Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder buricak


MUHASABAH FIKSIMINI : TITIK TILIK TINA BILIK AIS PANGAMPIH

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 13 Januari 2018 09:43:18

Kahatur Kang Iip Dzulkipli Yahya

Teu aya kabingahan anu matak ngagedékeun haté diawal taun ieu, iwal ti maos kamandang Kang Iip D Yahya (salajengna badé disingget baé janten Kang Iip, punten), nu dipidangkeun dina Ayang Ayang Gung, ping 1 Januari 2018. Najan ieu hasil analisa ti Akang téh, jang saabdieun mah matak hémeng. Enya atawa henteu, FBS saperti nu digambarkeun ku Kang Iip? Jadi hulang-huleng, samar pikir. Komo maca sareng ngagemetam ungkara-ungkara anu ku salira dipidangkeun dina seratan.

Aya sababaraha hiji jejer-jejer pikiran Akang, nu jadi bahan sawalakeuneun pangurus satutasna maos seratan Akang, ieu meureun diantawisna :

1. “Nepi ka danget ieu, kuring boga kacindekan yén grup facebook Fiksimini Basa Sunda (FBS) mangrupakeun révolusi anu teu loba geruh (silent-revolution). Révolusi anu teu matak ratug jajantung keur kolot, anu henteu ngalantarankeun nonoman jadi géhgéran.”

Kungsi maca sababaraha buku nu aya patalina jeung revolusi, boh pulitik, agama atawa ékonomi, biasana sok mawa hiji pamikiran idéologi anu nyoko kana rumusan kahirupan jelema-jelema nu ngait jeung kapentingan révolusi. Tah, lebah dieu pun uing ngahuleng. Asana FBS mah teu mawa idéologi nu anyar atawa mandiri. Malah mun nilik kapentingan para fikminer, asa patojaiah pisan. Fikminer mah éstuning lain jelema anu hirup-huripna tina nulis. Biasana ngan ukur ngajalurkeun karesep hungkul.

Éta ogé kungsi, pun uing babalagonjangan jeung Kang Darpan Winangun (Mang Opang), dina hiji sawala Pangurus Lapak. Cék uing téh, FBS sigana mun ditilik tina jihad budaya, boa geus jadi hiji gerakan kabudayaan. Dienyakeun ku Kang Darpan. Najan kuring ayeuna geus rada poho deui enas-enasna, sahenteuna ngarungkup kana hiji hojah anu hudang ti hiji komunitas ramatloka, nu hayang ngamumulé basa indung. Ku rupa-rupa tarekah. Peun we, asa teu manjang.

Tina seratan Akang kénéh,
“ Naha disebut révolusi? Sabab tadina euweuh, ujug-ujug mucunghul hiji kalang anu terus ngajadi gerakan anu ngagentak, maké cara jeung médium anyar anu euweuh saméméhna. “

Fiksimini, teu bisa ditolak ieu hasil adaptasi tina flash fiction, di Kulon. Malah diseukeutan ieu pamanggih téh ku Bapa Paraji FBS. Kang Nunu Nazarudin Azhar. Anjeunna kungsi ngaguar, fiksimini basa sunda minangka antitésa tina fiksimini bahasa Indonesia. Maké ugeran 150 kecap, sab basa Sunda mah boga kecap anteuran, panganteb, jsté.

Dina seratan Akang oge aya, “Kahiji, FBS ngamangpaatkeun téknologi média sosial (médsos) keur ngahirupkeun sastra Sunda. “

Tah palebah dieu mah, ceuk panoong pun uing salaku Pangurus, asa teu merenah. Margi dunya sastra Sunda dugi ka danget ieu, can kungsi méré hiji legitimasi, yén fiksimini basa Sunda diaku jadi hiji jangre sastra. Loba anu nyarebut sasastraan. Sab loba enas-enasna anu can manjing asup kana hiji jangre anu bisa minuhan tungtutan akademis. Pangurusna ogé sami, lolobana lain sastrawan. Mung darma katitipan hoyong ngajagi amanah ulah cécél henteu bocél. Samangsa diwangsulkeun deui ka para pamilikna nu saéstu, badé disérénkeun kalawan beleger najan seueur nu ngarangsadan. Ngan tiasa téh ngokolakeun, da ari ngajembaran Sastra Sunda mah sanés manukna.

2. Dugi kana seratan salajengna, “Kadua, sasat ngedalkeun kecap “punten abdi ti payun” ka sing saha baé anu teu maké médsos keur kapentingan komunikasina. “Anu teu gaduh akun FB mah punten moal tiasa aub,” kitu mun kudu dibasakeun mah. FBS geus nyiptakeun kalang sorangan anu mandiri, méré harti kalangna sorangan, nyieun pager, netepkeun kuncén (admin), nugaskeun jagabaya (ngamankeun lapak), ngangkat girang pameta (nguruskeun postingan nu sipatna bewara), aya ogé juru titén (nu menerkeun éjahan jeung cara nulis), sarta pangurus leuit (bendahara), anu sakabéhna ditalingakeun ku Dewan Syuro anu boga wibawa.”

Dina palebah dieu mah, sigana sanés hébring-hébring teuing. Akang. Tapi awahing ku méh euweuh deui média basa jeung sastra Sunda, iwal ti Manglé. Galamédia tos teu ngamuat fikmin deui ti pertengahan taun 2017. Heureut. Sawala-sawala FBS ogé aya nu nyebut, siga ngeupeul ngahuapan manéh. Da nu miluna fikminer, diayakeun ku fikminer jeung jang fikminer. Béda pisan mangsa sastra Sunda keur moyan. Éstuning euyeub ku alternatip bacaeun. Geura mun ditengetan dina gambar grafik nu discreenshot di handap, aya sababaraha kacindekkan, nyaéta :

a. Tina 28 poé katukang, postingan mangrupa fikmin mung aya 225 fikmin. Tina 6184 urang anggahota FBS, mung ngahasilkeun kurang ti 4% anu aktip jadi panulis atawa pangarang fikmin.. Éta ogé teu acan disaliksik langkung telik. Margi saurang fikminer tiasa mosting sababaraha fikmin dina dangka 28 poé katukang. Anggahota nu aktip, boh maca atanapi nulis mung 3031 urang (49,03 %), tina 6148 urang nu kadaptar jadi mémber.

b. Geuning anu paling loba mah, koméntar atawa pairan kana hiji postingan. Jumlahna pantastik. Aya 7148 pairan. Hanjakal pairan dina postingan téh, lolobana lain kamandang jang ngahirupan sastra jeung budaya Sunda. Lolobana ngan saukur paguneman sabatur-batur anu sok mairan dina postinganana. Atawa pédah sok mairan dina hiji postingan, nu boga postingan malik mairan dina postingan nu lian. Minangka mulang tarima. Éta ogé aya pairan anu mukakeun kamandang nu leuwih jero jeung museur kana fikmin anu diposting. Ngan jumlahna henteu signipikan.

c. Waktu anu paling loba fikminer manco, nyaéta poé Saptu jeung Minggu. Ieu nguningakeun , teu kabéh fikminer manco dina poé biasa. Fikminer lain panulis tulén, da boga kagiatan anu maneuh saluareun ngarang fikmin. Boh kasab atawa anu liannna.

3. Salajengna, "Katilu, nu ngokolakeun FBS suksés nyieun pola komunikasi anu partisipatif, bébas ngedalkeun kamandang tapi ngeusi. Ulah coba-coba ngapungkeun karya anu goréng atawa méré komén anu di luar pasualan, sabab saharita kénéh langsung digeuing ku akangna jeung tétéhna anu leukeun nalingakeun lapak.”

Média sosial (Medsos) mibanda karakter anu égalitér. Taya watesan umur, pancakaki, strata sosial, agama atawa idéologi. Persidén waé bisa béak dibully ku anu teu hir teu walahir. Komo deui saukur tulisan anu diapungkeun dina hiji komunitas saperti FBS. Para sastrawan jadi teu boga jarak jeung anu maraca. Samalah, krédo “The Author Was Dead”, lamun geus ngalungkeun tulisanana ka media (dina jaman media keretas), geus musnah. Da dina médsos mah, tulisan bisa diropéa atawa diédit (hirup), najan aya rékam tapakna. Silih pairan jadi hal anu natural jeung biasa. Cindekna, komunikasi anu pastisipatif lain diwangun ku pangurus-pangurus teuing, tapi geus hiji karakter anu ngawaris dina sastra internéta. (Istilah Kang Prabu Bambang Arayana Sambas, dina buku Serat Sapamidangan). Baheula mah, pimanaeun!

4. “Kaopat, tetep ajeg dina udaganana salila genep taun keur hiji grup médsos mah bisa disebut istiméwa.”Tah ieu mah uing sapuk. Sab loba pisan ceuk Akang ogé nyerat, “ ...pakéwuh anu kauar ka luar grup. Beuki ka dieu beuki katingali mapan carana para inohong FBS dina ngungkulan pacogrégan. Pihak-pihak anu pasalia dibéré lolongkrang ngedalkeun kamandangna. Lamun teu cukup ku dijawab dina lapak, dikontak kana médsos pribadina, atawa lamun deukeut mah ditepungan jinisna. Konplik tara disinglar, tapi ditungkulan.”

Najan dina kanyataanana, “Tidak seindah warna aslinya” Hehehe... (asa hayang ngamention salah saurang Pangurus, ieu teh. Utamina ti Group Priangan Express.) Rupina kedah dipertelakeun, yén FBS hiji produk sastra égalitér nu ngabogaan sifat dinamis (direct feetback). Suka teu suka, kudu siap diresikoan ku kumna Ais Pangampih lapak.

5. “ Karya-karya FBS ogé mimiti jadi panalungikan akademik di kampus-kampus. Éta téh lantaran FBS dimuat dina media mainstream, jadi lantaran dipikawanoh ku balaréa.”

Sapertos anu tos kaunggel di luhur, geuningan panalungtikan anu aya teh, henteu ngajadikeun fiksimini basa sunda meunang panghiap atawa legitimasi akademis, kalah jadi bahan sawala anu, saolah-olah FBS lain hiji fénoména sastra. Tapi ngan saukur curat-coret jelema anu hayang jadi sastrawan tapi teu kataékan. Watir nya, Kang!

kang Iip, hapunten, nun. Pamanggih pun uing anu lain panalungtik, budayawan, sastrawan atawa pulitisi, bisa pisan kaliru. Komo mun ningali kasang tukang atikan. Da lain sakola ti widang humaniora. Ngan meureun ieu mah sakadar muhasabah (ngaji diri), sangkan leuwih waspada jeung teu adigung. Utamina mah sangkan ulah kendat ngoméan anu can merenah jeung loba kakurang. Kahoyong mah, Akang tiasa janten salah sawios Déwan Syura FBS. Supados tiasa langkung mindeng masihan kamandang kanggo majukeun FBS . Sakali deui hapunten, Kang.
Cag!

Takdzim pun uing.
Nasrul Jatnika

MAKARYA JANG JATI SUNDA: BAMBANG ARAYANA SAMBAS DINA PANOONG KURING

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 09 Désémber 2017 12:55:28

Beunangna: Roy Rukmana

Najan geus rada leuir, ceuk pikiran, asa hadé lamun nurunkeun ieu tulisan jangeun bacaeun anu teu kaburu meuli koranna. Diropéa tina surat kabar Pikiran Rakyat jeung buku panganteur Pangleler Budaya Kota Bandung taun 2017.

Bambang Arayana Sambas, lulus Sarjana Seni Teater ti ISBI Bandung. Program Master Teacher dianggeuskeun di Hawtorn Institute of Education, Melbourne University, Australia. Di nagara nu sarua, di kampus nu lian, nyaéta di Victoria College Of The Art (CVA), inyana nganggeuskeun Program Doktoral Theatre & Stage Technology.

Lahir jeung digedékeun di Tasikmalaya. Ti Taun \'70-an mimiti diajar téter di Sanggar Épos anu diadegkeun di kota kalahiranana. Sanggeus kuliah di ASTI Bandung (kiwari ISBI) aktif salaku aktor di Studiklub Téater Bandung nu diasuh ku Suyatna Anirun, guru anu dipikaajrih ku inyana. Terus aktif ngékting di Téater Patria nu diasuh ku RAF (Rahmatullah Ading Afandi) ngaliwatan sérial TVRI Inohong di Bojong Rangkong.

