Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 April 2014 (23 Naskah)


CAMEWEKNA IMUT

Kénging Neneng Sitanggang
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 22:45:46

“Yang Terlupakan” lagu Iwan Fals maturan kuring ngadius kawétankeun. Ninggalkeun hiji raga nu jangkung badag, nyuuh dina bangku taman, ngagukguk ngabudalkeun cimata lalakina. Éndah, éndah kacida éta lagu kapirengna.
“Nin, pasihan akang kasempetan geulis?” Pokna dina sela-sela inghak lalakina. Kuring cicing, geus pireu, rero, teuas ngabatu ieu haté alabatan beton.
“Nin, akang tos milari Anin, mangtaun-taun. Tapi Anin dimana atuh? Antukna akang sadrah kana pilihan nu janten sepuh, teu aya pilihan Nin” pokna. Kuring matung.
Bray lalakon welasan taun kararung, mangsa kuring nunggu ucap ti manéhna. Mangsa unggal poé ngalangeu di buruan nungguan jebulna. Mangsa na angkot nyakséni otélna pangantén anyar, hareupeun pisan. Teu! manéhna teu miroséa kuring nu nahan piceurikeun. Manéhna pura-pura teu wawuh. Kalah otél, silih simbeuh katresna.
Kiwari manéhna nyuuh. Ngan saukur hayang nyambungkeun tresna nu kungsi pegat. Nyambung asih nu katunda.
“Yang Terlupakan” diputer deui, laju digedéan “volume”na. Nyéh imut kuring, imut Anin nu caméwék.

NU MILUAN RAPAT

Kénging Nyi Roro
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 22:00:12

Hoaam.... Oméd geus mimiti heuay. Leungeun kéncana nutupan bahamna. Panonna dibélél-bélél hayang beunta. Sirahna digidegkeun. Regot, cai nu aya dina gelas di hareupeunnana buru-buru diinum. Sugan, sakadang tunduh bisa incah balilahan, ngajauhan diri manéhna.

Panon Oméd ngulincer, nengetan pamilon séjénna. Sarua, keur hareuay. Malah mah loba nu narundutan. Oméd geus teu kuat ngabandungan nu biantara di podieum, beuki lila karasa beuki bosen. Kadéngé ku ceuli Omed asa beuki ngalaunan. Tungtungna ngaguher.

Nguuuung... aya laleur eunteup dina gado Oméd. Pok! Leungeun Oméd langsung ngagebug éta laleur. Ber hiber. Laleur eunteup dina tarang. Pok! Ku Oméd digebug deui. Eunteup dina pipi. Pok! Digebug deui.

Sora Oméd ngagebugan laleur kadengéeun ku nu keur ngalenggut gigireunana. Bari lulungu manéhna keprok laun. Dituturkeun ku nu hareupeunnana, milu keprok. Kitu deui nu tukangeunana. Antukna tatalépa, saréréa kaleprok. Nu biantara beuki pogot.

CONGO UMUR

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 17:57:01

Korsi tengah jajaran kadua. Lalaki make topi pét. Paneuteup seukeutna béda jeung panongton lian.
"Hitam putih" jeung "Adakah kini" anu dihaleuangkeun réngsé. Sagagang Ermawar kayas nu katampa tileungeun gegedén meungkeut surak sapangeusi JCC.
Dina lolongkrang kareueus sakabeh. Dor..! Lebah dada kénca. Getih? Panutup deuleu dina tuntung lambaran hirup, Haté nuduhkeun "Nu maké topi pét..!"

PANGGEUING

Kénging Rafi Suherman
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 15:22:08

Séor angin kadéngé ngagelebug dibarung cungungung sora anjing.
Asa lila nungguan salaki néang paraji, padahal cangkéng geus teu kuat panas.
Jleg, ujug-ujug gigireun aya mahluk pikasieuneun, sihung rangéténg, kuku rangoas, beungeut pikagilaeun, kaliwatan sieun, ngajerit teu kaluar sora, manéhna ngadeukeutan, leungeuna ngaragamang kana beuteung, laju dipencét disakalikeun, kuring ngajerit bareng jeung goarna orok kembar nu dibawa teuing kamana.
Koréjat, késang ngoprot, gap kana beuteung, tapi pan kuring téh teu hamil jeung can boga salaki.
Ras kana dosa, dua kali ngagugurkeun kandungan, ladang ngalajur napsu.

