\' dina paragraph dua.

Paragraph tilu :

Lalakon balik deui alam fana nu nyata reujeung kieuna, hiji riungan kingkin prihatin tos kenging pamustunganana lalakon hiji jirim nu digelar ku Nu Maha Akbar, mangrupi hiji kanyataan ti Dzat nu mutlak mutuskeun awal jeung akhir pikeun sakum mahlukna sareng satungkebing ciciptanaNA. "Alhamdulillah, nuhun Gusti" hiji tawis ikhlas nampi Lillahita\'ala kana sagala papasteNA. Aamiin.

Lalakon nu ngawirahma

Siga nu lain samanèa wangunan di jieun 3 paragraph teh. Ti hiji nepi ka tilu èstu nembongkeun ungkara basa katut leunjeuran carita nu ngawirahma lir anu nga-orhestra! Wiwitan sidang pamaca diajak ngiring seuseuiteun tawis ngiring tunggara ka nu nuju kabancang cocoba. Ngan aya nu kajudi yen sadayana nu nuju sedih kingkin kawas tos ikhlas nampi nu baris tumiba margi inyana nu tos teu daya sigana tos rada lami kenging galingging margi cocobi.

Najan ngaungkara teu pati sahinasna tapi nu ngametafor dina bagèan wiwitan jeung pungkasan karasa teu dipaksakeun sabab nyarande kapentingan pikeun leuwih nelebkeun ruruhit situasi katut emosina. Sabab nu tembong \'nenggang\' mah ayana dina bagean tengah (paragraph dua). Di dieu pangarang katara ngetrukeun \'wewesèna\' pikeun ngagambarkeun situasi nu dipharepna. Metafora, puitik jeung dramatik gembleng dalit ngawirahma nu matak endah ngalenyepanana.
"Kaangseu seungit, teuing ti mana, teleb. Alam cangra. Mega ngahiang. Wiati leungiteun kingkin. Katumbiri ngedat ngahiap, somèah". Taya nu aheng, tapi keuna kana mamaras carita. Ungkara nu lain kadar èndah tapi èstu matak ngahudang imajinasi nu teleb anteb.

Lir conserto nu ngawirahma dina tempo \'andante\' sarta teu merlukeun \'rofel-rofel\' nu matak ngarènjag ngareureuwas lir galura lambak nu nga-alegro. Komo bagean "Nganjang\' aweuhan komposisi wirahma swara manjing dina puncakna orchestrasi. Ngalanglaung, nyeuit, hegar, lir petit suling patembalan jeung \'string\', rebab adu manis jeung \'contra bass\' silih alokan jeung \'cello\', kacapi gunem tresna reujeung \'harfa\', ditempas ku geder ipis \'timpani\' nyandak wirahma nu tingtrim asri, dipiririg sekar ngusapan ati \'choir\' para widadari. Tutas kakalacangan dina pirang-pirang \'modulasi\' pungkasanana mulang deui ka \'nada dasar\'. Papandeanana meureun mun cèk urang mamaos tembang mah ngawirahmana ieu lalakon asa kasawang luang dina gentem keueungna lagu Jejemplangan.
"Nyukcruk parung meulah bantar birit leuwi pepeuntasan.."
(Rumpaka Jemplang Karang)

Wekasan

Salaku fikminer nu tos legok tapak genteng kadek, ki adi Ade Satia tos mingkin mertelakeun nganggit hiji lalakon nu lumangsungna kakuatan dramatik teu salawasna winangun konflik atawa intrik nu ragot, geuning dina ploting nu cek saliwat siga flat padahal mibanda ajen parobahan dramatik nu manjing cèk \'mise en scène\' sarta kalawan \'iceus\' pangarang ngamangfaatkeuun wilangan paragraph jadi taraje nu efektif pikeun nanjeurkeun ploting, teu wudu jadi hebring!
Hapunten! Wilujeng!
(B. Arayana Sambas)

SAREUPNA

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 30 Désémber 2016 23:59:57

Karya : Denia Sonata

"Dugi ka dieu wé nya?"
Gideug. "Plis..." Leungeun dicepeng pageuh.
"Bilih janten ruruhit."
"Moal."
"Abdi mah ogoan."
"Muhun."
"Timburuan."
"Terang."
"Égois."
"Nya. Asal ulah nganggé teuing nanaon gé."
"Dupi akang masih micinta anjeunna?"
Jempé. Simpé. Pananya nu kasakitu kalina, siga biasa ukur dijawab ku simpé. Paling copél ukur imut.
"Dupi ka abdi?"
"Rasa gula? Rasa uyah? Kedah ditaroskeun kénéh?"
Clak cimata. Karasa éta gé. Deudeuhna, nyaahna.
Tapi pan...
Kuring neuteup langit. Kulawu. Sareupna.
"Pami urang tepang ti kapungkur..."
Karasa balati nanceb na dada. Enya, naha urang karék tepung ayeuna? Mangsa sareupna. Mangsana urang ngampih ka pangkéng masing-masing. Nohonan kawajiban...
Lain, lain teu nampa takdir. Ngan diri, asa dihianat ku waktu...

-------------------------------------------------

Timbangan

Dialogis Naratif

Beunang disebutkeun ampir kabeh lalakon (story) satemena mangrupa hasil proses kreatif dina ngèbrèhkeun hiji ekspresi \'narative\' (penceritaan) ngaliwatan \'gaya\' nu dipikahayang ku sèwang-sèwangan pangarang. Urang sebut baè nu disebut \'gaya\' lain nu holna kana wanda aliran saperti realis atawa absurd, tapi leuwih nyindekel kana \'wangunan dongèng\' anu aya hubunganana jeung \'deskriptif\' (penggambaran) atawa \'dialog\' (paguneman). Mèmang sakapeung mah hèsè diiwilah-wilahna antara hal-hal èta (narative, deskriptif, dialog) ari geus ngajirim jadi karya sinerat mah sabab geus gumulung tangtunganana.

Dumasar kana sawangan di luhur urang langsung tujulkeun baè kana maksud praktisna nyaèta \'porsi teknis\' dina gaya nulis hiji lalakon. Saperti lakakon nu keur disawang kiwari nyaeta fikmin "Sareupna" yasa sineratna fikminer Denia Sonata, nu katangen pisan porsi pidanganana sacara tèknis didominir ku wanda dialog (paguneman). Wangunan tèknis samodèl ieu nanggarakeun yèn saperkara ngungkarana tematik carita nu diajam ku pangarang ngabogaan kabèbasan dina wanda teknik nu kumaha baè. Geuningan ku wanda paguneman nu asak ngolahna mah teu wudu matak ngencarkeun imajinasi nu kawilang legana.

Nu disebut \'narative\' teu ngan ngandung harti asal panjang ungkara dongèng, sabab dina harti nu lega bisa dihartikeun \'gaya cerita\', kawas nu kasaksèni dina fikmin nu diwangun ku wanda paguneman jadi \'porsi\' utama dina pidangan lalakon. Jadi asa teu lepat-lepat teuing jeung mun ngabelesat hiji sawangan pikeun mèrè \'istilah\' nu meureun euweuh dina \'buku rusdi\' seja ngiring jabung kumawantun ngapungkeun hiji jejer jargon \'Dialogis Naratif\'!

Informasi (dialog) imajinatif

Kangaranan carita atawa lalakon saèstuna hiji kumpulan \'informasi\' nu hayang ditepikeun pangarang ka para sidang pamaca. Informasi di dieu tinangtu bèda jeung warta atawa tulisan sèjèna nu lain karya seni, mungguhing ari tulisan nu sumender kana \'estetika\' mah boga ambahan nu leuwih jero kana kaluhungan akal budi nu cèk sakaol kawas \'pisau bermata jamak\' utamana dina perkara ngahudangkeun \'emosi\' jeung ngajeroan \'imajinasi\'.

