Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 30 April 2014 (36 Naskah)


HARIWANG

Kénging Soléh Alkafié
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 23:36:22

Jep, Kuring jeung Adi jempé. Biwir maranyun silih delék bari narémbongkeun peureup. Panyarék Bapa ibarat boga sima keur Urang Duaan. Baku ceunah lamun kolot keur ngadangukeun dongéng tina radio sok rajeun paraséa ngarebutkeun barang teu pira. Gimbot.

Ayeuna bagéan kuring nu nyarék ka anak. Sarua lalaki duanana. Baku lamun keur nongton warta pulitik ngahaja sok parasaéa ngarebutkeun barang teu pira. Android. Si Bapa nu jadi akina barudak, tonggoy gigireun anteng nyidik-nyidik bako molé dijejelkeun kana cangklong kameumeutna. Sugan sok caraman kawas baheula. Sabab ayeuna Si Bapa geus kurang awas jeung kurang ngareungeu. Merdeka. Kabita ku kaayaanna, bébas tina nénjo jeung ngareungeuna nu paraséa.

PUCUK-PUCUK KAGEUGEUT DI CIPAGANTI

Kénging Gani Kandhiawan
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 22:13:30

Kumargi rorompokna di Jalan Cihampelas, Ka kampus téh, kedah ngalangkungan Jalan Cipaganti. Brasna ka Setiabudi. Ngalér. Nyebat ‘kiri’na tara di gerbang Lédeng. Cekap lirén di caket Fakultas Tehnik. Supados tiasa ngalongokkan PKM. Teras ngabujeng kantin, ngopi. Sakantenan nganti urang Cipaganti, nu lungsurna sok di gerbang caket markas Menwa. Rentang-rentangna ogé sok teras matak ratug. Komo ninggal mapahna téh bari ngarérétan kantin. Tara talangké, énggal ditepangan, supados tiasa, Tring! Aya imut dampit nyarengan hégarna Bumi Siliwangi. Imut kameumeut, meungkeut trésna. Matak pikabingaheun. Matak betah ningali sarupaning tangkal parucukan. ‘Pucuk dicinta ulam pun tiba’. Da upami ditaros naha milih kuring nu sanés golongan ‘Cipagantian’, ngawalerna téh, “Sawios, pan Akang mah sapertos tangkal mahoni, nu tiasa ngiuhan rorompok.” Haduh, bageur, lewang ku usum kalakayna. Maluguran.
Ti wangkid harita, unggal énjing pucuk-pucuk tangkal mahoni ngagarupayan. Irahana deui daunna maluguran, teras ngarangrangan. Siklus manéhna. Papaés kahirupan Jalan Cipaganti. Kawas mapaésan haté nu sok ngalangkungna.

MUSTAHIL

Kénging Carwin
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 21:50:52

“Bapa sareng Ema, ayeuna uih ka Bandung, wayahna Ujang kedah mapagkeun di Stasion.” Kitu unina SMS. Kencling. Bangku-bangku panjang tempat nungguan nyampak geus pinuh. Kuciwa. Kuriling. Aya bangku anu ngan didiukan ku hiji wanoja. Nangkeup harigu, sirahna tungkul, panonna peureum. “Nuju ngantosan Néng?” halon, gék gigireunana. Anca, inggis ngagareuwahkeun. Hélok, awéwé téh Teu obah saeutik-eutik acan. Sagala rupa dédéngéan jeung cilingcingcatna jalma réa, teu mangaruhan dirina. Jongjon nyegrék dipépéndé ku jurig tunduh.
Kapireng, anu diuk gigireun batuk. Taktakna eundeur, beuki lila batuknya mingkin tarik. Cacak manéhna geus nutup sungutna sorangan. “Eueutan heula Néng..! Ieu nembé pisan dibuka.” Ngasongkeun cai aqua, ngahaja meuli saméméh diuk. Haré-haré. Meureun teu hayang narima bantuan ti kuring. Watir. Wanoja éta tetep ngohkoh. “Hayang getih.” kecapna datar, teu sawatar lila batuknya eureun, Kuring ngan bisa kéom. Teu sawatara lila ngaguher deui, kawas saméméhna. Rerencepan kuring ngimeutan beungeut Wanoja éta. Geulis. Bray..! Panona muka, nyéréngéh huntuna sihungan.

SABOT NUNGGUAN SIDANG

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 21:30:37

Pa Dadang, kuasa hukum lawan klién, can datang kénéh. Meureun kapegat macét, jiga dua minggu ka tukang. Kesel. Ngabaheuhay na sofa. Nyetél musik, ngalawan tunduh. Unggal lagu didédéngékeun kalayan daria. Deungdeuleueun biduanna, Si Don Juan, mun keur nyanyi. Sorana halimpu lumengis. Heug ramo-ramo-na nyasaran dadana sorangan, semu ngajeungkalan. Panon peureum beunta. Ah édan pokona mah. Ngabayangkeun, dina unggal lagu, jadi objék rayuan mautna. Beuh!
“I’ll sing a song. Just for you.” Kahayang.
Hawar-hawar ngaran kuring disebut. Curinghak. Kacida bungah.
“Yeah, Iglesias, my babe.”
“Bu, abdi mah Dahlan. Hakim médiator parantos ngantosan. Médiasi badé dikawitan.” Si Dahlan, staf pangadilan, nyéréngéh. Anjir..., hareneg pisan.

PAMEKARAN

Kénging N-tank Moal Poho Mulang
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 21:18:06

“Klik”, Bray. Meminta Bergabung.
Nya gé rumasa jalma bodo, pajar lauk buruk milu mijah, moal rék dipaliré, tagen haté rék milu ngamumulé.