NU KAIUHAN MAMA CIKAWUNG

Kénging Gani Kandhiawan
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 14:59:50

“Keun wé anteur kahoyongna, ieu kanggo ibak.” Mama Cikawung teras masihan cai, dibotolan. Harita kapaksa tatamba, lantaran Ririn ngadadak kawas nu kasurupan. Mangkaning jauh ti kolotna. “Kang. Help Me.” Sorana lir nu muriang, sirahna asa dirérab. Kahayangna cicing di tempat nu arariuh, sabangsa tatangkalan. Salila tujuh poé, kuring marengan, sapoé satangkal. Caringin onaman di kota gé nyampak, palebah tangkal Gintung?

Nu keuheul pisan mah basa hayang ditiungan ku daun cau, bari payungna dibalangkeun. Kurang ‘natural’ cenah. Paingan babaturan kuliahna angkat tangan. Sobatna gé Néng Neuneu, tuluy masrahkeun ka Indungna, basa Kuring meunang tugas ka luar kota. “Neu, nitip ieu atuh, sanggakeun ka tuang Ibu.” Bari ngasongkeun cai do’a. Sigana Néng Neuneu surti.

Dina hiji poé, kuring muru Résto. Kasampak Néng Neuneu keur duaan, saméja, nu saurang siga urang timur tengah. Geulis. “Hello, Look at me, it’s my kurudung. It’s fashionable right?” Kuring ngembang kadu. Tiung ‘tréndi’ mapaés bangirna Ririn. Subhanalloh.

ÉLEGI KEUR NYAI II

Kénging SZ Äbidiñ
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 14:45:26

Nyi, ka mana anjeun ngaléosna? Di mana anjeun ayeuna? Leungit tanpa lebih, ilang tanpa krana. Leungit taya béjana, maot taya kuburanana. Euweuh raratan saeutik-saeutik acan. Naha nu baheula paduduaan jeung kuring téh ukur kalangkang? Naha mangsa éndah nu geus kasorang téh ukur hayalan?

Nyi, kuring hamo bisa poho. Basa haréwos urang katebak angin halodo. Tuh, tangkal angsana aya kénéh. Tangkal nu kungsi jadi saksi kedalna jangji. Kalakayna nu maluguran, lir ngawakilan harepan nu ngarangrangan.

Nyi, karasa kénéh lemesna kulit anjeun di ieu tungtung ramo. Seungitna, sari kembang malati. Teuteup anjeun, linduk liuhna mawa tengtrem kana ati. Tiap kecap jadi rénghap. Tiap kalimah sumarambah. Tiap ungkara nyaliara. Ku kuring disimpen jadi sajak. Dipupusti jadi puisi.

Nyi, mun enya kudu kieu takdirna. Kuring ménta ka anjeun, ulah ngiles salawasna. Longokan kuring di alam impian. Unggal arék reup, kuring bakal ngarep-ngarep. Najan anjeun ukur jadi eureup-eureup.

HANDAP ASOR

Kénging Na Nang
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 14:25:40

Nepi ka tujuan. Buru-buru motor diparkir. Bus ka jero Café. Tunga-tengo. Katingali aya di béh juru. Pahareup-hareup jeung wanoja. Geuuulis. Buukna hideung meles ngarumbay nutupan pipina sabeulah. Kéwes pisan.
Kuring nyampeurkeur ka meja si Aka.
“Kenalkeun Yi, Néng Yuna!” Aka ngenalkeun.
Kuring rikat ngajak sasalaman.
“Dédi!” Ceuk kuring bari diuk.
“Yuna!”
“Saha ieu téh Ka? Bébéné nya?”
Si Aka ngan saukur mésem pinuh harti.
“Bisaan lah,”kuring semu ngaharéwos ka si Aka.
“Tiasaan naon Yi?” Kadéngé Yuna nanya ka Kuring.
“Muhun. Si Aka tiasaan milari pasangan.”
“Halah. Sanes Dedi gé tos kagungan ogé?’
“Numawi teu acan Téh”
“Piraku?”
“Muhun. Saha pijalmieunana atuh da. Kersa kanu lugah-ligeuh sapertos abdi.Rumaos abdi mah jalmi teu neuleu!”
Rey. Ngadadak beunget Yuna euceuy.Byurrr! Jus tomat nyeblok kana bengeut kuring.
“Aya naon ieu Téh?” Kuring reuwas. Hookeun.
“Ulah sindir sampir lah! Nyarios wé langsung ari teu panuju mah!”
Ngomong kituna bari nyingraykeun buukna kagigir.
Gebeg!

