Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Méi 2014 (30 Naskah)


TEU PIRA

Kénging Sri Paudwal
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 23:49:57

Luhur batu ampar. Hiji raga nu teu maliré kaayaan sakuriling bungking. Beurang jiga patung. Manggih peuting buringas pikasieuneun. Peuting nu simpé. Raga nu geus jadi patung ngadadak jangjangan, culang-cileung teuing naon nu ditéangan. Pung. Ngapung. Euntreup na dahan kiara. Mata buringas, huntu ranggéténg. Ceuli rebing. Gorowok ngomong. Kadéngé ngosom.

"Aing! Sandékala téh" bari calawak, basa saabrulan jelema ngariung manéhna. Saréréa marawa obor. Panon Sandékala beuki hurung, nanding seuneu obor nu geus siap ngaduruk manéhna.

"Duruk!" ceuk hiji kolot nu nyekel tasbéh. Biwirna kunyam-kunyem, mapatkeun jampé panyinglar. Nu ngaku Sandékala, taya kasieun. Kalah seuri ngaléléwé. "Aing gé nyaho, naon nu dibaca ku sia!". Kabéh nu ngariung mimiti gimir.

"Halig, bagéan kami ieu mah." Sora nini-nini bari maju kahareup. Nu ngaku Sandékala, ngajerit saharita jiga aya nu ngaduruk. Awakna tutung jadi lebu. Nu ngariung olohok bari meungpeun carang. Teu pira, pilakadar si nini muka kutang, Sandékala langsung jadi lebu.

LUKISAN WANOJA SUNDA KIWARI

Kénging Gani Kandhiawan
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 21:38:11

Kamari, basa ditepungan, Jang Anom humandeuar. Bedo, paméran lukisan di Amerika téh. Sabab kantég ku ngaran. Lain Anom Kusumaningrat, tapi Anom al Talibantal bin Abdul Ghulingan. Puguh wé di kantor Imigrasi téh diréntog patalékan. Pasporna teu kaluar. Mangkaning badé mintonkeun lukisan sarupaning wanoja Sunda nu gareulis lir widadari Priangan.
Dina lukisanna katawis wanoja geulis Sunda-Arab, cureuleuk. 'Reunceum' ku ‘asésoris’ Timur tengah. Aya deui geulis siga Cina, saulas-saulasna sararipit, pangambungna panjang, jleg siga putri Nirahai pamajikan Suma Han, alias Pendékar Super Sakti. Ari nu ieu mah, siga dina pilem Mahabrata, éta mah geulis Sunda-India. Gamuleng. Gutak-gitek. Katawis nuju ngibing Manipuri jeung tari Merak. “Saha ieu Jang, siga Yulia Roberts nya?” Omong kabogohna. Jang Anom nyéréngéh. Sugema. Cenah nu ieu mah wanoja Sunda ‘blasteran’ ménak Cianjur sareng turunan juragan kebon entéh urang Inggris. “Ari ieu saha, asa wawuh Jang, kéé…” Bari nunjuk lukisan wanoja sabangsaning Nyi kayah. Bodas, antieum, keur nilepan Jamang.

MARTABAK

Kénging Zaky
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 21:38:09

Malem Minggu ba'da Isya. Ginding, leungeun ngeukeuweuk kembang ros beureum sagagang. Minyak nyambuang seungitna. Buuk nyiripit digolep.
Ngagidig ngajujugjug ka imah ceungceuman haté, rék apél.
Ngetrokan panto. Bray, aya nu mukakeun.
"Aéh, ilaing geuning. Rék aya naon?" ceuk nu mukakeun panto teugeug.
"Mu..., mu..., muhun, Pa. Si Néng aya?" ngajawab rada geumpeur, teu nyangka nu mukakeun panto téh bapana.
"Iih, si Aa geuning? Ka lebet atuh!" nu dipiharep norojol ti jero.
"Éh, Néng. Muhun, hatur nuhun." teu maliré ka nu keur ngabedega. Sup. Gék, diuk.
"Néng, ari tukang martabak téa, dagang teu? Hidep asa can katempo dahar..., da moal wareg atuh ngadahar kembang mah!" bapana ngadilak, neuteup kana kembang anu keur dikeukeuweuk.
Haté surti. Léos indit heula ka luar.
Teu lila. Sup, asup deui mawa bungkusan.
"Mangga, Pa. Martabak panas kénéh!"
"Aéh, maké jeung ngarépotkeun atuh. Pék ngawangkong sing jongjon kadinya!" daréhdéh naker, bari rikat ngajéwang bungkusan.