“Klik”, Bray. Batalkan Permintaan Bergabung.
Aya rasa cangcaya,moal bisa sigana, moal bisa jadi baraya jang pakukumaha, moal bisa jadi Panglima na medan perang. Nu niup sangkala ngobarkeun panji jang Parahiangan. Tanah nu ngancik na sanubari, rék dibéla kajeun ngorbankeun pati.

Gebeg! Koréjat! Ngahandeuang hudang. Kagareuwahkeun ka nu keketrok. Rekét..., panto dibuka nyampak si Ayu tukang Balakutak Nyong-nyong asal Cirebon nawarkeun daréhdéh.
“Kié Mas balakutakna?“ bari ngasongkeun dagangana.
“Ojo yu pun rabi wis masak oncom saiki mah!“ cekéng teu éléh daréhdéhna. Léos si Ayu indit permios,eplok cendol nukangan ninggalkeun kuring nu olohok.

Isukna. Ramé diheadline koran. Kabupaten Kuningan rék asup Propinsi di Cirebon. Haté teu méré aya nu hérang na kongkolak panon. Basa naon nu rék dipaké ku anak incu urang isuk pagéto engké?

HÉSÉ GANTINA

Kénging Ikhsan Gumelar
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 19:45:25

Méh limalas taun. Abah dikantun pupus ku Ambu. Teu kersaeun nikah deui.

“Moal manggih gantina nu sobar siga Si Ambu mah” saur Abah. Tuda enya. Abah mah gampil kasigeung. Teu kaop. Ngan henteu wé sahaaok kadua gaplok. Ambu mah sok ngbéngbéos wé ari Abah naék adat téh. Sering pisan kituna téh.

Saprak teu aya Ambu, Abah ngungun. Teu bérag. Taya sumanget hirup. Bangun pinuh kahanjelu. Nuju Ambu jumeneng mindeng nganyenyeri. Tara petot popolotot jeung hahaok.

Adi nu awéwé nu sok getol ngabobotohan Abah piwarang nikah deui téh. Saréréa hariwang. Abah nyalira taya nu ngawula.

“Ayeuna mah Abah kersa nikah nya! Enéng mah melang Bah..!” ceuk adi.

“Nebus kasalahan ka Ambu, geus jangji Abah moal kawin deui!” keukeuh mugen.

“Tapi nu ieu mah tangtos Abah cop. Geulis kénéh da..” Adi ngaharéwos ka Abah.

“Hah, bener tatéh? Piraku?” Abah kagét. Ngan raray marahmay. Teuteup Abah mumbul ka alak paul.***

TUKANG BANGUNAN

Kénging Aripin Doang
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 19:31:45

balebat ti beulah wetan, maksa waruga nu lungse. Pikeun nguniang nuluykeun kahayang. Nuditata ku lengkah nahnay, jeung luut leet kesang maseuhan waruga. Mukakeun panto lalangse mapay rasa nyampaykeun hareupan, dina hiji wangunan imah sugan jeung sugan aya pibekelen jaga. Da natrat ngan ukur koreh-koreh cok. Geusan nyeueung pirerehen kuring jeung kulawarga. Da rumasa kuring lain mahasiswa jurusan ge ngan ukur estegerisasi. Ngan sendok jeung sendok nu keukeuh di cekel pageuh,sok inggis reuntas gagangna ngulahek taya ajenna. Saha nu bakal mirosea??...
keur kuli samodel kuring hareupan teh lir ibarat roti. Didnya aya nu ngajak di dinya aya kepelen

LEUNGEUN ANJEUN

Kénging Sri Paudwal
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 18:32:38

Ngitung poé, tiwaktu-kawaktu, jog anjog ka nu dipiharep, simpé, taya rasa nu ngahudang suka, taya carita nu ngahudang kasono, éstu simpé, sasimpé-simpéna.
Peuting malibir tugenah, kasabaran nu diipuk teu bisa nyadarkeun anjeun, deudeuh jeung nyaah kuring ngan saukur jadi seuneu keur anjeun. Unggal poé beungeut nu beureum euceuy teu weléh némbongan badis Rahwana.
Anjeun! Anjeun nu dipiharep jadi pakumaha suwung teu méré kasugema, nu aya kaijid jeung kaceuceub mapaésan hirup nu keur dilakonan.
"Kampang!" Cek anjeun basa katugenah nyangsaya dina haté,
"Aing nu usaha mah." Cek anjeun kénéh dibarengan némpélna tapak ramo di na pipi. Taya cimata. Geus saat, béak ku pasrah.
Bles! Aya nu nancleb ka na angen, peurih jeung nyeri karasana. Getih muncrat ka na leungeun anjeun, leungeun nu dipiharep jadi panyalindung kuring. Leungeun nu dipisono beurang peuting. Teu sangka. Leungeun anjeun nu nganteurkeun kuring ka taneuh beureum.

CUCI MULUT

Kénging Mimin Wiati Tea
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 17:28:05

Balik ngarit, Jang udung gagancangan muru ka dapur. Beuteungna geus kukurubukan ménta eusi.
“Ma, masak naon?” Tanya Jang Udung, ka indungna nu keur nyambel.
“Tah, aya angeun nangka jeung goreng asin sepat!"
Celebek Jang Udung dahar, béak kana dua piring mah. Najan geus béak dua piring, manéhna masih katingali kutap-kétap kénéh.
“Ma, aya cuci mulutna?”
“Halaah, maké nanyakeun cuci mulut sagala, kos jalma beunghar waé, kamari mah aya buah soteh, pan pamere ti nu hajat. ‘’
Ngadenge omongan indungna kitu, Jang Udung mawa angeun nangka deui tina panci laju nyiuk deui sangu.
“Ma, cuci mulutna mah, ku angeun nangka deui wé nya!” Ceuk Jang Udung, bari nyelebek nu katilu kalina.