RAJAPATI HIDEUNG BODAS

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 14:19:08

Galindeng kutamantra ngarambah sakuriling pakalangan hideung bodas, karaton warna hideung ngadadak ropoh katarajang kuda warna nyacas bodas. Maharaja Ireng Lestreng sakilat lumpat ngadon nyumput nyamuni lebah kéképna wadyabalad.
Sang Naléndra Prabu Ngeplak Bodas ngeprak gajah sina tandang ngaranjah pakalangan, wadyabalad lestreng bra-bru, teu mangga pulia ngalawan tanaga gajah, nu perlaya disepakan ku bedasna suku kuda, racleng kaluar ti pakalangan, nyawa leupas tina raga, bangkéna ngalayah dimamana.
Dua ratu nu ngatur siasat émprak nempo kuda jeung gajah babarengan ngancurkeun tohagana bénténg. Maharaja Ireng Lestreng nu sababaraha kali salamet teu manggapulia kakepung ku wadyabalad Prabu Ngeplak Bodas. Sang Maharaja luk tungkul, pasrah ka nu ngaranjah bari nganti-nganti eksekusi ti menteri.
“Hahaha…paéh siah….” Sora ngagakgak meupeus kasimpé.
“Tarima aing éléh!” témpas hiji sora rada peura bari ngekesek kuntung roko kana asbak.

CAWANÉ

Kénging Emp Sagara
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 12:21:30

"Eulis, ai siteru?"
Kotaro ngaharéwos di balébat mangsa. Malati nu ligar kaangseu hiliwirna.Berubah. Nangkeup pageuh, numpak Simeut Danajaya. Regot-regot. Walikat tipaliteuk. Gubrag. Tikoséwad.
"U are beautiful, my honey?"
Dikardusan, dipulsaan, dibajuan. Romeo jadi tanggeuhan. Purnama sumedeng ngempur, nyaangan haté nu simpé. Gibrig-ngagibrig kabulusan. Tangkorék ngadégdèg.Ngusapan beuteung nu ngajagong. Kaduhung. Nutup diri.
"Time is't money?" Sangkuni mapatahan.
"Kudu kumaha?"
"Hayu ngilu..!"
Salon, butik, dokter dipapayan. Sakaparan-paran. Binih jagong dikérésékan. Layung ngalang layung.
Marelyn Monroe tapak deku, disuku Damasuka nu bungah neuleu tipi. Satriana pinunjul, diperang campuh pamilu.
Ngijih nu dianti-anti. Di langit béntang baranang.

TARGET

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 11:56:18

Rég eureun. Unggal ngagilirkeun mouse panon mencrong kana script. Sarah, budak umur 6 taun anteng ngagilir-gilir mouse. Mun indungna milu mencrong kana layar, klik geuwat opsi minimize dipencet. Nu katempo ku indungna ukur game budak. Barbie girl game.
Geus saminggu, ibur di puseur dayeuh. “Korban pembunuhan berantai nambahan!” Tukang loper Koran jojorowokan. Jelema pating kecewis. Néang laratan kunaon asbab jelema di rogahala. “Koruptor si éta mah, keun baé paéh gé.” Euweuh riuk-riuk masyarakat mang hanjakalkeun.
Mang Sarpud, bapa 2 budak keur mencrong HP-na. Katingali aya hibar nu di anti. “Tring” sada pesen email ti nu salila ieu méré order. Eusi pesenna, “Target 401” Mang Sarpud buru-buru browsing. Ngajeblag foto targetna. Politisi nu keur ngeukeupan boneka.
Balik ka imah, nyampak buah haté-na geus talibra. Sarah, saré bari ngeukeupan laptopna. Can dipareuman. Dina monitor masih jelas kabaca. “Send to Killer” Landihan manéhna….*

