Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Juni 2014 (25 Naskah)


SASALIWANGAN (SASALIWAHAN)

Kénging Apip Apriyanto
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 22:57:54

Wates suci masigit. Kaos kaki diudaran, dibeubeuskeun kana jero sapatu, diasorkeun kanu écés nu ngekélék kotak kayu. "Semir jang?. Semu atoheun, nampa. Soloyong ka pancuran rék wulu maké sendal capit saliwang nu aya digigireun.

Béntés, Jéntré matak ngeuleukeuteuy medarkeun bag-bagan ngeunaan kahirupan di alam dunya. Safinahna, Fikihna, Ihya Ullumudiinna dipurak dibolékakeun, bedas, teu tédéng aling-aling. "Nu salah mah moal pahili jeung nu Bener, mun urang cangcaya kana hiji urusan bari teu nyaho élmuna, encagkeun, étatéh kaasupna kana sifat wara nu di pikadeudeuh ku Gusti Allah, kusabab, mun hiji urusan di ceukeul ku lain ahlina tungguan balukarna". Pépélingna. Lajeng ditutup ku doa, nihtir sora komat bilal mungkaskeun khutbah jumaahna, kompak rampak ngaradeg ngalakonan dua rokaat.

Solat Badiyah ngahias mupulas rajana poé, bagja, rap sapatu nu kinclong diasongkeun ku si Écés , Jenghok ningali Ajeungan Sepuh nyékér.

SASALIWANGAN (SASALIWAHAN)

Kénging Apip Apriyanto
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 22:55:37

Wates suci masigit. Kaos kaki diudaran, dibeubeuskeun kana jero sapatu, diasorkeun kanu écés nu ngekélék kotak kayu. "Semir jang?. Semu atoheun, nampa. Soloyong ka pancuran rék wulu maké sendal capit saliwang nu aya digigireun.

Béntés, Jéntré matak ngeuleukeuteuy medarkeun bag-bagan ngeunaan kahirupan di alam dunya. Safinahna, Fikihna, Ihya Ullumudiinna dipurak dibolékakeun, bedas, teu tédéng aling-aling. "Nu salah mah moal pahili jeung nu Bener, mun urang cangcaya kana hiji urusan bari teu nyaho élmuna, encagkeun, étatéh kaasupna kana sifat wara nu di pikadeudeuh ku Gusti Allah, kusabab, mun hiji urusan di ceukeul ku lain ahlina tungguan balukarna". Pépélingna. Lajeng ditutup ku doa, nihtir sora komat bilal mungkaskeun khutbah jumaahna, kompak rampak ngaradeg ngalakonan dua rokaat.

Solat Badiyah ngahias mupulas rajana poe, bagja, rap sapatu nu kinclong diasongkeun ku si Écés , Jenghok ningali Ajeungan Sepuh nyeker.

TEU MUNASABAH

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 22:06:01

Ceu Romlah, bati ngaheruk, rantay kahirupanna teu sahadé rantay kongkorong emas.
"Ceu, wios sanggakeun wé Ka Anu Gaduh urang!" Kitu na téh Jang Igud, mukakeun panto mesin waktu, ngajak pelesir neuleuman rusiah kahirupan. Ssieet! Ngabelesat meuntas gapura waktu. Nu di tuju Quadran Galaxtica Sektor Rasi Orion, bentang Betelgause. Pesawat nyirorot eunteup diwewengkon anu geus ditangtukeun tianggalna.
Jrut, tarurun. Ceu Romlah jeung Jang Igud, olohok. Ahéng. Aya di patempatan anu can kasaba ku saha waé.
Keur ngaraga meneng. Ti jauhna, rentang-rentang aya nu leumpang nyampeurkeun, geus deukeut. Bréh! Persis Ceu Romlah.
"Anjeun, saha?" Ceu Romlah, sobatna Jang Igud ngajak sasalaman
"Kuring, Ceu Romlah! Nu sok ngamikmin ngawakilan diri ajeun, tina sagala rupa kasenang, kasusah!" Ceu Romlah nu tadi leumpang, ngaharewos ka Jang Igud. Bangun ngarti Jang Igud unggek.
Mangsa mulang. Ceu Romlah, panasaran kana naon nu diharewoskeun.
"Haréwos naon tadi téh?"
"Kin deui wé tos saratus lima puluh kecap, Ceu!"

