Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 14 Novémber 2017 (7 Naskah)


SOBAT

Kénging Santie Senja
Dipidangkeun dina lapak 14 Novémber 2017 17:17:10

"Ré, geura néangan calon atuh! Nu deukeut heula, kabogoh. Da ari salaki mah bisi pililaeun." Pokna bari nyengir, pikasebeleun.
Kituna téh lain sakali dua kali. Dédén, sobat ti keur SD tug tépi ka ayeuna geus pada-pada gawé. Béla jeung nyaahna karasa pisan.
Inget baheula, keur ngaji ka Wa Haji Umar lebakeun lembur, manéhna anu satia kokotéténgan néangan sendal kuring anu disumputkeun ku barudak jail. Manéhna ogé anu sok ngupahan basa kuring labuh, tuur baréd. Hideng ngasongkeun tonggongna pikeun ngagandong kuring.

"Dor!" Curuk kénca katuhuna kana cangkéng.
"Angger ...! Apal sok ambek dikitukeun téh!" satengah ngagorowok.
"Baé wé, da Dédén mah resep." Bari ngelél.
"Ré, tingali!"
"Saha?" neuteup layar hapéna.
"Geulis, teu?" Malik nanya.
"Geulis pisan, kabogoh Dédén?" treup paadu teuteup.
"Réré satuju, teu?" manéhna imut. Ukur wasa unggeuk, sabisa-bisa nahan anu nyelek dina tikoro.
"Tapi Dédén bogohna ka Réré, kumaha atuh?" Ngaharéwos.
"Gandéééng!" hiung satakerna.

KEUR JELEMA

Kénging Ayus P
Dipidangkeun dina lapak 14 Novémber 2017 16:34:41

"Si Éta gé ditiung geuning ngomongkeun batur, ceceremed panjang leungeun. Mending uing wéh teu ditiung gé tara kitu, hadé tiungan heula haté." Ngomong kituna téh bari jebi.
"Sholat dipaju, madog, maok, curaling angger. Mending aing wéh tara sholat gé teu kitu patut. Haté nu penting mah bray." Ngomong bari laju ngagakgak seuri asa meunang.
"Ditiung, nutup orat keur sakumna awéwé muslim pan dititah. Sholat gé da dititah, malah pan wajib keur kabéh jalma muslim nu geus baligh, euweuh alesan keur nolak, naha gulak-gilek néangan dalil ceuk aing?" Ngomong kituna téh bari ngawahan rék kongkorongok.
"Meunggeus ulah paséa, da eta mah keur manusa. Ari hayam siga urang mah da teu keuna ku kawajiban." Ceuk hayam pelung mungkas seminar \'Manusa Numutkeun Kacamata Hayam.\'

RÉFRÉSHING

Kénging Emon Suryadilaga
Dipidangkeun dina lapak 14 Novémber 2017 12:09:57

Saliwatan mah moal aya nu nyangka éta wangunan téh jerona sorgana dunya. Ngajeblag dina tulisanana mah \'Penginapan\', tapi dalah eusina mah leuwih ti kitu.
"Karéna kemaleman, kita nginap saja di hotél. Biar \'réfreshing\' dulu, " ceuk Si Bos, bari nunjuk ka salasahiji wangunan anu ngajungkiring jangkung.
Sanggeus markir mobil, kuring nuturkeun Si Bos. Clé, kana \'Lift\'. Katempo Si Bos mencét angka tujuh.
"Édas. Luhur-luhur teuing lantéi tujuh? Tada teuing lalewangna," gerentes kuring.
Teu kungsi samenit, lift eureun. Bray, pantona muka. Asa dina pangimpian. Asup ka hiji rohangan anu sakitu ahéngna. Gebeg, lain deui reuwasna barang nénjo awéwé barulé anu lalar-liwat maké pakéan pungsat bahan.
"Sekarang ganti baju dulu. Nanti kita lanjut," ceuk Si Bos, bari noél kuring anu colohok.
Réngsé ganti baju, kuring diajak ku Si Bos ka \'kolam air hangat\' jeung tempat nu séjénna.
Sabulan ti harita, pangangguran ulin ka dinya deui ngajak babaturan. Geus ditutup.

ASIHAN

Kénging Asep Rahayu
Dipidangkeun dina lapak 14 Novémber 2017 10:15:20

Keur leutik, indung remen nitah mondok di imah nini. Nini ti gigir pernahna mah. Cenah si nini loba pangabisana.
“Sok kaituh ménta asihanana méh engké gedé manéh loba nu mikanyaah loba nu welas asih.” Cek Ema.
Kuring ngéndong dibaturan ku si Évi kapiadi. Asihan, jangjawokan geus kacangkem tuluy dipuasaan.
Mimiti karasa basa kuring resep ka si Candra babaturan SMA. Teu hésé, manéhna ujug-ujug mutuskeun Mona kabogohna tuluy ngabogohan kuring. Ti harita kuring resep gunta-ganti kabogoh.
Waktu panggih jeung Doni bet kuring nu kapéngpéongan. Untung boga jangjawokan Doni langsung lindeuk. Kamamana tara pisah, nepi ka apal usaha Doni antar-jemput barang. Lila-lila kuring miluan, hasilna mucekil.
Malem minggu jangjian di tempat biasa sakalian nyokot kiriman. Bérés dangdan gura-giru indit. Kasampak aya Candra maké seragam petugas, manéhna imut. Doni tungkul tukangeunana.
“Guntas-gentos waé kabogoh tuda, janten matak wé.” Cenah ngaharéwos. Kuring melong beungeutna bari mapatkeun asihan. Manéhna nungtun kuring asup kana mobil petugas.