NU SUMPING

Kénging Anida Salamah
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 11:51:18

Sababaraha bulan silih pikawanoh, haté ngarasa cop. Babasaanna teu jijieunan, najan karasa rada teugeug. Jeungna deui teu gampil kabawa kaayaan, ngobrol bisa jongjon dina jalur aman. Ngobrolkeun bisnis, agama, jeung filosofi nu kapanggih séwang-séwangan. Estu matak tingtrim, jauh tina pimaksiateun.
Lila-lila aya haté kadua leutik. Miharep. Hanjakal can pareng panggih. Da pada-pada sibuk. Obrolan beuki jauh, silih béré harepan najan nyamuni lemes pisan dina basa nu sopan. Ngadu'a mah ngadu'a sangkan dijauhkeun mun lain pijodoeun mah. Naha kalah beuki maskét, sapoé teu patanya karasa sono nyaliara.
"Kaleresan énjing libur, Akang hoyong silaturahmi." Pokna dina talatah.
Gebeg. Serr...Kekembangan téréh luncat tina jero dada. Bagja.

"Néng, teu kaabotan Akang unggal dinten Saptu ka dieu?" tarosna.
"Kaabotan, Kang," cekéng."Unggal dinten wéh angkat ti dieu uih ka dieu."

LALAKON SI KONÉNG GEDÉ

Kénging Ai Wawang Halimah
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 11:49:44

Ngeureuyeuh. Nikreuh. Mapayan jalan tarahal galituk ku koral. Dibebeskeun, samebesna taya ampun. Didieu kawasa. Sakur nu kaliwatan teu manggapulia. Dempak, rata dirarata.
Wur...wur...teu bisa kabur. Nyaksrak ka sakujur awak. Panas, néréptép sumélékét. Ley, ley, digaley malah mandar kékép rékép. Geulis luis, kawas damis anu geulis.
Bungangang, réngsé gawé haté senang. Nyeueung patalimarga tingsariet, tingbeleyer. Tapi, nyakitu geuning, abong nasib sisit kadal. Hayang ngalanto ka jalan gé hararésé.
Ngeueung sorangan. Hayang, aing mecakan jalan-jalan. Di jalan mulus kawas nu séjén. Lah-lahan, peupeutingan ngadon ulin. Bongan, beurang mah sok dibuburak. Keur ngeunah-ngeunah ngararasakeun jalan mulus. Ujug-ujug haliwu. Pada ngaréntob, dilalajoanan. Pajar aya setum maju sorangan.

AYA BAGJA TEU DAULAT

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 11:42:58

Mangsa meujeuhna ramé. Di mamana, nu nyalonkeun Calég. Sumanget hayang pada ngabuktikeun. Mun teu ayeuna, rék iraha deui cenah, nagara urang aya parubahan! Saban poé, Maranéhanana ngabudah, sanajan tanpa bukur. Bari ngawur-ngawur duit, dina panggung pulitik.

Pasosoré. Jaja, Calég ti partéy, nu remen korupsi. Balik mawa kabungah. Diuk, gédéngéun Supir pribadi, di jero mobil méwahna. Tadi beurang, manéhna jadi Jurkam partéyna. "Uing yakin, dina pamilon taun ayeuna, pasti kapilih! Nu ngadatangan kampanyeu uing kotka mangyuta-yuta!" hoak Jaja ka Supirna. "Mudah-mudahan Gan, Agan tiasa calik deui, di Gedong rahayat!" témbal Supirna.

Si Supir, ngajalankeun mobilna ngadius tarik, meulah jalan nu barolong. "Leuwih tarik deui euy! Uing kabeurangan yeuh!" cék Jaja nitah. Supirna kahatéan laju nincak gas satakerna. "Jeduuuk!" Kadéngé sora mobilna, nabrak lombang nu lega jeung jero. "Goblooog!" gorowok Jaja, huluna tidagor kana dasboard mobilna. Di jero mobil. Jaja jeung Supirna baloboran getih. Jelema ngabrul. Nulungan kanu geus jadi layon.