UBAR

Kénging Eni R. Kustiadi
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 21:28:57

Tengah poé éreng-éréngan. Matak seunggah asup ka kelas.
Si Alfi muringis na lawang kantor. Leungeun katuhuna nyepengan sirah, nu kénca ngaragap beuteung.
Di jero, Pa Usep keur murak bekel. Pa Oman nyanghareupan nasi padang. Bu Kokom ngahuapkeun baso. Taronggoy.
Bu Odah nyampeurkeun, ''Aya naon, Alfi?''
''Nyuhunkeun ubar, Bu! Abi lieur.''
Rikat nyokot ubar na koropak P3K jeung cai sagelas.
''Pék tah inum! Geus dahar, can?''
Si Alfi muringis, nyekelan beuteung, ''Teu acan, Bu. Teu kabagéan sangu.''
Budak diteuteup. Haropak!
''Tungguan sakeudeung, Jang!'' nunjuk bangku di juru kantor.
Léos ka pipir, muru imahna nu aya satukangeun sakola.
Teu lila, Bu Odah nanggeuy piring nu eusina sangu jeung ceplok endog dikécapan.
''Pék tah dahar heula!''
belewek, belewek. Regot nginum. Eureuleu, ni'mateun pisan.
''Sok tah inum ubarna!''
''Teu kedah, Bu! Tos teu lieur da.''
Bu Odah olohok, nénjo Si Alfi nu ngaberetek ka kelasna.

PÉRON

Kénging Ari Andriansyah
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 21:25:19

Peuting kulimis. Lebah péron setasion panunggon geusan maratkeun lalakon. Pangdiukan bangun pageuh ngabaud raga. Teu reureuh ngalieukan. Tapi nu datang saukur ronghéap tangara sulaya. Enya. Di dieu. Asih lawung jeung sumpungna. Karasa kénéh léléncop rémana. “Suci hamo mungpang sepuh...” Cimataan. “Urang bisa lunta jauh...” Taya jawaban.

Teuing pikeun kasabaraha kalina karéta miang jeung mulang. Teuing pikeun kasabaraha kalina ngawedelan wengku kalbu. Tapi katiginan laun-laun ngudar tambalung waktu. “Lamun enya miharti satia, peuting panganténan didagoan di dieu...” Harita. Angger taya jawaban. Kiwari. Nu kasawang ukur jarijina dibeulitan ali meneng. Katut lisan jawaban kapaksa tina léah dirapalan.

Peuting lantis. Karéta datang deui. Sanggeus yakin girimis wungkul ngiberan suwung. Jung. Nangtung. Ngaléngkah moro panto gerbong. Gék. Dina korsi lowong. Sadrah. Ngareuntaskeun sakabéha. Karéta lunta deui. Gék. Sagigireun. Wanoja dikabaya. Lamokot getih. Humégak. Kusiwel. Kana sakeureut leungeun lalaki semet pigeulang. Maut ali baloboran dina ramona. Laju diasupkeun kana ieu jariji. “Suci baris miharti satia...”

KANTREG

Kénging Yanti Sri Budiarti
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 20:33:44

Solalilali ola olala...Solalilali ola olala...Dangdut koplo midangdam. Ngawurkeun kacangcaya. Nyocokan ceuli panumpang. Beus angger ngajeten.
Lalaki. Ngésod. Uyup-ayap kana aspal. Ngalangsud. Siki panon hurung. Seuneu amarah nguntab-nguntab. Orokaya, tanaga suda. Leuseuh mamawa awak nu teu bisa diajak badami. Ngongkoyangan ku rereged. Panyakit nahun taya tambana. Leungeun ranggah.
Solalilali ola olala...Solalilali ola olala... Awéwé. Racleng bilatung tina sungutna. Dipulungan imeut pisan ku awéwé nu duaan. Badis hayam nyorokcok gabah. Megil dina telih. Magol dina elak-elakan. Eueuleugeugan. Silitémpas, silipoyok. Lila-lila silijenggut. Silipacok, sililédot. Lila-lila siliuyup getih tina genggerong.
Solalilali ola olala...Solalilali ola olala...Hujan kambreg. Opat kalangkang oyag-oyagan. Leyur katinggang cimata langit. Nyérangkeun tina jandéla. Leungeun tiba ngusap beungeut. Ngagebah riwan mangsa beunta. Rérégan nutup.

ANAK GURIANG

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 20:23:46

Malem Minggu. Di hotél méwah sisi gunung. Tingcikikik barudak ngora, belasan taun. Rupa-rupa modél botol, pabalatak na méja, lidig kunu ngarempak kapamalian. Kamar 333 ngawadahan nu sarukan-sukan.
Wanci janari leutik, nu tingcikikik leungit, ganti nu haroshos. Hégak campur haeu. Eusi méja nambahan. Jamang luar-jero maranéhna. Rohangan ngawadahan ngéntabna birahi maranéhna.
Kongkorongok hayam, ngabuyarkeun keukeupan. Rungah-ringeuh. Nu bikang noong kana jandéla, "abah geus euweuh, Sipatahunan geus ngemplang, hayu marulang, Sangkuriang bisi kaburu ngamuk!" Kabéhan ngagurijag. Les... Hotél leungit, janggélék boéh larang. Anak Guriang ngahariang, jadi hawa, jadi angin, jadi napsu, jadi hégak. Mangaruhan nu tingkuliwed, nu ting sulusup ka hotél-hotél méwah sakuriling suku gunung.

