Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 13 Januari 2018 (8 Naskah)


CINTA TEU WAKCA

Kénging Ayus P
Dipidangkeun dina lapak 13 Januari 2018 23:09:12

Hayang pok wèh ngomong ka Kang Jumad, yèn kuring tèh bogoh, ngan naha bakal ngartieun, bakal ditarima kitu cinta kuring?, bisa kitu laki rabi jeung manèhna, sedeng kuring kieu kaayaan, keur mah awak badag, beungeut gè gerba, deuih.
Kang Jumad ari kalakuan mah siga nu nyaah pisan ka kuring, karasa tina hageutna, sumangetna ngurus, kalan-kalan sok tingsariak awak mun keur kawènèhan diusapan, ngan naha teu kedal waè ucap cinta ti manèhna.
"I love you kang." Hatè ngagerentes.
"Sing mawa rejeki keur uing nya, bantuan uing mèh kabeuli imah." Kang Jumad nyarita ka kuring.
Awak kuring asa beuki gedè duh, teu kacatur sedihna poè ieu bakal pisah jeung Kang Jumad, sedeng cinta kuring teu kungsi kawakcakeun.
Tapi aya nu ngiceupan tuh, duh bari imut deuih ka kuring ah boa èta pijodoeun tèh, "Emooo." Ceuk nu ngiceupan, atuh kuring gè kalacat naèk kana treuk, ninggalkeun Kang Jumad.

CARITA NGACAPRUK

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 13 Januari 2018 23:05:51

Kabéh kanjut kundang diburulukeun. Nu hideung, beureum, konéng, biru, bari rupa-rupa gambarna geus diawur-awur. Ingon-ingon, kebon, tanah, geus ngalayang dipaké nambahan, demi hiji kahayang.
"Geus jadi mah, naon nu dipikahayang mo burung dicumponan." Kitu ngalelemu pamajikan jeung anakna.
Bibilintik hayang bentik, babanda hayang kapandang. Jas, dasi, tara-tara gé boga, ngadadak meuli. Mang Sarkah miyuni Demang Kélépékan. Demang di jaman penjajahan. Pédah éta demang téh nurut ka Walanda. Daék ngorbankeun rahayat, batan coplok iket.
Ayeuna Mang Sarkah jiga-jiga pikitueun. Teu paduli kurang kawawuhan, tur loba nu mikangéwa gé. Da sipat tabéatna minculak, abong beunghar.
Der! Yakin kana serangan pajar, percaya kana siasat subuh.
"Mang Sarkah, sah!"
Ukur hiji-hijina. Ti mimiti nepi ka lekasan. Gelepek! Sanggeus ngalamunan nu geus béak.
Nun di ditu, di tanah Arab, baheula.
"Ku naon nangis nun?"
"Sieun euweuh nu wani menerkeun mun kami salah."
Béda jeung ayeuna, lain jalma pilihan hayang kapilih.

HIJI MANGSA DI PASAMOAN

Kénging Asikin Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 13 Januari 2018 22:59:39

Surat ondangan teu sirikna diiwir-iwir, dijijiwir, dibawa ka ditu ka dieu, ditumbong-témbong ka sakur nu kapanggih. Yén kuring diondang ku Bupati kudu dipikanyaho ku balaréa. Yén kuring dipiwanoh ku pajabat satingkat Bupati, lain bohong. Eum, ieu kuring ketua padépokan Lutung Hudang, geus mangsana diuk sajajar jeung para gegedén. Darajat ningkat karasa. Bungah téh nyaksian babaturan carolohok nyeueung kuring diondang Bupati. Mun bisa mah ngobét pikiran, boa maranéhna nyarita : “Hébat manéh, Ikin...”

Baju petingan pangpetinganana, saged dipaké. Kayaning kaméja, jas, dasi, jeung sapuratina. Leumpang gagah dangah, kumaha wé pajabat karéréaan.

Anjog di pakarangan pendopo kabupatén, karasa kabéh mata nuju ka kuring. Ieu si Ikin Ketua Padépokan Lutung Hudang seja masamoan!

“Kin!” Bupati jol ngagentra basa gok payuneunana. “Telat pisan datang téh.”