EVERYTHING ASBAK

Kénging Ayus El-gibran
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 17:21:41

Mangsa tepung teuteup, hate ratug, aya rasa nu teu wasa pikeun dibangbalerkeun, geuning kuring teh cinta kasalira.
Dua leungeun kuring ranggah, sirah tanggah, miharep diwuwuh ku asih ti salira, sagala nu aya, sagala nu di piboga, renghap kuring, asih kuring kanggo salira.
Teu aya cinta nu dipiharep siga cinta salira, jeung deuih puguh moal aya nu boga cinta siga salira.
Saestuna, sagala rasa, sagala cinta sagala daya dihaturkeun kanggo salira.
"Baku ari geus lebay teh nyaneh mah Yus." Udin ngagareuwahkeun.
"sst.! jempe uing keur ngarayu Teh Oneng randa anyar di komplek." Ceuk Uing bari neruskeun nyanyi
"Everything i do" nu disundakeun.
Lima menit ti harita, sirah Uing benjol dibaledog asbak ti luhur jandela.
"Jadol aya kabogohna.!"

NYUNGKUN

Kénging Dadali Pangrango
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 16:56:57

Juminta niat rék nguseup. Tinggal sajungeun indit, torojol budakna nu pangleutikna nyampeurkeun.
"Bah! Néng hoyong ka bumi Enin!" Bari muntangan calana Juminta.
"Euleuh! Kutan nu Geulis teh hoyong ka bumi Enin?" Kerewek dipangku.
"Muhun Bah, tapi hoyong sareng Abah, Ambu ogé!" Ogo pisan.
"Aduh! Abahna ayeunamah badé nguseup, ulah ayeuna nya, Geulis!" Celengok dicium.
"Alim ah! Neng mah hoyong ayeuna." Luwa-lewé.
"Cik atuh Bapana, anteur sakali mah, hayoh waé nguseup!" Ijah, pamajikana norojol ti dapur.
"Anggur mah, ngala suluh, ngala parab keur domba!" Néngtéréwélang. Juminta ukur bisa ngabetem. Rumasa salah, cul budak jeung pamajikan melaan karesep. Melong Ijah nu ngaléos ka dapur. Teu lila balik deui bari ngajingjing émbér, nu eusina lauk wungkul.
"Tah! Hayang lauk mah, pék kadinyah useupan!" Lung, émbér satengah dialungkeun ka hareupeun Juminta.

SUMERAH DIRI

Kénging N-tank Moal Poho Mulang
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 16:46:03

Rérét kang ohim nempo
jam. “Teu karasa geuning geus
jam dua peuting” ceukna humaregung, semu beurat. Méaken peuting jualan na lang roko bari dibaturan ku hujan nu ngaririncik. Umur nu tamporet ka kulon dikurudung ku sarung nahan séahna angin peuting nu ngagelebug nenggar awakna nu ngan ukur tinggal tulang.

Goréjat!, Kang ohim hancat katukang niat rék micen tunduh bari nyiuk cai na émbér beureum nu gohak bati nadahan cai hujan. Lagu kalangkang anjen nu diputer di radio butut batré opatna jadi saksi satia perjuangan kang Ohim nganapkahan keluargana, ngebulkeun dapurna nu jauh ti pangumbaraan.

Anggang-anggang ti kajauhan aya
kalangkang ngadeuketan, beuki deuket beuki atoh, beuki bungah jeung bagja, “Boa rék meuli roko atawa kopi”, gerentesna, tapi nu dipiharep teu salawasna nyugemakeun, nu liwat ukur jamedud ngahodhod, jibreg baseh, berebet lumpat nonggongan,rurusuhan sieun beuki kaburusan, rénghap bae Kang Ohim nahan rasa hanjelu nu ngagenduk dina haté. Can réngsé nahan hanjelu Kang Ohim dikagétkeun ku sora Ceu Romlah nu datang bulanyah-buleunyéh bari daréhdéh balanja. Song kopi, song roko, song mie. Atoh laladang. Aya nu meuli, bari nampaan kertas.

Gebray kertas dibuka nyampak tulisan ti Kang Dadan salakina Ceu Romlah. “Kang hapunten dicatet heula engké ahir bulan ditaur”.

SELFIE

Kénging Herdy Pranadinata
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 15:52:22

Rekét. Sora ranjang cukat-cekit mairan jalingkakna hégak. Baseuh. Sepré kembang-kembang kayas ngadadak konéas dipeureut seukeutna teuteup maranéhna. “Kang, jagoan ih,” haréwosna haroshos. Teu lila. Raga-raga taya hahalang ngaruniang turun tina pakalangan. Pagéyé-géyé. Maranéhna silih tangkeup bangun nu geugeut. Tétéla, héman nu nyalahan geus jadi pameungkeut. “Deui ah, tapi kedah dipotrét kanggo kenang-kenangan,” aya paménta nu teu biasa. “Halah, aya-aya waé akang mah,” témbalna. Rekét. Ranjang dipaksa deui ngibing ngayun ngambing. Cetrék. Sora hapé mépés simpé. “Aduh, isin atuh Kang,” sorana kapegat rénghap patémbalan. Rekét deui. Cetrék deui. Beuki lila, beuki motah mudalkeun sagala rasa. “Teu kedah hariwang, aman pokona mah,” janjina waktu pisah di jalan pasampangan. Rekét. Panto muka lalaunan, manéhna tungkul nyumputkeun paroman nu pias kalimpudan kareuwas. “Ieu buktina, anjeun moal bisa hojah deui,” sentak hiji lalaki

