Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Méi 2014 (22 Naskah)


SEBLAK TÉWÉWÉW

Kénging Ai Wawang Halimah
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 23:00:31

"Cilok édun..., seblak téwéwéw, anti galau...!"
Teu répéh nanawarkeun dagangan. Diselang ku némbongkeun momonés. Niron-niron sora orok, gogoaran.
"Badé cilok édun, anti galau, seblak téwéwéw? Oa..., oa....!"
Ger, sareuseurian.
"Sabarahaan, Mang?"
Awéwé montok, nanya. Gog, hareupeun nu dagang. Burahol, imbit ageung ngiring méjéng.
"Dua réwu sajah, oa...."
"Marébu tilu bungkus nya?"
Si montok ugal-ugil nangtung. Leungeunna ngabetotan tungtung baju nu semet udel. Lédak, nyusut késang ku tiungna.
"Kop lah, bubuhan ka Syahrini!"
Nu dagang ngalem. Si montok aluman-alimen.

Nu dagang beuki deukeut. Sabudeureun, hawa mimiti panas. Pikiran cus-cos. Geus dua jam Lina di ruang bersalin. Kahayang mah maturan di jero. Tapi dokter nyaram. Bener, mending jajan heula.
"Cilok édun, anti galau, seblak téwéwéw cetarnyah membahanah...."
Kéla, asa-asa sorana.
"Aceuk, Aa, baradé anti galau!"
Srog. Tangtungan nu moal poho. Kerewek dudukuy lakenna. Bréh, téwéwéw, ces.

LINGLUNG

Kénging Sopyan Hardyansyah
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 21:59:49

Ari jog téh ka hiji lembur nu teu apal lebah-lebahna. Cilaka, alamat linglung deui. Remen teuing ku linglung. Unggal jalan geus disorang,-dipapayan- teu timu alamat pangbalikan, kaitu leuweung nu tadi jungkrang. Burudul téh anu barudug ti unggal juru, saurang diantarana unjukan… majar ék ngubaran kuring nu keur linglung. Plak! Tarang kuring ditepakna.
“Cageur…” omongna bari ngeupulkeun muncang ka kuring.
“Kapan kuring téh linglung, naha kalah dikeupeulan muncang? Naha teu ku duit anu leuwih kaharti ku pikir. Aduh teu ngarti” gerentes bari kerung.
Teu lila geus ngeupeulkeun muncang, nu barudug tuluy amitan hiji-hiji. Les ngaraleungit di hiji tungtung. Keleweng muncang dialungkeun,- legedeg jadi tangkal jangkung lir nurus bumi, kalacat ditaékan.
“Heuy bisa balik deui, gening itu lembur téh tuh!” cekeng surak bari ajrag-ajragan,- kérékek – gubrag – lilir.
“Aduh dimana deui nya ieu?”

KUCIBEK, GUJUBAR

Kénging Gani Kandhiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 21:59:00

Kageuingkeun ku nu nyaring. Nu geulis ngoléséd. Teras dungdak-déngdék mayunan eunteung. Mérésan rambut panjang galing muntang. “Mang, pangmeuseulkeun heula tonggong.” Sorana halon. Hariguna teu ngempésan kawas dipasangan mesin komprésor otomatis. Ngabeukahan sorangan. Siga tadi peuting. Ngaguruh. Ngompaan kageugeut. Kalangkang geulis jeung séréngéh Kuring adek di jero eunteung. Bungah. Paingan ceuk barudak, geulis mah, tempo waé hudang saréna. Kacipta Si Akang, dunungan ge, meureunan kawas kieu. Anteng. Teu lila, asa ngabedega? Jrut turun, gura-giru nyadiakeun leueuteun haturan Ceuceu, téh manis gula kawung. Sasambat. Rumasa mengpar tina amanatna. “Mang, bisi Akang pondok umur, Si Ceuceu jeujeuhkeun. Kabeh aya dina surat wasiat, tepungan konsultan Akang.” Ngangres. Léos muru kolam renang paragi Ceuceu geulis kokojayaan silih simbeuh sareng Si Akangna. Gujubar. Hanjat. Sésa kerewés Ceuceu dina tonggong, teu dirasa. Gujubar. Ngarontok Si Akang, nu harita kukucibekkan, nepi ka hanteuna. Kucibek. Kerelep. Kucibek, hanjat. Cai balong jadi barelang, hinyay. Diambuan, bet seungit Ceuceu. Gujubar. Ceuceu!