Kamotekaran pangarang dina hal ngahudangkeun emosi jeung imajinasi ngaliwatan runtuyan \'dialog\' jadi konci nu penting pikeun ngajanggèlèkeun karya sineratna jadi bahan sawangan nu \'menarik\'. Sumangga urang titetenan kumaha imajinatifna diantarana tembong dina paguneman : "Dugi ka dieu wè nya?" Gideug. "Plis..." Leungeun dicepeng pageuh.
Tuh pan! Percanten! Sumangga geura jeroan imajinasina!

Ajen Emosional Lalakon

Bisa disebutkeun ieu lalakon teh kawilang \'feminin\' pisan! Pasifatan kahirupan dunya wanoja di urang kiwari nu keur ngalakonan budaya \'urban\' rada atra kagambarkeun. Kawasna teu kurang nu asa \'kawakilan\' sora hatèna atawa minimal asa mèmpèr-mèmpèr reujeung \'posisi\' sinareng \'situasi\' nu keur/pernah karandapan ku para arinyana. Antukna sikon \'emosional masal\' nu mahabu kawilang bakal ngagampangkeun lalakon samodèl ieu meunang \'empathy\' lantaran meureunan lolobana didasaran ku \'frame of realism reference\' salaku bekel apresiasina.

Fenomena kaum wanoja \'masa kini\' lir asa kawadahan dina perkara nu sering karandapan atawa kasakseni dina kahirupan mangsa kiwari. Teu kedah diukur bener atawa salah da moal samata-mata aya lalakon nu kawas kieu lamun teu kapireng aya reujeung nyatana, komo cenah nu kasebat \'atas nama cinta\' sagalana jadi hiji bandera.

Balukar tina \'ekspresi feminin\' nu cukup karasa kumaha \'rasa wanoja\'na nya teu lepat lamun tematik ieu lalakon ruruhitna bakal nenggel ngajamparing ka kaum wanoja, nu sanes ngandung harti yen asa jadi \'fakmin\' tapi da memang sanyatana ngagambarkeun sora hate wanoja. Katurug-turug wanda lalakon nu \'ngarealis\' nu kawilang babari pikeun mikasurtina.

Judul "Sareupna" èstu mere totondèn yèn ieu lalakon saestuna \'ngalungkeun\' permasalahan nu jero pikeun surahaneun. Jadi tong ngan ukur ditingal tina eusi paguneman nu saliwat mah kawas asmara para rumaja, da kitu cenah nu \'begèr pakokolot\' mah sok \'lebay\' alabatan budak ngora, èta oge cènah! Yakin, pangarang boga maksud nu penting ku dipakena judul "Sareupna".

Aya asih nu pandeuri, aya katresna nu kabeurangan! \'Sareupna\' wanci poè rèk lekasan, mayunan poèk peteng dimana sagalana geus rek enggeusan! Kudu balik, kudu ngampih ka panyicingan sajati. Harti sajalantrahna bisa waè yèn \'sareupna\'mangsana nutup poe kabagjaan sabab kapegat ku rek datangna petengna alam dunya, nya kudu mulang ka \'pangkengna\' sèwang-sèwangan. Wanci sareupna bisa dipapandekeun kana umur nu papada sarua geus teu ngarora nu geus \'sareupna\' nu sakedap deui bakal tilem ti alam pawenangan.

Saestuna acining carita nyangkaruk dina ending lalakon nu ngungkarakeun kahanjelu nu jero pisan siga nu nganaha-naha ka sang mangsa nu mèrè cahaya kabagjaan henteu ti anggalna, sedengkeun kiwari ngan kabagean wanci \'sareupna\'."Lain, lain teu nampa takdir. Ngan diri, asa dihianat ku waktu.........". Sentimentality Ending!

Tong hariwang para wargi! Just only fiction, nya Teh Denia!
Wilujeng! Hapunten!
(B. Arayana Sambas!

LOOSE

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 05 Novémber 2016 19:40:58

Karya : Ahmad Fawzy Imron

Biasana, mun hayang nuliskeun fikmin kayas téh cukup ku melong foto manéh nu aya dina inbox FB, atawa ngahaja ngadéngékeun lagu kebangsaan urang duaan téa. Ayeuna mah hésé, Ré. Sangkilang kabayang kénéh basa urang balik nonton film di Vélvét, terus nyimpang ka Réd Zone, apan harita bari dahar téh urang ngadon haharéwosan nyaritakeun motahna urang handapeun simbut di jero bioskop; ngarujak ciduh rasa Jisamsu, nu pacampur jeung sésa-sésa amisna Malaga. "Hayang kénéh," ceuk uing geuning harita.

Hésé, Ré. Ngabayang-bayang mangpuluh sajak nu pernah ditulis. Sajak nu pernah dibaca hareupeun manéh nu satengah taranjang. Sajak nu némbongkeun eundeukna harigu, oyagna dada manéh nu hérang pacampur késang. Angger, sanajan meureum-meureum panon, euweuh sakecap ogé nu bisa difikminkeun.
------------------------------------------------------------------

Theme of desire (Hasrat)

Tèma-tèma nu ngawirahma \'ngayas\' saestuna tos ilahar pisan, samalah tema nu kieu pisan nu jadi karesep umumna pangarang dina ngagulidagkeun ekspresi karya sineratna. Hal munasabah pisan sarta sah-sah bae kasebutna da mungguhing rasa cinta atawa tresna mah matak mawa tapak rasa nu \'aheng\' turta endah kacida dina kahirupan sakabèh manusa jeung kamanusaanana.

Kawas nu teu bèak-bèak tèma samodel kieu, dikorèhan èndah midang, dipapantes nambah kèwes, diropèa èndah ungkara, midang tandang dina rupining gaya nu sadayana kawas nu tanpa watesan kagumilanganana, dumeling lir emas sinangling dapon kudu pèrceka ngolahna tinangtu bakal ngajanggèlèk jadi makarya nu utama inajenna. Eta sadayana tina bagean syukur ni\'mat ka Nu Maha Kawasa ngeunaan sinugrah nu maha endah kasebat.....cinta!

"Loose" nu bisa dihartikeun \'bebas\' atawa \'milepas\' geus tembong jadi hiji runtuyan carita nu loyog sakumaha nu dipiharep ku judul nu dipakena. Di dieu Ahmad Fawzy Imron salaku pangarang katempo siga teu hayang malibir atawa didingding kelir, estu sacèrèwèlèna malah kawas nu ngahaja \'tuksel\' sangkan sakabèh pamaca digiring imajinasina kana hal nu salila ieu disumput salindungkeun. Naon? Nya naon deui atuh mun sanès....birahi!

Dina hiji kreativitas nu dipilampah ieu pangarang (Kang Uzi) satemena lain hal èntèng sabab merlukeun \'wawanèn\' nu lain lalawora, pinuh rèsiko, minimalna ngalawan rasa \'teu wasa\' nu utama mengpar tina \'kakemba\' (kaèra) nu dilantarankeun ku kailaharan atawa kasantunan \'ber-ekpresi\', nu sanyatana pikeun urang geus ngalahirkeun sifat rasa \'teu wasa\' atawa \'teu kawasa\', nya ku jirim fikminer wedalan pasantren nu ieu rupining hahalang tos ditaratas bangblas katarahalanana.