SAHA? NAHA?

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 20:48:25

Saperti sasari, unggal peuting, geus janari, can tunduh waé. Jam satengah dua-an. Keur jongjon ngetik, ti kajauhan, kapireng aya anjing disada cungungung, babaung, atanapi meureun sada babaung ajag, da asa béda jeung babaung anjing biasana. Asa geueuman. Lamun bener ajag, ceuk dongéng, ajag sok babaung lamun keur bulan moncorong, apanan ieu mah teu singna. Ditungguan. Sirikna ngarénghap ogé ditahan. Didédéngékeun. Jempling. Ngetik deui, bari ceuli mah tetep curinghak. Cungungung, kapireng babaung deui. Asa ngadeukeutan. Jantung ngeleter. Keueung tapi panasaran. Ngadawamkeun Ayat Kursi. Ngadunga sabisa-bisa. Jéjéngkéan, ngadeukeutan kaca. Muka hordéng. Karék ngintip samenitan, kolépat, aya jirim lalaki maké pakéan sarwa hideung, ngolépat, ngalér, hareupeun imah. Ngan sakolépat. Cungungung, kapireng ngajauhan.

KUMALAYANG

Kénging Asep Suganda
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 20:18:37

Rus ras ari emut jaman katukang sagala nu karandapan asa dikongkolak panon sing kolebat narembongan, kumalayang ka alam katukang cek gerentes hate Rudi bari ngusapan dadana, jurungkunung Rudi nangtung bari hate ngalanglayung jiga nu bingung, gek dei diuk nangkeup tu'ur, jiga nu susah, "jol Agus nanya keur naon Rud ceuk Agus bari kerung nyengledken halisna, Ah biasa we ceuk Rudi bari mesem, ,

WALIMAHAN

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 18:52:21

Panceg tabuh dalapan isuk. Panitia ngaharéwos, rombongan pangantén pameget sumping. Plong! Katugenah. Kasumpeg. Peuyar sapada harita. Rumasa kuring percayaan ka jelema téh. Basa Si Nyai ditanyaan, indung-bapa calonna teu datang. Pajar keur tugas ka nagri deungeun. Dalah dikumaha. Si Nyaina gé sakitu bogoheun pisan. Diwakilan ku dunungan jeung batur sapagawéanana, Si Nyai jeung kuring narima panglamarna. Kiwari. Cép Adén, jajaka gandang. Gagah raspati. Nyanding jeung Si Nyai nu geulis. Pantes. Di kabaya brukat bodas tulang kombinasi emas. Nyari jeung awakna nu lenjang. Payus mungkus awakna. Nurub cupu. Kuring bagja. Sabagja-bagjana. Reueus. Naib kéncaeun. “Mangga, Pa, ijab qobulna urang kawitan….” Patugas KUA ngingetan. Sor leungeun katuhu sasalaman jeung Cép Adén. Rét ka kéncaeun calon pangantén lalaki. “Naha geuning, Mimih calikna di dinya?” Nu disebut Mimih siga nu kagét. “Adén téh budak Mimih hiji-hijina,” Cenah. Ras inget ka mangsa tujuh likur taun kalarung. Kuring nyerahkeun Mimih, da teu boga budak waé…

RAJABAN

Kénging Anida Salamah
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 18:45:09

Wanci Asar mustami tos ngagimbung di payuneun masjid. Mayun ka panggung. Istri, pameget, sepuh, murangkalih. Pinuh.
Gék caket Bu Haji, nu tara seueur carios. Ngahaja méh kakuping tarbiyah Ajengan, rumaos langki ngiring pangaosan.
Émsé muka acara soré harita. Dilajeng ku tilawah, ngaogan rayi Pa Ajengan. Bréh di luhur panggung. Jangkung alit. Dikaméja koko beureum bata, kelir batik na taktakna, lancingan panjang hideung. Halisna kawas Ustadz Riza, soca Shah Rukh Khan, kulit hideung santen. Subhanalloh, aya ku sampurna. Ieu kitu Pangéran na impénan téh. Saha nya namina. Aéh naha. Luk tungkul. Istigfar bari sura-seuri.
Gerendeng surah tujuhlas. Aya ku halimpu. Ngalagena. Aéh, naha asa dicandak Mi'roj ka langit ka tujuh. Ni'mat. Ngawang-ngawang.
"Sodaqollohul adhim..," suanten pamungkasna. Teras lungsur tina panggung. Dipapag ku hiji wanoja, imut, muntang kana pananganna. Emh....