SI TAHU

Kénging Rinto Variasirias
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 20:55:13

”Ieu kanggo saratna téh bah!” Ceuk Tahu ngasongkeun calana jero awéwé. “Heu’ bweuner jwang! Ceung… urang parancahan ku abwah!” Kojengkang bah Tarmo ka pangkéng. Tahu seuri “Okh’ Lilis… akhirnya akang Tahu bisa bersanding denganmuh…!” Tahu ngageurendeng sorangan. Sirahna tanggah kana lalangit bari ngarangkadak eun dua dampal leungeuna..
Isukna Tahu ngaliwat ka buruan Lilis. Srog pasangrog jeung nini Umin. Ujug-ujug gabrug, nini Umin ngarontok . Tahu kéképéhan. Gurinjal ngaleupaskeun manéh. Geus lesot. Ber, lumpat.
“Bah, kalah nini-nini nu ngait téh. kumaha geus kieu yeuh?” Tahu makumaha deui ka bah Tarmo. “heuheuheu… Ari haywang leungit peletna mwah gampwang. Duruk wue calana nu kamari téh! Heuheuheu….”. Bah Tarmo seuri ngaheuheu. Tahu seuri deui.
Isukna Tahu ngaliwat deui ka imah neng Lilis. Kasampak loba jelema ngalaliud. “aya naon mang ieu téh mang? Tahu nanya ka salahsaurang nu aya didinya. Nu ditanya ngarérét . “Nini Umin maot jang!”

BETAH

Kénging Muhammad Zaky Anwar
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 18:46:48

"Teu karasa, asa cikénéh hudang saré, geus wanci lohor geuningan!" ceuk Omad. Gap, kana sarung jeung kopéah. Gidig, haténa asa kageroan ku sora adzan anu ngahaleuang ti masigit. Seja nedunan kawajiban ka nu Kawasa.

Réngsé shalat. Deker, nuluykeun hanca pagawéanana, macul di kebonna Juragan Médi.
Karék ogé ngaso bari nuuskeun késang. Ngong, sora adzan Ashar.
"Aéh, bener..., nyérélék waktu téh, teu karasa!" Brus, mandi. Beberesih. Léos ka masigit.

Balik ti masigit. Gék, diuk di tepas. Cai kopi hideung jeung goréng ulén geus nyampak dina méja.
"Nyai, ka dieu atuh..., baturan Akang, cuang ngawangkong!" ceuk Omad nyalukan pamajikanana.
Der, ngawangkong uplek pisan, dibarengan ku sempal guyon.
Hawar-hawar kadéngé sora tonggérét. Sato nu jadi totondén. Nyirikeun beurang geus rék kasilih ku peuting.
"Emh, nyaan, betah hirup téh geuning, Nyi! Ujug-ujug geus rék Maghrib wéh..., teu karasa samporétna waktu, béak ku nyiar dunya! Astaghfirullah...."

HAR DIK NAS

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 16:20:56

Di lapang dina panas mentrangna poé. Timimiti Calana beureum, bulao jeung kulawu, disatata ku baju barodas tur topi nu masieup. Barudak ngabaris ngajajar. Mieling poé wedalna kasaktén. Nu kapercaya jadi pupuhu, biantara nepikeun amanat wasiat nagri nu dibungkus dipupusti.
"Sakabéh anak iñcu aing! Euweuh alesan keur nolak mibanda atikan, elmu pangaweruh, sabab wajib hukumna! Sangkan martabat undak keur diri katut ieu nagri!" Sorana nongtoréng.
Pangtukangna jajaran barisan. Jang Igud, kalayan muser nengetkeun, digoda ku Jang Barnas.
"Ha.ha.ha.! Nu rék jadi Persidén meni serius nengetkeun hededlah, nembongkeun jempol leungeun nu kukuna hileudeun" Sora nu pidato, keur ceuli Jang Barnas, kadéngéna heumpeung ngalantarankeun malaweung.
"Sseeet.! Tong geruh.! Itung-itung ngaajénan cita-cita inohong baheula ngabélaan ieu nagri, balik bubaran upacara, Uing! Rék ngoméan sasak ruksak nu paranti indit jeung balik barudak sakola!" Pikirna kaidean salah saurang Fikminer di lapak FBS nu judulna"Indiana Jones"**