NINI ANTEH

Kénging Bune Upik
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 20:21:30

Hapéna disada waktu Nini Antéh keur ngangsitkeun ninun cindung pesenan Ratu Bulan. Reg eureun, laju maca heula sms. “Nini, kunaon bulan teu datang?” pangirimna Néng Mona mojang geulis rancunit biduan pub. “Antosan wé ku Nyai, bulan keur maturan heula Nini”. Hapé ditunda dina palang dada. Tuluy neruskeun hanca. Karék waé gap, hapé disada deui. Dibaca, “Nini, tos tilu sasih bulan teu sumping”. Pangirimna, Néng Shinta santri panghérangna di pasantrénna. Teu kaur prak migawé tinuneun, hapé hayoh waé disada. Eusina méh ampir kabéh sarua, nanyakeun kunaon bulan teu datang. Bakat jéngkél, Nini Antéh turun ka dunya, hayang nyaho pédah naon nu gareulis harénghéng natanyakeun bulan. Reg, apollo nu mawa Nini Antéh euntreup dina suhunan tempat prakték dokter Obstétri Ginékologi. Nyampak Mona, Shinta, jeung loba mojang gareulis keur careurik ménta ka dokter sangkan bisa ngadatangkeun bulan, sabab bulan geus pindah kana beuteungna séwang-séwangan. Nini Antéh ceurik, kanyenyerian.

DADAHUT HAYANG WEDUK

Kénging Ikhsan Gumelar
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 19:14:45

Panas. Ngahèab. Sabot anteng ngasah bedog aya jamna, pikiran Otang ngalayang ka mamangna nu barangasan.

“Otang, sia mah bau cingur kènèh. Yeuh, buka gegeber sia! Bapa sia mun teu ditulungan ku aing, boa modar ti bèh ditu kènèh deuleu! Wajar atuh aing mènta waris leuwih ti sia!” taya tatakrama pisan Misja nyarita ka alona. Haok popolotot, ngomong asal gaplok. Otang ukur ngeluk. Bororaah wani ngalawan. Nyel. Nyeri pisan. Hatè Otang gilig hayang guguru ngaweduk.

“Geus hatam. Tapi kumaha nyoba ieu kawedukan?” pikir Otang sanggeus rèngsè ngasah. Meusmeus ngarampa seuseukeut bedog ku jempolna. Clas! Tangkal cau nangka badag sapat sakali sabet. Lar. Budak tatangga liwat. Disampeurkeun. Otang mèrè papagah. Budak gigideug. Murengked.

“Teu nanaon, sok!” Najan budak bari rada muringis, clas!

“Aoww…!” Cer! Leungeun Otang gudawang ngocorkeun getih.**

BALANCE

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 17:43:03

Sapeupeuting, Cahaya Suminar begadang, ngonsép kontra mémori kasasi. Saré sanggeus subuhan. Manéhna kahudangkeun ku nu uluk salam. Awéwé, kira-kira umur salawé taun, rék nguasakeun perkarana. Hayang pipisahan jeung salakina nu geus lila ngancrud ka awéwé bangor. Ogé hayang dipanguruskeun masalah harta gono-gini. Cahaya ngarasa panonna masih rapet. Ngadéngékeun kronologi masalahna bari terus heuay.
“Bu, sapertosna nuju teu damang.”
“Teu. Ngan masih tunduh.” Manéhna heuay deui.
“Punten atuh, kawagel. Badé uih heula, rorompok tebih pisan. Sumangga, upami Ibu badé istirahat heula, mung nyungkeun widi, abdi ngantosan di dieu.” Sapukeun. Cahaya ka kamarna. “Keeping my eyes on the road, I see you. Keeping my hands on the wheel, I hold you. 99 miles from LA. I kiss you. I miss you. Please be there. ....” Dipépéndé Julio Iglesias. Les, Cahaya saré deui. Ngaguher. Kira-kira sanggeus sa-jam, hudang. Sibeungeut. Ka ruang tamu. Kasampak calon klién-na keur nyangsaya na sofa. Calawak bari ngacay.

TINA KÉRÉSÉK

Kénging Aming T Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 17:00:38

Panon poé meleték belah wétan, manuk récét pating geleber ngabagéakeun, bari ngicis-ngiciskeun jangjangna balas sapeupeuting kaibunan.
Tumpukan runtah ngagunung, unggal menit teu eureun ditambahan, ditambhan jeung terus ditambahan siga moal eureun.
Poé ieu kuring teu mulung, awak rariged teu puguh rasakeuneun, gering meureun, ukur Si Kalong Anjing hideung nu dikukut ti leuleutik kukulunuan néangan hakanen.
Tujuh taun, satasna pepegatan jeung pamajikan, hirup kuring teu puguh, barudak ngilu ka indungna, tempat runtah jadi kahirupan, minangka keur ngiuhan ukur kardus dihalangkeun, diamparkeun sawareh keur saré.
Guprak Si Kalong meubeutkeun kérésék hareupeun, dibuka. Kuring ngarénjag, eusina Orok, tali ari-arina napel kénéh, lalaki bari ngenyot indung leungeun roroésan.
Kuring ngahuleung, kudu dikumahakeun ieu orok. Sabot anteng nga huleng, Orok nangkod kana susu si Kalong.