Saestuna antara birahi jeung cinta geus gulangkep lir gula reujeung amisna, lir kembang reujeung seungitna! Malah dina pabukon buku-buku Sunda geus aya ti beh ditu keneh jauh memeh jaman perang (taun 1920/1930) buku-buku kayaning Kedok Tarotol, Rasiah Srigawa, Neng Yayah, Catang Kalapa, jsb mangrupa buku-buku carita cinta birahi nu sok dibaraca susumputan, malah nu kasebut \'nyastra\' tapi \'ngadesire\' nyaeta lalampahan Neng Eha sareng Den Kosim dina buku \'Lain Eta\' yasana Moh. Ambri kapan wedalan heubeul pisan. Atuh pon kitu deui jaman \'novel kuning\' taun 60-an nu ngalahirkeun buku-buku Sunda saperti Nu Dènok Diborogod jeung buku Nu Dènok Dibèrok nu sakabèhna nyumiratkeun hiji lalakon nu nètèlakeun kumaha gumulungna antara cinta jeung birahi.

Theme of Desire bisa dihartikeun kumaha saperkara hiji tematik lalakon nu saèstuna rada gembleng nèmbongkeun \'desire\' (hasrat birahi) geus jadi sumber ide nu kawilang universal sarta loba nu ngajanggèlèk jadi karya sinerat nu kamandang ngandung ajèn inajèn sastrawi nu nyongcolang. Di nagara deungeun kasohor nu ngaran pangarang Emile Zola atawa beh dieu Sydney Sheldon, di nagri urang mangsa katukang, pangarang drama/novel Motingo Bosye kungsi kasebut ngageunjleungkeun dunya sastra ku ayana karya Novel \'desire\' dina wangunan Trilogi \'Mbakyu Sumirah\'.

"Loose" dina Fikmin

Loose jadi hiji kaistimewaan nu mandiri, sabab lian ti \'gamblang\' tapi inyana pangarang geus efektif kalawan efesien ngaoptimalkeun lahan \'150 kecap\' jadi lahan nu munel pikeun hiji informasi sastrawi nu imajinatif pisan. Inyana pangarang ngangit lalakon \'Loose\' najan kaitung poksang tapi teu matak era parada macana komo bari kudu susumputan kawas maca \'nu karitu\' mangsa baheula.

Nu ngabèdakeunana sabab ieu lalakon diangit kalawan makè \'kecerdasan kreatif\' nu teu sakadar ngencarkeun sakumaha kahayang intuisina, tapi pinuh tinimbangan sangkan tong \'kajongklokeun\' kana wanda murah tur picisan. Wangunan 2 (dua) paragraph geus dierong asak naker sangkan bisa ngahontal daya informatif tur imajinatif. Dalah phrasering kalimah penting kawas ngahaja diajam sangkan mere kasempetan ka nu maca pikeun beuki \'ngawawaas\' situasina saperti nu kaunggel : "Hayang keneh," cek uing geuning harita.

Diwiwitan ku ngamaknaan bubuka lalakon : "Biasana, mun hayang nuliskeun fikmin ngayas teh........". Dina kalimah ieu saestuna pangarang kawas nu hayang boboleh yen nu dituliskeun sanyatana saukur \'kembang ilham\' pikeun nulis hiji fikmin. Atuh guluyur saterusna kapan geus jinek renggenek jadi hiji lalakon fikmin, tapi teu ku hanteu, tutas hasil malidkeun emosi pamaca dina sagara \'hasrat\', make ditungtungan ku ungkara siga nu hayang \'menetralisir\' emosi nu keur meujeuhna ngagolak ku mangrupa runtuyan ungkara: "...oyagna dada manèh nu herang pacampur kèsang. Angger, Sanajan meureum-meureum panon, euweuh sakecap ogè nu bisa difikminkeun". Cek pamanggih, ieu hiji ending nu kawilang \'berkelas\' nu langka kapidangkeun dina lakakon-lalakon ngayas nu kungsi kasaksèni. Cenah teu jadi nulis fikmin, tapi èta naon atuh dugi ka pamaca seueur nu ngadarègdèg? Apologia Sastra! Tah ieu istimèwana!

Aya nu katara ngabarungsinang dina ieu lalakon, yèn satemena tokoh sentral miboga tapak lacak nu hèsè dipopohokeunana. Tapak lacak mangsa lawas nu kungsi jadi bagèan tina kahirupan \'falling in love\' nu kawilang jero nu tug nepi ka teu ngarasa kahagal ku watesan-watesan ku pager norma nu ilahar. Najan kitu geuning cenah seuhseuhanana horèng kangaranan \'adventure of desire\' nu ngabebela tèh teu mampuh jadi hiji panginditan sumber inspirasi dina ngamalirkeun pikeun dijirimkeun jadi ekspresi tinulis. Naha hal ieu mangrupa bagèan tina \'kasadaran moral\' nu datangna èstu lantip nu saterusna jadi hiji \'pencerahan\'? Wallahualam.

Aya nu teu malibir sumawona didingding kelir
Najan kawas poksang dinyatana
Teu matak èra parada maca
Pogot maca jeung kasurti inajenna
Pikir nyacas dina kreativitas
Asak ngolah tèma jeung seukeut tèhnikna
Santri binekas makaryana manjing nyacas
Fikminer paten estu wedalan pasantrèn
Ahmad Fawzy Imron lain fikminer sabrongrong
Wilujeng! Hapunten!
(Bambang Arayana Sambas)

FIKMIN BASA SUNDAFIKMIN

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 27 Juli 2016 12:50:56

YTo0OntzOjU6Imp1ZHVsIjtzOjUxOiJUaW1iYW5nYW4ga2FuYSBGaWttaW4gIlNhcsOpd3UgSW5kdW5nIiBrYXJ5YSDDiWJvZWQiO3M6OToicGFuZ2FyYW5nIjtzOjIyOiJCYW1iYW5nIEFyYXlhbmEgU2FtYmFzIjtzOjc6InBhbmdfaWQiO3M6MTY6IjE0MDc2NTg3NDYyMTUzNDMiO3M6MTU6Im5hc2thaF9rYXRlZ29yaSI7czo5OiJ0aW1iYW5nYW4iO30=