PAKANCI 7 - DI INSA-DONG

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 15:14:22

Sup! Kartu éléktronik kana mesin skéner. Sapuluh rebu won kasedot. Bray panto beus Airport Limousine Nomer 6011 jurusan Anguk, muka. Hayang ka Insa-Dong. Hiji kota nu aspék tradisional Koréana paling hédéd. Sanajan laleutik jalan di Insa-dong mah, ngan ti tungtung jalan nepi ka tungtung jalan deui, pinuh ku toko-toko suvenir tradisional Koréa. Gantungan konci, gunting kuku, dompét, tas, kaos, gambar lukisan, nepi ka keramik,kumplit. Matak kataji. Sup ka réstoran Sanchon Témple Food. Halal. Gék diuk. Menu-na teu kaharti da tulisanana garaling. Bingung rék pesen naon. Jol pelayan nyampeurkeun. “Badé pesen naon, Kang?” Cenah. “doengjang jigae.” Hésé ngéjahna. Padahal teu pira. Kuah sayur jeung tahu. “Bapa urang sunda nya?” Tasma diporosotkeun. Pelayan ditengetan. “Ké lanan. Asa kalinglap. Ieu téh, Rain Be?” Nu ditanya unggeuk. “Kang, abdi ngiring Cula 3 lah nya. Daftarkeun duaan sareng Kim So Eun...!” Kuring unggeuk. Suruput kuah sayur. Alhamdulillah! Nambahan duaan tah peserta Cula téh.

ASMARAGAMA 2

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 15:06:47

Lempay lenjang raga salira nu nyangsaya, rindat soca dibarung imut sugema, liang rasa ngeukeup lingga taya pangawasa.
“Saupami aya sétan mindarupa nyasar ka lebah guha murba, ulah ngagunasita pabinihan nu ngacambah na waruga garba, réngkak polah wanara ulah ngamalir kana keclak tirta rasa” gerendeng salira bari teras ngadoa ka nu Maha Kawasa. “Mugia keclak tirta lingga ngajanten rohmat di jagat pana, kasucian dua rasa ngajanten berkah kanggo sadayana”
“Muga cikahuripan diraksa dijaga ku nu Maha Kawasa, ditebihkeun tina sagala kecap lara tunggara, hirup huripna ngamalir ka walungan pinuh siloka, ngamuara ka lebah sagara tengtremna jiwa, diranggeum ku tiisna lukut bari dikeukeup ku kasimpé, liuh lebah mumunggang rasa pikeun tapakur, malahmandar ati nurani kaancikan giri jaladri….”
Angin tiis mingkin tiis, ngusap dua raga muru tibra, ngageubra dina ayunan rasa pinuh bagja.

DICAREKAN

Kénging Ayus El-gibran
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 14:40:42

Mangsa dikosan, keur ngora, sagala panasaran, tong boro boga kasieun, resep weh nu aya.
"Cik ari Uing bisa jadi kabogohna Hanum moal?" Ceuk Uing nanya harita.
"Bisa." Kitu nu ditulis ku Manehna.
"Nepika kawin moal?" Uing nanya deui.
Manehna teu usik, ditanya sakali, duakali, tilukali angger teu usik.
"Ah bodo euy nu asup na." Ceuk Uing ka Babaturan.
Naha ari gutrut teh Manehna nulis kieu "Sia nu bodo mah, nanya jodo ka Aing, Aing mah ukur Jalangkung, nginum ge ukur kopi pait, pantes dek bodo ge, kehed siah.!"
"Anjir calon sarjana dicarekan jalangkung," ceuk uing bari seuri. Bener ceuk katerangan agama, yen moal aya nu apal jodo, pati, bagja jeung cilaka, sab eta mah rusiah Gusti.
Ti harita Uing teu percaya dudukun, komo bari kudu sieun ku jurig.