PUNDUNG

Kénging Asep Taptazana
Dipidangkeun dina lapak 14 Novémber 2017 10:06:34

Geus saminggu, pamajikan ambek-ambekan. Teu pira, pedah kahayangna teu kacumponan. Jajauheun apilain ka pamajikan, nu sarua capéna. Ti isuk, ngurus kaperluan kulawarga jeung barudak. Teu kaliwat ngarumat bapana, ngadadak jiga budak.
“Kang, anteur ka pasar, balanja mingguan,” ceuk pamajikan, malem Ahad. Unggeuk, nyanggupan, kabeneran peré.
Isukna geus saged. Ngadadak bolay ka pasar. Aya telepon ti bos. Ngajak nguseup ka Pulau Seribu.
Pamajikan jamedud, sanajan geus dileuwihan ongkos keur ojég jeung balanja.
Bolay nepi ka tilu kali. Aya waé pangajak ti bos. Maturan itu-ieu. Teu diturut, bisi goréng balukarna.
Pamajikan ngabaeudan geus ampir saminggu. Lain saukur baeud, unggal peuting mugen ngabaturan saré. Teu daék ngabaturan dahar. Ngomong saperluna. Kakara disada lamun ditakol. Rarasaan jeung mahluk goib.
Pundung, Cikapundung unggah ka jalan. Runtah patulayah, nyegat nu lalar-liwat. Cileuncang ngarumpak pakampungan. Mobil tingjalungkir.
Ambek nyedek. Awéwé, hamo dilawan. Kuring ngeluk, taluk ngarumpuyuk. Parna, mun apaleun, bos kuring ogé, awéwé.

NGÈLMU KALUNGGUHAN

Kénging Hamim Wiramihardja Coèlho
Dipidangkeun dina lapak 14 Novémber 2017 08:59:48

Durugdug sora nu nakol bedug di tajug, disusul ku nu adzan, langit subuh ngaguruh. Sora nu halimpu patingsulusup kana kalbu. Ngageuing insan nu salawasna èling, pikeun nancebkeun jeung ngaraksa tihang agama.

Sora adzan téh karasa panas pisan kana awak Kuring nu katalimbeng ku dunya jeung kalungguhan. Biwir tuluy gegerenyeman mapatkeun ajian bari nyanghareupan parukuyan nu mèh pareum, nyèsakeun bau menyan meunang murulukan.

"Hudang! Ayeuna èta ajian geus kacangking ku anjeun, nyerep dina waruga hidep. Ieu ajian saratna teu beurat, ukur lèlètak jeung sarè dina pangdiukan nu jadi udagan," ceuk sora tan katinggalan.

Nyah, beunta. Gigisik. Cahya panonpoè isuk-isuk nu norobos tina liang bilik nyaangan harepan. Sura-seuri sorangan, kasawang mangsa nu bakal datang, hirup pada ngahargaan ku sasama, dipiajrih saban nu panggih alatan geus nyangking ajian tuna rasa.***

NGUNGSI

Kénging Mamal J
Dipidangkeun dina lapak 14 Novémber 2017 06:11:44

Peuting mucukan, bulan sapasi sakapeung kahalangan reueuk nu ngulampreng. Salaki pamajikan rurusuhan kaluar ti hiji imah. Panto rajét urut ngadobrak, diantep ngemplong. Di jero imah patolayah barang jeung parabotan awut-awutan.
"Tong gancang teuing, Kang!" Sora nu awéwé rada ngaharéwos.
"Heueuh, rada gancang! Bisi kaburu baralik deui." Uyan semu nyéréd leungeun pamajikanana.
Sawatara waktu saméméhna, sababaraha lalaki maké teregos geus ngarampog maranéhanana. Kabayang kénéh bedog panjang nampeu na beuheung Uyan. Atuh gepokan duit ladang ngajual taneuh ka Haji Éméd téh lapur dibawa rampog. Masih untung Uyan teu dirogahala, untung pamajikanana teu digadabah.
Sanggeus jauh laleumpang, teu burung ogé nepi ka lembur. Duanana seja ngungsi ka dulurna nu aya di lembur.
Uyan nyéréngéh ka pamajikanana. Duanana sareuri.
"Untung, Nyi! Manéh ngawaro panitah Akang, kamari!"
"Naon téa, Kang?" Nyai rada mesem.
"Duit téa, gening. Pan jero gepokan téh keretas wungkul, nu aslina mah ieu, yeuh!" Uyan nuduhkeun gémbolan sarung.
Duanana ngehkey bari laleumpang.