INTERTEKSTUAL?

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 16:57:09

Keur segut macul. Teu apal datangna. Ceu Romlah, ngageroan "Jang Igud, balik heula, aya Pulisi Désa!" Gebeg, dumadak awak karasana lir kapas ka caian.
"Aya naon?" Reuwas. Hanjat.
Ngiclik tukangeun Ceu Romlah, mapay galengan rurusuhan muru imah. Nepi.
"Numutkeun laporan Jang Omar, manéh, ditéwak!" Pulisi Désa, nembongkeun salambar kertas barang bukti.
Bréh, kabaca "Dijual sapatu orok, can kungsi dipaké" Poho, yasana Ernest Miler Hemingway, teu katulis.

MIANG JEUNG DATANG

Kénging Ayus El-gibran
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 15:42:29

Raga ngalungsar sisi wasta nu dipicinta "Bu, damang? Ieu Ayus dongkap." Imutna siga biasa, jadi kembang nu matak sono keur di teuteup anteb.
"Bu, Ayus hoyong pisan siga kapungkur, diusap mastaka, bari dibalur pidua salira, kanggo mayunan hirup nu tambah karasa aniaya." Angin ngahiliwir niiskeun hate nu tagiwur ku bangbaluh nu heabna siga panas naraka.
"Bu Ayus teh geuning masih kieu, kanyaah salira can tiasa kabales najan nataku diri maksakeun sagala kabisa."
Jukut riut dicabut, lenglang deui pusarana, jelas deui wastana, kuring aya deui waktu pikeun ngurus tanda dibarung ku du'a, tanda yen didinya raga mulia pinuh cinta ditampi Robbi na.

LOHOR

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 14:07:14

Panonpoé manceran. Ngagarang embun-embunan. Rét kana carangka. Karék eusi satengahna. Dumadakan. Gagang arit ngagedéan. Galengan sawah ngabegégan. Jukut tingrumpuyuk. Ranyay téténjoan.

Hanjat ka kebon. Reureuh sakedapan. Ngiuhan handapeun tangkal nangka. Humiliwir. Angin ngageberan. Hawar-hawar kaanginkeun. Bedug lohor dititirkeun. Gidig ka pancuran. Lebakkeun pasir Pangauban. Nérélék. caina tingburicak. Muncrat. Maseuhan batu démprak. Wulu. Nyecep. Mépés embun-embunan.

Ceplas ngadék daun cau. Bar diamparkeun. Disajadahkeun. Madep ngulon. Kaiuhan liuhna tangkal nangka. Ti rakaat ka rakaat. Digeberan angin pasir Pangauban. Kumalayang. Cacap nepi ka awéh salam. Rét ka hareupeun. Gebeg! "Assalamu Alaika ya akhi!" Imam Masjid Jin uluk salam. Ngajak sasalaman.

SALAH KAMAR

Kénging Mimin Wiati Tea
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 13:36:11

Kieu, ari hudang kabeurangan téh. Asa teu pararuguh. Gurunggusuh nyiapkeun baju séragam. Can nyiapkeun sarapan budak nu dua. Kitu deui, nyiapkeun keur bapana, da sarua sok dibekelan. Keur barudak mah nu gampang wé, nyeplok endog. Ari keur bapana mah, ngahaneutkeun deungeun sangu nu sapeuting, paling ditambahan goréng témpé. Geus dijajarkeun mah, tas dina korsi, bus-bus wé bekel diasupkeun. Bérés wé, barudak jeung bapana arindit, tinggal kuring sosoranganan. Lugina, rék nuluykeun deui, hanca tulisan nu katunda.
Na, atuh, jam sabelasan, bapana, ngebél. “Mah! Ieu Bapa, diseungseurikeun ku babaturan, ngaluarkeun tempat makan, ari gambarna Hello Kitty, ceuk babaturan téh, siga masa kecil kurang bahagia cenah.” Key, wé, kuring seuri sorangan. Jam dua belasan, Si Eneng balik ti sakola, katingali rada camerut.
“Mamah…! Eneng teu janten emam, da teu sedep tumis paria, Eneng mah!” Cenah, kituna téh, bari ngagubragkeun tas. Enya wé, bekel na masih weuteuh. Rék seuri gé, jadi teu téga, ningali Si Eneng, nu luwa-lewé rék ceurik.

HANJELU KU RAHULNA

Kénging Asep Suganda
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 13:29:48

Basa Damiri keur ngadaweng wanci Asar dina bale imah, podonghol datang Oji, "asalamualaikum cek Oji, Waalaikumsalam jawab Damiri reuwas, timana Ji ?, tos meli motor kuringmah cek Oji, mana motorna Ji?, Can beres suratna, salapan bulan dei mah beres jawab Oji teu eleum eleum, dasar siamah tukang rahul gerentes hate Damiri, isukanmah komo rek meli Mobil cek Oji, Damiri Hanjelu.

PANON HEULANG

Kénging Anida Salamah
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 12:39:19

Lila-lila mah capé haté. Kaayaan teu parok jeung batur. Élmu lungsuran ti Abah jenat. Ngarah teu dibobodo, cenah. Dina prakna kalah harénghéng, ngung-ngong kana ceuli. Neuteuli.