SESEMBÉN

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 13:40:08

Kulutrak! Kaluar ti Balé Panumpén. Ngalanggéor disinjang pulas parigi nyéngsoh, Putri Katerin leumpang mapay jalan nu balay ku batu. Muru taman kaputrén. Dituturkeum simbok Iyem bari ngais canangsari eusi bungbuahan. Gék! Putri Katrin diuk luhureun batu, handapeun tangkal ék sisi balong. Ngadaweung, bangun jauh panineungan. “Endén, kunaon katawis ngungun?” Mbok Iyem andiprekna rada ngésod. Ngadeukeutan. Nu ditakon kalah ka tanggah, neuteup méga nu ngalamuk luhureun langit Cambridge. Simbok Iyem gumerentes, mo salah deui dununganana pasti deudeupeun ka sinatria ti Pajajaran. Baning ku prihatin ningali kaayan dununganana, nu gandrung liwung kapidangdung. Simbok ngarobah diukna, tina émok jadi mendeko. Reup peureum. Mepet pancadria. Kunyam-kunyem ngadu’a ka Sanghyang Séda Niskala nu ngabahuréksa Mandala Bale Agung. Sapraptanipun. Hiur..! Angin leutik ngahiliwir. Muter beuki santer ngajaul ka alak paul. Datan nganti sapanyeupahan. Gorobas! Maung Bodas kaluar tina rungkun, ditunggangan Pamanah Rasa.

NGUNDUH WOHING PAKARTI

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 11:55:12

Ampir kabéh jalma nu disiksa atawa nu diancam rék disiksa ku titahan Radén Kalyadi, sok barébéja ka Mas Mulyo. Jadi nyaho, naon nu kajadian jeung saha waé nu boga masalah jeung manéhna. Loba nu ngarasa diteungteuinganan.
Anjog di warung Budé Karti, nu keur baralanja ngaromongkeun Radén Kalyadi nu keur gering lumpuh. Di riungan arisan, obrolanana masih éta. Ampir kabéh urang Kampung Kali Iwak pada-pada ngomongkeun nu sarua.
Balik gawé, di péngkolan, nyampak Mbak Sri keur ngobrol jeung Bulik Warni.
“Jeng, alhamdulillah, Radén Kalyadi gering lumpuh. Teu wakalaya. Nambru di kasur.” Mbak Sri semu ngagorowok. Dijawab ku unggeuk.
“Gusti mah teu kantos kulem, nya Jeng.” Bulik Warni mairan. Katingali atoh pisan. Unggeuk deui. Kira-kira saminggu ka tukang, basa Kyai Ahmad teu damang, kabéh tatangga nyaleungceurikan bari harusu ngadarunga supaya Gusti Allah énggal ngadamangkeun anjeunna. Ieu meureun nu disebut ngunduh wohing pakarti téh.

NGODJAJ DI WAHANGAN

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 10:15:29

Éndjing-éndjing kénéh Oedjang indit ka sakola. Joejoe, sobat dalitna, disampeur. Arindit doeaan mapaj-mapaj sawah djeung wahangan. Andjog ka sakola ladjoe miloean baris hareupeun kelas. Ngantaj saoerang-saoerang arasoep ka rohangan bari dipariksa koekoe, boeoek, djeung sagala roepana koe Boe Goeroe.
Joejoe noe koekoena parandjang, kapaksa ditjeprét. Ari Oedjang mah didjenggoet da bongan males ditjoekoer. Maman, Mimin, djeung Moemoen mah saralamet. Aratoh da teu meunang hoekeoman kawas kamarina. Ngarangkénék arasoep ka kelasna bari ngadjebian Oedjang djeung Joejeo.
Keuheul tjampoer ambek minoehan haté. Oedjang badami djeung Joejeo hajang males. "Entong ajeuna, bahaja!" haréwos Joejoe. "Réa tjara noe lantip. Ingkeun heula sina galoembira," toeloejna. "Nja atoeh koemaha manéh wé," walon Oedjang. Goetroet naroelis deui tjatetan.
Soréna, baroedak lalaki ngalabring. Aroelin di wahangan, ngadon ngarodjaj. Kabéh tarandjang. Oedjang ngadjak Joejoe ka girangkeun. Lila pisan. Aranteng.
“Deuh, naon ieu?” Maman djeung Moemoen rareuwaseun. Aja noe konéng. Sirahna pinoeh koe noe baoe. “Andjiiiir…! Roentah beuteung geuning…!”