RAHMAN JEUNG TATANG

Kénging Eni R. Kustiadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 18:41:49

Rahman jeung Tatang, murid kelas tilu SMA. Budak palinter tur balageur.
Mungguhing takdir, Tatang budak pahatu lalis sedengkeun Rahman anak buruh tani nu pikeun dahar gé éstuning koréh-koréh cok. Bisa sakola di ieu pasantrén ku kahémanna Mama Kiayi.
“Abdi hoyong kuliah, Bu. Mung duka ti mana waragadna.” Ceuk Rahman cumalimba.
“Kantenan abdi, Bu!” Ceuk Tatang jararauh panineungan
Haté ngarakacak. Teu bisa kumaha dalah kuring sorangan, lain jalma aya. Nyaah teuing, Rahman, Tatang, ibu teu bisa nulungan!
“ Ulah peunggas panghareupan! Taya nu mustahil pikeun Allah mah, Jang.” Cekéng.
Hiji waktu, Mama Kiayi ngumumkeun yén salah sahiji di antara maranéhna bakal meunang béasiswa ka Timur Tengah. Kabar gumbira sakaligus pikasediheun pikeun nu teu kapilih.
“Bu, do’akeun abdi, mugia abdi nu kapilih!” ceuk Tatang jeung Rahman dina waktu nu béda.
“Didungakeun pisan, Jang. Mugia cita-cita hidep laksana!”
Haté jumerit, duanana gé budak pikanyaaheun.
“Duh Gusti, paparin kaputusan nu éndah pikeun maranéhna!”

PIMINANTUEUN

Kénging Bune Upik
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 18:26:33

Lungguh, timpuh pikayungyuneun. Ceuk Charlie téa mah “satu jam saja ku telah bisa sayangi kamu” wé pokona mah. Teu pati geulis tapi sieuran, mantes pinter dangdan. Basajan tapi nyari. Ti saprak dibawa ku Si Cikal ka imah nu munggaran ogé geus kataji. “Mah, nepangkeun kabogoh Aa”. Haté langsung meunteun, laju nyatujuan. Beuki kerep ka imah, haté beuki nyaah. Sakalina mun poé minggu teu nganjang téh asa leungiteun. Cohagna mah langsung “nyekrup” jeung piminantueun téh. Kahilir kagirang sapangaresep. Sok gancang di huit mun Si Cikal katémbong muncereng ka manéhna. Nyaah béak karep asa ka anak sorangan.

Nékadkeun pagéto rék nganjang ka imahna bari nangtukeun wanci nu mustari pikeun nanyaan. Sagala sasadiaan bebekelan keur pibésaneun. Dina waktuna, ngabring tiluan jeung bapana si Cikal muru imahna. Uluk salam, panto dibuka. Bréh, indungna ngabagéakeun, molohok satengah calangap. “Nunung?” musuh gerot jaman sakola, cadu wawuh deui alatan parebut kabogoh, nu kiwari jadi salakina.