Ngarana mimiti dipikawanoh sanggeus nyutradaraan Téater Rayat “Juag Toéd” (1983), hiji garapan anu ngalibetkeun seniman-seniman sohor, kayaning Tati Saleh, Rahmat Hidayat, Nano S, Aom Kusman, jeung anu séjénna. “Juag Toéd” ngageunjelungkeun jagat kasenian dina waktu harita, malah midang ngalanglang Jawa Barat jeung Jakarta.
Bambang Arayana kungsi nyutradaraan garapan anu luar biasa (prestisius), nyaéta basa ngagarap “The Spirit of Bandung” (1985 jeung 1995) dina acara pangéling-ngéling Konferénsi Asia-Afrika anu diluuhan ku 111 kepala nagara di hareupeun Gedong Merdéka, Bandung. Karancagéanana salaku sutradara jeung panulis naskah dina rupa-rupa “seni pertunjukan”, mangrupakeun jawaban obési anu dicita-caitakeun ti mangsa rumaja: midangkeun karya seni dina jengléng “téater musikal”. Karya-karya (téater muisikal) anu fénomenal di antarana: “Pop Opera Sangkuriang”, “Pop Opera Ciung Wanara”, jeung “Gending Karesmén Lutung Kasarung”.

Dina makarya, Bambang kungsi jadi sutradara pagelaran seni "Panggeuing Jati Walagri", kontemplasi Hari Kebangkitan Nasional di Gedong Merdéka, Bandung (Mei, 2001); sutradara oratorium "Jejak Membumi Siliwangi" dina milangkala Kodam lll Divisi Siliwangi, Auditorium PT Pos Giro Bandung (Juni, 2001); sutradara jeung panulis naskah oratorium "Dangding Duméling Sajatining Siliwangi" waktu ngistrénan pangurus Angkatan Muda Siliwangi, di GOR Pajajaran Bandung (Agustus, 2001); sutradara jeung panulis naskah oratorium "Bahana Cipta Karya SMK" dina acara pamuka Pasanggiri Kompeténsi Siswa Tingkat Nasional, Gedung Sabuga (April, 2002); sutradara jeung panulis naskah oratorium "Gita Cipta Pesona Pertiwi" dina acara pembukaan PORSENI SLTP/SLA di Stadion Siliwangi Bandung (Juni, 2002 jeung réa-réa deui.

Lian ti éta, Bambang Arayana Sambas nyekel kalungguhan di widang sosial & seni budaya, di antarana: Kurator Taman Budaya Jawa Barat; Kurator Anjungan Jawa Barat Taman Mini Indonésia Indah, Jakarta; Konsultan Seni Budaya Obyék Wisata Budaya Internasional "Saung Angklung Udjo" Bandung; Aktivis LSM Budaya PATAKA (Prakarsa Tata Kebudayaan) Bandung; Pupuhu Gentala Arts Comunity; Admin komunitas sastra Fiksimini Basa Sunda (FBS); jeung Déwan Penaséhat di Déwan Kesenian Kota Tasikmalaya.

Nepi ka kiwari inyana tetep gumati kana seni tradisi, ngariksa budaya Sunda warisan karuhun urang saréréa.

NU NGAGEURI DINA POEAN PROKLAMASI

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 21 Agustus 2017 00:10:22

Drama "Dakwaan" karya RAF (Rochmatullah Ading Affandie)
Diserat ku : Bambang Arayana Sambas

Dina taun 50 katompèrnakeun nepi ka medio taun 60-an dunya kasenian di Tatar Sunda kungsi geunjleung ku ayana pagelaran drama sunda modern yasana RAF nu mangrupa pentas lalakon \'duet maut\' nyaeta lalakon drama "Yaomal Qiyamat" jeung lakakon "Dakwaan". Ieu 2 lalakon salawasna sok dipentaskeun nungturun dina hiji waktu pementasan, dipentaskeun nepi ka leuwih ti 100 kali, samalah kungsi maèn di daèrah Jawa jeung luar Jawa kalawan ditarjamahkeun make bahasa Indonesia.

Khususon lalakon Drama Dakwaan kawasna manjing pisan disawang lantaran boga relevansi reujeung situasi nagara kiwari nu aya pakaitna dina raraga mieling Poe Proklamasi RI nu ka 72. Kabeneran ieu lalakon (Dakwaan) kungsi \'direvitalisasi\' yasana RAF ku anjeun jadi hiji lalakon nu makè judul "Impian Bu Iroh" dina salah sahiji episode Drama TV Inohong Di Bojong Rangkong nu dina taun 80-an nepi ka 90-an keur meumeujeuhna manggung.
Sumangga urang cutat sabagean paguneman (dialog) dina lalakon "Impian Bu Iroh" :
...........
BU IROH
Pahlawan, tong kitu atuh! Urang geus bèda alam, geus teu sarua mangsa. Iroh di alam saheulaanan, pangersa di kalanggengan Mending sing jongjon di pangbalikan. Di tempat nu caang narawangan ku nurul jannah. Nu tiis tingtrim rikhulfirdausi. Ulah ngaganggu! Urang geus sewang-sewangan.

PAHLAWAN
Kuring jeung saparakanca nu lumrah disebut pahlawan gancang teuing dipopohokeun, Iroh! Gancang teuing, mani sajorelat pisan!

IROH
Ki sanak.Omat tong ngaleuleungitkeun! Pangersa kapan dihornat, diagung-agung, malah disebutna gè Pahlawan! Tempat paèsan disebutna gè Taman Pahlawan, nyata mèrekna dina gapura! Unggal hari besar dijarugjug didaratangan. Diupacaraan, diawuran kembang ngalambangkeun jenengan dengdeng seungit angin-anginan.

PAHLAWAN
Tong ngahina! Kula teu menta pameuli jasa! Malah..ancurkeun tah mèrek Taman Pahlawan teh! Leungitkeun upacara ngawurkeun kembang teh, ilangkeun nu karitu teh. Lamun wungkul kikituan ngarasa cukup ngahargaan jeung teu mopohokeun.

IROH
Ya Alloh. Na atuh kedah kumaha..?

PAHLAWAN
Sakadar arèk ngageuri. Ngajak mieling ka sarerea mangsa urang ngamimitian. Geuning harita, memeh jung ka pangperangan : "Geura miang anaking, tong salempang tong hariwang. Mun mangke kasambut gugur jadi korban revolusi, sing ageung manah, perjoangan pasti direngsekeun! Ari ayeuna..? Teu nyana kieu temahna! Allohu Akbar!

IROH
Bènten jamanna, benten mangsana. Rumaos. Wartosna kapungkur mah, kapentingan teh keur nusa bangsa nu pang-utamana. Dugi ka kapentingan pribadi ge sok kaluli-luli, sok lali! Rumaos, ayeuna mah.....

PAHLAWAN
Ayeuna mah, kapentingan pribadi nu pangnonjolna teh. Kapentingan kadunyaan pribadi, kalungguhan pribadi, kasenangan pribadi! Terus kapentingan golongan paranti nempelkeun kapentingan pribadi tea. Boh kapentingan pribadi atawa golongan ngelehkeun kapentingan balarea, kapentingan bangsa jeung nagara!
Allohu. Teu nyana bet bakal kieu jadina. Lamun terang ti harita yen engkena kamerdekaan teh bakal ngan keur kasenangan sawatara comot manusa wungkul, kuring seunggah bebeakan.
Indung kuring ngalanglayung, Iroh! Basa mimiti ngadangu kuring putra tunggalna gugur. Sanajan ari pokna mah : "..kuring iklas sukalillah, anak kuring maot jadi parepeh kamerdikaan..". Padahal manahna, manah hiji indung nu ngakandung salapan bulan, nu ngatik ngadidik ti leuleutik...ngarakacak, Iroh.

IROH
Parantos ! Rumaos! Parantos! Teu werat abdi ngupingkeunana. Sareng mugi uninga, najan terang, najan ngaraos, namung naon daya Pun Iroh? Taya daya pikeun ngedalkeun gulidagna rasa. Rumaos abdi mah sanes Kades, sanes Camat, sanes Bupati atanapi sanes DPR!

PAHLAWAN
Mun teu salah mah. Indit-inditan harita teh dina tujuan : kadaolatan, kakawasaan rahayat, demokrasi..!

IROH
Leres Ki Sanak. Nu kawasa teh rahayat. Kitu dina guratna. Kitu dina gekgekanana! Saur Kades ge, demokrasi! Saur Bupati ge, demokrasi! Oge saur DPR, demokrasi! Namung nu kawasana, sanes rahayat bangsa ngaran Iroh!

PAHLAWAN
Hayu Iroh! Kamandang, pangnepikeun! Pangnepikeun ieu panggeuri. Omat, pangnepikeun!

IROH
Mangga. Mangga bade didugikeun eta panggeuri teh. Mangga! Tapi...ka saha nya? Ka saha nya? Ka saha nya.....?
.............

Kitu nu ngagalantang dina lalakon Drama Dakwaan yasana RAF, salajengna mah...nyanggakeun kanggo lenyepaneun sèwang-sèwangan. Mung sakadar hatur uninga, waktos sim kuring nu kapeto merankeun tokoh Pahlawan jeung Henny RAF (Bu Iroh) dina Drama Dakwaan eta, sabot \'ngekting\' cimata kuring jeung Henny bedah hese eureun nepi ka sabaraha kali kudu dihaok "Cut!" ku Pengarah Acara sabab dianggap \'over emotion\'. Cag! MERDEKA!
(Bambang Arayana Sambas)Bu

ADÉN ENDUL JEUNG KANYAAH BUDI

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 20 Agustus 2017 21:02:39

Catetan : Dadan Sutisna

"Upami dina majalah Manglé tos teu aya Adén Endul, hartosna sanés Manglé," kitu cék salah sahiji nu maca Manglé, dina acara milangkala ka-38 ieu majalah (1995). Dua taun ti harita, majalah Manglé nyieun angkét pikeun maluruh rubrik naon waé nu dipikaresep ku nu maca. Hasilna, ti sakitu réwu nu ngeusian angkét, réréana téh milih rubrik "carita pondok" jeung "barakatak". Nilik ka dinya mah, teu matak hémeng, apan Manglé téh média "panglipur", majalah nu ngawewegan eusina ku kontén hiburan. Bisa jadi, rubrik "barakatak" gé kaasup kana katégori hiburan téa.

Bukti yén rubrik "Barakatak" pada mikaresep téh, lain tina hasil angkét waé. Sawatara nu maca nyebutkeun yén upama nyekel majalah Manglé, nu pangheulana dibuka téh rubrik "Barakatak". Éta rubrik dibagi jadi sababaraha subrubrik, nyaéta: "Carpon Lucu" (carita pondok nu eusina pikalucueun), "Pangalaman Para Mitra" (tulisan kiriman ti nu maca ngeunaan pangalaman atawa kajadian nu matak lucu), "Hahaha" (anékdot pondok), jeung "Adén Endul" (kartun beunang Budi Riyanto Karung). Dina rohangan "Barakatak" gé kungsi aya subrubrik "Ké Heula", karikatur tokoh-tokoh nu diémbohan déskripsi kajadian-kajadian lucu, nu ngagambarna Budi Riyanto deuih.

Tacan aya nu nalungtik, di antarana subrubrik "Barakatak" téh, mana nu pangdiparesepna? Kawasna mah sapakét wé, da sarua papada ngahibur. Ngan aya hiji subrubrik nu moal bisa disisilihan, "Adén Endul". Nu ieu mah ukur bisa dieusian ku Budi Riyanto, lantaran tokoh Adén Endul geus gumulung jeung nu ngagambarna.

Adén Endul mimiti midang dina Manglé nomer 1002, 25 Juli 1985. Harita mah can jadi rubrik maneuh. Ngurunyungna Adén Endul téh ukur selang sawatara bulan sanggeus Budi Riyanto saparakanca ngadegkeun Kerabat Kartunis Bandung (Karung), 16 Januari 1985. Ti harita, aya sawatara kartunis nu ngaranna diémbohan kecap "karung", terus ngamuatkeun karyana dina média basa Sunda. Di antarana Budi Riyanto Karung (Manglé), Édyana Latiéf Karung (majalah Suara Daérah jeung tabloid Swara Cangkurileung), jeung Éddy Hérmanto (Galura). Budi Riyanto boga tokoh Adén Endul, ari Édyana Latief mah boga tokoh Si Mamih. Bédana téh, Si Mamih mah henteu boga rubrik husus dina média Sunda, ukur dipaké ngeusian rohangan nu kosong.

Rubrik maneuh "Adén Endul" mimiti dimuat dina Manglé nomer 1007, 29 Agustus 1985. Ti harita mah mayeng unggal minggu nepi ka ayeuna, méh taya copongna. Hartina, geus 32 taun Budi Riyanto Karung ngagambar Adén Endul téhsaumur jeung ordeu baru. Mun ngitung kana jumlahna, tangtu geus leuwih ti sarébu lalakon. Ku kituna, asa teu kaleuleuwihi mun aya nu nyebutkeun yén Adén Endul téh salah sahiji ikon majalah Manglé. Adén Endul hiji-hijina kartun Sunda nu dimuat kalayan mayeng dina waktu nu kawilang panjangleuwih ti saparo umur majalah Manglé. Bisa mayeng téh, tangtu alatan aya kanyaah Budi kana média Sunda. Da mun ngitung kana honor, bisa kaukur pisabarahaeunana.