KULI SABEDUGEUN

Kénging Epi Suhaepi
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 11:37:53

KULI NGABEDUG.
Wanci carangcang tihang nguniang hudang, rasa tunduh nunutur kènèh. Gura-giru balanja jangeun dagang.
"Poy dungakeun take over sing lancar, wayahna èntè ka Bandara deui.." SMS ti dunungan datang marengan meletèkna panon poè. Kapaksa bedo deui dagang tèh. Wanci ngaluluh taneuh gesat-gesut dangdan, diselang noongan status dina NS NBS, serebung jarcok, dialokkan ku capucino. Haleuangna Kang Doel Sumbang dipirig ku wirahma nu ngajak ajrag-ajragan ti Goerge Bizèt, dina wanda Carmen kalayan judul kawih Urang Sunda, nganteur lamunan. Haneutna poyan kawas mapanas sangkan miang ngajugjug ka tempat gawè. Rumangsangna poè nyingraykeun hawa tiris jero rohangan nu makè AC, anteng ulak-ilik nèangan surat-surat pausahaan. Nyedek pecat sawed beuteung asa lapar, nyiar kadaharan dipencrongan ku mata poè nu mimiti lingsir.

PITU

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 11:36:37

Geus tujuh poé noron, dina wanci hurung layung. Aya mayit orok beureum ngangkleung di wahangan. Lembur guyur. Tatalépa, laju silih tunjuk. Sidik di lembur taya nu keur nyiram-nyiram acan. “Ku telenges jelema téh. Bet nelasan budak teu tuah teu dosa. Mumul ngurus, bikeun ka aing. Puguh meureun dirawu dipangku,” ceuk Mang Juma, carinakdak. Puguhan gabug. “Enya, éta ku noronna. Tujuh orok, boa ti tujuh bikang. Ambuing, jinah téh kabina-bina teuing.” Poé ka dalapan, sakur nu panasaran geus naragog sisi wahangan. Sugan aya kénéh mayit orok. nepi ka birit layung leungit di wates langit. Taya deui mayit. Panasaran meuweuh, badami seja nyusud ka huluwotan wahangan, sugan manggih sabab. Dibélaan gugurawilan kana lamping, muntang areuy. Reg, laju silih pelong. Naha wahangan asa ngalegaan…. Keur kitu kapireng aya nu hog-hag. “Kuharianeun, tegel temen salira ka turunan, Dewi.” “Kakang Sentanu. Sing émut kana jangji salira mangsa migarwa Gangga, kaulanun.” Nginghak.
Lenggak, sungut caralawak.

KURING JEUNG ANJEUN

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 10:37:30

"Jungjunan...,Kuring jeung Anjeun geus papada kolotna. Geus apal pisan luka-likuna jalan di ieu kota. Estu sapapait samamanis urang téh. Ti mimiti jaman ngongkoék nepika ayeuna ngongkoak. Mun kuring dahar nya anjeun ge dahar. Mun kuring ngangkrub nya anjeun gé ngangkrub. Bongan robahna jaman milu nuturkeun ti mangsa ka mangsa. Pon kitu deui, mingkin pasuliwerna angkot,taksi, jeung ojég ukur jadi hahalang jalan kahirupan urang. Musnahna tegal jukut héhéjoan, kagantikeun ku agréngna wangunan mol tur kondominium. Taya aling-aling ngalajur napsu, nepika béh wates pasisian. Nya ayeuna urang kari nganti waktu nu mustari. Pikeun kabawakeun sirna. Duka iraha boa bisa milu manggung deui...!" Kitu gerentes Mang Kusir ka Sakadang Kuda kameumeutna. Manéhna tetep satia nunggu panumpang lebah kaléreun pasar. Tuhu, najan geus arang langka jalma nu pirajeunan ngarérét.