BISMILLAH

Kénging Na Nang
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 16:17:47

Kuring nyaring tengah peuting. Guligah mikiran diri. Teu weleh ngarasa kurang. Kurang harta kurang harti. Teu sukur aral subaha.
Nyoba-nyoba nalék jiwa, ngaji diri ngobét haté. Inget ka papatah bapa, ngémut ka naséhat indung. Jalma lahir jeung rijkina, asal daék ihtiarna. Lamun ngakal tangtu ngakeul, lamun ngoprék tangtu nyapék. Kabeh jalma dicukupan, sawaréhna dileuwihan. Kahade ulah rék salah, dunya téh lain tujuan. Dunya ngan saukur jalan, pikeun bekel di ahérat. Kahade ulah pahili, harta téh saukur eupan. Eupan pikeun kabagjaan. Kabagjaan téh tujuan, dunya reujeung ahératna. Loba jelema nu beunghar, tapi hirupna sangsara. Jiga urang boga ali, tapi teu boga ramona.Loba jalma anu suksés, tapi teu aya gunana. Nu jeneng jadi laleneng, nu beunghar kalahka jangar, nu pinter jadi lalieur. Anu loba mangpaatna, éta pangalusna jalma.
Haté téh ngadadak mabra, caang bulan opat belas. Henteu lewang henteu ringrang, dina isukan rumingkang. Bismillah kuring ngawitan.

TEU ANAKNA, BAPANA!

Kénging Ade Saeful Azis
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 15:46:11

Mangsa ningali spanduk Operasi Simpatik Lodaya, Érik langsung mamagahan Héndra, “Lamun manéh dicegat ku pulisi, ulah waka reuwas, Brow!” “Uingah tong boro dicegat. Sakalieun maké motor, kakara ningali seragamna gé sok reuwas! Kuma carana ‘méh teu reuwas, Rik?” tanya Héndra.

Perboden. Gebeg. Héndra reuwas banget. Sugan téh euweuh pulisi. “Nyisi! Ku naon ilaing narabas? Nyaho perboden!” “Punten, rambuna teu katingal, Pa!” “Alesan siah! Rék sidang atawa tilang?” “Kénging nelepon heula, Pa? Kaleresan abdi gaduh rérencangan, ari bapana téh polisi.” Teu lila, Héndra ngasongkeun hapéna ka patugas bari pok, “Saéna mah, Bapa langsung nyarios sareng anjeunna!”

“Naha lila teteleponan téh? Kuriak ledis atuh pulsa uing!” gerentes Héndra. Mangkaning, cikénéh kakara dieusian pulsa. “Béjakeun ka si Érik, ulah sok ngajual ngaran kolot kituh!” “Naha sanés sakantenan nembé atuh, Pa?” “Nyaéta, kaburu béak pulsana, Jang! Jig geura indit. Bapa teu tulus nilangna, tandaning simpatik ka Ujang nu sakitu bageurna ka Bapa!”

SAHA NU SALAH

Kénging Hendi Ahmad Sarip
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 14:16:27

Karunya teuing budak téh, kakara SMP geus boga panyakit beurat. Tapi da loba jaman ayeuna mah, budak kénéh aya nu boga jantung, darah tinggi jeung sajabana.

"Tos aya tilu minggon Pa, teu sakolana téh." Babaturan sakelasna ngajelaskeun waktu ditanyakeun.
"Enya, Kang. Minggu kamari kuring jeung Pa Udi ka imahna, budak teh ngagolér wé. Lebar! Jaba geulis nya pinter." Pa Sodik ngéngklokan.
"Namung Pa, malem minggu kamari mah seueur nu ninggal jalan-jalan sareng kabogohna. Saurna mah uihna gé jam satu wengi."
"Ati-ati, nyarita téh! Bisi jadi pitenah!" Cekéng, ngagebés.
"Leres, Pa! Malihan sareng abdi mah pataros."
"Da si éta mah Pa, ari sakola teu kiat, ari bobogohan dugi wengi kiat." Babaturan séjénna mairan.

NGABIGEU

Kénging Nena Hunaenah
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 13:53:14

Geus jadi bukur catur. Teu pira bapana téh pasapon kantor, enya ogé geus PNS.
Pakulitan bodas mulus, natrat. Rok mahi ku lawon tujuh puluh céntiméter.
Rupa kasebut geulis, teu pantes anak pasapon. Cumentil. Naék kelas dua SMA, tilu kali pindah sakola, kerén maké Yamaha mio ladang ngadua-duakeun huap.
Unggal poé, datang ka kantor ménta duit ka bapana. Babaturan patingkecewis.
Aya samingguna teu témbong. Pangangguran ditanyakeun ka bapana.
“Alhamdulillah budak téh aya nu mawa diajak gawé, malah di DP-an, langsung paké ngalunasan motor.”
“Gawé dimana?”
“Di Jakarta di pausahaan éléktronik.”
Babaturan kalah silih pelong. “Kadé ah.”
“Méd ! Mimiti poé isuk bapak dines ka Cirebon, tilu poé.” “Sing tarapti jaga rohangan.”
Kusiwel Pa Mirja ngodok saku, song duit dua lambar saratus-réwuan dibikeun ka Méméd.
Datang ka hotél, pesen kamar plus.
“Siap.” “Aya barang anyar Pa ! Dijamin mantep.”
Bungangang.
Barang bus, gok, gebeg, budak si Méméd..!?