“Eu...?”

“Gancang ka tukang, bantuan barudak bébérés!” cenah.***

KAPUPUS HALIMUN

Kénging Mamal J
Dipidangkeun dina lapak 13 Januari 2018 12:55:03

Geleser gilinding taksi ngaloloh aspal, ngajajap diri rék nemonan lemah cai. Rinjani kalangkangan, ngadangong gagah maseuk taneuh Lombok. Sarébu kubah masjid tingborélak, kaliwatan unggal wewengkon.
Poé kamari, lunta ka Gili Lampu. Basisir éndah euyeub kembang karang. Sapaparat jalan tangkal jambé ngagupayan, kebon pinuh kalikiria, pangayangan kacang peda. Buah kicipir tingkilitir, angin leutik rada muntir.
"Om, mau sarikaya, ya?" Nu gigireun nyigeung ku siku. Kareungeu tingkirincing geulang cangkang kerang.
"Iyah!" Imut, lentong sunda kababawa.
Nu daragang buah sarikaya ngasong-ngasong unggal péngkolan. Rék meuli saboboko keur oléh-oléh nu di Jawa.
Enyaan. Basisir Gili Lampu matak nyirep kolbu. Kokojayan sapoé jeput asa teu cukup.
"Om, ini! Jangan dibuka sebelum nyampé Jawa!" Manéhna ngasongkeun kotak leutik. Unggeuk, nyidem kapanasaran.
Cunduk mulang ka Jawa. Kajurung panasaran, di jero pesawat kotak paméré Si Cureuleuk dibuka. Eusina batu akik jeung keretas sacewir, Cinta Anak Sumbawa. Cenah.
Rét ka luar jandéla, halimun jiga kapas mupus panglamunan.

BOA-BOA

Kénging Sukardi M Noor
Dipidangkeun dina lapak 13 Januari 2018 10:55:18

Balik ngantor di jalan ka pegat hujan.
Hujan ngeureuyeuh miripis girimis. Mun seug maksakeun pasti pakéan baraseuh. Anu utamana mah sieun léptop kabaseuhan. Kapaksa kuring méngkolkeun motor kahiji toko sisi jalan nu kabeneran tutup. Palataranna rada lega tur aya iuh-iuhanna.
Motor eureun di tempat nu merenah, tuluy mesinna dipareuman. Jut turun. Rét ka belah kénca aya bangku panjang. Gék diuk nu kabeneran aya budak awéwé maké pak sakola bodas abu-abu. "Ngiring calik Néng!" Ceuk kuring. "Mangga Pa!" Bari imut.
Haté ngalenyap ninggali imut éta budak. Ingetan ngalayang ka mangsa ka tukang. Ras ka bébéné nu teu welh ngeusian haté. Tujuh welas taun katukang némbongan. Hanjakal teu ngahiji laki-rabi. Kawin jeung pilihan kolotna.
Disidik sidik budak téh badis siga Siskawati. "Dupi nami téh saha?" Tanya kuring. Nani Siskawati" Pokna. "Pasti mamahna Siskawati nya!" Ceuk kuring nyelok. "Muhun leres Pa!" Kuring galécok na jero haté. Pan basa méméh kawin kungsi silih tembrakkeun rasa. Bedah rasa asmara nu ngagolak na jero dada. "Boa-boa anak kuring!"