SAHA KURING

Kénging Emha Ubaidillah
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 09:23:13

Cik, naon eta sigah jelly...suruput, lumayan ubar hanaang. Nu ngaliwat ngabirigidig.
"Anjiiiir, godroh disedot!"
Tebeh peuntas, jrat jrut tina sedan corola bari ngagigiwing sacewir keretas. Aneh, kuring bet ngarti basa manusa. Basa aya nu disaragam kulisi, nyel ambek tapi tepa kana biwir mah kalah ngagakgak. Sukses sukses....pas pantohir anu ka sakitu kalina kuring....gugur!
Memeh diiangkeun ka RSJ kuring diontrog pimitohaeun cenah budakna geus eusi opat bulanan, kekepehan teu dianggap, dimana aya copet ngaku. Wuri-wuri kitu horeng adi sorangan anu guyerna.
"Di dieu Jang, dikencarkeunana teh?" ceuk anu turun tina sedan ka tukang ojeg.
"Kateuing atuh Pa, da enggal keneh aya nu burung di dieu teh."
"mun di leuweung atuh nya miceun nu gelo teh, malaur careuh meong pada moro, susugananan ngawin begu pan ngajaga kasaimbangan leuweung meureun?" ceuk pagawe RSJ basa peutingan kuring dijongklokeun kana bak sampah. Jekok kana kardus aduy, buriak biatung sagarede cinggir orok gembul,
"Asana ieu mah lanceukna da," nu ngagerendeng nyaruakeun poto jeung beungeut kuring. Wel wel bilatung disamualkeun, lumayan girinyih.
"Iden idennnn, silaing ge kawas dewek?"
Sedan ngadius ka wetankeun, kuring mimiti asa coplok sirah deui....

DAUN CAU

Kénging Dana
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 08:46:07

Hujan badag. Sagedé-gedé bal kasti. Kuring nyisi ka kebon.

"Ké heula, tong waka metik. Bébéja heula kanu bogana!", ceuk tangkal cau.
"Imahna jauh!"
"Geus mending huhujanan wé! Kagok baraseuh!"
"Sieun gering!"
"Sieun ku gering, tawa sieun ku Anu méré gering?"

Eléh. Kuring nuluykeun leumpang. Huhujanan.

Isukna awak muriang. Teu puguh rasa. Gigireun kuring, diuk indung bapa. Béh ditueun meja, calon mitoha. Muriang, lamaran sieun teu ditarima. Héhé, lain gering.

TUNGGUL RAHAYU

Kénging Dadali Pangrango
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 08:11:53

Ruangan singsarwa bodas kaliwatan, ngalempréh disimbut lawon héjo pucuk cau, sarua jeung baju nu ku manehna dipaké. Ngunggun alum nu naluturkeun geuleuyeungna Adun dina méja dorong. "Sing sabar Kasép! Hidep insyaAlloh walagri deui sabihari." Hawar kareunge gentra sora nu jadi panyumanget geusan bajoang meruhkeun panyakitna.
Simpe maréndé mangsa panto nutup, ngenyay burahay cahaya beureum marengan Adun tilem ngambah alam peteng. Nyérélék wanci nyaksi sababaraha waruga papuket jeung alat bedah, pating gurilap katojo lampu.
Lilir ya merbangun, cahya bodas ngabagéa, bray, panon Adun muka lalaunan.
"Alhamdulillah, operasi cangkok ginjal berhasil Dok!" Ceuk salah sahiji suster. Adun ngalieuk lalaunan ka peuntaseun ranjang nu sajajar jeung manehna,berebey cipanonna bedah teu ka ampeuh, "Mamah...!".