PAKANCI (6) - GEMBOK CINTA

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 15:51:10

Dua ratus lima puluh méter di awang-awang. Puncak Namsan Tower, Namsan Park. Korsél. Implengan mulang ka jaman sapuluh taun kalarung. Paduduaan leumpang ngénca. Bras ka juru munara. Hiji tempat nu dipercaya ku urang Koréa, pikeun ngagambarkeun wujud kaasih. “Love Lock”. “Gembok cinta”. Song gembok écéng sajodo warna emas, beunang ngukir grapir ngaran kuring jeung Ndah, diasongkeun. Ndah nampanan. Sup koncina diasupkeun. gembokna muka. Laju ku duaan dikaitkeun kana tempat nu maneuh. Cetrék ngonci! Lung sosina dialungkeun ka handapeun munara. Di munara N-Tower, kadeudeuh kuring jeung Ndah gumelar. Harepan karembangan. Laju silih séblok ku kanyaah. Dibarung ku pulas haté nu wening beresih. Lalakon hirup aya nu ngaturna. Kiwari kuring ka dieu deui. Nganteurkeun kaguligah haté. Rébuan gembok ngagarantung. Laju ka tempat kuring jeung Ndah ngaitkeun gembok écéng. Kakangen manteng. Bruh-breh! Asa narémbongan. Taktak karasa aya nu noél. Lieuk! “Ndah? Anjeun mah geus béda kahirupan. Sing percanten kana kasatiaan kuring, Ndah!”

DODOJA

Kénging Muhammad Zaky Anwar
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 14:54:58

Geus genep bulan. Énon kaluar ti pagawéanana. Panyakit paru-paru anu nyaliara dina awakna geus kawilang parna. Saban bulan kudu ngaluarkeun duit, dipariksa katut nebus obat.
Cacih, pamajikanana. Daék teu daék kudu usaha nyiar rejeki pikeun nganapakahan salaki katut anakna anu karèk genep taun, sangkan kahirupan rumah tanggana tetep lumangsung.
Ngan, rupana waé rada beurat pikeun Cacih salaku pangawak awéwé dina nyiar piusahaeun. Antukna, imanna ogé runtag.
Pasosoré. Cacih geus dangdan. Minyakna ogé kaangseu melenghir.
"Kang, kuring rék indit gawé..., sing rék dahar mah sakalian bari huapan budak!" Léos, teu ngantian waleran.
Énon ukur unggeuk. Jegoh, batuk.
Wanci ngagayuh ka Subuh. Kulutrak, Cacih muka lawang karék balik.
Énon can saré, satia ngantian, dibaturan ku radio dua band kameumeutna.
"Kunaon nepi ka wanci kieu atuh digawé téh, Cih?" neuteup seukeut.
Cacih teu némbalan. Jarigjeug, leumpang asup ka kamar. Kaangseu bau inuman.

DUNGA KANGGO EMA

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 14:35:29

Antara lolongkrang ka lolongkrang dina birit sapertilu peuting, teu kendat harepan.
"Ema.! Ema.! Ema.!" Dunga ku cimata, rumasa.
"Sabagéan diri kuring, Ema! Nu Aya" Tambelar.
"Satungkebing langit, satangkaraking jagat dibulen ku asih Ema!" Hamo poho.
Jempling, beh ditueun jempling, korédasna haté ukur bisa nepungan,rmekelan nu kantos dibekelkeun ka kuring ku lisan Salira "Anaking! Jimat awaking Teu leuwih!" Ema, nyingkur dina Ridho Mantena.

SOBAT BAHEULA

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 14:09:12

Pasisiang haté ngagupay hayang panggih jeung sobat dalit. Nu baheula sagulung sagalang silih tulungan. Ngan hanjakal geus tilu bulan teu patanya. Alatan pabéntar paham pasalia prinsip. Tapi tadi bada subuh, karasa aya nu nyelek kana haté. Inget kana papagah Mama Ajengan, “Kadé Jang, teu meunang megatkeun silaturahmi sanajan urang béda pamadegan.” Inget deui tilu bulan katukang, Ki sobat ménta dianteur ka hiji wewengkon. Rék néang nu linuhung pikeun gampang boga rajakaya. Uing teu panuju sabab datangna rejeki téh kudu dibarung usaha nu soson-soson. Ki sobat bendu, susumpahan megatkeun duduluran. Uing sarua, sudi teuing panggih deui ti harita. Tapi tadi ditelepon téh, Ki sobat ngahayukeun daria. jangjian dahar beurang babarengan ditempat nu biasa. Paamprok, silih gabrug silih hampura. Mesen dahar karesep baheula, Sop buntut. Hanjakal geuning Ki sobat can aya obahna. Dahar sop buntut korédas jeung tulangna. Mangkokna digares teu nyésa. Majar téh, “Ieu sarat lur, méh gancang beunghar.”

MINANTU

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 13:32:15

Panon beueus, sakapeung teu tahan cimata rambay, disusut kutuntung kabaya sipon lalayu sekar. Leungeun tipepereket nyepeng pager awi, hareupeun imah. Ceuli sakapeung ditutupan, teu hayang ngadéngé nu keur dor-dar di jero imah. Haté nyeuit nahan kapeurih. Aya rasa teu rido, teu suka, anakna di kakaya. Apal talajak nu jadi minantu, da puguh saimah. Ti saprak kawin can bisa ngaimahan anakna, malah teu bisa ngontrak-ngontrak acan. Rido pisan, sanajan maranéhna nganjrek di imahna.
Hanjakal. Talajak goréng minantuna, sering pisan nganyerikeun haté. Kanyaah ka anakna ngan témbong sababaraha bulan sanggeus kawin. Sahaok kadua gaplok, panasbaran, teu kaopan. Teu salah-salah teuing paningalina tiheula. Teu pati méréan haté téh waktu anakna narima lamaran manéhna. Tapi teu wasa nolak kahayang jeung katresna nu jadi anak.
Gabrug…! Panto hareup kadéngé dibantingkeun. Minantuna ngagejlig indit, ngaliwat kahareupeun, boro-boro punten, teu ngarérét-rérét acan.
Dina luhureun sajadah. Haté jumerit muntang ka Mantenna. Muga anakna dikuatkeun, disabarkeun.