FIKMIN BASA SUNDAFIKMIN

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 24 Juni 2016 00:22:36

Si Enéng jeung Tangkal Buah

FIKMIN BASA SUNDAFIKMIN

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 11 Juni 2016 17:42:30

Nu Hirup Jeung Katumbiri

FIKMIN BASA SUNDAFIKMIN

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 18 Méi 2016 04:02:28

RIWAYAT NU TEU SAAT-SAAT

FIKMIN BASA SUNDAFIKMIN

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 06 Méi 2016 04:43:55

Létah

CEUCEUB JEUNG CINTA

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 21 April 2016 08:07:07

Karya : Emalia Ilyas Hawa naraka rumahtangga karasa nyongkab. Panas, ngaduruk rasa nu ngagolak jeung ngabebela. Sumpah satia udar subaya, cidra ku nista. "Hapunten kaka, geulis...," semu ngageuri. Teu sudi!"Karaos tos ditokér mah nyah...," biwir jebéng. Nu dijebéngan ngeluk rumasa.Ti harita, adatna robah. Kanyaahna, kacintana tamplok deui kawas bihari. Ngan hanjakal ieu haté teu méréan léah. Asa hayang mupuas rasana, ngajejewét haténa, nyiksa cintana. Bonganna.Ngahajakeun, gawé diantar jemput ku lalaki. Geus poho masak jeung ngurus imah."Kaka sono...," haréwosna, saban peuting manjing.Hayang nebus dosa sigana mah. Salaki nu ngurus rumahtangga. Balik gawé, siga taya kacapé. Kukumbah, nyeuseuh, masak, ngepél. Deudeuh.Sabenerna mah tiheula-heula gé geus léah. Ngan géngsi. Géngsi nu mawa kaduhung, samangsa males panungtung haréwos sonona geus katuruban padung. -------------------------------------- Timbangan :Lain Kadar FenomenaPukahna hiji beungkeutan sering dibalukarkeun ku rupa-rupa marga perkara kalawan alesanana bisa mangrupa ku hal-hal ilahar atawa balukar tina sab musabab nu sering kapireng, atawa oge ku hal-hal nu 'spesifik' ku sifating hal nu moal bisa 'kakobet' ku 'hukum kabiasaan' nu geus pada mikasurti ku balarea!Rumah Tangga! Beungkeutan suci! Memang mungguh kitu saestuna! Dimimitian ku sifat 'kodrati' hubungan dua insan papasangan didadamparan ku rasa silih mikaasih papada 'pakait ati', nu saterusna boga kayid nu sarua seja sasarengan beber layar tarik jangkar ngambah kahirupan anyar jadi 'loro-loro ning atunggal'! Ngalangkungan 'Mitsakon Kholidan' (perjanjian agung) Walimatul Ursy, ngarendeng sapangderekan disakseni kadang wargi dikadarkeun dahup ngahiji janten caroge jaler istri! Kauntun tipung katambang beas nu sok diwawaas laksana jelas! Salajengna manteng madep hirup 'rumah tangga' kasebatna! Nawaetu sareng deudeul pidu'a manjing merenah hoyong ngawangun rumah tangga dina linduh iuh-iuh kulawarga Sakinah! Tuh geuning sakitu mulyana sinareng teu kinten 'sucina'! Subhanallah!Anapon dina nyatana dina lumangsungna 'beungkeutan suci' seueur 'rereged' anu kapireng, balatak masalah nu karandapan, samalah teu arang ngalaman nepi ka pukahna sapisan! Kajadian sarupa kieu sering disebut 'fenomena rumah tangga', nu cek pamanggih mah asa teu pati 'keuna-keuna' teuing! Da nu kasebut 'fenomenologis' mah dumasar kana hal-hal nu ngandung harti 'kecenderungan' atawa 'gejala' nu sifatna 'secular' (duniawi) atawa leuwih nyindekel kana sifating 'human pressure' nu anggang tina hakikat 'beungkeutan suci" nu kauger ku tanggung jawab 'vertikal' ( ka Nu Maha Kawasa).Ngawangwang kawas ngacaprak perkara ieu teh sanes tanpa tujuan nu taya relevansina reujeung carita fikmin nu seja diguar, sabab nu kasungsi dina 'jero-jeroning' lalakon "Ceuceub Jeung Cinta' nanggarakeun hiji kajadian nu saestuna 'lain kadar fenomena' sabab janggelekna tematik lalakon lumangsung samangsa manusa seja ngalakonan nu sifatna 'wajib' cek agama jeung darigama, nu horeng teu babari nyubadananana sabab kahagal ku rupining perkara 'lahiri' ti jirim-jirim insan, kawas 'sakadang' urang -urang nu mibanda watek sagara ka'alfaan!Tematik Nu Nga'empathiDimimitian ku gambaran hiji kahirupan dua insan nu tos kakurung 'perjanjian agung' dina keur pareng nandangan puncak 'kaharengheng' loyog ngaungkara kalawan tembres "Hawa naraka rumah tangga karasa nyongkab"! Hiji eksposisi (gambaran awal) nu kacida 'neuragna'! Nu rundayan 'eksesna' jadi pola tematik carita sanes ngan ukur 'menarik' tapi ngahudang 'empathi' (mere 'tekanan keterlibatan' rasa) pikeun nu ngaapresiasina!Nu 'aheng' dina ieu lalakon, pangarang 'ngapungkeun' permasalahan nu saestuna ilahar tur basajan, sabab nu kasebut 'ceuceub jeung cinta ' mah mangrupa pasualan nu balatak kacida sakumaha cek Rinto Harahap dina lagu jadulna 'Benci tapi Rindu'! Tapi dina lalakon karya sinerat fikminer sinebat wasta Emilia Ilyas ngajanggelek jadi hiji lakakon nu tembong kaonjoyanana! Didieu pangarang boga 'kejelian' pikeun ngangkat hiji ekses tina interaksi antara 'nu dinyenyeri' jeung 'nu babalik pikir' nu teu bisa ngahasilkeun 'pemulihan' nu sakumaha mistina! 'Dengdem' nu teu pareum-pareum! Gengsi nu jadi margi! Padahal sajatining nyaah tos balik ngampih dina manah, cinta katresna tutas mulang kana pangsanggrahan sukma! Tapi naha watek diri inyana kawas pantrang gampang katara leah, samalah asa hayang mupuas ka nu tos 'acong-acongan' sinembah pasrah! Si caroge beuki tampi raos sabab ageung karumaos, sang garwa beuki 'jumawa' nembongkeun 'kanasteungna' nu kanceuh teu eureun-eureun! Antukna udagan 'perdamaian' mingkin anggang ngajauhan! Kasono teu pareng amprok, deudeuh geugeut teu kasampeur, da bongan hayang males kanyeri ati ku jalan mere 'kasengit' leuwih ti misti dapon genah pikeun diri!Mun diibaratkeun talaga, najan caina cinembrang herang tapi siga nu ngahaja diluhureun cai nyieun durukan nu seuneuna ngabela-bela! Inyana sang garwa teu eunggeuh yen manusa mah ngan boga darma rancana, ti awit awal dugi ka ahir anging ManteNA nu uninga! Dipiamis buah gintung saha nu terang isuk jaganing geto bakal keuna ku kaduhung! Nya kitu kiwari ngabukti turta ngajadi, kaduhung metung di tungtung! Najan ceurik ngalanglaung geuningan taya hartina sabab panutan kalbu tos titis tulis rup ku padung!Hiji sinerat fikmin nu asak ngolahna nembrak dina wanda-wanda pakarang sastra kayaning : ungkara, plot, tema, midang kalawan adu manis tur ngaaweuhan jadi hiji karya sastra nu anteb tur pinuh bahan surahaneun pikeun sarerea! Duh Gusti, 'Dipiamis buah gintung teu nyana bakal kaduhung horeng di tungtung'!Wilujeng! Hapunten!(B.Arayana Sambas)