Cara harita. Jang Amad mulang tarawéhan, dikopéah haji. Ngaliwat bari uluk salam. "Assalamualaikum, Néng," pokna. Katingali tina renyuna. Tapi nu kadéngé kalah, "aing kasép nya?"
Unggal ngobrol jeung batur tara ngarti naon nu diaromongkeunana. Amis, pait, peuheur. Jeun teuing. Panon seukeut meulah eusi jajantungna. Hideung, bodas, nyungkelit, nyagak. Atra. Euweuh dingding kelir.

Bulan ngebrak di patengahan Rajab. Nepungan Ki Guru di Pakidulan. Gilig. Niat miceun kasaktén. Hayang jadi jalma bihari.
"Abdi capé, Ki. Geuning jalma mah taya nu sampurna. Keun waé ah, urusan maranéhna," cekéng.
Ki Guru unggut-unggutan. Socana liuh dangiangan.
"Hatam," pokna.

AHIR RUMPAKA

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 12:22:54

Lumpat ngudag dangiang sora anjeun. Amparan beling tina peupeusna haté ditincak diliwatan. Beureum tapak jeung céda suku ditinggalkeun. Nu tinggorowok gegero nitah eureun. Lumpat, narajang saréwu leungeun nu pakupis hayang nahan. Lumpat, diuudag ku nu mamawa konci jeung ranté patén. Lumpat, paheula-heula jeung nu dititah nutupkeun panto nu geus aya hareupeun. Lumpat. Panto harita ditutupan.
"Kanda..." kuring ngarumpuyuk.
Anjeun nganti datangna kuring dina kanyataan. Nganti ku sésa keclak getih na badan. Nganti ku sésa rénghapna harepan. Nganti ku sésa sangkaruk impian. Nganti kuring nu sasab kukurilingan néangan jalan. Nganti na luhureun dangdaunan nu maluguran béak ditulisan parasaan. Anjeun nganti satukangeun panto nu ayeuna geus ditutupan.
"Dinda..." anjeun ngarumpuyuk.
Aya trésna nu teu dihijikeun waktu. Aya impian tina batu. Aya lagu rindu. Aya puisi nu minuhan kalbu. I love you.

MOAL POHO

Kénging Lies Tjandra Kancana I
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 10:32:54

Moal poho kanyaahna kakuring.
Basa kuring diuk dina lahunanana.kuring ditangkeup pageuh
adek kan dadana, tonggong kuring diusapan, kuring diciuman pinuh kadeudeuh.Kuring diangkat dijungjungkeun. Bungah kuring nangkeup pundukna. Kuring nyiuman pipi jeung ceulina.
“ Buka acukna nya? “ Pokna leuleuy.
Kuring unggeuk, Kuring cicing we basa dibuka kancing baju kuring hiji-hiji bari teu weleh kuring digelentoran.
‘ Lancinganan oge buka nya ?’ Kuring unggeuk bari neuteup panonna anu teu weleh neuteup nyaah ka kuring.Kuring murungkut basa kuring geus bubuligir
“ Tiris” ceuk kuring ogoan.
Giriwil kuring dipangku sok digolerkeun dina ranjang disina nangkuban. Kuring teu protes, cicing we basa tonggong kuring diusapan teh
“ Yu urang ibak sareng nya?”
Kuring dipangku, bari seuri, tetep nangkeup ngagantung kan beuheungna
Basa kuring dibalur ku “ Baby” Body foam. Kuring nguliat getek
“ Andra nyaah ka Mamah”
Cipanona indung kuring nyalangkrung.
Ku kuring dicium pipina.
Kuring teu boga Bapa

SANG LUTUNG & MONYÉT BODAS

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 09:29:30

Aya hiji Lutung gandrung. Keur cinutrung peuting-peuting di puncer tangkal mahoni. Di taman kota nu ngebrak. Culang-cileung. Bangun aya nu disungsi. Tatanggahan. Bulan pias dihuru mangrébu lampu. “Sampurasuuun!” Aya nu nyoara. Kapireng nu ngagorobas. Sang Lutung curinghak. Bréh. Monyét bodas. Nyéréngéh bari ngagupay. Tuluy nanya: “Kumaha? Geus tepung jeung Purbasari?”

Sang Lutung rumahuh. Gigideug. Ratusan taun néangan. Lebeng. Teu lawung-lawung. Guligah kabina-bina. “Angot batur mah. Réa nu disiksa lahir-batinna. Balas ngamén di parapatan!” ceuk Monyét Bodas. Kekerot. Ngabudalkeun kaceuceubna. “Heueuh. Dikaniaya,” Sang Lutung unggeuk. “Numatak, cuang sina baruntak! Sina ngalawan! Bantuan uing,” Monyét Bodas umajak. Seuneu ngagedur tina perongna.