PAPATAH NU JADI BAPA

Kénging Na Nang
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 12:17:58

"Kumaha sakola téh teu aya masalah?" Tanya kuring ka anak nu ngan hiji-hijina.
"Teu aya Yah, mung…" Lula ngajawabna teu tamat.
"Mung naon?"
" Mung Lula keuheul ka Sarah!"
"Keuheul kunaon?"
"Keuheul da Sarahna galak. Sok nyuntrungkeun sareng sok neunggeul!"
"Nyeri La?"
"Kantenan wé Yah"
"Tos nyarios ka Sarah yén Lula nyeri pami disuntrungkeun atanapi diteunggeul?"
"Atos Yah"
Leng mikir. Néangan pijalaneun pikeun nulungan nu jadi anak.
"La pami Sarah nyuntrungkeun deui, bales suntrungkeun!"
"Naha Yah?"
"Kieu La upami Lula teu ngalawan Sarah moal lirén. Upami dilawan mah Insya Allah, Sarah moal wantuneun deui"
"Kitu Yah?"
"Muhun La, Lula kedah aya kawantun nya. Ayah yakin Lula tiasa!" ceuk kuring bari ngusapan nu jadi anak.

Tilu poe ti harita. Balik gawé, Lula ngasongkeun surat.
"Énjing Ayah dipiwarang ka Sakola!"
"Aya naon La?"
"Tadi kan Sarah nyuntrungkeun Lula. Ku Lula dibalés. Eh Sarahna geubis dugi ka sirahna bancunur!"

AMBEK NYEDEK TANAGA MIDEK

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 12:14:07

Tara ti sasari. Ti isuk jedur nepi ka soré jeder. Ka konter Bagja taya nu datang. Diuk dina korsi plastik hareupeun étalaseu. Bagja élékésékéng. Inget pangabutuh hirup, kudu dicumponan. Ngarasula. Kahayangna, poé ayeuna meunang bati mucekil. Orakaya, euweuh nu datang.

Hénpon weuteuh jeung hénpon urut, ngabaris di jero étalaseu. Ngabetem. Kahayang Bagja, heug ngaharéwos bari ngahibur, ku kecap wijak ala Mario Teguh. Meureun haténa kaubaran. Kartu-kartu perdana, nu aya di jero étalaseu. Ngabaris, teu daék ingkah. Haté Bagja weureu. Hayang nempo maranéhanana, indit ti jero étalaseu. Batré jeung casan, saruana teu bisa ngahibur haténa.

Uleng, mikiran kapeurih hirup. Torojol saurang Bapa datang. Gék diuk hareupeun Bagja. Katempo caludih. Panonna tumpa-tempo kana hénpon di jero étalaseu. Haté Bagja bungah. "Sugan ieu rejeki uing, keur poé ayeuna!" gerentesna. Dumadakan, Si Bapa nyelengkeung ngomong. "Jang, hénpon nu dipajang téh, jualeun?" "Muhun, icaleun!" "Sugan téh, pajangeun!" pokna bari jung nangtung. Ngaléos ninggalkeun Bagja.

HANCA

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 11:45:10

Ciremai Cafe, 2064. Panceg 119 taun, ieu nagri merdika. Bener ceuk Einstein, waktu bisa manjangan-ngaheureutan. Bréh. Asa cikénéh, tebéh kulon, ngahuru kota nyilalatu jadi sagara seuneu. Tebéh tengah, munggah-mudun pagunungan, sumalingker gerilya. Tebéh wétan, nyegat musuh di sasak beureum. Bajoang ngagebah bangsa deungeun.
“Bro! Beuh ngadaweung meni uleng!” Jés nepak pundak.
“Euh… dikau, Sis!” hideng narik korsi. Gap kana pointer, disénterkeun kana monitor luhureun kitchen bar. Klik menu inuman. Milih lime-margarita, kasedepna.
“Hasil, Sis?” teu basa-basi. Kusiwel, manéhna ngodok tas. Ngasongkeun quart glass. Diasupkeun kana gadget. Klik. Barasat! Dokumen fripot, nyumon, nyukrés, kapécé, jeung liana dicopas. Unggeuk. “Good job, Sis!” Jés imut sugema.
“Nunggu perintah selanjutnya, Bro!” Kusiwel kuring ngaluarkeun cyberdisk. Darkmaterware autoclone-v.45.
“Sebarkeun, Sis!”
“Lapan-enam, Bro!”
“Lapan-satu-tiga, Sis! Jangan lupa arah satelit trace-urban 108.5 BT. Sandi Kurusétra”
“Wokéh, Bro!”
Tring! Kuring jeung manéhna toast. Tanda campala yudha. Neruskeun hanca karuhun, tugur tundan cuntang gantang. Nyieuhkeun oligarki kapitalismeu.

KANYAAH

Kénging Cikal Raspati
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 11:44:26

Srangéngé can nembongkeun wujudna, najan bulan geus rék ilang. Hiji waruga begang tur tampa daksa, ngurumuy meulah simpé. Katémbong leungeun kéncana nyuhun karung nu geus méh metung ku sarupaning palastik meunang mulung.
Lengkahna tegep muru bos rongsok. Seuri leutik, beubeunangan rada mucekil. "Jadi meureun meuli saragam jang Si Bungsu téh. Karunya, geus tatambalan." Haténa ngacacang, nyawang bungahna buah haté lamun impianna kacumponan.