GANTI EUNTEUNG

Kénging Achiel Syam
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 13:49:43

Hirup, darma wawayangan. Nyawa marengan bugang, saukur ngajalanan. Carita jeung palanggeran geus sadia, tinggal dilakonan. Beurang peutingna. Senang susahna. Ihtiar, dunga, jeung tawakal, mangrupa kawajiban salila engapan masih nyayang. Amalan tinggal milih, rék ngamuara ka sawarga atawa naraka. Nu utama, cadu kufur nikmat, sab barokahna rezeki ku rasa syukur.

Ngitung ku raramo. Opat puluh tujuh taun kumelendang. Waktuna maca diri. Ngaji diri. Naon nu geus dipilampah? Geus sabaraha loba, bekel ngadep ka Illahi? Kumaha, tanggungjawab waktu jadi imam jeung makmum salila ieu? “Lamun heueuh wani jujur, gancang jawab!” Sora ti béh jero satengah maksa. Kuring ngabalieur. Rumasa. Buku catetan belah kénca leuwih mundel. “Kunaon cicing?” Niruk temah wadi. Saeutik mentegeg.

Aya kereteg, ngaropéa sagalana. Nambahan catetan buku belah katuhu. Mupusan catetan belah kénca. Ngajangjian ku niat. Ikrarna tékad. Meresihan panyakit haté. Nyisitan céda jadi cedo. Natahan cécéga jadi cahara. Miceunan sisit kagoréngan ku Istigfar. Nawaétuan diri, tawadha. Insya Allah!

HITUT SEMAR

Kénging Zaky
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 13:37:04

"Yeuh, barudak..., euweuh pakarang anu kawilang pangampuhna salian hitutna Lurah Semar...! Hitutna bisa ngéléhkeun musuh, kabur tara balik deui. Ari ceuk anu teu ngarti mah, hal éta téh ngan saukur jadi bahan banyolan anu pikaseurieun... Tapi mun ku jelma ngarti mah, tangtuna waél éta téh jadi bahan pikeun lenyepaneun.
Hitut Semar bisa ngéléhkeun musuh kalayan teu nyieun tatu ka musuhna tapi matak kapok..., tah, pék conto manéhna! Teu kawas jaman kiwari geuning, pada mawa pakarang seukeut nu matak nyilakakeun malahan bisa ngaleungitkeun nyawa batur. Komo nu disebut bom mah, bisa nyilakakeun jelma anu teu dosa ogé. Ceuk Mang Jumanta ngadongéng ti dituna mah, hareupeun Ucén, Omad katut Édod, di garduh ronda.
Réngsé Mang Jumanta ngadongéng. Peledek, kaangseu bau ahéng, mulek di éta rohangan.
Kuniang, Omad cengkat tibuburanjat.
"Rék ka mana ari manéh, Mad?" Ucén nyenghor.
"Hampura, euy! Uing ngaluarkeun pakarang teu ngahaja..., rék dipiceun heula di jamban!" nyéréngéh. Belenyeng, lumpat.