Dina nyiptakeun "Adén Endul", Budi Riyanto mah sasatna tara nguyang idé ka batur. Kaahlianana lain ukur kana gumbur-gambar, tapi bisa ngagundukkeun gagasan dina waktu nu sakitu panjangna. Boa-boa néangan idé kartun téh leuwih hésé batan ngagambarkeunana. Malah cacakan keur teu boga idé gé, Budi mah bisa nyieun kartun nu matak nyenghél. Contona dina salah sahiji édisi, di beulah kénca aya gambar Adén Endul keur ngagorowok. Di beulah katuhu aya tarumpah ngalayang, tuluy maké dialog kawas kieu:
Adén Endul: "Kang Budi, ari minggu ieu uing kudu kumaha?"
Budi: "Gandéng, aing keur jangar!"
*
Teu réa jurugambar nu imeut kana urusan basa téh. Budi Riyanto mah sabalikna, telik pisan kana pasualan basa Sunda, malah pangaweruh kana kosa kecapna jembar pisan. Boa salila nyieun ilustrasi carpon téh bari nyatetkeun sakur kekecapan. Ongkoh apan Budi Riyanto téh sok nulis carpon deuih. Perkara ieu mah teu réa nu nyahoeun, da apan sok maké sandiasmajeung moal dibéja-béja di dieu.

Awal taun 2000-an, Budi Riyanto mimiti ancrub kana sinéas. Kungsi ngereles ti sabudereun Bandung, pakpikpek nata artistik. "Tapi ari ka Manglé mah angger sok ngurunyung, najan diwakilan ku Adén Endul," saur Bah Duduh suargi dina "Ké Heula". Enya, najan keur sakumaha riweuhna, teu nepi ka mopohokeun Sunda. Bah Duduh (Duduh Durahman), nu geus moal bireuk deui dina urusan niténan pilem, kungsi muji kana salah sahiji karya artistik Budi Riyanto nu dianggap "orisinil" jeung "monuméntal". Dina hiji sinétron, Budi Riyanto kapapancénan ngawangun séting pamukiman kumuh jeung "liar" sisi walungan. Éta wawangunan kudu dijieun heula (lain maké nu geus aya), lantaran engkéna bakal diduruk, dibongkar, jeung digusur. Nu hésé téh cenah nyieun walungan. Tapi ku kaparigelanana, Budi Riyanto jeung kru ukur nyieun babalongan nu manjang aya kana 20 méterna. Tuluy sisi-sisina maké tutuwuhan. Hasilna persis siga walungan enyaan.

Teu ngacirikeun, éta salah sahiji watek nu nyieun Adén Endul téh. Teu anéhpikeun nu tara ngimeutan mahbasa taun ieu Budi Riyanto jadi nominé panata artistik pinuji dina Féstival Film Bandung, nyebutna téh: "Mudah-mudahan ka payunna sing jadi pinunjul." Malah kawas nganggap yén Budi Riyanto kakara ayeuna-ayeuna ancrub kana dunya pilem téh. Ari jinisna mah, ku sikepna nu handap asor téa, teu mungkin nyieun klarifikasi ku nyebutan rupaning préstasi méméhna. Teu bauan, teu itungan, teu ngabéda-béda jalma, héman ka nu lian, tah éta Budi Riyanto. Atuda moal aya nu nyangka, yén nu sok mantuan artistik dina acara kasundaan, bagadang sapeupeuting bari teu diburuhan, éta téh salah sahiji "art director" nu geus makalangan di tingkat nasional, geus nyangking sawatara panghargaan, dipiguru ku entragan sapandeurieunana.

Kanyaah Budi Riyanto kana kasundaan téh geus ngurung waktu puluhan taun. Ti jaman mesin ketik nepi ka usum média sosial. Tapak lacakna ngagurat mun urang leukeun ngaraas lalampahan média Sunda. Ieu tulisan, lain keur ngagambarkeun Budi Riyanto sagemblengna, da apan sidik nu ahli ngagambar mah jinisna pisan. Ku kituna seja ditutup baé ku hiji sajak nu dimuat dina majalah Manglé nomer 831, 1 April 1981.

WANCI
Sajak Budi Riyanto

Wanci tegar
kawas bégal liar
bangbrat ngungudag heulang kahayang
taya pasini najan awak mandi késang.

Wanci jigjrig memerik ringkang
noyod jongjon teu nyaho ngaso
taya dami najan rénghap paéh poso.

Wanci nikreuh ngeureuyeuh, teu ngambeu reureuh
teu wawuh rahuh teu ieuh kungsi pateuh
kawas rinyuh nu ngahunyur \'na akar loa
nyégétan umur, nutuhan nyawa.

KERATIVITAS ANU TAN WATES WANGEN

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 17 Juli 2017 16:56:20

Yasana : Mang Opang (Darpan)

1.
Pangarang Wahyu Wibisana kungsi nyaritakeun proses kréatif anjeunna waktu ngarang carpon “Déhém”. Éta carpon nyaritakeun lalaki nu néang paraji lantaran pamajikanana rék ngalahirkeun. Ti mimiti néang paraji nepi ka balik deui ka imahna sarta antukna anakna lahir, anu kedal ti lalaki téh ukur déhém. Paraji nu nulungan pamajikanana ogé siga surti, da teu réa nyarita. Surti mun éta lalaki butuh kana pitulungna, surti teu kudu nyarita, sarta surti kumaha rasa nu ngagalura dina jero dada séwang-séwangan. Dina ahir carita, dina monolog si lalaki téa, ditétélakeun yén saenyana antara paraji jeung éta lalaki kungsi aya hubungan silih pikacinta.
Dina éta carpon kapanggih ilustrasi anu alus pisan, nyaéta waktu éta paraji jeung si lalaki badarat satengahing peuting, mapay kebon, huma, jeung pilemburan, bari teu cacarita téa. Ukur dicaangan ku obor nu dibawa ku lalaki, sarta nyi paraji leumpang hareupeunana. Waktu bras ka tengah kebon awi, kadéngé sora ‘déhém’ si lalaki téa. Carpon nu kaitung imprésif, ninggalkeun kesan nu hésé leungitna dina pikiran nu maca.
Waktu ditanya ti mana datangna ilham éta carpon, Kang Wahyu ngajawab yén hiji peuting waktu anjeunna di perjalanan mulang ti Bandung ka Cisayong, lebah Malangbong manggihan awéwé jeung lalaki mapay-mapay sisi jalan bari ukur dicaangan ku obor. Ukur saliwat katénjona ogé da anjeunna nuju nyupiran bari ngadius ka Tasikkeun. Sigana baé éta papanggihanana anu ngan saliwat téh tuluy ngeletek jadi pikiranana, nepi ka antukna jadi ilham keur carpon “Déhém”.

2.
Naon nu kaalaman ku Kang Wahyu téh boa nu ku ahli disebut ‘sensasi persépsi’, nyaéta gambaran ti luar diri urang (stimulan luar) anu digerakkeun ku “tanaga ti luar” tur ngahéab kana indra urang. Persepsi muncul nalika éta sénsasi nepi ka pusat indra sarta dirumuskeun nepi ka jadi atra. Pangalaman anu teu pira, manggihan awéwé lalaki anu keur badarat paduduaan di jalan satengahing peuting, keur Kang Wahyu mah jadi sénsasi. Éta sénsasi téh tuluy dipersépsi ku dirina sorangan nepi ka antukna jadi hiji image (média keur prosés komunikasi). Nya éta image anu antukna ngawujud jadi carpon “Déhém”.
Ilikan bagan di handap, anu ngagambarkeun kumaha bentuk jeung sumber image (Primadi, 2000).

3.
Kumaha munculna hiji karya (sastra), geus réa nu ngaguar. Antarana baé téori Aristoteles ngeunaan niru-niru (mimetik). Seniman atawa pangarang néplak nu kajadian di alam sabudeureun sarta tuluy ngolah éta tiruan kana tahap ékstasis (diangkat/dijait) sarta antukna jadi khatarsis (penjernihan). Pangalaman nu kaalaman Kang Wahyu di luhur ogé bisa dirarampa maké éta tiori. Anggap baé carpon “Déhém” téh niru tina alam, nyaéta niru kajadian nu kapanggih ku pangarang di jalan waktu anjeunna aya dina satengahing lalampahan.
Tapi, dina karya mah éta tiruan téh henteu dilukiskeun sajalantrahna. Lebah dinya bédana sastra jeung sajarah téh. Tiruan diolah deui maké logika jeung imajinasi sarta diangkat kana tahap ékstasis. Waktu éta tiruan jadi carpon, salian ti geus jauh diangkat tina réalitasna (kanyataanana), ogé diolah jadi wangun anyar nu sagemblengna hasil kréativitas pangarang. Tokohna, plotna, konflikna, atawa amanat anu hayang ditepikeunana éstuning hasil kréativitas. Tah, sabada jadi karya anu gembleng, éta carpon aya dina tahap katharsis anu umumna ngandung ajén-inajén universal lantaran nonjolkeun aspék-aspék kamanusaan.
Alus henteuna hiji karya, atawa unggul henteuna ajén hiji karya, sok ditangtukeun ku prosés nu tadi. Nepi ka lebah mana kréativitas pangarang ngangkat éta tiruan jadi ékstasis, sarta nepi ka lebah mana kréativitasna nepi ka jadi karya anu khatarsis sarta ngandung ajén-inajén universal, bakal ngabédakeun mana karya anu biasa jeung mana anu luar biasa (amazing).

4
Baca geura ieu fikmin karangan Hadi AKS.

Lebaran Ahéng

Reg ngarandeg. Maleman lebaran. Mobil nu nyalemprung muru lembur pangbalikan. Para panumpang nu arimut rék dipapag kulawarga. Ngaheunggeu palebah dinya. Tadina tingraringeuh, sugan ukur macét biasa. Basa turun saurang, duaan. Gustihoréng gerbong karéta malang. Tiguling. Ngarahuh saréréa. Wanci janari. Lebaran kari opat jam deui. Brul tina beus tarurun. Tina kendaraan pribadi, nungtutan kaluar. Nu luh-lah, tinggorowok jeung tingcakakak. “Tah, nu kieu ngaranna mudik, daaak!” cek saurang. Breng tuluy ngawangkong jeung nu lian. “Naon teu bisa disingkahkeun gerbongna, Kang?” ceuk si Euceu bari nginghak. “Bagooor Euceu mah, mending lebaran di dieu uingah tibatan ngagogotong gerbong!” Ger sareuri. Aya nu ngampar samak. Brak murak bebekelan. Sada nu takbir ti kajauhan karasa ngagerihan. Bray beurang. Bring sarolat Iéd di tegalan. Réngsé solat, tuluy aleut-aleutan sasalaman, “Hapunten samudaya kalepatan!” Mapay jalan. Nepungan panumpang nu nguyung. Nu careurik. “Jaga kieu di ahérat. Urang tepung jeung papada, nu teu kungsi wawuh!” ceuk si nini bari rambisak.

Macet dina usum mudik lebaran tangtu jadi pangalaman saréréa. Tapi pangalaman mudik bari mamacétan téh keur pangarang mah tuluy diangkat sarta diolah ku kréativitasna sorangan. Awalna bisa jadi mimesis (niru-niru ti alam). Naon nu kapanggih, nu katempo, nu kadéngé, jeung nu karasa téh tuluy diolah ku imajinasi sarta diperenahkeun jadi fikmin. Tangtu baé pangarang gé jadi mikir-mikir, lantaran bentuk anu dipilihna fikmin anu ngan diwengku ku 150 kecap sarta kudu bisa nimbulkeun rénjagan atawa sénsasi keur nu macana éta bahan satékah polah diolah sangkan nyurup jeung merenah kana ukuran. Bakal béda lamun nu dipilhna bentuk carita pondok atawa sajak, upamana.
Cindekna, pangarang kudu boga kamampuh anu masagi enggoning ngolah hiji bahan jadi karya anu jugala. Modalna, kréativitas anu tan wates wangen!

INSPIRASI FIKMIN SANGGEUS ATAVISME, FIKMIN GRAFIS, NAON SATULUYNA?