SÉSA TAPAK ANGIN PUYUH

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 12 April 2016 02:20:46

Karya : Atiqa Naim Aya tapak angin puyuh lilimbungan dina teuteup seukeut matana.Burakrakkan... Balatak kapeurih jeung kanyéri. Tangkal pangharepan rarungkad. Asa euweuh pupurieunana. Teu weléh ngukuntit. Mata éta. Enya... Nu aya tapak angin puyuh lilimbungan téa. Asa ngadaplok dina punduk. Beurat... Unggal peuting teu bisa saré. Guling gasahan. Bray, listrik dicaangkeun. Tapi kalah beuki atra. Némbongan di tiap tempat. Dina para, dina tembok, dina korsi, dina meja. Mencrong bangun nu ijid. "Mending mulang, Jang!" ceuk kokolot Lembur Tutupan."Kumaha atuh Bah, penelitian can réngsé?"Si Abah keukeuh nitah indit. Teu bisa majar kumaha. Méméh kaluar ti Lembur Tutupan. Ngarérét heula ka Leuweung Tutupan nu méncrang hérang gugurilapan. Aya nu ngajorélat. Matana sarua jeung nu sok ngukuntit. Masih nyésakeun tapak angin puyuh lilimbungan.Hawar-hawar kapireng sora tanpa jirim."Mantog Sia...!" -------------'----'---------- Timbangan :Kasang tukangAsa geus wancina urang mere tempat 'husus' pikeun karya -karya sinerat nu lain sakadar mibanda kana tafsir apresiasi carita realis klasik, konvensional, surealis atawa absurd oge perlu mere perhatian kana carita nu harib-harib kana katagori 'horror' (fikror), nu ti jaman beh ditu keneh sakanyaho mah asa can meunang 'panyambat' nu daria ti kalangan 'pengamat' dunya sastra Sunda! Padahal ti baheula keneh karya-karya fiksi horor geus loba cumarita malah kungsi dipikaresep pisan ku balarea.Nepi ka taun 70-an rubrik 'Puriding Puringkak' di Majalah Mangle pohara diantina ku para mitra utamana seratan-seratan sastrawan kahot Ki Umbara. Carita -carita 'fikror' mangsa harita nu kungsi jadi 'best seller' diantarana: Jin Islam ti Keresek, Nu Geulis di Leuweung Tiis, Jambatan Cisokan, jsb, kungsi jadi carita nu matak pipanasaraneun balarea sabab loba nu dipidangkeun mangrupa carnyam (carita nyambung). Atuh behdituna pisan dina mangsa awal-awal abad 20 saha nu teu apal ka jirim sastrawan kareueus Tatar Sunda nu jenenganana Mohamad Ambri (lahir di Sumedang 8 September 1892, wafat di Jakarta 5 April 1936)! Nya tina panangan anjeunna gumelar novel-novel Sunda wedalan Balai Poestaka nu nyaritakeun 'dunya lelembutan' saperti : Munjung, Burak Siluman jeung Ngawadalkeun Nyawa! Malah cek sakaol dina sadidintena anjeuna (M. Ambri) oge kasebut ahli lelembut sarta ngawasa kana elmu nu gaib-gaib! Sareng tong lepat yen ku jirim Mohamad Ambri, cek para ahli netelakeun yen nu dipidangkeun ku mantenna lain kadar panglamunan, lain nu disawang ti kaanggangan, tapi nu dijugjugan ku sorangan, diteuleuman nepi ka dasar-dasarna, nu matak ekspresi basana estuning 'hirup tur bebas' nu 'mengpar' tina wangunan sastra 'wawacan' nu mangsa harita keur sumedeng 'kumawasa'! Teu aneh mun aya nu nyebutkeun yen Mohamad Ambri dianggap 'lingga' nu ngamimitian ngadegna wangunan 'realisme' dinya dunya kasusastraan Sunda!Fikror jeung 'suspense' di fbsReueus tur bagja temenan horeng palapakan fbs geus jadi hiji wadah kreativitas nu euyeub ku rupining wanda lalakon nu dianggit ku para anggotana, khususon wangunan 'fikror/suspense' lir tetes nutus tuturus ti Mohamad Ambri sareng Ki Umbara saperti karya sinerat Teh Atiqa Naim dina judul lalakon fikmin "Sesa Tapak Angin Puyuh" nu matak ngahudang imajinasi pikir jeung rasa pikeun nu macana!Najan wangunana geus teu manjing dina wanda realisme sakumaha para 'mandahongna' kapungkur, tapi enas-enas 'tematik' masih tembong eces mata holangna nyaeta nyindekel kana 'dunya ghaib' nu hese dibuktikeun ku logika. Dina ungkara nu 'hirup' fikminer sinebat Atiqa Naim kalawan mulus banglus nepikeun naon nu jadi udagan 'point of view' inyana dina ngareka ieu carita.Dongeng baheula saperkara kajadian 'angin puyuh' nu cenah balukar 'para lelembut' nu ngaliwat bari sagala dirampid horeng geus jadi 'ide' nu kawilang 'mencrang' pikeun dijanggelekeun jadi carita nu 'imajinatif' pisan, sabab diwangun ku 'perangkat ngarang' nu pinilih tur geus dikawasa kalawan manjing. Dina emprona dibaca sababaraha balen lain beuki teu narik, malah beuki ngajeroan 'imanjinasi'! Dina hal ieu kamotekaran pangarang milih 'tematik' jadi koncina, nyaeta 'ngahirupkeun deui' kasang tukang nu masih jadi 'atmosfir' balarea, utamana nu kungsi hirup di pilemburan dina mangsa lawas! Newak gagasan tina 'fenomena metafisik' tradisional hiji hal nu hade tur pinuji pikeun ngagelarkeun karya nu gampang katarima!Nu tembong teu pati ilahar nyaeta dina wangunan 'ending'! Loba carita fikmin nu saestuna ngan 'ngandelkeun' kana 'ending' nu sifatna 'renjagan', sabab dipiharep sangkan nu maca teu nyangka 'galeongna' bakal kadinya! Tah dina fikmin nu ieu mah teu kitu! Ending lalakon estu ngajirim sacara 'terstruktur' dumasar kana undakan 'ploting' nu memang geus 'dibina' ti awit rundayan carita digelar! Hal ieu oge mangrupa 'nenggangna' lalakon yasana asma Atiqa Naim! "Mantog sia!" sora tanpa jirim nu matak soak muriding!Keur sakuringeun boga pamangih, asa teu kedah isin disebat 'teu nyastra' mun para fikminer ngagelar sinerat nu milih tematik kalawan 'ide dasarna' tina dongeng-dongeng nu sifatna 'dunya lelembutan' ti lembur matuh banjar karang pamidangan, sabab ngarupakeun bagean tina upaya ngamulyakeun 'local wisdom' (kearifan lokal) nu dipiboga ku masyarakat Sunda. Ulah pon di urang dalah di batur nu kasebutna leuwih modern geuningan masih jadi 'daya tarik' nu teu laas-laas! Dongeng 'Count of Dracula' beunang nulis Bram Stocker kapan masih sohor nepi ka kiwari! Nya ku carita nu kitu pisan nepi ka ngajaulna ngaran Peter Chussing, Christopper Lee, Klaus Kinsky jeung Boris Karlov jadi bentang felem 'spesialis' Dracula jeung Frenkerstein nu kakoncara sa-marcapada!Carita 'horror' (mengerikan) atawa 'suspense' (menegangkan) satemena kudu jadi 'perhatian' nu leuwih daria, asal dipidangkeunana make elmu panemu sastra nu manjing, pinasti bakal jadi karya sinerat nu pinunjul tur pikaresepeun sakumaha nu kasakseni dina carita "Sesa Tapak Angin Puyuh" yasana fikminer sinebat wasta Atiqa Naim!Hapunten! Wilujeng!(B.Arayana Sambas)