IBER

Kénging Kujang Pasundan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 12:47:52

Lalampah ka Kanékés geus lawas kalarung, kaéndahan, kaahénganana napel ngagerat dina ingetan, moal sirna sapapanjangna.
Kuring diuk di tepas hareup nyérangkeun barudak anu keur arulin di buruan. Torojol Kang Éman nyampeurkeun, hariweusweus bari nyenyekel Koran.
“Kang, tingali geura ieu warta dina Koran, asa ningali poto Akang!” galécok. Kuring panasaran, enya wé poto kuring anu keur diwawancara ku Obama waktu hiber eunteup dina sirah Libérty.
Imeut dibaca bisi aya caritaan kuring nu kaliwat ku redaktur. Enya teu saeutik ogé redaksina robah. Sakabéh ngeunaan lalakon kuring keur di Kanékés.
Dina éta warta, Obama katajieun pisan ku kaayaan urang Baduy anu kuat ngajaga alam jeung sagala warisan titinggal karuhunna. Teu gedag saeutik ogé nyanghareupan parobahan jaman.
Dina tungtung obrolan, Obama ngajak kakuring sangkan ngayakeun MoU pikeun ngajaga jeung miara kakayaan alam, anu prak-prakanana engké dipingpin ku urang Baduy.
Inget kana bungkusan pamahanan Obama, gasik dibuka, geuning eusina Sertifikat Tanah Kota Newyork.

SI CAPRÉS ORONGOH

Kénging Kang Atik
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 12:32:30

Si Jaka Widada jadi Gubêrnur di Sunda Kalapa ukur kukurusukan hayang meunang pujian. Préstasina mah hanteu sabaraha. Ayeuna Manéhna eureuk jadi Présidén di Nagara Inisoenda (Pajarkeun téh Satria Piningit).

Lur!!! Lamun Ngaing mah CADU nyolok Si Jaka Widada!!

KANYAAH ABAH

Kénging Regita Nova
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 11:15:34

Minggu kaopat, Maret 1999.
Kriingg .. "Assalamu'alaikum, Ji. Ana, Badar. Kumaha séhat?" Haji Badar nelepun deui.
"Wa'alaikum salam, Ji. Alhamdulillah, pangésto. Kumaha, geus aya kabar tempat gawé Néng Lia? Ieu mah meni ngampleng wé, tiiseun. Hahaha."
Tuluy ngajawab, "enya puguh gé pan kudu pasti heula dimana tempatna. Karék Ana nelepun. Cenah mah di Puskesmas Wanaraja, Ji."
Asa reuwas, bari atoh, "Kutaaan? Wanaraja? Atuh sarua jeung si Aa. Geus tilu taun gawé didinya. Nya enggeus wé atuh, gampang, ké cicing mah di teun Mang Ahyar. Aya papiliun teu dipaké. Sugan bisa dieusian ku Néng Lia. Imah Mang Ahyar gigireun Puskesmas."
Haji Badar bungah taya papadana, "Alhamdulillah, Ji. Teu melang atuh ngajurungkeun budak digawé jauh ogé. Nuhun nya. Ké Lia dianteurkeun ka Garut. Assalamu'alaikum." Klik. Telepun ditutup.

Karérét si Aa geus rapih dijaket kulit, bari ngajingjing hélem. "Abah, Aa pamit mios ka Bandung. Milarian Vie. Sugan wé pendak ayeuna mah. Badé naros ka réréncanganana."
Ukur bisa ngarénghap panjang. "Emh, Aa. Enya jung, sing ati-ati."

BANDUNG PAMANUKAN

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 09:57:45

Kaketir nihtir. Sapanjang jalan, sapanjang wanci. Ti saprak manéhna nyolowédor, abur-aburan jeung lalaki nalika kuring keur engah-engéh mamanggul beuratna nambangan, néangan panumpang nu beuki carang. Komo sanggeus ngaduda mah. Bandung-Pamanukan lir nakul Gunung Burangrang.

"Pah, dugi ka mana?"
Unggal tas magrib, Si Bungsu nu dititipkeun ka uwana ngasms. Haté ngaleketey. Budak awéwé hiji-hijina, geulis ngala ka indung, kelas lima, unggal poé ditinggalkeun. Teu karasa geus dalapan taun. Batur mah manguyuhankeun. Tapi dalah dikumaha. Hirup lain nyeungceurikan nasib. Geuning teu weléh dada pinuh kareueus. Teu sangka ukur nyupir bisa jajap barudak satilu-tilu kana huripna. Si Aa jeung nu kadua geus gawé. Kari Si Bungsu.