NYANDING ASIH

Kénging Asmoel
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 10:34:27

Cetrék… cetrék. Konci kamar dibuka. Rekét. Bray. Amparan tilam sono resik. Selengseng, seungit kameumeut nu teu weléh geugeut. Rét, kana potrét. Mangsa mangkat duriat. Tibelat.
“Ukur kalangkan anjeun anyeuna nu maturan” gerendengna.
Nyawang ka tukang. Mangsa ngumbar katresna, nu pinuh ku deudeuh jeung asih. Ayeuna tinggal sawangan. Bébéndé haté beut ninggalkeun leuwih tiheula.

”Apa…, ieu téh mamah, nya?” gebeg, buah ati nu kakara nincak umur tilu taun nanya. Serédét, asa nurih kana jajantung. Nalangsa nu taya hinggana. ”Muhun, geulis” dareuda. Teu karasa cimata ngeclak.

”Kéish… hayu sareng Embi, Kéish mah, didieu”. Asih nu jadi Adi beuteung, nyampeurkeun. Rét, paadu teuteup. Kalieus. Teuteup nu sarimbag.

Budak ditungtun kaluar kamar. Apét pisan ka bibina. Neuteup nu ngaléos ka luar kamar. Rus-ras. Namblég pisan. Rét, kana potrét. Rét kanu keur aranteng ocon di tengan imah.
Sajeroning neuteup, nu keur aranteng. Gilig haténa. Moal kagok nyaah. Sugan jeung sugan pareng.

TEU BETAH BUBUARA, TAPI TEU APAL JALAN MULANG

Kénging Teh Zaneta
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 10:32:58

Harieum beungeut. Teu bisa dipungpang. Geus waktuna kula mulang. Tapi kamana?
“Embah… embah…” tilu budak awéwé kembang buruan ‘ting géréwek nutur-nutur ibu-ibu nu lumpat ngurilingan alun-alun.
“Kaaah, aya naeun gareulis? Hayu atuh urang olahraga sasarengan.” Kadéngé sorana pinuh kanyaah.
Hate kabita ku ‘nu gégéréwékan. Incu kula gé lalucu. Jiga kitu?
Pikiran ayun ambing. Asa kamari kénéh pasini, rebutan pakaya. Kula keukeuh. Milih dunya. Manéhna usaha ngabayuan beubeulahan haténa.
Ayeuna kula di dieu. Di héndépeun arca badak. Di sisi alun-alun. Teu banda teu baraya. Béak sagalana keur pamikat wanoja.
“Nong gareulis, hayu urang aruih. Tuh Ayah sareng Bunda tos jemput.” Teu kanyahoan ngadeketanna, nu boga soara ponuh kanyaah geus aya di burieun. Ret. Gebeg. Teu salah panenjo. Manéhna nu baréto seubeuh dikaniaya.

PANGBALES

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 10:22:39

Ajeg. Halimun mulek ngabulen diri kuring nu ngaraga meneng neuteup teuing ka mana. Geus taya cimata jeung inghak peuting éta basa diri kuring jadi parab singa-singa rimba nu kalaparan jeung taya rasrasan. Nya, handapeun sasak beton ieu pisan. Raga disasaak jeung direncah, jiwa ditincak nepi ka ngabelesat ka jomantara.
“Pati dibales pati” gerentes awor jeung kekerot.
Nu dianti daratang. Babarakatakan ngawurkeun bau jahanam. Ngarandeg. Keukeureuceuman mencrong kuring nu jadi sésa-sésa durjana maranéhanana. Botol-botol ngagolosor tina ranggeuman maranéhanana.
Ayeuna kuring nu ngabarakatak nyakséni nu ngadarégdég.
“Hayoh! Mana kawani ilaing-ilaing modél peuting éta? Inget?” kuring maju saléngkah, maranéhanana mundur dua léngkah.
Kuring ngabarakatak deui. Ngarawu nu caraméot leungiteun tanagana. Mites-miteskeun kasombongan maranéhanana sakaligus. Bau hangru nganyambuang ngajul langit peteng. Lalaunan kuring ngalayang méméh ilang ninggalkeun nu ngababatang.