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 17 Juli 2017 06:28:41

Yasana : Hadi Aks

“Lamun seug nyieun babandingan, novel minangka gambaran awak sakujur.
Carpon ngébréhkeun beungeut hiji jalma. Fikmin mah ukur motrét cipanon nu ngeclak!”
(Panganteur dina buku kumpulan fikmin Léptop Krésna)

Ieu tulisan henteu pati ngaleunjeur. Dijojoan atawa dirawélan anu katimbang penting dicaritakeun baé. Ongkoh lain matéri pangaweruh anu sipatna formal. Ieu mah minangka pamancing sawala, dina workshop fiksimini kamari -- gawé bareng FBS jeung Disbudpar Kota Bandung, 15 Juli 2017 di Hotél Anggrék.
Cutatan di luhur ngahaja dipaké cukang panganteur ieu tulisan. Minangka cara néangan lilinggeran naon saenyana ari fiksimini (fikmin). Perkara wangenan naon ari fikmin, kawasna teu kudu diguar deui papanjangan. Geus réa tulisan atawa postingan di ieu lapak anu nétélakeun éta perkara. Para fikminer umumna tangtu geus pada paham, terang, atawa malah katalar naon ari anu dimaksud fikmin. Naon bédana fikmin jeung carpon, sajak, anékdot atawa karangan lulucon, ieu ogé geus pada sidik. Geus jadi kawajiban ongkoh, papagon anu henteu tinulis, yén sakumna anggota FBS anu karep hayang ngarang fikmin, kudu dimimitian heula ku maluruh élmuna. Macaan tulisan-tulisan anu ngaguar perkara fikmin, naha wangenan atawa kamekaranana. Dina mangsa-mangsa awal ngadegna FBS, tulisan-tulisan sarupa kitu téh réa kapanggih diapungkeun ku admin atawa saha baé anu ngarasa perlu méré pangaweruh ka kanca-kanca nu lian.
Pikeun ngémbohan sarta ngadeudeul pamanggih-pamanggih nu aya, pun uing tuluy babalagonjangan nyieun métafor babandingan, sakumaha anu dicutat di luhur; “Lamun seug nyieun babandingan, novel minangka gambaran awak sakujur. Carpon ngébréhkeun beungeut hiji jalma. Fikmin mah ukur motrét cipanon nu ngeclak!” Tangtu ieu téh ngan saukur pamanggih pribadi anu bisa jadi béda jeung kamandang nu lian. Ari maksudna hayang nandeskeun yén fikmin téh henteu saukur kakurung ku ukuran pondokna atawa jumlah kekecapanana (50 tepi ka 150 kecap -- sakumaha anu dijieun patokan di FBS). Salian ti némbongkeun ciri fisik kawas kitu, fikmin gé miboga karakter husus atawa ciri eusi nu padet pepel. Galur caritana, gambaran suasanana, kudu ditimbang enya-enya ku pangarang. Lebah dieu mah pagawéan ngarang fikmin téh méh baé sarua jeung nulis sajak. Katapisan pangarang dina milih-milih kecap (diksi) kacida diperedihna. Karancagéan nimbang-nimbang ungkara jeung peristiwa naon anu dianggap pangkuatna. Lamun teu kitu, fikmin anu ditulis taya bédana jeung anékdot bobodoran, atawa kajadian sapopoé anu ilahar, anu henteu diolah deui ku daya cipta nu ngarangna.
Jadi ras kana pépéling ti Chékov pangarang Rusia. Lamun anjeun ngarang carpon sakaca, pokna, soéhkeun baé sarta piceun satengahna. Tah anu beuneurna téh anu satengah kacana! Lebah nyieun déskripsi suasana, Chékov gé kawilang saklek méré gambaran. Upama anjeun rék ngagambarkeun hiji peuting nu keur ngebrak caang bulan, pokna, teu kudu papanjangan nerangkeun kaayaanana. Cukup ku nyebutkeun beling nu ngagurilap katojo ku cahya bulan. Tegesna pangarang diperedih bisa milih-milih peristiwa nu sugéstif, nu leuwih kuat ngahudang imaji nu maca. Henteu kudu papanjangan nerangkeun kaayaan. Bawirasa, ieu pépéling téh merenah pisan ditujulkeun ka para fikminer. Sabab nulis fikmin leuwih kasengker. Henteu laluasa kawas nulis carpon upamana.
Sakadar keur conto, geura urang tengetan kumaha apikna pangarang milihan ungkara jeung adegan dina ieu fikmin!

Janari di Cikawali

Manéhna tanggah. Janari bulan sapasi. Rét ka landeuh, nu ngaronggéng tinggal hawarna. Durukan kari ruhakna. Teu karasa. “Geus cunduk ngajugjug lawang.” Ronghéapna. Laju hudang ingkah nyorangan. Sapanjang jalan meulah astana, taya sasaha. Kari damar nu tingkalices, nganteur léléngkah, satapakna-satapakna. Kandeg basa hiji jirim ngajega, sapuluh deupa ti manéhna. Rumegog. Kalangkang nu ngadeukeutan. Rayrayan. Disidik-sidik beuki atra. Imutna mangkak dumadakan. “Sugan téa saha.” Nu ogo muru tangkeupan. Lir sono nu panganggeusan. “Geura mulang, Geulis! Indung hidep ngangantos di pangeunteungan.” Sorana agem neundeun katengtrem. Malikeun simpé. Simpe batu jeung babadna. (Muhammad Shohiba Nu\'man)

Dina ieu fikmin pangarang lain baé apik dina milih kekecapan, tapi kalimah pikeun ngagambarkeun suasana ogé karasa pisan dipeureutna. Henteu ngaguluyur ditataan naon-naonna, tapi dituncalan, dijojoan anu pentingna wungkul. Kitu deui lebah peristiwa anu dipilih, bangun ngahaja dipikiran pisan, tepi ka karasa ahéngna. Tokoh ‘kuring’ anu sina ngelemeng duka saha, ditepungkeun sina sosonoan jeung ‘tokoh goib’ biheung saha, nu reureuh di batu pangeunteungan. Ku cara diantep sina samar ngalangkang kitu, tuluy hirup tingkolébat rupa-rupa imaji dina pikiran nu maca. Aya nu nétélakeun, majar salah sahiji ciri karya sastra nu alus téh nu bisa muka ruang imajinasi nu maca salega-legana. Beuki loba pikiran nu tingkolébat, beuki punjul hiji karya. Upama dipakaitkeun jeung karangan fikmin, ieu pamanggih téh bawirasa kacida raketna. Ku wangunna anu pondok, ku karakter caritana nu padet, fikmin miboga lolongkrang nu laluasa pikeun muka ruang-ruang imaji nu maca.
Bisa milih jeung ngararasakeun kecap téh mikabutuh prosés anu henteu sakeudeung. Upamana baé ku cara réa macaan karya nu lian, nu dianggap punjul. Tina réa maca karangan nu alus ilaharna urang sok bisa ngararasakeun éndahna, hégarna, genahna jeung amis pelemna basa nu digunakeun ku pangarang. Aya kalana urang sok tepi ka gogodeg. Sakapeung ngalenggak. Kayungyun. Ngageter, nyiak, muringkak ku ungkara-ungkara hiji pangarang. Dina lapak FBS réa fikmin-fikmin petingan anu ditarulis ku para pangarang kahot, upamana baé karya-karya Godi Suwarna, Tatang Sumarsono, Darpan Winangun, Nazarudin Azhar, Dadan Sutisna, Dédén Abdul Azis, Éndah Dinda Jenura, jeung sajabana. Pikeun para fikminer, boh nu alanyar boh nu geus lila nulis, éta karya-karya petingan téh kudu dibaca digulanggapér. Ditengetan dilenyepan. Jadi bahan babandingan jeung sumber inspirasi. Keur nu anyaran dialajar nulis, sakurang-kurangna bisa diajar ngeunaan basa. Lantaran sakumaha anu tadi tétélakeun, karancagéan dina ngaréka basa téh minangka dadasar anu poko, teu bina ti umpak lamun dina wangunan mah.
Basa minangka pakakas pikeun nepikeun gagasan pangarang.
Dina alam béh ditu, karya sastra téh cenah diwangun ku dua lapisan, nyaéta lapisan cangkang jeung eusi. Cangkang téh bagian luarna nu katémbong sacara visual nyaéta aksara, kecap, ungkara, basa. Ari eusina nyaéta carita, idé jeung gagasan nu hayang ditepikeun ku pangarang. Tepi ka kiwari ieu paham téh ku urang dipaké kénéh. Sok dipaké cecekelan nalika kudu nimbang hiji karya. Kumaha basana ieu fikmin téh, carpon téh, sajak téh, novel téh? Kumaha eusina, téhnik caritana, gagasan pangarangna? Karya nu dianggap punjul, nya punjul atawa nenggang dina dua lapisanana, basana jeung eusina.
Kadieunakeun, ku kamekaran dunya kritik sastra, aya pamanggih anu béda jeung anu tadi. Ceuk Russel upamana, karya sastra téh utamana anu ditarulis ku para pangarang post moderisme di Eropah jeung Amérika, geus lain kawas ‘barang’ atawa ‘buah’ nu diwangun ku cangkang jeung eusi. Tapi geus awor pacampur antara cangkang jeung eusi. Kawas bawang. Saban lapisan téh minangka eusi. Rada hésé ngajéntrékeunana ieu perkara téh, da kitu nu geus nanceb dina pikiran urang. Basa mah apan luaranana, cangkangna. Ari eusina kapan gagasan pangarang; tokoh, galur, peristiwa, konflik, suasana, jeung téma. Jadi karya nu kumaha atuh nu cenah awor cangkang jeung eusi téh? Aya kelemeng téh basa aya nu nétélakeun yén karya-karya sastra kadieunakeun cenah geus nyampurkeun antara fakta jeung fantasi. Realitas jeung imajinasi. Tegesna eusi téh henteu dibungkus deui ku basa anu diréka-réka, tapi ditembrakkeun sakaligus. Sina karasa neumbagna, ngadagorna, kana sirah nu maca. Dina sastra Indonésia upamana, karya-karya Déwi Lestari (Dee Lestari) nu réa ngangkat perkara sains jeung téknologi atawa karya-karya Séno Gumira Ajidarma nu réa ngasongkeun fakta-fakta jurnalistik, dianggap minangka conto anu nuduhkeun kumaha leyur pacampurna antara cangkang jeung eusi. Méh geus teu aya watesna, naha ieu téks sastra, jurnalistik atawa sains. Sanajan kitu, tangtu baé pangarang boga lilinggeran, yén anu ditulisna téh karya sastra. Dina sastra deungeun nu kitu téh geus leuwih tiheula. Cangkang malah lain saukur digambarkeun ku teks (basa), tapi ku ilustrasi, ku gambar-gambar visual. Novel The Last Window Giraffe nu ditarjamahkeun jadi Hari-hari Terakhir Sang Diktator, karangan Peter Zilahy sastrawan Ukraina nu dilélér panghargaan “Book of The Year Prize Ukraina 2003” upamana, némbongkeun kumaha pacampurna antara teks sastra, kamus, jeung gambar ilustrasi.
Jadi bray kacipta dina implengan, boa-boa isuk jaganing géto fikmin bisa leuwih mekar. Hirup jeung rupa-rupa wangunna nu anyar. Dina kamekaranana salina genep taun, rupa-rupa kabeungharan tradisi sastra urang geus pada nguyang, pada néangan. Kungsi jadi bahan padungdengan ayana gejala ‘atavisme’ (hirupna tradisi heubeul) dina fikmin nu ditarulis ku kanca FBS. Naha anu ngahaja atawa sadar, upamana baé fikmin anu ditulis mangrupa pada-pada kawas guguritan, anu kentel ku basa buhun (archaic) kawas jangjawokan atawa carita pantun, atawa anu diréka maké gaya dongéng.
Nu bihari geus pada nyungsi. Kari nu anyar, nu bakal datang, nu kudu ditéangan. Geus katémbong aya tarékah-tarékah anyar, upamana baé ku ayana fikmin grafis. Fikmin anu dipapantes grafisna, dilataran ku gambar ilustrasi -- sakumaha anu bisa kabaca ku urang dina buku Serat Sapamidangan, wedalan FBS taun 2016. Nu dipalar salian ti téks carita, aya diménsi séjén anu bisa diapréasiasi dilenyepan ku nu maca. Ngan baé tepi ka danget ieu, fikmin grafis sigana can karasa némbongkeun kakuatanana. Ilustrasi kakara semet jadi papaés nu ngalataran. Henteu hadir nguatan teks carita. Ku kamekaran dunya médsos ayeuna nu katémbong beuki ngagegedékeun perkara image, upamana baé Instgram, fikmin grafis saenyana miboga lolongkrang nu hadé pikeun terus mekar.
Ras kana novel Peter Zilahy téa, nu nyampurkeun téks, kamus, jeung gambar ilustrasi, fikmin ogé ku pangaruh pajamanan, isuk pagéto mah boa témbong dina wanda nu séjén. Basa téh boa engké mah teu cukup ukur ku kecap, tapi ku gambar, ku ikon-ikon séjén. Nya kitu apan nu kasaksén ku urang. Dina saban alat komunikasi, hapé jeung sajabana, ayeuna mah apan geus disadiakeun emotikon-emotikon. Nu nyieun éta alat komunikasi bangun geus sadar ti béh ditu, yén emosi-émosi manusa modéren kiwari teu cukup ditepikeun ku téks, tapi ogé kudu ku medium gambar. Naha ieu fénoména tuluy jadi kasadaran urang para fikminer, jadi muka rohang fantasi anyar, jadi bentuk karya fikmin nu anyar? Urang tungguan, Lur!