CALEG BURUNG

Kénging Darpan Winangun
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 11:30:18

Sanggeus amarahna ulawéran, dibahékeun ka kantor KPU, ka kantor partéy, ka konstituén nu jalalir, manéhna siga leuseuh suda tanaga. “Abdi badé numpi,” pokna ka salakina. Sanggeus dicium embun-embunanana, diharudum kaén bodas, ku salakina manéhna ditinggalkeun di jero kamar sosoranganan. Laju, luyu jeung amanat pamajikanana, salakina ngulayaban, ngabangbrangkeun haté nu marungkawut: keur poster béak 20 juta, keur kompanyeu leuwih 125 juta, keur serangan pajar teu kurang ti salapan likur juta. “Geus sabaraha poé Euceu numpi?” ceuk Sonia, artis dangdut nu teu weléh satia marengan kompanyeu pamajikanana, bari ngarawél kutang anu nyangsang dina ranjang. Panceg tilu puluh poé, dina malem Jumaah Kaliwon, panto kamar ku salakina dibuka. Barang bray lampu dihurungkeun, pamajikanana geus teu nyampak di dinya, ukur aya kotak suara. Eusina aya ku ahéng, ukur salambar surat suara nu geus ditulisan ku getih. Unina, “Abdi geus nyurup ka raga Sonia!”

NEPI NYAWA DINA TIKORO

Kénging Asmoel
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 11:17:23

Jentréngna sora kacapi suling. Nganteur lamunan, nyawang nu anggang. Suka bungah jeung tunggarana, geus ngadarah daging kahirupanana. Kuduna mah mangsana rinéh. Barudak nu tilu geus rarumah tangga. Jareneng. Ngan ukur Jaéd nu hirupna teu junun. Sok kabawa kusakaba-kaba. remen ngariung jeung nu barurung. ”Candak deui pakaya, kadieukeun bageurna”, ”Duh, Gusti! Naha cocobi téh, meni…” teu laju. Ukur ramisak jeung kasakit. Puguh umur geus tunggang gunung.

”Keun waé Ema mah , da geus kolot!”. ”Ari Sia Jaéd, ka indung téh!” ceuk Darlan, nyentak. “Lain kadua ngadungakeun, kang!” Surti, nu jadi anak bungsu mairan. ”Ku maranéh wéh, urus!”. Jaéd némbalan bari ngaléos.

Ti harita Jaéd jarang balik. Ukur béja nu matak ngawewejét haté. Nu ngabalukarkeun gering ripuh. Ukur renghap nu nyésa. Pada ngaréréyang. Méakeun kapanasaran. Nyagé saré’at geus pegat.
”Ujang, nyai! Kadieu sing deukeut…” Srog, duanana ngadeukeutan. ”Ku Ema geus ditulis dina wasiat…, kadé bagéan Si Jaéd…”. Kareungeu gerendeng kalimah. Les.

KANYAAH

Kénging Neni Yuhaenah
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 11:03:27

Geus ampir tilu bulan katarajang gering. Salaki kuring, A Tia, teu bisa ngubar ngabér. Lain teu niateun, ngan dalah dikumaha, waragad keur hirup sapopoé gé ukur ngandelkeun ladang kula kuli sapanggihna. Rék unjam injeum, teu kabayang keur pimayaraneunnana. Ahirna kuring jeung salaki ukur bisa tumamprak kana takdir Illaahi.
Si bungsu, Yuda, tulatén pisan ka indung téh. Salian ku A Tia, nya manéhna nu ngagulang gapér awak. Dibalur, diurut, dipencét, kabeneran manéhna rada apal kana pijat réfléksi.
“Mah, kunaon teu ka Rumah Sakit ?” Ceuk budak. Kuring ukur imut bari ngusapan sirahna.
“Pan atos dilandongan ku Yuda !”
“Geuning Mamah angger teu damang. Anggé wé artos Yuda nu dina céngcéléngan!”
“Artos éta mah pan kanggé mésér buku, mangkaning Yuda tos lami ngumpulkeunna!” Cékéng téh.
“Wios wé . . . , asal Mamah damang!”
Biwir teu wasa ucap. Cipanon ngeyembeng. Budak ditangkeup tipepereket. Haté ngarakacak. Aya rasa nu teu bisa dikedalkeun.

CUNDUK WAKTU DITINGGANG MANGSA

Kénging Yus Ka
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 10:54:03

“Tos teu bendu, ‘kan?” Leuleuy. Geugeut. Danu. Teu poho, imut. Imut nu parat. Ka méja juru. Ngabagéakeun ka nu anyar diuk. Wanoja gaya, pungsat anggoanana. Pirang, umyang. Luk. Tapi, hideng, ngisarahan ku rérétna. Résto mingkin ramé. Peuting éta. “Ah, henteu, atuh….” Isti. Hareupeunana. Teu weléh manis, sanajan kiwari tiis. Datar. Cureuleukna seukeut.

Danu tarapti. Si Blondé, engké. “Geuning kenal Déwi, Néng?” “Sanés kenal deui atuh, Aa. Ka Téh Déwi mah masih kulawargi tebih, ti Mamah.” “Oooh, paingan….” “A Danu pasti reuwas, da, kapendak jalan-jalan sareng Téh Déwi. Mesra, deuih!” Tah, mimiti. Ngaléok. Danu ratug. Renung. Neger-neger manéh. Isti, haré-haré. Mencétan hapé “Euh…, naha kedah reuwas? Da… teu aya nanaon sareng Déwi mah.” “Oh, kituuu.” “Muhun, sumpah…, mung Isti hij-hijina!”

Isti nyerot inumanana. Nimateun pisan. Mencrong. Daria. “Sareng Téh Déwi mah sanes caket deui, Aa. Apanan rakana ogé, Kang Idan, instruktur Isti, pami latihan boxer. Tuh, duaan, nuju ka darieu!” Nuduhkeun.