ASIH CIMATA

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 06:28:37

Ingsreuk. Ngembeng sagara hérang. Bedah ngamalir. Nyerep kana sela-sela rumasa. Sumarambah dina saliara jiwa. Asalna tina peureuh. Ngajadi peurih. Tina sagara tresna. Boa tina dosa. Tapi teu wasa subaya.
“Cinta, wayahna. Mangsa ditilar kajauhna. Miripis matak tiris. Langit milu ceudeum ningali pameunteu anjeun. Awurkeun deui. Imut nu ngembang eros kasumba. Duh, cinta…naha? Lain ti baheula geus wakca. Cinta urang lain ngan ukur ayeuna.”
Cindulan. Ngarayap dina mangsa nu halon. Detik disiksik. Cindung ngeplak geus sataun tara leupas. Saban ningali potona. gék diuk. Samar rampa. Teu kaur gawé. Tresna teu bisa dipungpang. Tilu taun saprak nganjrek.
“Bi Asih, kunaon mindeng rampang-reumpeung?” Panalék Juragan Istri. Dareuda. Poto dina dingding diteuteup leleb. Léos, ka pangkéng. Juuh.
“Kalah ceurik. Aya naon?” Ngan tepi kadinya. Rét kana handapeun kasur. Surat Nikah geus heubeul. Nyelap. Salah sahiji potona, nyeplés poto dina dingding.

SARAT

Kénging Cicci Motci Sumanti
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 05:01:32

“Hajatan naon itu téh, Bi ?”,tanya kuring lebah tanjakan lemburna bibi.
Di dinya aya imah sigrong, buruan upluk-aplak,loba tangkal gede. Jauh ti tatangga kénca katuhu. Mun teu raraméan jiga ayeuna kacipta hieumna.
Tengah-tengah buruan ngadeg panggung, teu sabaraha gedé. Organ tunggal. Artisna opatan, gual-géol, pakéan sarwa merecét. Ngahaleuangkeun lagu Oplosan. Nu jarogéd éak-éakan, ampir kabéh lalaki, teu saeutik nu jajaligjeugan. Bari ngacung-ngacungkeun duit sawéran.
Ngan anéhna teu katémbong dékor atawa kekembangan ilaharna nu hajatan. Saukur balandongan.Tukang dagang gé ngan hiji dua. Béh kidulna aya nu keur ngarariung, kambing guling jigana téh.
“Lain hajat éta mah Nyai. Tapi sarat. Di imah éta téh aya nu ‘nungguan’. Sok sering nu kawénéhan. Unggal taun kudu tatanggapan, méh teu ngagaranggu”, haréwos bibi.
"Oh, paingan atuh baretaheun."

KUMAWULA NU TEU SAMPURNA

Kénging Aan Abdulloh
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 04:43:51

Nyah, beunta. Kageuing sora pupujian Haji Nasam, di mushola sisi lembur. Panon rucang-riceng. Tunduh keneh. Awak rareged. Sapeupeuting nyumponan kahayang salaki. Nu haat mere nafkah bathin. Ukur nafkah bathin, teu werateun nafkah lahir mah.

Jrut ti ranjang. Papakean kotor dijeuwangan. Dirawu dibawa ka sumur. Dikeueum. Ditunda di ember gede, ditunda di juru sumur. Bagian salaki, nyeuseuh jeung moena mah.

KUMAWULA NU TEU SAMPURNA

Kénging Aan Abdulloh
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 04:43:31

Nyah, beunta. Kageuing sora pupujian Haji Nasam, di mushola sisi lembur. Panon rucang-riceng. Tunduh keneh. Awak rareged. Sapeupeuting nyumponan kahayang salaki. Nu haat mere nafkah bathin. Ukur nafkah bathin, teu werateun nafkah lahir mah.

Jrut ti ranjang. Papakean kotor dijeuwangan. Dirawu dibawa ka sumur. Dikeueum. Ditunda di ember gede, ditunda di juru sumur. Bagian salaki, nyeuseuh jeung moena mah.