TI CULA KA CULA MANTENGKEUN KANYAAH JEUNG KATRESNA (4-TAMAT)

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 03 Oktober 2016 05:56:56

Diserat Ku : Tiktik Rusyani

Ngimeutan deui dokumén dina laptop, aslina teu manggih nu jejerna Cula kaopat mah. Nepi ka jangar, macaan sakur nu dijudulan Béwara atawa Laporan Pandangan Mata weléh teu timu. Ngahuleng salila-lila. Teu gampang néangan kajadian nu geus karandapan dina uteuk nu mimiti loba poho. Sanggeus maca heula ‘Milangkala Ema Tiktik di Rumah Cinta Bunda Mien’, bréh wé. Aya catetan nu bisa jadi tatapakan. Kawantu méméh direuah-reuah di RC Bunda Mien tanggal 28 September téh panan aya acara Milangkala FBS tanggal 27 September 2015 di Rumah Cinta-na Abah Zaénal Muttaqin.

Naha bet Milangkala? Lain Cula? Enya nu di Karangpawitan mah horéng Milangkala katilu geuningan. Tapi teu nanaon. Da enas-enasna mah sarua baé, nyaéta kopdar akbarna para fikminer. Lamun nengetan catetan mah, salila FBS ngadeg, ngan hajat Cula nu sabenerna geus kaopat mah, Milangkala karek nu katilu. Keur praktisna mah anggap wé nu di Karangpawitan téh Milangkala katilu jeung Cula kaopat, atuh nu ayeuna rék disanghareupan jadi Milangkala kaopat jeung Cula kalima. Sakali deui hal ieu mah teu prinsip da nu penting mah prungna.

Cula kaopat ieu mangrupa hasil kolaborasi atawa gawé bareng antara FBS puseur jeung fikminer korwil Garut. Lumayan rada liat ogé ngumpulkeun pamilon jeung waragadna. Duanana seuseut pisan karasana ku panitia. Siga biasa mun FBS kopdar, diusahakeun sabisa-bisa teu ngabeuratkeun kanca. Tah dina Cula kaopat ogé bendahara nu pahibut ngumpulkeun dana ti donatur. Ti fikminer mah ngan dikurilingkeun kéncléng saridona. Tapi teu wudu hasilna mah bisa nutup nu kurangna. Alhamdulillah.

Dina Cula kaopat ieu, acara dibagi dua bagéan. Beurangna diayakeun sawala nu diluluguan ku para inohong, kayaning Kang Usep, Aka Hadi, Kang Darpan. Bagéan peutingna acara budaya nu mintonkeun sanéskanten kamonésan fikminer. Diantarana maca fikmin, dramatisasi fikmin nepi ka pagelaran Maha.. Ditambahan ku loncing buku kumpulan fikmin karya Bapa Paraji FBS, Kang Nunu Nazarudin Azhar ‘Dayeuh Kasareupnakeun” jeung bukuna Inda Nugraha Hidayat “ “. Kamonésan nu pangpangna mah moal aya iwal ti pagelaran Maha nu dikokojoan ku Aka Hadi. Diédankeun téh lain bobohongan. Alus nakeran. Jaba bodorna matak sééleun da aya béntangna, Kang Rudi Riadi. Fikminer jeprut nu fikminna sok matak nyeri kulit beuteung. Katambahan ku Érha Juna, Kang firman jeung Saung Sastra Lémbang. Nyaan karasa pisan raména hajat téh.

Lian ti kamonésan budaya, dina Cula kaopat ieu gé diistrénan dua admin, nyaéta Kang Darpan jeung Ambu Tiktik. Keur ngagenténan Kang Dadan Sutisna sareng Néng Éndah nu boboléh ku kasibukananana masing-masing. Lain admin waé nu nampa bisluit téh, ketua Yayasan Mataholang nu anyar ogé diistrénan. Kang Budi Mugia Raspati ngaganti Kang Nasrul Jatnika, nu harita rék aya tugas ka luar.

Acara Cula nu ramé téh dipungkas ku ngaréngkénék babarengan dipirig ku .nu matak poho diwaktu. Resep sauyunan suka bungah bari suka seuri. Geus lain dongéng deui lamun unggal Cula atawa milangkala sok matak beuki raket duduluran. Beuki maskét sosobatan. Tibelat harayang gancang ngariung deui. Silihlubarkeun kasono. Teu bisa dipondah lamun silaturahim nu nganteng téh mangrupa hikmah nu panggedéna tina ayana hiji komunitas. Komo bari dibeungkeut ku niat silihasah, silihasih jeung silihasuh mah. Palebah aya nu pakétrok mah panan alamiah wé. Piring gé nu disusun kalayan rapih panan aya pakétrokna, malah nepi ka peupeusna. Dina hiji komunitas, geus lain hal nu matak hélok mun aya nu pro jeung kontra. Nu pasti mah beungkeutan nu gedéna tetep pageuh. Nu ucutan satengahing jalan mah panan kitu guratna kahirupan. Datang jeung mulang, lain hiji hal nu kudu dilelewang.

Ayeuna, kari ngitungan jam urang baris ngariung deui dina acara Cula kalima. Cula nu strategis pisan pikeun ngawewegan deui paniatan. Cenah hayang nyaah jeung deudeuh kana basa indung. Cenah hayang milu ngarumat titinggal karuhun. Nya ayeuna waktuna. FBS geus bajoang, lain ukur nanjeurkeun ngaranna, ngélébétkeun bandérana tapi jeung karyana. Karya nu geus mapaésan sababaraha média citak. Geus ngalahirkeun sababaraha pangarang nu moyan. Nya ayeuna waktuna urang ngémbarkeun ka dunya nyata yén FBS téh aya tur boga daya.

Ti Cula ka Cula, ngantengkeun kanyaah jeung katresna kana basa indung. Ngantengkeun kanyaah jeung katresna keur papada anggotana, komo deui bari aya nu keur diarudag, nyaéta hayang tetep pengkuh miara jeung ngamumulé hirup huripna basa Sunda. Silihsimbeuhan kaweruh, junun dialajar deui, meuseuh diri keur ajegna deui tatapakan Sunda Jaya, Sunda lana di buana. Mugia.

*Hatur nuhun ka sadayana wargi nu parantos ngersakeun ngaderes ieu seratan panineungan. Kirang langkungna neda tawakup. Cag!

TI CULA KA CULA MANTENGKEUN KANYAAH JEUNG KATRÉSNA (3)

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 29 Séptémber 2016 11:56:24

Diserat ku : teh Tiktik Rusyani
Aslina baringung rék trét nuliskeun lalakon Cula katilu mah. Bakating ku euyeubna pangalaman, boh lahir boh batin. Kawantu ieu mah Cula istiméwa, natamu ka Kanékés, Baduy. Najan saméméhna matak bangreung, lewang tur H2C, ahirna Cula Baduy laksana. Animo ti pamilon karasa rada seuseut, sigana ari ka Baduyna mah resep ngan ku alokasi waktuna nu du poé dua peuting, matak loba nu mikir duakali.
Dina Cula katilu ieu mah. Aslina bendahara jungkel jumpalik nyiar dana ngarangkep jadi séksi umum. Sagala digarap. Komo Néng Méila mah, nu jago ngetrokan manah donatur leuwih ‘berdarah-darah’ kusabab ripuh néangan sponsor, da lalampahan téh lain deukeut-deukeut.
Ku pangger jeung junun mah acara Cula di Baduy téh tinekanan. Tilu beus ti Blue Bird haratis katut béngsinna (Hasil ngalobi Kang Deni Riaddy) miang ti Unpad. Kocap geus nepi ka Pandéglang. Rombongan nu jumlahna 75 urang téh dibagéakeun di Balé Seni Ciwasiat nu dipupuhuan ku Aka Rohaéndi. Nu carapé téh dipapag ku upacara adat, laju dihibur ku rampak bedug jeung tari ti para mojang geulis. Sugema liwat saking. Bada magrib disuguhan ‘babacakan’ nyaéta tuang ngariung dina daun cau nu manjang nepi ka kabéh nu hadir hémpak ngabaris. Asa di urang mun liliwetan. Sarua pisan. Bérés tuang leueut ditéma ku diskusi. Ngaguar sagala hal perkara budaya Baduy. Ramé pisan, tur matak nambahan kaweruh, sabab salila ieu ka Baduy téh ukur taram-taram.
Isukna, subuh-subuh para ema jeung bapa téh darangdan nganggo raksukan kasundaan. Kawantu rék natamu ka Graha Multatuli. Gedong titinggal walanda nu dipaké jadi kantor dines bupati. Di Graha Multatuli aya sawala jeung hiburan ti para fikminer. Nu hadir diantarana para guru basa Sunda sa kabupatén Lebak. (Basa Sunda di Banten mah disebutna basa Sunda Serang, lain basa Sunda Priangan).
Rérés acara di Multatuli, rombongan langsung naraék kana beus rék muru Kanékés-Baduy. Sajajalan haté mah geus teu sabar. Kumejot hayang geura anjog. Baduy, nu salila ieu ukur aya na implengan baris katincak lemahna, kasaksian budayana. Pasosoré rombongan nepi ka tujuan. Cibolégér, wates antara Baduy Luar jeung masarakat biasa. Teu aya gapura, ukur jalan nu nanjak jeung tugu leutik keur nandaanana. Nu lucu, di terminal Cibolégér. Puluhan méter ti tugu, aya minimarket nu ngajajar jeung kios karajinan Baduy. Ti tugu kana wangunan imah urang Baduy téh ukur méméteran. Aslina, geus kamafhum lamun urang Baduy sabenerna geus ngambeu kamajuan.
Sanggeus babagi tempat ngarereb, rombongan madep ka Jaro Dainah pupuhu Baduy luar. Teu kacatur kumaha bungangangna sanggeus papanggih. Bréh wé tangtungan masarakat nu gugon tuhon kana talari paranti. Tukuh miara adat jeung alam katut budayana. Dina ucap-ucapanana aya ‘kearifan lokal’ nu dipiara nepi ka ayeuna. Sabisa-bisa jigana mah, kawantu nerekabna kamajuan geus ampir teu kaampeuh.
Sanggeus bérés madep, rombongan baralik ka kobongna masing-masing. Bébérés jeung tatahar méméh mintonkeun acara ‘Ngawanohkeun’ fikmin bada isya. Acara nu matak bungangang kana haté. Nyaksian nu maraca fikmin. Aralus bari pinuh ku rasa. Lain pédah rék dilombakeun tapi kusabab geus kitu wé, fikminer FBS mah total dina sagalana. Urang Baduy katingali tumarimana, dihibur ku nu maca fikmin jeung dramatisasi fikmin pintonan barudak asuhan Erha Juna. Acara peuting éta ditutup ku pintonan kasenian nu ampir sarua jeung bajidoran. Sarua aya sawéran. Lumayan aya salagu nu bisa diigelan jiga Ronggéng Gunung. Dialpukahan ku Kang Dédén jeung Néng Éndah. Ahirna para kanca tarurun ngibing bari muteran pakalangan.
Isukna, kira-kira pukul dalapan, rombongan geus saged rék hiking muru Rawayan Gajéboh. Wates antara Baduy Luar jeung Baduy Jero. Sanggeus siap mah bral wé sarerea indit bari diselang ku popotoan jeung sempal guyon. Raména nu patinggorowok mawa hégar kana alam nu biasana tiiseun, ukur kagandéngan ku kelentrungna sora parabot tinun.
Mapayan jalan nu nanjak mudun, di tanah adat karuhun Sunda, babarengan jeung dulur-dulur fikminer. Sanajan enya teu tinggal ti gogonjakan, tapi karasa euyeubna pulunganeun. Boh tina alamna boh ti masarakatna. Nyacat nu matak eungap téh ahirna nepi kana tujuan. Rawayan Gajéboh. Sasak tina awi nu jadi garis démarkasi antara Baduy luar jeung Baduy Jero. Di deukeut Rawayan, para fikminer ngareureuhkeun capé, dariuk dimana hayangna bari ngotrét saembara fikmin Gajebohan. Saratna kabéh kudu ku gaya Bantenan alias maké basa Banten. Atuh puguh wé matak uleng jeung ngebul sirah. Sanggeus bérés mikmin, rombongan balik deui ka tempat mondok. Mapayan deui jalan nu tadi. Karasa leuwih ripuh, jaba mentrang jaba geus capé.
Jam satuan sabada maksi, rombongan madep deui ka Jaro Dainah jeung réngrénganana, rék amitan. Sanggeus pupulih, panitia sakalian ngabéwarakeun jawara saémbara Gajébohan jeung jawara maca fikmin, laju kabéh undur rék bébérés. Jam 3-an kabéh ninggalkeun Cibolégér, numpak beus muru Bandung.
Cula 3 di Baduy, jigana jadi Cula nu pangnyéngcélakna na ati. Boa iraha kasaba deui. Nyaksian dulur-dulur urang nu masih bajoang ngalawan nerekabna modernisasi. Tapi disagigireun éta kamajuan lalaunan ngadeukeutan. Panan nu keur ninun bari make baju adat gé na ceulina mah aya héadsét nu ngahibur ku lalaguan.