KOPDAR

Kénging Rifa Umun Nisa
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 10:29:50

Dungdak-déngdék dangdan payuneun eunteung. Salin deui. Salin deui. Nyisiran deui, dibeungkeut, udarkein deui, nyisiran deui, rap, jepit kembang. Rap, sapatu. Gap, kantong. Biur, meulah jalan ciwidéy. Tos sataun kenalan di pesbuk jajaka kasep, bageur, pinter, mindeng komenan, inbokan, bet asa mingkin deukeut. Kamari Ica ditembak ku Éka. Ayeuna Éka ngajak kopdar sakantenan hoyong terang waleran Ica. Deg-degan. Lunga-lengo di lawang kanis. Aya nu ngagupayan,l nyampeurkeun. "Tos lami? Punten nya kedah ngantosan" Bari ngeserkeun korsi jang calikna. "Teu nanaon ngantosan saumur hirup gé, kanggo ica mah réla" pokna. Jol pesenan baso yamin sareng jus stroberi. Duh... naha asa karagok. Teup, paadu teuteup. teuteup nu linduh pinuh harepan jeung kahéman, ngageterkeun rasa. "Jantenan ieu téh?" ukur diwaler ku imut sareng kiceup Ica.

DURIAT

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 09:41:24

Aya trésna di sakola.
Geruh. Basa mojang lenjang asup ka rohangan tata usaha. Batur gawé manéhna nu sénior pada ngaheureuyan. Dununganana sumawona.
“Cik, Néng! Kadieu sakedap!” dununganana ngagupayan mojang lenjang nu nyumput satukangen baturna nu sarua rék ménta surat katerangan siswa.
Rey. Beungeut manéhna ngahaneutan neuteup pameunteu mojang lenjang nu ngabeureuman.

Aya trésna dina facebook.
Tring. “Assalamualaikum, damang?”
Rémana ngigel luhureun keyboard. Aya sumirat nu awor jeung teuteup halimunan.
“Waalaikumsalam, Alhamdulillah, sawangsulna?”
Tring. “Alhamdulillah, akang sono, Geulis…”
Rémana ngagantung luhureun keyboard.
Tring. “Tapi.. kasono dirérab cemburu nu pohara saban inget yén anjeun lain milik akang…”
Rémana nyusut nétra.

Aya kénéh srangéngé jang mapaésan sarébu poé nu maréndé. Aya kénéh sarébu peuting, sarébu peteng, sarébu bulan nu nungguan taun. Nu nungtun. Nu nguntun. Rasa asih, rasa deudeuh, katresna ngawirahma. Sajak cinta nu taya tamatna. Najan cimata guguratan. Najan tunggara papalidan.

KAPEUPEUH

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 09:39:41

"Umah. Itu kawas di lembur Abdi. Kitu pami badé nikah téh, osok ngumbah heula péan Indung, teras caina disipeunteukeun atanapi dieueut." Si Tétéh. Khadimat kuring mairan acara impotémen, nu keur nyaritakeun artis nu arék kawin.
"Éta téh kulantaran surga aya dina dampal péan Indung téa kitu, Umah?" ceuk manéhna deui.
"Uhun, bageur. Tapi lain kitu maksudna. Lain kudu dikumbah kitu. Tapi maksudna Indung téh miboga hak kudu dimulyakeun ku anakna. Ceuk paribasa kajeun pagawéanna, pagawéan anu pang kotorna di dunya, tetep kudu dimulyakeun ku anakna." Manéhna unggut-unggutan.
"Tapi urang ogén, Tétéh. Sabagé awéwé kudu jadi awéwé anu pantes dimulyakeun ku anak-anak urang. Kudu bisa ngajaga diri jeung kahormatan. Ngaméh pantés mun Surga aya dina dampal suku urang."
"Uhun, Umah. Abdi ngartos ayeuna mah."
"Hmmm... " Ceuk kuring bari ngaléos. Aya anu haneut ngamalir kana damis...

KAJONGJONAN

Kénging Doddy Surya
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 09:31:14

Awak teu hargaan. Ngalumbuk jadi babatang.
Cikénéh nyawa ngabelesat ninggalkeun raga. Teu kungsi gugupay.
Anak pamajikan teu sudi najis marengan.
Rup dituruban dipeuyeum, geus teu dipikabutuh.
Sakitu ahéng basa keur hirup, ayeuna ngan ukur bisa melong. Teu ditolih.
Jadi bangké. Geus teu guna.
Emas Inten Permata nu kungsi nyanding, teu maréngan.
Ukur poék pikasieuneun, suda nu maturan.
Pegat silaturahmi, pegat duduluran.
Nyangujur ngalér dibungkus boéh.
Kamer éndah, kasur hipu tilam bodas. Geus lain hak.
Wayahna kudu pindah. Nyangkaredong. Wujud di bungkus ku bumi.
Kulit daging ilang musnah.
Rumasa poho, sugan teh hirup langgeng di Dunya.
Kajongjonan.

TANAH SENGKÉTA

Kénging SZ Äbidiñ
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 09:20:45

Getih saha nu teu ngagolak. Haté saha nu teu ngahéab. Ningali lemah caina dirogahala. Winnetou nangtung di luhureun gunung cadas. Nangkeup harigu. Hayang meper amarah di jero dadana. Matana mencrong ka handap, ka jumplukan ténda-ténda bodas. Geus saminggu ieu tegalan prairi teu siga bihari. Jelegurna dinamit ngagareuwahkeun katengtreman. Jedorna bedil ngabarubahkeun jemplingna tanah karamat.

“Beungeut Pias meunang ijin ti saha? Wani-wani ngawangun jalan kuda beusi di dieu?” Winnetou nanya ka pingpinan proyék.
“Kuring dititah ku Pamaréntah Amérika. Kuring ukur ngajalankeun tugas!”
“Tanah ieu milik suku Apache Méscaléro. Beungeut Pias dibéré waktu nepi ka isukan, pikeun ninggalkeun tempat ieu!”
“Mémangna saha sia téh?” Rattler nyuruntul bari ngacungkeun botol peupeus. Winnetou nyingcet. Peureupna ngalayang. Jebrod, Rattler ngajengkang.
“Kurang ajar. Rasakeun ieu!” Rattler nyabut péstol. Cetrék. Sababaraha kali péstolna dicentok, tapi teu daékeun ngabekas. Winnetou nyampeurkeun, ngarebut péstol. Rattler ngeleper.
“Beungeut Pias belegug! Péstol buatan Cipacing dipaké!” Winnetou ngaléos bari ngababétkeun péstol.