"Pah, bobo."
Saban tas ngapalkeun, tabuh dalapanan, Si Bungsu ménta dijajap ka enggon. Tara réwél. Soléh. Cukup dicekel leungeunna, diusapan. Reup tibra. Kakara kuring bisa mandi. Awak nu sapanjang beurang hareudang bayeungyang, seger. Saseger nempo Si Bungsu nu keur nguntun impian.

DONGÉNG EMANG

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 09:19:43

"Kéla Lo, nyalsé wé," nyot udud, diseuseup, tangka kempot, "ngadongéng mah gampang," pung, ngulinkeun haseup, ngelun, "rék rada lila Alo di lembur téh lin," ret neuteup, nyot deui, "burey kénéh Emang gé harita téh," peureum-beunta, ngumbar rasa, nikmatna ngenyot kéréték, "harita téh Si Bapa, enya Bapa Alo, kacilakaan," belengéh, waosna kondang, kapuput haseup nahun, "katinggang pabrik aci, runtuh," neuteup lalangit, ngumbar tineung, "ringsek, sabuku-buku tulang, teu walakaya," carindakdak, ngarakacak, "ma'lum jaman harita, jauh ka dokter," ketruk-ketruk, ngetrukeun calacah, "nya ditambaan ku Si Aki," jegoh, jegoh, ngahéhéh, "géus kolot Lo, Amang téh, batuk waé," srod, ngésérkeun diukna, dayadag, "ngageduk Si Aki ngali lombang, di buruan tukang," rét ka Si Embi nu nyuguhan kopi, melengseng, "sok bari ngopi Lo," srod deui memener diukna, "regeyeng dipayang, sina ngajolopong dina lombang," rét ka lawang panto, si jago kukak-kokok di téras, "rup ku padung, rap ku lemah, disolobongan gombong, aya kana samingguna," pokna mungkas carita.

PALEBAH SIKI

Kénging Rizky Chandra
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 09:04:52

Bakat ku sieun kabeurangan, ngahaja mangkat gawé motong jalan. Asup hiji gang, panggih jeung Ibu-ibu meungpeunan beungeut ku ramo nu carang, rénghap-ranjug semu ngagibrig. Hémeng. Reg. “Kunaon Bu?”. “Itu geura Sujang, meni garila ikh! Teu éraeun bet digolér-golér!” Noyod, bari ngabirigidig. Laju deui beuki ka jero gang. Barudak awéwé, maké saragam sakola, pating cikikik, “Hihihi...! Jiga nu na félm éta nya?”.
Beuki panasaran. Haté bacéo, pinuh pananya. Gagancangan.
Breh!. Hareugeueun, nempo nu keur tunggang-tonggéng na wadah runtah. Hiji lalaki tengah tuwuh, caludih, buuk gimbal. Keur kurah-koréh, néangan nu bisa didahar. Calanana soék palebah bujur. Atra, sikina nyempil, teu katutupan. Asa milu taranjang, teu téga. Calana jas hujan, dibikeun. Manéhna ukur melong, nampanan. Rap dipaké. Sarérét, ka nu laliwat. Ka nu ukur marelongkeun. Ku kuring mah katempona, siki wungkul.

HILAP

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 08:29:27

"Subuh, Geulis!" haréwosna, nompo pisan.
Nyah. Celengok kana taar. Nyéh. Kuniang. Brus, ka kamar cai.
Saperti ti sasari, anjeun ngimaman. Réngsé ngaderes hanca, kuring ngoloyong ka dapur. Di patengahan imah, anjeun geus saged basa kuring nananggeuy gelas coklat panas.
"Sarapan di kantor?" song gelas, gék gigireunana.
"Muhun!" nampanan gelas, suruputna antaré naker.
Anjeun ngarérét sakedapan méméh pok, "Dinten Senén, Geulis! Kabujeng dipapag macét!" noél gado, imutna angger keueut nyombo kuring nu samutut.
Gelas sakilat korédasna tuluy rurusuhan di sapatu. Sanggeus sun tangan kuring nganteurkeun nepi kana lawang panto mobil.
"Angkat, Geulis! Assalamualaikum!" anjeun pamit, ngelol tina jandéla mobil.
"Nging ngebut, Mpah! Waalaikumsalam!" kuring gugupay, nganteur ku imut.
Anjeun ngiceupan. Mobil ngageuleuyeung, ilang tina teuteupan.
Panto nu bieu ditutupkeun gura giru dibuka deui basa kapireng gerung mobil anjeun.
"Naonn nu kakantun, Mpah?" kuring kerung mapagkeun anjeun nu rurusuhan kaluar tina mobil.
Anjeun kalah imut bari nyampeurkeun, "Ieu..." celengok kana taar.