Dayeuh gumuruh. Pasulabreng kukupu-kukupu peuting. “Pancén uing néangan Asihing Asih,” Sang Lutung gumerendeng. Sorana kasilih ku nu récok adurega. “Di jagat nu kieu patut?” Monyét Bodas ngagerem. “Dalah dikumaha!” Sang Lutung tatag. Monyét Bodas gogodeg. Mentegeg. “Pamit! Uing rék bajoang! Sorangan!” Monyét Bodas ngabelesat. Ngereles.
Tinggal Lutung kadua bulan ngayakas.

NOONG

Kénging Rizky Chandra
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 09:20:05

Krek! Tulang tonggong melengkung nonjol. Pelentung manjangan, kaluar bulu paranjang. Ngawahan. Gajleng. Belesat ngambah jomantara. Sakedapan anyeucleu na luhur méga. “Genah kieu paparahuan!” Gerentesna. Rut-rét nganteur paningal. Mayakpak sagara langit peuting, éstu kacida éndah. Bulan jiga arit ngagupayan. Biur. Ngadon ucang-ucangan.
Keur anteng. Pecenghul aya buleudan hérang, jiga kaléci, kacida gede. Disidik-sidik, Si Odéd, tukang macul, keur ngageuleuyeung maké mobil mérsi pang anyarna. Gigireuna Nyi Anah, kembang désa nu pernah nolak cintana. “Naon siah neuleu?” Nyentak. Reuwas, geleber deui.
Bréh! Haji Karta keur mandi na balong duit. Dibaturan opat pamajikanana. Anteng kokojayan. “Nyingkah siah!” Molotot. Kojéngkang, belesat. Jedak! Rieg, dangheuak, ranyay. Sirah nabrak béntang. Awak nyirorot, hurung kabeuleum atmosfér. Bruk! Blus, kulisik. Bray beunta. “Geus beurang euy!”. Tibra saré, betah noongan impian batur. Ari aing?.

CAU AMBON DIKORANGAN

Kénging Ai Wawang
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 09:00:47

Rangkad. Nyingkah, meper rasa nu saban usik ngukuntit. Nigas sirung, nu saban wanci rarenung, migandrung. Saha nu lepat? Abdi atawa Uwa? Ah....
Bongan, najan kitab hareupeun, pikirang ngulayaban. Sorogan, bandungan taya namperna. Hésé apal. Babari poho.
Kur godég uwa nu ngalangkang. Kumis uwa ijigimbrang. Halimpuna uwa ari keur adan. Nay apal. Réma uwa ngétang wirahma. Deuh, kapan Nay noong tina sesela papan. Écés, jéntré ka madrasah di handapeun.
Ngahaja, Nay sok geuwat ngagaéng. Méh kadangu ku uwa. Nay getol ngapalkeun. Uwa, Nay inget waé. Disentak uwa alatan teu apal jurumiah. Ah....
Paling sebel, mun énjing-énjing. Ningal uwa istri ngicis rambut 'na jandéla. Rarayna katara bagja. Waregah. Guligah, mun tos disaur. Paribasa, pangnaksirkeun, nganggo kudung ieu pantes, henteu? Cenah. Beuh....
Mana, batan haté rujad, Nay milih rangkad. Téga uwa mah, wawartos ka enin. Nyebat Nay tukang ngalamun, muisi, mikmin. Gawé ulin. Males ngaji. Kapan nyingkahan uwa. Naha uwa teu surti? Ah....
Uwa....
Teu wasa, mun Nay gaduh émutan, daun nona daun saga. Nay miang, Wa....

CAU AMBON DIKORANGAN

Kénging Ai Wawang
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 08:59:38

Rangkad.Nyingkah, meper rasa nu saban usik ngukuntit. Nigas sirung, nu saban wanci rarenung sirung migandrung. Saha nu lepat? Abdi atawa Uwa? Ah....
Bongan, najan kitab hareupeun, pikiran ngulayaban. Sorogan, bandungan taya namperna. Hésé apal. Babari poho.
Kur godég uwa nu ngalangkang. Kumis uwa ijigimbrang. Halimpuna uwa ari keur adan. Nay apal. Réma uwa ngétang wirahma. Deuh, kapan Nay noong tina sesela papan. Jéntré ka madrasah di handapeun.
Ngahaja, Nay sok geuwat ngagaéng. Méh kadangu ku uwa. Nay getol ngapalkeun. Uwa,Nay inget waé. Disentak uwa alatan teu apal jurumiah. Ah....
Paling sebel, mun énjing-énjing. Ningal uwa istri ngicis rambut 'na jandéla. Rarayna katara bagja. Guligah, mun tos disaur. Paribasa, pangnaksirkeun, nganggo kudung ieu pantes, henteu? Cenah. Beuh....
Mana, batan haté rujad, Nay milih rangkad. Téga uwa mah, wawartos ka enin. Nyebat Nay tukang ngalamun, muisi, mikmin. Gawé ulin. Males ngaji. Kapan nyingkahan uwa. Naha uwa teu surti? Ah....
Uwa,
teu wasa, mun Nay gaduh émutan, daun nona daun saga. Nay miang, Wa....