TAWIS SOCA

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 22 Maret 2016 04:18:18

Karya : Irman N Dimyatié"Salempay sutra, disulam jeung dikarawang, tawis soca ti jungjunan, duh ti jungjunan..," galindeng lagu ngababukan rasa. Agung jeung sucina cinta, aya bungkeuleukanana. Paranti maturan nyileuk mun tengah peuting hésé saré. Unggal waktu diciuman, digaléntoran minangka gaganti manéhna. Tanda cinta wawakil rasa. Anggang moal matak melang. Najan pajauh haté tetep liuh. Gaganti manéhna aya dina diri. Awis tepang moal matak longkéwang. Ngajirim dina wangun aksara, ngaran kuring jeung manéhna. Jaman kiwari béda jeung bihari. "Engkau cintaku yang kedua, yang ketiga, yang ke sekian..," teuing lagu nanahaon. Unggal nyetél radio, nu kadéngé iwal lagu éta. Naha cinta téh bet dimumurah? Geuning garoréng rumpaka lagu kiwari mah. Tanda cinta geus teu suci deui. Indit ka hotél atawa ka tempat wisata pikeun ngalajur nafsu. Saré sagebrug sanajan acan ka balé nyungcung. Ukur dipaké sakali, terus dipiceun. -------------------------------- Timbangan : 'Urang Leungiteun Lambang' Salempay sutra, disulam jeung dikarawang Tawis soca ti jungjunan, duh ti jungjunan... ( Mang Koko Koswara/Wahyu Wibisana) Saputanganku warna merah jambu Saputanganku membawa semua kenangan ayu ( Alfian -1965 ) Sapu tangan sutra putih dihiasi bunga warna Tanda kasih jaya sakti di selatan Bandung Raya (Ismail Marzuki - 1946)Ungkara di luhur sabagean tina 'rumpaka' lagu nu kungsi jadi catur di pakalangan musik/kawih sabab netelakeun 'lambang cinta' nu dipikasurti pisan ku balarea! Saputangan atawa 'salempe' geus jadi hiji 'barang' nu ngabogaan sifat nu dalit pisan dina ngagambarkeun 'tawis soca' antara insan papasangan nu keur 'kasmaran', disulam benang mangrupa aksara 'initial ngaran' pasanganana malah sok aya nu rajeun bari 'dikarawang' (dilubang kawas bordelan). Saputangan/salempe model kitu mangrupa 'tawis asih' ti wanoja ka jajaka 'beubeureuhna', kapan sulamanana estu beunang 'ngecos' jinisna pribadi! Pikeun jajaka nu dipasrahanana, eta salempe ti bebenena dipupusti lir jimat nu diambung diseuseup pinuh kageugeut teh lain bohong!Jaman beh ditu, samangsa kahirupan tajan maju kawas ayeuna bakal bruh-breh kumaha 'lambang-lambang' tumuwuh subur marengan kahirupan nu ngarupakeun 'simbol komunikasi' antara manusa, utamana pikeun nepikeun hal-hal nu sifatna 'spesifik' diantarana dina perkara 'komunikasi cinta'! Disagigireun saputangan 'barang-barang' sejen nu ilahar dipake nyaeta : ali (cincin), potret, buku poean (diary), pulpen, notes atawa buku catetan lagu-lagu nu sok dikurilingkeun diantara nu wawuh! Husus buku catetan lagu-lagu kerep jadi 'cukang lantaran' pikeun mitembeyan nyangreudkeun 'tatali asih' ngaliwatan 'pesan-pesan' nu ditulis dina eta buku!"Tawis Soca" karya sinerat ki dulur Irman N Dimyatiè kawas nu hayang mertelakeun 'kerinduan' pangarang ka mangsa lawas samangsa kumaha kelar waasna carita 'ngayas' nu dieuyeuban ku 'lambang-lambang' nu endah pisan waktu ngalakonan 'mangsa kasmaran'! Beuki karasa endah kabina-bina nu nyaksrak nyaliara dina jeroeun sukma, sabab 'lambang-lambang asmara' sering ngaungkara dina jirim wanda musikal nu taya lian ngajaranggelek dina 'lagu-lagu' nu popiler boh dina kawih Sunda atawa lagu Pop! Atuh puguh jeroning kalbu jadi 'semakin syahdu'! Musik jeung cinta mah ibarat gula reujeung amisna, lir mata poe reujeung haneutna!Cinta nu sakitu 'rusiahna' tapi endah pisan sabab dieuyeuban ku 'lambang-lambang' nu dipikasurti, kiwari tos ampir 'sirna ing bumi' alatan kamajuan jaman nu loba 'maehan' sagala rupa 'kepekaan lambang' hubungan antara manusa! Kiwari sagalana geus maen 'hantam kromo' boro-boro lantip nu saur Kang Irman mah ka lagu-lagu rumpakana garoreng da kapan ayeuna mah'cinta' oge tos dimurah-mareh nu hartosna tos teu 'sa-suci' kawas bihari! Mun kapungkur 'lagu' teh sok langsung mawa imaji kana rasa 'ngayas' atawa 'lalakon' nu kungsi kaalaman, kiwari mah geus teu pati karasa pangaruh lagu kana imajinasi teh!Ku majuna teknologi komunikasi ngabalukarkeun urang geus leungiteun 'kepekaan' newak 'lambang-lambang' nu saestuna masih diperlukeun pikeun ngantengkeun martabat kamanusaan. Ku leungitna 'kepekaan' jeung ilangna fungsi 'lambang-lambang' satemena urang kudu prihatin sabab kiwari manusa geus loba pisan nu teu boga rasa 'kasurti'!Perkara lagu-lagu baheula nu kiwari masih tembong 'abadi' sabab teu sabrongbrong ngawujudna, nu jadi marga disagigireun laguna disangi ku 'maestro' musik atawa karawitan, oge rumpakana ditulis ku para maestro sastra! Lagu-lagu 'master piece' Mang Koko Koswara loba rumpakana beunang sineratna para sastrawan moyan saperti: Wahyu Wibisana, RAF, Deddy Windyagiri, Agus Soer, jsb! Atuh Group Bimbo kerep ngengken 'lirik' ka penyair kahot Taufik Ismail."Tawis Soca" lain sakadar katineung pangarang ka mangsa lawas samangsa 'cinta asmara' masih lantip sabab diwatesan ku masih kandelna rasa kasusilaan, tapi ngaliwatan ieu lalakon, pangarang mere 'kritisi' sabudeureun kahirupan kiwari nu loba leungiteun 'jati diri' salaku bangsa nu cenah boga kaluhungan budi, oge kaasup leungiteun 'lambang-lambang komunikasi' minimalna dina perkara 'cinta'! Ieu lalakon fikmin payus pisan dilenyepan utamana pikeun nanjeurkeun kaluhungan budaya Sunda nu ayeuna beuki ilang komarana sabab dimomorekeun ku jinisna urang Sunda!Batur oge masih make 'lambang cinta' :Send me the 'pillow' that your dream onSo darling I can dream on it trueHapunten! Wilujeng!(B,Arayana Ambas)