NEMPO NU TEU KATEMPO

Kénging Aan Abdulloh
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 05:32:16

Ngabedega, nangtung di mumunggang Gunung Cilalawi. Paneuteup pageuh, manco niténan Citarum. Caina upluk-aplak. Walungan Citarum nu dipendet jadi Bendungan Jatiluhur.

Panon museur nempo umpalna cai. Sésélékét disesela pasolengkrahna jaring apung. Mapay-mapay amparan runtah. Runtah unggal wewengkon nu ngurugan Citarum.

Nu ditempo lain nu katempo. Panempo meulah sedimentasi Citarum, mubus dina leutak Jatiluhur. Pilemburan sing jarumpluk. Kaselang ku sawah nu sing saréngkéd. Haseup ngelun di unggal suhunan. Tanda ayana hirup. Lisung sing kalentrung, teu eureun ngarobah paré jadi béas. Sora barudak sing cirihil, maraén ucing sumput.

JOLÉDAR

Kénging Cicci Motci Sumanti
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 03:18:12

“Gera balik manéh téh, Ucu ! Na teu nyaah ka indung ? Indung keur gering téh lain longokan jajauheun ka ngarawatan mah. Geus aya bulanna nambru meni embung balik. Lain hayang duit manéh kami mah, ngan hayang manéh nepungan heula ema. Mun teu boga jang ongkosna keun ku kami di ongkosan. Na bakal paéh mun manéh ninggalkeu heula pagawéan ? Kunaon atuh kunaon bét hésé-hésé teuing mulang ! Boga naon diditu geus mangtaun-taun teu inget lembur. Hayang di olo ku saha manéh teh ? Teu cukup ku lanceuk-lanceuk manéh nu ngomong ? Mun keukeuh embung waé kadieu tong kaduhung tah !”
Ceu Karsih béak bersih nyarékan adina dina telepon.
Nu di carékanna mah ngaheruk tungkul. Asa dédéngéeun kénéh basa indungna nyarita,”Éra Ema mah. Jug néang gawé nu jauh, omat mun mulang kudu mawa pisalakieun”.

BBM (BUJUR BADAG MANÉHNA)

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 01:25:47

Hartana bru di juru bro dina panto ngalayah di tengah imah. Ampir unggal peuting nanggap dangdut. "You kagak boring hirup kayak ginih terus?" tanya Déwék. Aing sajongjongan ngahuleng. Neuteup Déwék anteb pisan. Gideug.
"Naon nu keur ditéangan téh?" tanya Kuring. "Géol Manéhna!" jawab Aing. Anjeun, Déwék, jeung Kuring ngabarakatak. Waosna ngaborélak. "Itu geura kalah sareuri," kukulutus. Ngaléos ka kamar ngadon ngaringkeb.
Bujur Manéhna. Imut Manéhna. Dangdanan Manéhna. Unggal waktu nampeu dina panon. Aing kagégéloan ku Manéhna. Nyiptakeun dunya éndah ukur dina lamunan.
Dua poé dua peuting ngagolér di kamar. Aing jongjon nuturkeun lamunan. Ngalayang ngawang-ngawang. Gugurawilan dina béntang. Déwék, Anjeun, jeung Kuring sarua bingung. "Ulah dihudangkeun..!" aya sora ti kaanggangan. Torojol Manéhna gutak-gitek bari ngagigiwing hapé anyar.

:-(

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 00:37:01

Da jeung enyana, ieu anggang bet mautan haté. Tatu nu can lita tina peurihna, geus kudu ngacacang deui dina gudawangna. "Uing hayang ngéjah tiap rénghap manéh, In...." Mapayan unggal gambar. Kakangen geus lain tuturkeuneun. Tiap warna ngawakilan rasa nyeri nu béda-béda.

Pernah uing mapay detik dina wanci peuting. Tuluy manéh datang. Sakadar ngalangkang bari tumanya, "Damang, A?"
"Saé lahir mah. Mung batin disiksa ku kasono nu teu lirén-lirén."
Manéh seuri, tuluy mairan, "Aiih, geuning meni unggal waktos kangen téh...."

Lagu liwung hawar-hawar maturan. Dada lebah kénca mingkin tiis karasana.
Ah, ieu anggang jadi panganteur kana simpé pangjemplingna.
"Aa nuju sedih?" manéh nanya deui. Uing gideug bari némbongkeun seuri saayana. Manéh moal apal ieu cimata ngeueum jajantung geus dua bulan lilana, In. Dina tiap keclakna aya ngaran manéh. Enya, aya ngaran manéh.

DORKA

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 30 April 2014 00:12:01

“Paéhan wé aing téh sakalian ku sia, ari ngérakeun kulawarga waé mah!” omong indungna, maturan ingsreuk jeung cimata. Bakating ku geus aral tayohna. Mindeng teuing ngadéngé anakna jadi omongan nu ngaruntuhkeun harkat kulawarga. Cikénéh, meunang béja, budak bungsuna nyaréan anak ajengan.

Dorka kawas bueuk meunang mabuk. Meureumkeun panon. Tipepereket. Salila hirupna, najan geus jadi runtah, sakumaha bejadna kalakuan, tapi manéhna teu weléh nurut omongan nu jadi indung.

Panon Dorka beuki tipepereket. Ceurik induk beuki ngabangingik. Dorka ngadongkang péso dapur. Cer getih ngucur tina beuheung awéwé nu keur orok nyusuan manéhna. “Ujang mah ukur nurut kana panitah Ema..!” pokna bari ngagusur layon indungna ka pakarangan tukang.