TI CULA KA CULA MANTENGKEUN KANYAAH JEUNG KATRÉSNA (2)

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 20 Séptémber 2016 04:51:05

Mun teu salah mah ti Bapa Paraji FBS mimiti aya ideu ngayakeun Cula atawa Cuang Lawung alias kopdar resmi FBS téh. Da ti barang diwacanakeun téh jol haget wé sakabéh pangurus ngayakeun gempungan. Utamana fikminer Bandung nu biasana sok kapapacénan jadi nu mangku hajatna. Dikokojoan ku Aka Hadi jeung Kang Dadan. Alhamdulillah aya milik, tempat katut akomodasi haratis, kagegelan ti Kang Taufik Faturohman. Kabayang pan Cula kahiji di Pagerageung, di wisma nu biasana dipaké seminar atawa pelatihan. Fasilitasna kumplit kacida, aya kolam renang, aula, asrama jeung buruan nu lega keur tempat mintonkeun karancagé fikminer. Ningali potona gé matak teu sabar hayang geura jung.
Atuh der panitia téh sibuk nataharkeun sagala rupana. Ti mimiti pendanaan nu dipulut sawaréh ti fikminer nepi ka rarancang pintonan nu kudu matak hélok. Harita duét bendaharana kuring jeung Nyai Endit. Teu pati hapot-hapotan néangan donatur da puguh waragad badagna mah geus kacangking ku kanyaah ti Kang Opik téa.
Nya harita pisan minangka Cula pangraména ku nu hadir mah. Nu nongton pagelaran tangka ngaliud da fikminer masih kénéh sarumanget ruang-riung, katambahan ku para guru sabudeureun PA jeung ondangan nu teu saeutik. Sanggeus pamilon nempatkeun barang-barangna di kamar nu geus disadiakeun, saréréa hémpak di buruan wisma, Kang Opik badé syuting Borangan. Tah dina acara nu dilliput ku TV ti Bandung ieu seuri nu nepi ka sééleun ngaguruhna. Nepi ka nyeri kulit beuteung. Fikminer euweuh nu teu bérag. Raména lain caturkeuneun.
Maju ka peuting, acara ti FBS dimimitian. Hiburanana nu maneuh mah maca fikmin jeung dramatisasi fikmin. Katambahan ku bobodoran nu nepi ka matak sééleun da Néng Déwi Ratna Damayanti nyamur jadi Luna Maya. Serius pisan, nepi ka kudu nyéwa wig sagala. Acara ditutup ku ngagaritek masal. Da aya dangdutan. Teu kurang ti Kakang Prabu, Kang Dadan, Kang Dédén, Kang Érwin nepi ka ampir kabéh nu hadir teu aya kacapé kaul. Jogéd dangdut nepi ka janari leutik. Acara sapeuting jeput nu matak tibélat. Beuki raket duduluran, beuki nyaah kana lapak kasundaan petingan nu harita kakara nincak umur dua taun. Ngan moal dikoréh palebah dongéng kasumba nu ngadalingding diantara para kanca mah. Keun éta mah bagéan haté séwang-séwangan nu nyurahanana. Héhé.
Sanggeus Cula kahiji April 2013 laksana. Tah ayeuna mah urang medar Cula nu kadua, bongan sarua di Pagerageung, jadi urang reumbeuykeun wé. Cula kadua mah dina pendanaan meunang pangdeudeul ti Kang Uu Rukmana. Lumayan gedé nepi ka bisa nutup akomodasi salila di wisma. Da tempat mah angger haratis, kari keur balakécrakan nu mayar téh. Katutup pisan da lian ti Kang Uu, donatur nu lianna gé murudul. Malum dina Cula kadua mah kuring geus ganti partner jeung Néng Méila nu jago ngalobi donatur kawantu link-na lega.
Cula kadua mah dilaksanakeun dua peuting. Leuwih sampurna dina pagelaran. Malahan Téh Néng garwana Kakang Prab katut Néng Lalas ngiring kaul, ngibing matak hookeun nu ningali bakat ku alus. Teu kitu kumaha da dina Cula kadua mah panan bareng jeung loncing buku “Lalakon Awon’ nu Kakang Prab Godi Suwarna.
Salian ti pintonan tari, maca fikmin, dramatisasi fikmin ti Saung Sastra pingpinan Aka Hadi, jeprutna Ihung ti Majalengka nu aaraban, aya ogé ‘kejutan’ ti para fikminin nu diluluguan ku Kang Irman, Aka Rohéndi jeung Kang Darpan. Aslina ngeundeurkeun panggung ku karancagéna nyieun ‘Boy Band’. Lucu moal aya dua, nu rampak sekar ngahaleuang lagu ‘Sabilulungan’ ku basa Inggris nu léterlek téa. Lian ti éta Aka Rohéndi gé ngaramékeun ku pintonan Calung Renteng nu éndah.
Salian ti hiburan, dina Cula kadua mah aya diskusi jeung saémbara ngarang fikmin dua jam. Istiméwana admin gé aub jadi pamilon, pan ngarah adil, ngan diatur téhnikna, juri keur admin mah sakabéh fikminer, tah juri keur fikminer mah ti admin. Aslina matak resep. Tur moal kapopohokeun kumaha admin kabagéan uleng kudu ngaroncé carita nu dimomotan ku kecap bahan.
Cula kadua leuwih sampurna acarana, tur ngalahirkeun MC kerén ti fikminer. Kang Irawan Babeh Lova jeung Kang Firman. Jaba aya tausyiah ti ustad kasep Kang Haji Ahmad Fawzy Imron nu hébring. Tausyiah nan bermutu nu kakara harita kapintonkeun, atuh teu hélok mun matak deudeuieun.
Ngan aya hanjakalna, pamilon teu saguyub nu kahiji. Rada seuseut rék nepi kana angka 100 téh. Tapi keur panitia mah loba jeung saeutikna pamilon tetep teu ngurangan sumanget ngaronjatkeun ajén pintonan.
(Hanca)

TI CULA KA CULA MANTENGKEUN KANYAAH JEUNG KATRESNA (1)

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 19 Séptémber 2016 10:33:35

Diserat ku : Tiktik Rusyani

Diwanohkeun ka FBS téh ku adi beuteung, nu sarua nyaah kana basa Sunda. Harita Januari 2012, mangsa FBS karék umur opat bulan. Inyana ngajurung dahuan nu getol nyarpon ngarah diajar gaul keur ngabeungharan ilham jang tulisan, tur uji nyali, naha sanggeus remen nyarpon, bisa teu mikmin? Mikmin nu teu asal trét tapi sarua majuna jiga dina nulis carita pondok. Keuna kana mamaras nu maca tur aya pulunganeunana.
Teuing pédah kakara pisan kaluar tina ‘cangkang kerang’ teuing pédah manggih habitat nu saéstuna. Jol betah tur maskét wé, guyub jeung para fikminer nu harita kakara ngawangun karatonna. Aubna para inohong, unggal aya kopdar teu weléh ramé. Ilubiung na riungan nu munggaran téh di Unpad, nu harita kopdar bari ngayakeun saémbara nu témana Pemilu asana mah.
Di Unpad panggih munggaran pisan mah jeung Kang Kumis, Iwan Hanjuang suargi. Jol rame wé, kawas nu geus loma, padahal kokoménan gé arang langka. Da harita mah rada ‘sieun’ ku kang Umis téh. Galak mun aya nu anéh-anéh. Tapi barang amprok mah langsung ramé, komo sanggeus panggih jeung Kang Irman , jeung Neng Éndah, Kang Dédén jeung Kang Inda. Malah jeung Kang Inda mah pagigir-gigir pisan ngetik fikmin saémbara téh. Wanoh nu manjang nepi ka ayeuna teu weléh silihsumangetan. Nu pangreueusna mah barang sasalaman sareng Kakang Prabu Godi Suwarna, kawantu ngé-fans pisan ti jaman maca caryamna ‘Sandékala’ na Manglé. Aslina matak reueus nepi ka ngotrét fikminna, nu dijejeran “Kareueus”.
Harita mah panggih téh cukup ku kopdar biasa wé. Di Pésta buku atawa dina riungan nu kabeneran aya fikminer nu diogan. Teu resmi tur teu ngahajakeun. Tah sanggeus sering kopdar teu resmi, ahirna Kakang Jendral Tatang Sumarsono ngayakeun riungan di YPK nu tujuanana méré tempat jang kopdar bari mesék bag-bagan ngarang fikmin. Riungan di YPK harita disebut ‘Saptuan’ manjang nepi ka ngalahirkeun buku kumpulan fikmin “Binalebat” karya 47 urang fikminer.
Minangka kopdar nu akbar saterusna nyaéta Nyiar Lumar, Juli 2012. Sabeus ka Kawali. Beus sumbangan ti Kakang Ganjar Kurnia. Nyimpang heula ka saung Panglawungan nu Kang Haji Entjep Sunardhi nu harita loncing buku kumpulan fikminna, “Ti Tetelar ka Sampalan”. Moal aya resepna kopdar di Kawali harita. Jaba kakara pisan aya acara nu bisa aub saréréa. Sigana nepi ka iraha gé acara Nyiar Lumar éta mah kasebut nu panglanggengna aya na implengan fikminer entragan awal. Nu mimiti wawanohan bari jonghok. Nu papanggih jeung ‘kikindeuwan’ na lapak, nu bungah bisa kaluar ti imah bari tepung jeung inohong. Sagala rasa jeung sagala carita aya. Néplak na fikmin nu buricak burinong satutasna.
Sanggeus Nyiar Lumar, FBS hajat deui gawé bareng jeung mahasiswa UPI, Unpad katut para guru basa Sunda dina miéling Poé Basa Indung Internasional. Raraméan minton di hareupeun Gedong Saté. Nu maca fikmin, nu pawéy nu ngajakan sakur urang Sunda mikanyaah basana sorangan.
Bérés éta, FBS ngaluluguan turun ka jalan deui. Dina démo nolak kurikulum 2013 nu rék nga’marjinalkeun’ basa Sunda. Rék samasakali dileungitkeun tina mulok, asup jadi pelajaran seni budaya. Atuh sahéng nepi ka ngagolak, sakabéh fikminer, inohong jeung sakabeh unsur nu ngarasa mikanyaah Ki Sunda harudang papada hayang bajoang. Harita Aka Hadi Aks ngaluluguan acara. Di hareupeun Gedong Sate deui. Teu kurang ti Acil Bimbo, Tisna Sanjaya, Godi Suwarna, nepi ka ormas kasundaan siga Patrem, Sundawani, Salakanagara, Caraka, mahasiswa Upi, Unpad, STKIP Kuningan jeung para guru basa Sunda. Sauyunan nolak Kurtilas.
(Hanca)

NU NGAGEURI DINA POEAN PROKLAMASI

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 20 Agustus 2016 14:39:16

Drama "Dakwaan" karya RAF (Rochmatullah Ading Affandie)
Diserat ku : Bambang Arayana Sambas

Dina taun 50 katompèrnakeun nepi ka medio taun 60-an dunya kasenian di Tatar Sunda kungsi geunjleung ku ayana pagelaran drama sunda modern yasana RAF nu mangrupa pentas lalakon \'duet maut\' nyaeta lalakon drama "Yaomal Qiyamat" jeung lakakon "Dakwaan". Ieu 2 lalakon salawasna sok dipentaskeun nungturun dina hiji waktu pementasan, dipentaskeun nepi ka leuwih ti 100 kali, samalah kungsi maèn di daèrah Jawa jeung luar Jawa kalawan ditarjamahkeun make bahasa Indonesia.

Khususon lalakon Drama Dakwaan kawasna manjing pisan disawang lantaran boga relevansi reujeung situasi nagara kiwari nu aya pakaitna dina raraga mieling Poe Proklamasi RI nu ka 71. Kabeneran ieu lalakon (Dakwaan) kungsi \'direvitalisasi\' yasana RAF ku anjeun jadi hiji lalakon nu makè judul "Impian Bu Iroh" dina salah sahiji episode Drama TV Inohong Di Bojong Rangkong nu dina taun 80-an nepi ka 90-an keur meumeujeuhna manggung.
Sumangga urang cutat sabagean paguneman (dialog) dina lalakon "Impian Bu Iroh" :
...........
BU IROH
Pahlawan, tong kitu atuh! Urang geus bèda alam, geus teu sarua mangsa. Iroh di alam saheulaanan, pangersa di kalanggengan Mending sing jongjon di pangbalikan. Di tempat nu caang narawangan ku nurul jannah. Nu tiis tingtrim rikhulfirdausi. Ulah ngaganggu! Urang geus sewang-sewangan.