ASIH

Kénging Aris Kumetir
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 08:56:21

Geus datang deui waé. Keukeuh nitah ka imahna. Sakitu geus nyaho uing mah jelema nu teu weléh nyieun geugeuleuh. Pada ngabibira pada ngamusuhan. Disebutna ogé jelema bangkarak. Ari ieu ngadon datang waé. Nyampeurkeun. Teu pira ogé ngan manggih budak tikunclung di sungé. Naon leuwihna? Apanan harita ogé loba nu nulungan téh? Lain uing waé. Anéh!
Tisaprak uing maceuh mabok tuluy diusir ku urang lembur. Teu nyeri haté. Sumawonna dendem mah. Henteu. Maranéhna teu apal ku naon uing milampah kieu.
"Kang, omat ka rorompok nya. Si nyai naroskeun waé," cék Asih. Teuteupna anteb. Liuh jiga mata si jenat. Cimatana ngalémbéréh mapay pipina. Leuwih ngagenclang batan inten. Basa hujan poyan ngeprul, matana katumbirian. Haté ngaleketey.

PILIHAN ABAH

Kénging Regita Nova
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 08:19:15

Karangpawitan, nincak taun kaopat bérés wisuda.
Hujan ngagebrét. Baseuh rancucut. Motor diparkir hareupeun imah. Jas hujan dibingbingkeun. Bus kajero imah, bari ingkud. Nyampak Mamah nyampeurkeun. "Aa kunaon ingkud? Éta lancingan getihan sareng sararoéh kitu. Geura ibak. Cai haneut tos sayogi." Ngajawab pondok, "Geubis di Rancaekek, Mah. Katoél motor tipengker. Nuhun, Mah. Ibak heula"

Bérés ibak, seger. Suku getihan kénéh. Peurih. Ku Mamah diberesihan. Karaos ngeclak haneutna cisoca. Mamah ngaharéwos. "Aa mah pemimpi. Hayoh waé milarian Néng Vie ka Bandung unggal usik. Tapi teu kapendak. Dugi ka kieu usaha Aa milarian. Huhujanan, katabrak motor." Muringis. Rada nyereng ngawaler téh. "Aa sanés pemimpi, Mah. Aa yakin Vie aya. Mung teu acan kapendak wé."

Torojol Abah kaluar kamar bari nyarios, "Aa, umur mah maju ka kolot. Waktuna Aa ngawangun rumah tangga. Minggu ba'da Ashar urang ka Soreang. Ngakhitbah Neng Lia, putrina Haji Badar, sobat Abah. Pipamajikaneun Aa."

Lenggg...

BULAN DIBEULAH MÉGA

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 07:46:10

Brak!
"Beunang siah!"
Gurubug! Nu keur balap hégak, kacegat rénghap.
Batré nyalalebrot, nyingraykeun peteng. Di juru, dua waruga mararungkut. Teu antaparah, digalusur ngurilingan lembur. Sataranjang. Dijagragkeun ka hareupeun Kuwu nu lulungu.
"Warga anyar geus ngotoran lembur tah!" Ceuk Olot.
"Ké..., ké. Kumaha caritana ieu téh? Eum, tutupan heula tah bikangna. Wéra deuleu!" Kuwu meureudeuy, ningali waruga sampulur ngempur.
"Ieu wewelek ngontrak di imah kula. Ngakuna bujangan, tah ka-té-pé'na!"
"Ari bikangna?" Takon Kuwu, rut-rét. Ti babandan nu barengep, ka nu ditutupan sinjang. "Bulé ningan euy..., bangsa deungeun? Naha euweuh laporan ka déwék!" Kuwu mureleng ka Ér-Té.
"Numawi, nun. Teu apal. Diharéwosan Ki Olot nu pernah kawénéhan. Nya diintip. Ieu kékénginganana." Témbal ér-té.
"Ceuk ka-té-pé, sia ngaran Sangkuriang?" haok Kuwu.
"Su-mu-huuun...," nu ngaringkuk humarurung.
"Gawé?"
"Ngabéndung Sipatahunan."
"Ari bikang bulé ieu?"
"Lokaste...."
Ngaharuleng.
*
Di beulahan séjén carita. Kapireng kongkorongok hayam. Barasat, balébat lepat sumirat. Dayang Sumbi jeung Oidipus kacerek deleg Politeia!

TEU KU HANTEU

Kénging Hendi Ahmad Sarip
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 01:09:38

"Wayahna, kebon nu di girang ku ema rék dibikeun ka Basar. Pan sawahna dijual ku Manéh, Amir! Jeung hutang lima gram manéh, Adim, basa nyunatan budak manéh nu ayeuna mah geus rumah tangga can dibayar, lin? Itung-itung keur gantina. Da bongan maranéh teu naur waé. Abong ka lanceuk. Ema téh geus sakieu kolotna. Boa isuk dipundut ku Nu Kawasa" Ceuk ema. basa tilu bulan ka tukang ngahaja ngariung di imah. Sararéa teu aya nu baha.

Teu ku hanteu, aya béja. Lanceuk nu cikal teu narima. Malah ngangajak Si Adim sangkan panuju pamanggihna.