BÉNTÉNG TATAR UKUR

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 13 Januari 2018 10:22:32

?Jangjina mah BEKASI téh, BARIS dijantenkeun PANYINDANGAN pikeun sasarengan ngarempug Kumpeni di BATAWI. Tapi Sultan Agung anu ngaraos diri BAGINDA, subaya. Bahureksa TÉMBONG juligna. Sanés haréwos BOJONG, upami MATARAM teras ngaranjah Tatar Ukur. Kampung-kampung janten SAYANG karaman. Hiji pulitik anu LICIN.
?Urang Sunda anu katipu, siga AMBON sorangan. Tapi SUMEDANG henteu nyerah. Kumargi katipu téh langkung pait tibatan buah MAJA; kukituna KOTABUMI geusan ngajadi, BANJAR tempat pamiangan, narah upami dirampas deungeun. Cul PASAWAHAN cul LEBAK, cul TALUN, urang Sunda janten GALUDRA anu panggagahna. Tibatan NYALINDUNG ka musuh, langkung marilih janten BÉNTÉNG anu mertahankeun JATI diri kasundaan.
?DARMA mertahankeun harga diri, teu istri, teu pameget tarandon PATI. MASIGIT ngaguruh ku nu ngadu\'a. Sanés mung saukur GEREM. Sakumna rahayat anu tos balég, SINGKIL ngayonan musuh. Tatar Sunda janten MÉDAN kurusétra. TALAGA CIKAHURIPAN beureum ku getih. Prajurit Sunda TITISAN Prabu Siliwangi ngamuk.
?Seueur pasangan anu leungiteun PALABUAN ati. Teu nanaha. Nu maraot sahid téh janten CAMPAKA anu seungitna nyambuang tembus ka PUNCAK sawarga. Aranjeuna ogé janten TUGU anu sumangetna teras nyangkaruk dina haté sakumna urang Sunda. Kagagahanana sanés ngan ukur IBUN, tapi SUMBER cai anu bakal teras ngamalir ka CURUG sajarah.

Catatan: Fikmin anu dipidamel kalayan ngagunakeun nami patempatan.

LUTUNG DISARUNG

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 13 Januari 2018 09:54:09

Nagara bancang pakéwuh. Parahu nagri méh tikelebuh. Pamingpin mancla ménclé teu boga pamadegan. Sanajan kulitna masih nyésakeun kulimis balas pada ngalétakan, kantong matana ngagayot ngabadagan: nyanghareupan kasusah. Anak buahna mimiti ngarancunan, naronggéngan. Duit balas nganjuk ngahutang diawur, dijadikeun panyombo coblosan.
Bareng mangpupuh Indrajaya jeung Purbararang séjénna, miluan deui pamér kakasépan, pamér kageulisan, pamér kamonésan. Baliho dipasang dimana-mana, jangji - jangji diumbar deui.
Dihin pinasti, gunung nu lawas kuled, ngadéhém badag, ngapungkeun kekebul ka siklukna, ka jauhna. Rahayat rampang reumpeung kapeureungpeunan. Gigisik, pating jorowok, silih tanya: milih sahamilih saha. Aki Balangantrang nu linggih di patapaan, udar sila méré bongbolong :”mangkadé ucu, ulah kasarung ku tagogna, ku caturna, ku béréhannabisi bisi anu rék dipilih téh, nu disarung miyuni lutung”.

(Kénging nyarungsum deui)

BATI LEUKEUN

Kénging Asep Taptazana
Dipidangkeun dina lapak 13 Januari 2018 09:12:17

“Alhamdulillah, bagja temen, Ujang daék mantuan Ema di sawah,” saur Ema, basa kuring mantuan macul. Arang langka nu daékeun gawé di sawah. Gawé di pabrik leuwih beresih, jeung gajihna gedé.
Ti mimiti macul, nyieun pabinihan, tandur, nepika mupuk, nyemprot, kabéh digawéan. Urang lembur ngaromongkeun. Pajar téh, sakola luhur, sarjana pertanian, ukur jadi bulu taneuh.
“Keun, ulah didéngé. Engké geus bosen mah, eureun sorangan,” saur Ema, nengtremkeun haté, nu sakapeung mah sok kapangaruhan.
“Akang mah teu émut ka Enéng,” ceuk manéhna, basa kuring mutuskeun rék mantuan Ema di sawah. Nepika ahirna mah, manéhna mutuskeun ninggalkeun kuring.
“Bulan hareup geus bisa dipanén. Mucekil hasilna. Sugan bisa kagantian, béaya keur meuli binih, pupuk, jeung obat,” saur Ema, pinuh ku pangharepan, nempo tatanén téh katémbong alus. Kuring milu ngahaminan.
Tadi beurang dina koran aya béja, pamaréntah teu jadi ngimpor béas ti luar nagri. Tangtuna ogé harga paré patani bakal undak.