HARIRING PEUTING ( SOLAWAT CINTA ALYA )

Kénging Ai Wawang
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 08:14:11

Bulan sapasi, Nay. Siga imut anjeun. Peuting téh aya ku jempling. Tapi, tingtrim sumarambah mapay bayah. Geura dangukeun, Alya gumalindeng solawat Nabi. Ngaji kitab Barjanji, titinggal anjeun. Landong kangen ka ummi, cenah. Celengok, barjanji diambung. Saliwatan, anjeun ngolébat luhur sajadah. Kawas peuting sasarina. Ah Nay, ukur kalangkang. Kapan anjeun, geus tingtrim di kalanggengan.
Langit murnama, San. Leuwih éndah batan sasari. Hawa tingtrim humiliwir. Mawa béja, bulan pinuh maghfiroh téréh tumiba, bagja. Katambah, kiriman Alya urang, San. Galindengna, nembus ruang jeung waktu. Barokah solawat cinta, langkung éndah batan rumpaka kawih urang nu dianggit wanci bulan sapasi. Solawat tresna Alya, abdi nadah lélébéran ti nu gaduh syafaat. Dugi, San. Béjakeun ka Alya. Tawis kangenna katampi.
Dawamkeun, 'na saban rénghap. Galindengkeun, gerenteskeun, tanda taat. Ka nabina. Ka kholiqna.
Peuting murnama dina haté saban insan, nu pinuh cinta.
"Yaa Shohibii indakulli Syidatii...."
Melas-melis. Kaanginkeun.

SAJUTA

Kénging Deden Muhammad Supardan
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 08:01:41

PAUD KEMBANG BURUAN, ka peto jadi pinilih ka hiji dina pinton katuladanan PAUD sa Provinsi. Dina raraga ngabagikeun pangleler, kuring salaku pupuhu, di angkir ka Kantor Gupernur. Satutas upacara, para pinilih di tanyaan ku Bapa Gupernur. Kuring kabagéan di tanya pang pandeurina. “PAUD salira janten pinilih kahiji salah sawiosna alatan masihan pendidikan haratis ka masarakat, ari gajih guruna timana sareng sabaraha?” Bapak Gupernur naya ka kuring. “Gajih guruna ti Honda kénging sajuta,” waler kuring. “Geuning ageung sareng honda naon?” Bapak Gupernur nanya deui kawas nu cangcaya. “Muhun Honda téh Honor Dari Alloh, Sajuta nyaeta Sabar, Jujur sareng Tawakal,” kuring nerangkeun.

PALAY RAMBUTAN, PA?

Kénging Aan Abdulloh
Dipidangkeun dina lapak 02 Juni 2014 05:16:37

Minggu. Car Free Day di Situ Buleud. Ramé pisan. Urang Purwakarta ngumpul. Olahraga.

Kuring gé urang Purwakarta. Imah deukeut stasion. Teu ngilu olahraga. Arék dagang wéh. Meungpeung ramé di Situ Buleud. Biasana kuring dagang dikaréta api. Ngasong.

Dagangan kuring tara maneuh. Naon wéh. Mimindengna bubuahan. Kumaha usumna. Usum salak dagang salak. Usum jeruk dagang jeruk. Ayeuna usum rambutan. Nya kuring dagang rambutan.

Usang-asong nanawarkeun rambutan. Ngajingjing 5 gédéng. Payu sagédéng, opat deui. Aya bapa-bapa ngajega hareupeun lawang sakéténg Situ Buleud. Pangangguran ditawaran. Rengkuh.
"Pa, palay rambutan?" Kuring nawarkeun.
Si Bapa ngalieuk. Matana ngaburileng. Muncereng. Muka topi.
Kuring undur-unduran. Reuwas.