"Pan kuring téh cikal, naha Ema teu ngajak nyarita ti méméhna? Ujug-ujug balong dibikeun ka Basar. Masalah hutang Si Ayi jeung sawah nu dijual ku Si Amir, éta mah cenah dibayar ku jinisna. Teu kudu digantian ku Ema!" Ki lanceuk cumarita basa ngadadak ngariung deui, bari ema keur aya nu karasa ku kakolotannana.
"Naha atuh Kang, lain nyarita basa ngariung di imah kuring? Balong geus diurus ku minantu sakitu lilana! Kuring mah kumaha ema wé, rék dicokot deui gé, éta mah. Karunya ema geus hayang tenang ibadah!"

TEU KU HANTEU

Kénging Hendi Ahmad Sarip
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 01:09:05

"Wayahna, balong nu di girang ku ema rék dibikeun ka Basar. Pan sawahna dijual ku Manéh, Amir! Jeung hutang lima gram manéh, Adim, basa nyunatan budak manéh nu ayeuna mah geus rumah tangga can dibayar, lin? Itung-itung keur gantina. Da bongan maranéh teu naur waé. Abong ka lanceuk. Ema téh geus sakieu kolotna. Boa isuk dipundut ku Nu Kawasa" Ceuk ema. basa tilu bulan ka tukang ngahaja ngariung di imah. Sararéa teu aya nu baha.

Teu ku hanteu, aya béja. Lanceuk nu cikal teu narima. Malah ngangajak Si Adim sangkan panuju pamanggihna.

"Pan kuring téh cikal, naha Ema teu ngajak nyarita ti méméhna? Ujug-ujug balong dibikeun ka Basar. Masalah hutang Si Ayi jeung sawah nu dijual ku Si Amir, éta mah cenah dibayar ku jinisna. Teu kudu digantian ku Ema!" Ki lanceuk cumarita basa ngadadak ngariung deui, bari ema keur aya nu karasa ku kakolotannana.
"Naha atuh Kang, lain nyarita basa ngariung di imah kuring? Balong geus diurus ku minantu sakitu lilana! Kuring mah kumaha ema wé, rék dicokot deui gé, éta mah. Karunya ema geus hayang tenang ibadah!"

MENTEGEG

Kénging Barros Ngora
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 00:22:07

" Toootttt...Sora klakson Kareta api ngagareuwahkeun kuring keur ngalenyap dina jok.
asa teu karasa numpak kareta api teh geus nepi ka setatsion deui,teuing pedah kapeureuman meureun.
panumpang nulain geus narangtung kawas rek kabeakeun turun,kuring nyalse bari nyarande dina jok,panon jiga nuhayang dibawa peureum deui jeung deui babawaan ngan ukur kantong paragi gawe.Kareta api eureun hateupeun Setatsion.
nutarurun paburu buru pasesedek kuring mah nyalse pangtukangna.Jrut kuring turun terus leumpang katempat paragi panumpang nungguan jadwal kareta.pas hareupeun aya Aki aki keur diuk dina bangku bari angkaribung babawaan.waktu kuring ngaliwat si Aki ngageroan.." sep...asep...? si Aki ngageroan ngaAsepkeun ka kuring,kuring ngadeukeutan.eta si Aki noroweco tunya tanya.sakur kareta nu aya didinya namyakeun jurusan kamana.kuring geus teu sabar buru buru ditanya," Teras ari Aki ayeuna bade kamana atuh...?" kuring nanya
"Ahh...Aki mah ngan arek meuntas kadinya da kahalangan ku kareta...!" tembal si Aki.
"Ohh..kutan teh kitu kiii....!!!" ceuk kuring MENTEGEG bari teu kuat hayang seuri......

HIJI MANGSA DI HIJI TEMPAT

Kénging Nana Sukmana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2014 00:06:10

UING ngahuleng kénéh. Leungeun ngeleper. Haté ngageter. Teu ngarti ku nu ujug-ujug laklak dasar. “Bayawak sia mah, Goblog!” kitu pokna, Mod. Uing asa dibéntar gelap. Garihal pisan. Bari di tengah jalan deuih. “Kadé bilih lepat, Eulis,” ceuk uing. Ngalelemu. Ras ka omongan manéh, Mod. “Ulah totomplokan teuing reueus téh, bisi tijalikeuh. Sineger tengah wé.” Ah, da henteu kitu Eulis mah. Uing apal pisan. “Wuah, moal aya nu nyaho eusi haté jelema, iwal dirina,” ceuk manéh. Keukeuh.
Léngkah jadi mandeg mayong. Tapi uing kudu ka imahna, Mod. Uing jangji ka indung-bapana. La haula, najan haté jadi nahnay. Uing uluk salam. Barang bray, indung Eulis ngadon calangap. Panonna rut-rut ka uing jeung ka lalaki nu keur uplek jeung Eulis. Ceplés pisan uing, Mod. Eulis gé milu ngoréjat, pipina dumadak euceuy. Samarpolah. “Dasar bayawak sia mah, Goblog!” ceuk nu karek puncengis. Sorana heuras. Uing rut-rét ka Eulis jeung ka manéhna. Nyeplés pisan.** (30-6-14)