PAHLAWAN
Kuring jeung saparakanca nu lumrah disebut pahlawan gancang teuing dipopohokeun, Iroh! Gancang teuing, mani sajorelat pisan!

IROH
Ki sanak.Omat tong ngaleuleungitkeun! Pangersa kapan dihornat, diagung-agung, malah disebutna gè Pahlawan! Tempat paèsan disebutna gè Taman Pahlawan, nyata mèrekna dina gapura! Unggal hari besar dijarugjug didaratangan. Diupacaraan, diawuran kembang ngalambangkeun jenengan dengdeng seungit angin-anginan.

PAHLAWAN
Tong ngahina! Kula teu menta pameuli jasa! Malah..ancurkeun tah mèrek Taman Pahlawan teh! Leungitkeun upacara ngawurkeun kembang teh, ilangkeun nu karitu teh. Lamun wungkul kikituan ngarasa cukup ngahargaan jeung teu mopohokeun.

IROH
Ya Alloh. Na atuh kedah kumaha..?

PAHLAWAN
Sakadar arèk ngageuri. Ngajak mieling ka sarerea mangsa urang ngamimitian. Geuning harita, memeh jung ka pangperangan : "Geura miang anaking, tong salempang tong hariwang. Mun mangke kasambut gugur jadi korban revolusi, sing ageung manah, perjoangan pasti direngsekeun! Ari ayeuna..? Teu nyana kieu temahna! Allohu Akbar!

IROH
Bènten jamanna, benten mangsana. Rumaos. Wartosna kapungkur mah, kapentingan teh keur nusa bangsa nu pang-utamana. Dugi ka kapentingan pribadi ge sok kaluli-luli, sok lali! Rumaos, ayeuna mah.....

PAHLAWAN
Ayeuna mah, kapentingan pribadi nu pangnonjolna teh. Kapentingan kadunyaan pribadi, kalungguhan pribadi, kasenangan pribadi! Terus kapentingan golongan paranti nempelkeun kapentingan pribadi tea. Boh kapentingan pribadi atawa golongan ngelehkeun kapentingan balarea, kapentingan bangsa jeung nagara!
Allohu. Teu nyana bet bakal kieu jadina. Lamun terang ti harita yen engkena kamerdekaan teh bakal ngan keur kasenangan sawatara comot manusa wungkul, kuring seunggah bebeakan.
Indung kuring ngalanglayung, Iroh! Basa mimiti ngadangu kuring putra tunggalna gugur. Sanajan ari pokna mah : "..kuring iklas sukalillah, anak kuring maot jadi parepeh kamerdikaan..". Padahal manahna, manah hiji indung nu ngakandung salapan bulan, nu ngatik ngadidik ti leuleutik...ngarakacak, Iroh.

IROH
Parantos ! Rumaos! Parantos! Teu werat abdi ngupingkeunana. Sareng mugi uninga, najan terang, najan ngaraos, namung naon daya Pun Iroh? Taya daya pikeun ngedalkeun gulidagna rasa. Rumaos abdi mah sanes Kades, sanes Camat, sanes Bupati atanapi sanes DPR!

PAHLAWAN
Mun teu salah mah. Indit-inditan harita teh dina tujuan : kadaolatan, kakawasaan rahayat, demokrasi..!

IROH
Leres Ki Sanak. Nu kawasa teh rahayat. Kitu dina guratna. Kitu dina gekgekanana! Saur Kades ge, demokrasi! Saur Bupati ge, demokrasi! Oge saur DPR, demokrasi! Namung nu kawasana, sanes rahayat bangsa ngaran Iroh!

PAHLAWAN
Hayu Iroh! Kamandang, pangnepikeun! Pangnepikeun ieu panggeuri. Omat, pangnepikeun!

IROH
Mangga. Mangga bade didugikeun eta panggeuri teh. Mangga! Tapi...ka saha nya? Ka saha nya? Ka saha nya.....?
.............

Kitu nu ngagalantang dina lalakon Drama Dakwaan yasana RAF, salajengna mah...nyanggakeun kanggo lenyepaneun sèwang-sèwangan. Mung sakadar hatur uninga, waktos sim kuring nu kapeto merankeun tokoh Pahlawan jeung Henny RAF (Bu Iroh) dina Drama Dakwaan eta, sabot \'ngekting\' cimata kuring jeung Henny bedah hese eureun nepi ka sabaraha kali kudu dihoak "Cut!" ku pengarah acara sabab dianggap \'over emotion\'! MERDEKA! Cag!Bur

EKSPRÉSI EGALITÉR (SERAT WALERAN KANGGO YAYI PRABU GODI SUWARNA)

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 18 Juli 2016 12:46:01

YTo0OntzOjU6Imp1ZHVsIjtzOjY2OiJFa3NwcsOpc2kgRWdhbGl0w6lyIChTZXJhdCBXYWxlcmFuIEthbmdnbyBZYXlpIFByYWJ1IEdvZGkgU3V3YXJuYSkiO3M6OToicGFuZ2FyYW5nIjtzOjIyOiJCYW1iYW5nIEFyYXlhbmEgU2FtYmFzIjtzOjc6InBhbmdfaWQiO3M6MTY6IjE0MDc2NTg3NDYyMTUzNDMiO3M6MTU6Im5hc2thaF9rYXRlZ29yaSI7czo3OiJidXJpY2FrIjt9

SERAT SAPANGCURHATAN

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2016 21:41:39

Diserat ku : Godi SuwarnaKahatur: Kang Raka Bambang Arayana SambasKumaha wartosna, Kakang? Damang? Mudah-mudahan wè saumna lancar. Teu kagoda ku nu tingkelepus godin. Da karaos ku sim uing jaman sok ngaroko kènèh, nu pangbeuratna tèh nya èta nahan napsu kana melenyun. Haha...!Resep lah sim uingah puasa dina jaman FB kieu tèh. Ngabuburit cekap ku mukaan FB. Macaan fikmin di lapak urang. Macaan status atanapi link-link nu disharè ku para fesbukers, atawa uing sorangan ngarang status nu diposting dina wall sorangan. (Uing edun nya, Kang? Istilah-istilahna ghaol gheto loooh! Haha)Ari mangkukna, uing maca status panjang ti saurang tokoh sastra nasional, perkara kwantitas jeung kwalitas karya nu sok diparosting dina FB. Kawas ilaharna para akademisi, anjeunna ngangluh, teras pohara ngahina kana karya-karya para jama'ah Al-Fèsbuqiyah. Alesanana mah klise pisan: lantaran sakadaèkna, teu ngaliwatan saringan para redaktur koran atawa majalah, kitu cenah, Kakang!Kawitna mah uing nganggap yèn anjeunna tèh salahsawios tokoh sastra nu siap narima parubahan jaman. Siap nampi kanyataan yèn sagigireun aya "sastra keretas" tèh, aya ogè sastra digital nu beuki ramè dina mèdsos. Tos sakedahna anjeunna salaku akademisi, langkung rancingeus batan urang dina nampa parubahan jaman, parubahan kabiasaan, kaasup parubahan kailaharan di jagat sastra. Da asa teu sakabèh karya, boh prosa boh puisi dina FB, lebet kana golongan runtah nu taya gunana. Apan aya grup-grup FB nu pangurusna, para anggotana, daria babagi èlmu, silih simbeuhan kaweruh. Ulah tebih-tebih, lapak urang wè contona mah, sanès? Da sigana Kakang ogè bakal bijil tanduk bijil sihung mun aya nu nyebatkeun FBS tèh lapak wadah runtah kawas TPA.Batan tudang-tuding nganggap FB wadah runtah --bari anjeunna ogè apan angger wè sok mèsbuk kawas urang, Kakang! -- matak naon mun anjeunna ngadamel lapak sastra atuh dina FB. Ètang-ètang bakti sosial, ngadamel imah panampungan galandangan kanggè umat sadu kawas urang. Der, anjeunna ngamangpaatkeun elmuna jangeun kamaslahatan umat sastra nu karya-karyana dianggap runtah tèa, sangkan ajènna arundak. Urang ogè tangtos bakal janten cantrik di padèpokan FB-na. Sanès kitu, Kakang? Tapi da sigana moal kagungan niat-niat acan kana kitu mah, Kakang! Rupina, anjeunna mah resep kènèh kana ngèkèak batur nu teu luyu sareng karepna. Malah, saur rèrèncangan mah, Para Akdemisi Sastra tèh resep kènèh caralik dina mimbar gading, batan laha-loho ka luar ti istanana. Sigana tos moal kersaeun bobolokot kawas urang salaku bulu taneuh. Tos narah nyiar kamungkinan sèjèn tina bab ajèn inajèn nu ku anjeunna dipuhit, nu boa ayeuna mah tos nuju barubah. Aèèèh, naha bet kateterasan ieu tèh? Pangapunten, Kakang! Sim uingah sanes ngupat. Sumpahna gè sing daèk demi. Sim uingah curhat wè ka Kakang salaku lanceuk sarèrèa di ieu lapak.Cekap sakitu heula curhat sim uing, Kakang! Kapayun cuang sambung deui.Nu teu weleh sono(Anyiiiir...! Heuheu!)

TINA FIKMIN KANA CARPON (3)

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 22 Juni 2016 09:26:38

Diserat ku: Dadan SutisnaNyusun leunjeuran carita, bisa maké rupa-rupa cara. Mun hiji leunjeuran carita kawas abjad ti A nepi ka É, urang bisa maké pola A-B-C-D-É, É-A-B-C-D, jeung C-A-B-D-É. Nu kieu téh sok disebut jurus ngaguluyur, nuncal ti tukang (flash back), jeung bobok tengah. Dina carita-carita deungeun mah, nu kawas diacak gé aya, sakarep-karep kumaha hayangna pangarang. Nu kieu mah sakapeung sok hésé nuturkeunana, jeung biasana dina wangun novél.Dina bagian méméhna, tina fikmin “Fragmén Hujan” téa urang geus nyusun dalapan adegan. Prak éta mah rék ti mana heula, tapi dina ieu tulisan mah, rék dimimitian ti adegan Tuan Sanchéz ngonci panto toko. Dina fikmin disebutkeun yén Tuan Sanchéz téh kolot nu tarapti. Umurna urang bayangkeun wé, 60 taunan. Tapi, aya tapina deui, urang perlu bahan, nu disebut imajinasi téa, pikeun nyambungkeun Tuan Sanchéz jeung puseur carita. Lian ti éta urang gé perlu referénsi ngeunaan kaayaan Tuan Sanchéz, lantaran kawas nu disebutkeun méméhna, sétting-na lain di tatar Sunda.Ku lantaran sétting-na lain di urang, nya wayahna, tina ieu fikmin mah urang kudu maluruh heula kumahaan kaayaan di batur, boh patempatanana, boh papakéanana. Teu mungkin pan, mun Tuan Sanchéz maké iket mah. Mun kungsi maca karya sastra deungeun, tangtu bakal gambaran ngeunaan éta. Atawa copélna dina film mah, dedegan modél Tuan Sanchéz téh tangtu aya sasaruanana. Ieu mah keur conto wé, carpon téh urang buka ieu:Téks ka-1------------Tuan Sanchéz kikicipritan balik deui ka tokona. Jas hujanna gugurilapan katojo lampu nu ngajajar sapanjang jalan. Sal meulit dina beuheungna. Sapatu bot nengah bitis, mun ti kadeukeutan mah, tangtu kadéngé kekedeprukanana. Sajongjongan manéhna ngajanteng hareupeun panto toko. Padahal cikénéh kitu petana téh, méméh manéhna balik deui. Kawas nu engeuh yén umur sakitu mah geus usum kaserang kasakit limpeuran. Éstu kolot nu tarapti, kakara yakin baris aman mun panto geus dipariksa sababaraha kali. Bangbaungeun kénéh deuih, da poé mangkukna batu giok pangaji 500 dolar ujug-ujug leungit. Tangtu manéhna embung katibanan sial kawas Tuan Hopkins nu tokona dibongkar minggu tukang. Mun batu antik di jero tokona aya nu ngaringkid, manéhna moal bisa nyicil hutang, jeung usahana tangtu bangkrut. Angot mun kawas Tuan Garcia mah, lian ti eureun usaha téh, kudu ngaringkuk di pangbérokan deuih, najan sababna mah lain pédah tokona aya nu ngabongkar.Tuan Sanchéz nyurungkeun panto. Pageuh. Sidik apan geus dikonci. Luak-lieuk heula sakedapan, geus kitu mah leumpang ngalér. Jolad, jolad, nyurup jeung awakna nu jangkung gedé, maturan hujan nu beuki ngerepan.------------Dina téks ka-1, nu diasongkeun ka nu maca téh sawatara kajadian nu kaalaman ku Tuan Sanchéz. Aya tokoh nu ngencar tina fikmin, nyaéta munculna Tuan Hopkins, tapi moal jadi puseur carita. Éta mah ukur keur méré alesan ku naon pangna Tuan Sanchéz kudu tarapti. Tokoh Taun Garcia katut nanasibanan geus mimiti disabit. Ieu téh minangka pituduh keur carita ka hareupna, atawa dina istilah deungeun mah, disebutna foreshadowing.Gambaran suasana, sahenteuna geus katangkep ku nu maca. Sepi, peuting, hujan. Kitu deui ngeunaan sawatara kajadian nu nuduhkeun yén éta tempat téh teu pati aman.Tina téks ka-1, engké urang sambungkeun ka tokoh utama: Conchita nu keur ngalangeu lebah jandéla.***(Hanca)------------Ieu seratan sambungan tina seratan méméhna:Tina Fikmin kana Carpon (1)https://web.facebook.com/groups/fikminbasasunda/permalink/1276501355700998Tina Fikmin kana Carpon (2)https://www.facebook.com/groups/fikminbasasunda/permalink/1281800621837738/