ONDANGAN

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 09 Maret 2016 17:54:30

Karya : Rini MayasariRéngsé sasalaman jeung pangantén. Gap kana salad buah. Laju ka sisi bari nalingakeun budak nu anteng ningali cai mancur. Mundur saeutik. Geduk! Karasa aya nu ngadupak. "Punten...!" Méh bareng. Paadu teuteup. Éta panon nu sababaraha taun kalarung badis heulang ruyuk, rèk nereuy buleud. Moal poho. Basa manéhna ngasongkeun amplop metet jeung kartu nama Ginékolog. "Ibu teu hayang boga turunan ti cacah kuricakan. Geura indit sing jauh!" Nongtoréng nepi kiwari. Ti tukangeunna, jol bapa-bapa dituturkeun ku sapasang awéwé-lalaki ngora. " Néng..." Si bapa ngasongkeun lengeun. Ditampa. Rét ka sapasang awéwé-lalaki. Balieur. Paadu teuteup deui jeung anu ngadupak tadi. Seuneu ngabebela jeroeun dada. Biwir asa di sosi. Kiwari teuteupna semu alum. "Mamah, mau és klim." Rét kabéh ningali ka budak nu nyekel lengeun kuring. Budak nyalingker ka tukangeun basa di sampeurkeun ku lalaki ngora nu ti tadi ningalikeun. Teu ditolih. Budak di ais dibawa kaluar gedong ninggalkeun nu ngarembang kadu. ------------------------------ Sawangan: 'Mata holang Tematik'Kajadian kieu sering kapireng dina hirup kumbuh utamana dina mangsa lawas samangsa 'feodalisme' masih mahabu tur mere warna nu kawilang gede pangaruhna dina kahirupan. Nu kerep jadi carita nyaeta saperkara faham eta (baca : feodalisme) 'asup' kana fenomena 'setra asmara' dua insan papasangan nu dipaksa kudu pukah alatan 'diskrimansi status' nu kadang anggang tina rasa kamanusaan! Kapan mangsa harita mah keur kalangan ningrat pohara 'diagemna' pasualan 'teureuh' jeung 'terah' utamana dina hal 'perjodoan' nu pageuh pisan nyepeng babasan 'waja' kudu jeung 'waja' deui, tetesan ratu rembesing kusumah pantrang kacampuran ku getih 'cacah'!Ngan duka kumaha dina loba 'kasus' nu kieu, korbana teh ampir sadayana..... istri (wanoja)! Hal samodel kieu seueur kasakseni dina karya-karya sastra lawas saperti 'Baruang Ka Nu Ngarora' yasana D.K Ardiwinata, Pipisahan (RAF), Vila Bati Nyeri ( M.A Salmoen) jeung sejen-sejen deui. Malah mun pirajeuneun 'ngotektak' guguritan Tembang Mamaos Cianjuran baris kapireng yen seueur pisan rumpaka nu eusina ngagambarkeun 'kapeurih' hiji istri nu dipaksa kudu pukah papisah sareng 'jungjunanana' alatan 'dianggap' benten martabat, kawas nu kasurti dina lagu 'Laras Konda' nu unina : Sukur mun tulus ka batur Balikanan ka sim abdi Abdi mah jalmi walurat Teu gaduh keur meuli-meuli Angguran ayeuna mah Milari nu sanes deui!Di "Ondangan" kalawan teu disangka-sangka 'tokoh sentral ' tepung jeung manusa-manusa nu geus mere kapeurih ati nu moal poho najan nepi ka iraha bae salila nyawa masih dalit reujeung raga! Kalimah gangas taya ras-rasan asa cikeneh 'nurih ati' "Ibu teu hayang turunan ti cacah kuricakan. Geura indit sing jauh!" Duit sagepok sareng kartu nama ginekolog beuki nambahan kanyeri nu parat gudawang dina ati sanubari! Di "Ondangan" rasa ikhlas nu tumapel ampir ilang kajurung patepung jeung jirim-jirim nu geus tega nyacampah kawas ka runtah! Untung kapegat ku sora endah "Mamah, mau es klim!", sora ti puputon ati buah sosoca lir hiliwir angin niiskeun ati tina kaceuceub diri!Dina mangsa kiwari sifat feodalisme satemena henteu ilang, nu ganti soteh juntrunganana, mungguhing pasifatanana teu robah sama sakali samalah beuki rohaka milah-milah manusa dina rupa-rupa diskrimasi : status pangkat, kakayaan, RAS, intelektualitas, jsb, jeung moal jauh nu jadi 'korban' nyaeta 'jalma leutik' nu teu daya teu upaya. Sami podo bae 'feodalisme modern' oge sasatna mah kawas hayang 'ngarobah' hakekat sifat kodrati ti Illahi Robbi nu ngeceskeun yen sakabeh mahluk miboga martabat nu sarua nu di payuneun ManteNA!Sinebat nami Neng Rini Mayasari salaku pangarang tos kawilang tapis nu cek kuring mah disebut 'mata holang tematik', nyaeta ti wiwitan carita geus 'ditata' sangkan runtuyan ploting ajeg dina jejer 'mata holang' perkara nu aya rambat kamalena sabudeureun 'jodo asmara'! Sabage misal ajegna nga-mataholang, kapan ieu lalakon kajadianana lumangsung di 'resepsi pernikahan' nu mere 'atmosfir' nu relevan pisan pikeun ngawangun 'emosi' dina nepikeun enas-enasna ieu lalakon. Da mun tea mah patepungna di Mall atawa di Pasar bakal 'hese' nyumiratkeun 'point of view' nu dipikahayang ku pangarang, sabab di suasana "resepsi pernikahan" nu bisa kaharti tur logis pikeun 'ngumpulna' sakabeh tokoh-tokoh penting nu 'kalibet' dina jejer tematik ieu lalakon! Payus pisan nempatkeun 'resepsi pernikahan' salaku 'setting tempat' jeung 'setting emosi' pikeun guluyur ieu carita'! Nga-mataholang cek kuring oge! Pangarang siga nu ngahaja sangkan pamaca digiring imajinasina kawas nu geus 'dijebak'ti samemehna!Ku diapungkeun ieu lalakon karya sineratna Teh Rini Mayasari nu nganggo judul "Ondangan", masihan hiji emutaneun geuning dina mangsa kiwari oge masih seueur kapireng saperkawis yen pernasiban istri nu masih katambalung watek 'dulang tinande', tanwande panginten nanggarakeun ka urang sadayana sihoreng nu disebat 'emansipasi' sinareng 'kesetaraan gender' rupina kedah langkung-langkung dipasihan 'pemaknaan mutakhir'! Wilujeng! Hapunten!Pegat Jodo (Mamaos Cianjuran)Sukur mun tulus ka baturBalikanan ka sim abdiAbdi mah jalma walurat Teu gaduh keur meuli-meuliTeu gaduh keur ngupah-ngupahGandrung.....Da puguh abdi mah miskin(B.Arayana Sambas)

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 29 Fébruari 2016 19:06:08

Karya : Ahmad Fawzy ImronDa jeung enyana, bener mah mangrupa sasar nu malik sadar. Satutas diri dipapaksa nyanghareupan simpé, ngurilingan rohang nu euweuh warnaan. Manéh ngumalangkang deui, Ré. Datang kana jero sirah dibarengan ku ngaruntuyna carita dina ingetan; sagelas Jékdi, lagu-lagu Geisha rejeng cicirihilanana urang mangsa lampu Velvet mimiti poék, tuluy simbut nu hiji deui mah ditajong. Urang tuluy jempé najan rénghap beuki teu salsé.Da jeung enyana, bener mah mangrupa sasar nu malik sadar. Satutas uing ngungudag munara pangjauhna, bet kadéngé deui kawih nu rintih. Lagu urang, Ré. Lagu nu sok ngangajak balik ka hiji loténg, tempat urang méakkeun peuting bari nyaritakeun Rooney, Martial, Konate, Rudiana. Bari seuri satarikna tuluy urang ngadu sungut silih asaan ciduh, Ré.Ah, da jeung enyana. Bener mah mangrupa sasar nu malik sadar. Ayeuna uing keur diajar mopohokeun manéh nu tiheula. Ayeuna uing mah rék tuluy mawa sabotol cai ceborkeuneun, maca Yasin satamatan. Keur manéh, Ré. ----------------------- Komentar :"RE" teh dina tangga musik diatonis mah urutan ka 2 (dua) tutas diawalan ku 'do' (1), salaku not kadua nu saterusna 'sora nada' baris terus mingkin naek dipungkas ku balik kana nada 'do' dina wanda sora 'petit' naek sa-oktaf! Teuing kumaha kakara mimiti maca judul lalakon ( baca: Re) pikiran geus kumacacang kana wirahma musikal samodel kitu!Tutas ngilo nepi ka anggeus ieu lalakon asa aya nu nyelek lebeting angen sabab aya nu milu 'kapalidkeun' ku galindeng kaasih nu ngagateng manteng najan kiwari dumuk caritana tos 'pegat' ngantunkeun lacak lawas nu teu laas-laas! Sidik pisan nu ngalalakon katumibaan 'sasar' nu rada kakapanjangan da tapak-tapakna kawas kalangkang nu nutur-nutur lalampahan! Kapan cek inyana keneh yen satemena rasa 'sasar' nu ngocomang sarta ngalanglang kawaas dina emprona mah kawas nu malikeun kasadaran kana kanyataan lawas!Dina karya sinerat nu perceka ti ki adi Ahmad Fawzy Imron tos payus pisan ngagalindengkeun 'deudeuh kageugeut' reujeung nu dipikaasihna ku jalan 'guntreng' maguneman dina jeroning lelembutan sorangan! Sanes ngumbar kawaas da ieu mah perkara nu tos kaoatri dina ati bari teu weleh dipupusti! Diwuwuh ku leueuteun cai kageugeugeut, musik Geisha nu nyaliara, binarung melempem poek lampu Velvet.....romantis klasik!"Urang tuluy jempe najan renghap beuki teu salse" duh aya ku endah eta ungkara! Anteb tur ngahudang imajinasi! Oge sagemblengna lalakon ngaungkara kalawan tartib ngalagena sok sanajan aya bagean nu kawilang rada 'nyengsreng' tapi teu karasa ngumbar kacawokahan da tos 'dirautan' jadi nyilib tur apik dipidangkeunana.Nu karampa kawas aya kaasih nu teu terus ngamalir sabab kapegat ku takdir, patarema kalbu nu buntu margi kapegung ku sifat Wallahu! Enya sigana kakara nepi kana nada notasi 'Re' nu kakara rek kawitan nanjak wirahma sora atawa nembe 'rising action' nu nyandak guligah dina mimitian rek ngageder rongkah, ngan teu ku hanteu, geuning endahna gending ngarandeg dina biwir lamping!Kacipta ku nu dalit ngahiji adu renyom tos saati dugi dodag perkara bentang lapang kawas jadi kacapangan, si Maung Bandung diugung-ugung, rasa asih ka Persib moal kasilih! Teu bade nineung kumaha geuning sakitu gulangkepna lir gula reujeung amisna!Taya basa kedah baha mangsa nu dipikatresna dipundut ku Nu Kawasa! Katineung nu hamo pareum, kawaas nu hamo laas! Nu ulah teh nyeungceurikan mangsa bihari da nu kiwari lain kamari! Ngintun Surat Yasin satamatan lampah nu payus pisan kanggo nu kiwari tos aya di alam kalanggengan! Aamiin."RE" midang dina ungkara nu kalintang merenah salang surupna dina guluyur nu sakitu anteb telebna nu noelan mamaras manah dina wanda nu ngalurakeun rasa 'romantis' kalawan teknik tutur 'klasik' nu matak narik!Payus tur mulus, ki adi!Wilujeng! Hapunten!(B.Arayana Sambas)