TUTUNG

Kénging Wahyu Giri
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 00:55:11

"Yeuh lur, sim uing balik tiheula nya, aya perlu rada nyaan yeuh", bari tonggoy kuring pépérén, geus bérés tuluy kantong digandong. "Siga aya nu penting euy, kalem heula atuh, bareng". Nato mairan bari teu ngarérét, jongjon ngelapan gitarna. "Heueuh, riweuh pisan, aya naon sih kang?" Iki ngalokan bari ngasongkeun duit ka nu jaga studio. "Keudeung bareng", ceuk Iki. "Bisi rék nyantéy heula sok wé, aya nu rada kudu digeurakeun yeuh, ngeueuman calana ti peuting kamari, poho duh ... heu". Ceuk kuring bari ngaléos. Rét ka kénca tuluy ka katuhu, telenjeng meuntas jalan satengah lumpat. Teu lila, najan teu dipegat reg angkot eureun hareupeun, kalacat tuluy diuk dina bangku opat nyanghareup ka bangku artis anu masih kénéh kosong. Reg angkot eureun deui, rét ka tukang jurungkunung aya nu nangtung rék turun. "Paingan asa bau tutung ti tatadi, beu ... nepi ka géhéng kitu", ngimped, ngésér, méré jalan.

Bandung 1995

HAMPURA

Kénging N-tank Moal Poho Mulang
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 00:35:50

2001. Munggaran asup Akademi lataran kapaksa. Dipaksa kunu jadi Ema, “Anak Ema kudu aya nu jadi jalma, ulah kawas ema jeung bapa ukur jadi kembang trotoar”. Jeduk batuk.
2002. Semester Opat. Pinunjul IPK 3,85 bungah bagja nu jadi Ema uar-uar ka balaréa. Jeduk batuk bari laladang.
2003. Nyusun Tugas Akhir. Aya telepon tinu jadi bibi kekeh kudu balik kalembur haté tagiwur, nyampak ngajepat lawon bodas nutupan awak Ema.
2004. Can rengsé nulis tugas akhir, telat sataun, dosen TA, babaturan pada ngarujung nganggeuskeun TA. Angger lungsé asa leungiten obor poékeun.
2006. Diwusuda. Teu poto-poto kawas nu lian, cai panon ngalembereh masehan pipi ngeueum jajantung.
2008. Diusir ku Kantib lantaran dagang di Trotoar Jakarta.
Hampura Ema.

NU LANGGENG MIKANYAAH

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Méi 2014 00:02:25

"Indung mana nu luas nyaksian anakna cilaka?" Gumerendeng. Nu jadi indung. Teuteupna euntreup di jauhna. Leungeun katuhuna, pageuh nyepeng pigeulang. Nu kénca, antaré ngusapan sirah. Karasa. Deudeuhna sumelendep. Rus-ras. Mangpirang karumasa. Enya. Rumasa, mindeng mopohokeun kanyaahna. Rumasa, mindeng mungpang papatahna. Rumasa, mindeng ngabedahkeun cimatana. "Kudu kumaha deui aing ngawarah sia téh, hah? Bet taya euih-euihna pisan sia mah! Sing karunya ka indung sia. Kagegeringan, deuleu, mikiran sia!" Nu jadi bapa. Ngawakwak di patengahan. Rét ka nu keur ngusapan. Gurat-gurat kapeurih, patingkelemeng dina beungeutna. Nu baheula reunceum dina awakna, béak dipaokan. Diawur-awur di pangaduan. "Sia mah dikasaran, ngalawan. Dibageuran, modolan. Piraku kudu dipodaran mah ku aing?" Nyel. Keuheul. Asa diunghak. Saumur-umur di pangaduan, can aya nu wani campelak. "Sia mah jadi bapa gé pédah wé ngawin indung aing," ceuk haté. Héhéaban. Sajungjungeun nangtung, "méméh silih paéhan, paéhan heula Ema!" Sor. Balati nu tadi murag tina keupeulan. "Ema embung, nyaksian kanyaah silihpaéhan."