TINA FIKMIN KANA CARPON (1)

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 12 Juni 2016 12:03:29

Diserat Ku : Dadan SutisnaSaenyana mah, teu aya kawajiban nu sok nulis fikmin kudu bisa ngarang carpon, kitu deui sabalikna. Fikmin jeung carpon teu bisa diadukeun, maksud téh, ditangtukeun mana nu leuwih hadé. Alesanana mah, lantaran aya dina kelas nu sarua, papada génre sastra Sunda. Ku kituna, nu can bisa nulis carpon teu kudu leutik haté, jeung nu geus bisa nulis carpon (bari méméhna tina fikmin heula), can tangtu disebut leuwih punjul. Teu béda ti nu sok nyarpon, teu aya kawajiban kudu bisa nyieun novél.Najan kitu, di ieu lapak sok aya wé nu hayang ngalegaan ambahan. Hayang nyobaan nulis carpon, terus dikirimkeun ka média citak. Teu kedah diwincik hiji-hiji, da tos papada terang, aya sawatara fikminer nu geus ngumumkeun carponna dina média citak. Malah apan aya nu kungsi jadi jawara sagala.Carpon jeung Fikmin téh papada prosa. Hartina dasarna mah sarua: aya tokoh, plot atawa leunjeuran carita, téma, énding, séting, jsb. Pangaweruh kana fikmin saenyana geus cukup keur nulis carpon, nu perlu ditarékahan téh nyaéta manjangan napas (tina 150 kecap kana 1.500-3.000 kecap), jeung kumaha nyusun plot katut cara nyaritakeunana. Téma mah teu kudu nu jauh-jauh, dalah téma nu méméhna ditulis dina fikmin gé, bisa waé dijieun carpon.Méméh ngadadarkeun perkara tina fikmin kana carpon téa, punten, rék nyaritakeun heula pangalaman sorangan. Dina bulan-bulan kamari, simuing nyobaan nulis opat carpon nu saenyana mah kailhaman ku gaya fikmin. Nu dua tos dimuat. Nu dua deui masih dikeueum. Nu kantos maca “Lalakon Bagong” dina Manglé, sareng “Laleur Héjo” dina Tribun Jabar, tangtu bisa ngimeutan yén éta carpon téh ngahaja disusun tina cutatan-cutatan adegan. Malah dina salah sahiji carpon mah, unggal adegan ngahaja diitung 150 kecap. Hasil jeung henteu mah duka téh teuing. Ari carana téh kieu: (1) Nangtukeun heula jejer nu rék dicaritakeun; (2) Ngarecah éta jejer jadi sababaraha adegan sacara kronologi, upamana adegan A-Z (3) Nulis sakur adegan nepi ka 150 kecap (4) Nyusun sakur adegan, bisa waé susunanana téh sina rada pabeulit, upamana B,C,Y,S, jsté. Carpon tanpa konflik kawas angeun sambel teu maké cabé. Carpon bari teu ngasongkeun hiji masalah kawas lagu teu maké notasi. Hartina, nu pangheulana perlu diimpleng téh: saenyana aya masalah naon nepi ka kudu nulis carpon? (Punten, sanés masalah pribadi, najan ilhamna mah bisa waé ti dinya). Lebah jejer mah, pangalaman nulis fikmin bisa dilarapkeun deuih dina carpon.Biasana, rereged nu sok muncul keur nu ngamimitian nulis carpon téh nyaéta: magol, teu bisa neruskeun nepi ka anggeus. Bisa waé kakara sakaca geus lungsé mantén, atawa kalah ka asa teu puguh hulu buntutna. Éta pasualan nu geus ilahar. Dalah nu geus biasa ngarang gé bisa waé ngalaman kajadian kawas kitu. Éta sababna mah ukur hiji: lantaran konsép keur éta carpon can asak. Can meunang gambaran naon saenyana nu rék dicaritakeun téh. Cék nu weruh di semuna, hiji carpon bakal anggeus bari teu mancawura mun bisa ngaringkes eusina dina hiji kalimah. Atuh komo mun geus fikmin mah, tangtu leuwih gampang ngamekarkeunana.Tah, itung-itung bari prakték, simuing rék nyokot salah sahiji naskah fikmin nu engkéna terus dijieun carpon. Urang cobaan pedar prakprakanana ti awal nepi ka ahir. Tapi engké wé dina bagian kadua.***

LALANGSÉ KECAP WANCAHAN

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 11 Juni 2016 10:16:59

Diserat ku : Titin SuryaniNgawitanana mah waktos maos Fikmin yasana Ang Donny Jatnika. Aya kecap nu matak hémeng. Sihoreng sanés ceuk kuring waé, nanging ditaroskeun ogé ku Téh Aam Amarullah. Eta kecap nu matak hémeng téh nyaéta: 'tika'. Waktos ditaroskeun ka nu ngarangna, saurna, ieu kecap nu matak janten kerung téh hasil tina ngantétkeun kecap 'tepi' sareng 'ka'. Rupina mah Ang Donny téh kaideuan ku kecap 'kuat' sareng 'ka', nu dikantétkeun janten kecap 'kotka'. Rumaos sim kuring mah kirang pangaweruh kana tata basa Sunda téh, numawi wawantunan nga-mention ka Ang Darpan Winangun, nu tangtosna kanca fikminer mah pada uninga yén anjeunna téh Guru Basa Sunda di salah sawios SMA, di Garut. Ku émutan, payus pisan saupami urang - - heuseusna sim kuring - - mangumaha ka anjeunna ngeunaan pedaran kantétan kecap anu sok disebat kecap wancahan. Tah, ieu pedaran ti Kang Darpan Winangun nan ganteng permanén téa, perkawis ngantétkeun kecap. Bawiraos peryogi diuninga ku sakumna kanca fikminer. Mangga geura urang ilo sasarengan. Bongan diméntion ku Téh Titin Suryani, kapaksa uing kudu aub. Pédah éta, dina fikmin di luhur aya kecap 'tika' anu ceuk pangarangna, Ang Donny Jatnika, cenah, wancahan tina frasa 'tepi ka'. Dina basa aya dua prinsip nu saliwatan mah siga paradoksal, tapi duana saenyana silih lengkepan. Nu dua teh nyaéta 'abriter' alias manasuka, sangeunahna, kumaha masarakat nu makéna. Nu hiji deui 'konvénsional' alias kudu ragem, kudu sapuk, kudu diaku ku masarakat nu maké éta basa. Upamana baé mun urang Sunda nyebut 'imah', urang Jawa nyebut 'umah' atawa 'omah', sarta urang Inggris nyebut 'home', éta nuduhkeun abriterna basa, kumaha ceuk nu makéna. Tapi, di lingkungan masarakatna sorangan kudu ragem atawa kudu baku. Di antara ciri ragem atawa baku téh, hiji kecap atawa hiji ungkara kudu nyampak dina kamus hiji basa. Nya ieu nu disebut prinsip konvénsional téh. Lamun aya urang Sunda nyebut imah ku sesebutan 'umah' tangtu urang pada kerung, da ceuk konvénsina lain kitu.Soal kecap 'tika', kabuktosan Téh Aam Amarullah sareng Téh Titin Suryani pada kerung. Saolah-olah tumanya, "Bener ieu teh?" Pon kitu deui nu séjén, kaasup sim kuring. Tandaning éta kecap tacan jadi konvénsi. Béda jeung kecap 'tuda' tina 'atuh da' atawa 'kotka' tina 'kuat ka', éta mah geus diaku jadi konvénsi sanajan nu hiji mah jolna tina basa dialék. Wancahan siga kitu téh dina basa Sunda mah balatak jeung tuluy mekar. Salila dirageman ku masarakat anu makéna henteu jadi masalah. Siga kecap 'aingah' tina 'aing mah' atawa 'dékah' tina 'déwék mah' nu réa dipake di Priangan Wétan.Hadéna, keur mariksa naha hiji kecap geus jadi konvéensi atawa acan, balik deui wé ka kamus. Kecap 'tika' asana teu ilahar dina basa Sunda mah. Mun Tika Sumiati, tah éta mah babaturan uing urang Pengkolan. Kitu rupina pedaran ti Kang Darpan téh. Ngahaturkeun réwu nuhun, Kang. Mudah-mudahan sing janten mangpaat kanggo sakumna kanca fikminer. Teu hilap seja ngahaturkeun nuhun ogé ka Ang Donny Jatnika, nu parantos janten cukang lantaran tina mukana ieu lalangsé.

SURAT KEUR KI ADI ROY ASMARA

Kénging Girang Pameta
Dipidangkeun dina lapak 09 Juni 2016 08:10:09

Diserat ku : Bambang Arayana SambasKumaha damang, ki adi? Kuring mah rumasa jalma anyar pinanggih di fbs teh. Tapi keur kuring ngagem cecekelan yen kualitas atawa 'intensitas' hiji perkara teu salawasna ditangtukeun ku kuantitas atawa loba/ lila frekwensi nu geus dipilampah! Kahartos panginten, nya!Ki adi, sok waas mun emut ka lembur salira. Kacipta waktos Sumedanglarang dirurug ku urang Cirebon pas dinten Juma'ah gara-gara Sang Geusan Ulun keukeuh peuteukeuh mideudeuh Putri Harisbaya nu tos sidik calon prameswari Pakungwati. Cek sakaol walungan Cipeles nu cinembrang ngadak-ngadak beureum baganti warna ku getih para pahlawan Sumedang! Caket atawa kaliwatan ku Cipeles lembur ki adi teh? Walungan 'bersejarah' ta teh!Rarasaan ti kawit kuring can jadi Admin waktu ngamimitian nulis komen, karya sinerat nu nami Roy Asmarandana nu sering dipairan teh, nepi ka kuring kungsi nulis guguritan pupuh Asmarandana keur salira. Emut keneh henteu? Ti harita hate bet asa beuki kagugu aya ku 'produktif' salira teh! Jeung ku kayungyun teh eta siga nu 'nutur-nutur' tulisan kuring, satiap kuring nulis pasti ki Roy nu pangheulana 'nga-like' atawa ngomen! Picontoeun kanggo kanca-kanca fbs kumaha kasatiaan kana karesep tur hanaang ku kamajuan dibarung ku rasa katresna nu teu weleh nyaliara ka lapak fbs nu dipikacintana, saluir ki adi!Tegal Licin! Beulah mana ta teh? Baheula di Tegal Licin nu jadi tempat pamoroan menak-menak Sumedang aya kajadian 'bersejarah'! Raden Suria alias Raden Jamu ampir ditelasan dilempag tumbak Ki Permagati ulon-ulon Demang Dongkol nu hianat hayang merenan turunan Sang Geusan Ulun, untung ditulungan ku Patinggi Nyalindung! Tutas ngalalana nyandang tunggara Raden Suria ngaprabon tahta nu jadi hakna, nyaeta jadi Dalem Sumedang nu katelah Pangeran Kusumahdinata! Nu teuneung ludeung ngayonan sing saha bae pikeun bumela ka rahayatna, nepi ka Tuan Jendral Marsekalek Daendels nu telenges dilawan! Nya ku inyana Raden Suria alias Pangeran Kusumahdinata nu kasohor sinebat asma Pangeran Kornel!Ki adi Roy Asmara, bagja pisan pakusarakan teh leubeut ku para tuladan nu nyambuangkeun Tatar Pasundan! Mugia 'spirit' para pahlawan Sumedang sing nitis ka diri ki adi pikeun kajembaran Budaya Sunda khususon lapak Fimin Basa Sunda! Aamiin.Sakitu heula surat ti kuring! Mun aya waktu kuring rek ngeureuyeuh nyuratan kanca-kanca fbs nu sanesna. Cag!(Bambang.Arayana Sambas)