RATU PATI

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 08:00:12

Kulambu bodas ngabulen ranjang. Angker. Hiji-hiji carita ngamalir. Isuk-isuk, isukan, jeung isukna isuk-isuk isukan. Rupa-rupa béja. Ulah apal tapi dipercaya. Patatalépa. Anu enya anu bohong. Ngahiji jadi misteri.
Lalaki ngalantri. Asmara diumbar sakarepna. Ngalambangsari. Cur-cor cai kahirupan ngagolontor kana guagarba. Asih kasilih panasaran. Hirup jauh tina huripna.
Jajaka loba nu palastra. Euweuh nu nyésa. Utun inji nu marasih kénéh di jero kandungan, robah wujud jaradi awéwé. Ngarocéak. Guram-gerem harayang gancang luncat ka alam dunya.
Carita beuki manjangan. Lalaki diararah pati. Émansipasi. Ombak laut mingkin motah neumbragan basisir. Pulo-pulo patingkerelep. Atlantis nambahan balad. Tilu abad awéwé kumawasa. Ratusan taun taya lalaki. Ahirna lalaki jadi barang antik.

UJIAN

Kénging Latif Saéful Islam
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 06:05:12

Sok aral subaha téh saumpama hudang kabeurangan, padahal kudu buru-buru ka Sakola da rék Ujian. Dahdir ngabarabay, cileuh rambéték, tetempoan ranyay bawaning tunduh. Jaba ningali jam geus jam sakitu, ras inget can Shubuh deuih. Padahal panonpoé geus tatan-tatan rek medal satukangeun gunung nu ngalanglaung beulah wétan. Gebrus weh mandi. Geus mandi tuluy make saragam, horéng, sampakan can disetrika. Najan kabereg-bereg gé disetrika tungtungna mah. Sholat wéh, geus kitu mah. Rék maké sapatu, kaoskakina ngan aya sabeulah. Ah, kajeun teuing da moal sidikeun guru ogé. Rap wéh dipaké. Dijalan keur leumpang kakara éling calana teh suék. Urut dirazia ku OSIS. Poho, can dikaput. Ah..., teu jadi pikiran. Kajeun teuing. Kagok poho. Poho maké beubeur, poho maké parfum, poho make minyak rambut. Poho sagala-galana. Asal milu Ujian.

Barang nepi ka Sakola sampakan euweuh sasaha. Kakara sadar ayeuna teh poé Minggu. Huh......!

KAHANDAP 25, KALUHUR 52

Kénging Ogyy Tara Balaga
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 04:56:13

" Pa, ieu berkas-berkas kanggo ajuan ka BJB. " Lilis nyogrogkeun map anu geus dibuka. Rét kuring ngarérét. Pedegdeg. Aya nu robah ukuran na jero kolor. Saha nu teu kataji atuh. Lilis, pagawé kuring nu wanda jeung tangtungna sampulur. Aya Syahrini di beungeutna. Julia Perez napel di awakna. Kuring kumétap. Mata maling rérét ka satukangeun blazer. Beu. Ragamang kana pulpen. Gutrut nanda tangan. 15 lambar.

MOYOK NI YEE

Kénging Ayus El-gibran
Dipidangkeun dina lapak 02 April 2014 00:52:55

"Nulis nyandung, teu jucung, nulis Ranjang, teu mencrang nulis Jurig Ngayas kurang cerdas."
Babaturan seuri ngagakgak, ceuk manehna uing teh ibarat gagak nu hayang jadi merak.
Ah manehna teu ngarti, karya teh ciciren diri, matak bisana ngan ukur seuri.
Bakal aya mangsana, diri leungit, tinggal karya nu seungit.
Pan ceuk Indung uing ge "Diajar elmu ameh apal ngalelemu kalbu, diajar nyieun karya, ameh ngaran tetep aya, najan diri geus taya dikieuna."
Paduli carita batur, nu penting diri kahibur, syukur mun jadi mangpaat keur batur.
Leuwih syukur bisa meunang jodo pikeun jadi batur sakasur.
"Bener kitu dulur-dulur? Uing rek mersihan heula kasur, kade ulah ibur ka batur, peuting tadi uing ngimpi tigejebur jeung nu gede bu..."