KI DULUR

Kénging Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 15 Fébruari 2016 23:22:57

Karya : Iwan Hanjuang Waas pisan, gok amprok di dunia maya. “Jeung Ki Dulur?” ketug jajantung seperdalapan tumanya. “Enya jeung Ki Dulur. Ngan, ah, moal rek dicaritakeun saha-sahana mah,” témbal panineungan. Ngimpleng ka jauhna. Baheula, kungsi ngulinkeun wirahma simpé, niruk angin peuting bari ngajentréngkeun hitar kord minor mélodis. Tina wirahma andanté nepi ka allégro. Jaman keur lagu cengeng apan salira mah ngogan Leo Kristi terus ngobrol dalit pisan. Inget kénéh kitu maké gitar éléktrik bibitelan tepi ka anu lalajo balik méméh acara lekasan? Anu nyangked tug ka kiwari urang paguneman, nabeuh saron ti wirahma dua wilet naék kana béndrong satengah wilet bari tidadalagor pelebah nyekel bonang saléndro. Pahili barang jeung galimer. Nyieun Overture tidituna mah. Rajeun aya anu méré partitur, ngageblég gambar togé wungkul. Hésé maca. Wanci demi wanci geus sarua tepus umur jeung paanggang, tapi kasono jeung kakangen angger manteng tepi ka wangkid kiwari. Wilujeng sumping ki Dulur mugia salira waluya jamuga salalawasna. -------------------------- Komentar : Aya nu perlu dibere 'apresias husus' dina lalakon nu digelar kalawan make judul "Ki Dulur" karya sineratna fikminer kahot Iwan Hanjuang! Nyaeta kumaha pangarang nulis hiji karya dumasar kana 'profesi' atawa 'kaahlian' nu dipiboga ku inyana nu dijirimkeun jadi hiji karya tulis nu sanes sakadar hiji 'ekspresi sastrawi' tapi dipiharep mere 'daya apresiasi' ka pamacana utamana nu masih awam dina widang profesi nu dipidangkeun ku pangarang!Musik jeung Karawitan! Jadi kasangtukang pangarang pikeun nembreskeun 'tematik' nu hayang ditepikeun saestuna geus hasil kalawan payus sarta cukup kasurti yen hiji 'kasono' nu digalindengkeun ku 'idiom' musik jeung karawitan. Najan tinangtu eta idiom-idiom can puguh dipikaharti ku sakabeh pamacana. Didieu aya tangtangan ka pangarang sangkan boga tinimbangan pikeun ngaronjatkeun apresiasi pamaca dina widang Seni Musik jeung Seni Karawitan, najan teu kudu togmol da karya sastra mah miharep ' kelarutan unity' reujeung wanda lalakon nu dipidangkeunana!Aya conto karya nu bisa dipake 'studi komparasi' nyaeta novel Sunda yasana sastrawan kakoncara Rahmatullah Ading Affandie (RAF) dina 2 (dua) karya sineratna nyaeta "Nu Kaul Lagu Kaleon" jeung "Bentang Lapang"!Dina 2 karya eta RAF sidik pisan make kasangtukang tina widang sabudeureun 'kaahlian' nu sapopoe ngawarnaan kiprah anjeunna!'Nu Kaul Lagu Kaleon' sacara langsung teu langsung mawa pamaca pikeun ngaapresiasi dunya 'Tembang Sunda' nu memang jadi kacintana nepi ka seueur nyerat naskah Gending Karesmen nu meleg-meleg nyandak nuansa 'lagon' Tembang Sunda Cianjuran! Aya niat ti RAF pikeun ngahudang apresiasi dunya Mamaos Cianjuran saperti dina conto paguneman :"Lepat etah," ceuk Kang Atma. "Upami dihuluan ku 'Daweung' ulah kana haleuang Liwung! Margi 'Liwung' mah lagu rancag, sedengkeun 'daweung' mah hulu lagu papantunan!"Dina novel "Bentang Lapang" RAF nganggit karya siherat kalawan kasang tukang 'dunya mengbal' loyog sareng kiprah anjeunna nu lami nyangking pangurus Persib oge lami janten kolumnus 'sepak bola'! Dina 'Bentang Lapang' karasa pisan pasualan-pasualan dunya 'meng bal' nu dalit ngahiji reujeung guluyur lalakon, sakumaha nu ditetelakeun ku 'Witarsa' dina Panganteur nu unina : "Karangan anu, sok sanajan teu nyosok jero nyaritakeun tehnikna.... tapi cukup mere pituduh ka nu mimiti dialajar maen bal".Jadi satemenna karya "Ki Dulur" mere indikasi yen kawilang hade pisan mun seug loba karya fikmin nu tematikna make kasang tukang 'frofesi' atawa 'kaahlian' nu dipiboga ku pangarang, disagigireun salaku karya sastra oge mibanda 'kamulyaan' nyaeta mere tuntunan apresiasi pikeun para pamacana. Ngan nyaeta nu jadi pasualan kumaha carana yen 'idiom-idiom spesifik' kudu nungtun apresiasi lain sakadar 'pamer istilah' nu matak teu matak pikahartieun. Ayoneun sejen nyaeta nganggit lalakon nu kauger ku watesan jumlah kecap pikeun nyubadanan wanda fikmin! Saperkara 'istilah' atawa 'idiom' teu kudu togmol da masing-masing pamaca boga 'nalar' reujeung 'imajinasi' sewang-sewangan!Chord minor melodis, andante naek alegro, Leo Kristi jeung Beatle! Lumpat kana Bendrong dua wilet naek satengah wilet 'kering' dina posisi 'barang' atawa 'galimer' ngageder hayang nyanggi 'overuture' nu bangkar teu ngajadi! Saestuna jadi kasono nu teu weleh ngagalindeng dina mamaras manah Iwan Hanjuang ka 'Ki Dulur' nu kiwari teuing saha jeung dimana!Wilujeng! Hapunten!(B.Arayana Sambas)